Ngaran Jalma (Bagean Ka-3): Parobahan Ngaran Jalma di Lembur


Lamun dititenan, ngeunaan ngaran jalma-jalma, hususna di lembur, aya perobahan. Parobahan dina nyieun ngaran jeung ngalarapkeunana. Parobahan ieu aya lamun dikaitkeun reujeung pparobahan waktu. Jadi ngaran jalma-jalma jaman baheula reujeung ayeuna teh aya parobahan.

Lamun baheula mah ngaran-ngaran anu dipake teh kacida basajanna jeung teu susah lamun diucapkeunana. Sababna ngaran jaman baheula mah lolobana diwangun ku kecap anu ngandung dua engang. Tara leuwih. Jadi ngaran jalma teh pararondok. Jeungna deui tara aya ngaran papanjanganana. Ngaran teh ngan sakecap.

Jadi, ngaran anu dipake teh basajan pisan kusabab diwangun ngan ku sakecap jeung jumlah engangna saeutik, paling dua atawa tilu engang.

Kecap-kecap anu osok dipake jadi ngaran teh diantarana wae, pikeun lalaki mah: Cece, Ayok, Adah, Emed, Ihin, Tata, Yoyo, Omo, Oneng, Komar; jeung pikeun awewe: mah Ocoh, Icih, Kenoh, Enah, Omoh, Ijah, Eem, jeung nu sejenna.

Nyedek ka jaman beh dieunakeun, kecap anu dipake ngaran jalma teh osok aya panambahan ku ngaran papanjangan. Jadi anu tadina ngaran teh ngan ukur diwangun ku sakecap, bisa diwangun ku dua kecap atawa leuwih. Salasahiji tujuanna teh pikeun ngabedakeun ngaran hiji jalma jeung jalma sejenna. Misalna wae, kadang aya anu ngaranna teh Cecep. Anu ngaranna Cecep teh biasana mah osok leuwih ti saurang. Nya pikeun ngabedakeun jalma-jalma anu ngaranna Cecep teh osok ditambahan ku kecap papanjanganana. Jadi wae aya anu ngaranna Cecep Sutisna, Cecep Komar, Cecep Maman, jst. Salian ti pikeun ngabedakeun teh, geus jamanna lamun ngaran teh diwangun ku dua kecap atawa leuwih. Asa kurang pas lamun ngan ngaran ngan ukur diwangun ku sakecap. Komo di sakolaan, osok ditanya ngaran papanjanganana. Lamun teu boga ngaran papanjangan teh, apanan aya nu nyebut Cecep wungkul. Padahal kecap wungkul mah lain ngaran.

Pikeun danget ayeuna, kecap ngaran anu osok dipake teh biasana mah kecap-kecap anu meunang minjeum ti basa sejen, basa luar nagri. Contona wae tina basa Arab.

Pikeun kolot anu ngarti kana bagbagan agama Islam mah, lamun ngabogaan budak teh osok dingaranan ku kecap meunang nginjeum tina kecap basa Arab. Malahan mah ngaran sorangan oge osok dilandian atawa diganti jadi make basa Arab, ku jalan make rarangken Abu atawa Umi anu disambungkeun jeung ngaran budak anu meunang ngaranan tina basa Arab. Jadi wae anu tadina ngaranna biasa-biasa misalna Dodo, bisa ngabogaan lalandian jadi Abu Jamilah.

Milih Hiji


Ngan hiji nu ngancik na diri,
Rek diajak alus atawa keri,
Sagalana moal pahili,
Pikeun saha nu kataji,

Hiji nu taya duana,
Nepi iraha rek ngalalana,
Neangan sagala upaya,
Tetep aya lebahna,

Di dieu atawa di ditu,
Milih mah eta kudu,
Jalan mana nu dilaku,
Datar atawa pinuh batu,

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=436723271893)

Ngaran Jalma (Bagean ka-2): Beurat ku Ngaran


Dina milih ngaran budak, kolot osok milih ngaran anu alus, da sakumaha dina tulisan nu geus kaliwat, ngaran teh bisa jadi mangrupakeun harepan atawa kahayang kolot ka budakna. Mangkana budak dibere ngaran ku hiji ngaran teh, kolot miharep supaya budakna loyog reujeung ngaranna. Contona wae, hiji budak anu dingaranan ku ngaran Cahya, kolotna ngabogaan harepan supaya budakna jadi atawa ngabogaan cahya dina kahirupanana. Atawa ngaran-ngaran sejenna anu ngawakilan kahayang kolot atawa doa kolotna.

Sanajan ngaranna alus, sakumaha kahayang kolotna oge alus, ari dina kahirupan sapopoena mah, eta budak teh tug nepikeun ka gedena, tacan tangtu sarua reujeung kahayang kolot anu diwawakilanan ku ngaranna. Jadi antara ngaran reujeung pasipatanana teh kadang aya anu papalingpang.

Dina hal ieu aya anu disebut atawa istilah, beurat ku ngaran. Geus lumrah, lamun aya budak atawa jalma anu beurat ku ngaran, ngaran eta budak teh osok diganti ku ngaran anu sejen, anu leuwih hampang. Supaya eta budak teh teu beurateun teuing ku ngaranna.

Naon atuh ari beurat ku ngaran teh?

Saperti disebutkeun di luhur, ngaran reujeung pasipatanana teh beda pisan, beda jauh. Ari ngaranna teh alus, anu ngandung harti supaya eta budak teh ngabogaan pasipatan anu sarua reujeung ngaranna, sedengkeun buktina dina kahirupanana, pasipatanana teh beda pisan. Jadi eta budak teh osok asa dibeungbeuratan ku ngaranna anu alus. Jadi wae supaya henteu beurateun teuing, ngaranna teh ‘kudu’ diganti.