Puasa di Bulan Rayagung


Ngeunaan ibadah puasa di bulan Rayagung, aya hadis anu ngajelaskeun ngeunaan puasa éta. Hadis éta teh unina kurang leuwih: “Ti Abu Qotadah Al-Anshory r.a. yén Rosululloh pernah ditanya ngeunaan puasa dina poéan Arafah, tuluy anjeunna ngajawab, “Puasa éta mupus dosa-dosa taun nu geus kaliwat jeung taun anu bakal datang.” (HR Muslim).

Terus dina hadis séjénna, ngajelaskeun yén Rosululloh ngahulag puasa dina dua rupa poé, nyaéta ‘Idul Fitri jeung ‘Idul Adha. Terus ogé aya hadis anu nyebutkeun yén Rosululloh nyarita cenah poéan Tasyriq téh poéan pikeun barangdahar (dahar jeung nginum) sarta pikeun zikir ka Gusti Alloh.

Kalender Rayagung

Jadi lamun henteu bisa ngalaksanakeun puasa Rayagung ti mimiti bulan Rayagung, bisa ogé ngalaksanakeun puasana téh ngan ukur dina poéan ka salapan dina bulan Rayagung. Sakumaha dijéntrékeun dina hadis di luhur, puasa dina poéan ka salapan téh bisa mupus dosa sataun katukang jeung sataun anu bakal datang. Puasa ieu téh dilaksanakeunana husus pikeun jalma anu teu ngiluan Ibadah Haji ka Mekkah. Da anu ngalaksanakeun Ibadah Haji mah eukeur ngalakukeun Wukuf di Arofah bisa henteu ngalaksanakeun puasa sakumaha anu dilakukeun ku Rosululloh.

Sedengkeun dina poéan saterusna mah, poéan ‘Idul Adha (tanggal 10 Rayagung) jeung poéan tasyriq (tanggal 11, 12, 13 Rayagung, teu meunang ngalaksanakeun puasa.

Ibadah di Bulan Rayagung


Teu karasa, ayeuna geus asup deui ka Bulan Rayagung, bulan Raya anu Agung. Pikeun urang Islam anu apal kana agungna ieu bulan, bakal neangan kunaon bet ieu bulan téh disebut agung. Soalna dina bulan ieu, loba ibadah anu bisa atawa kudu dilaksanakeun. Lamun nuturkeun tapak lacak Kanjeng Nabi mah, nengetan Hadis, pasti bakal manggihan naon waé ibadah anu bisa dilaksanakeun dina ieu bulan, hususna dina sapuluh poé anu mimiti.

Rosululloh ngadawuh dina hadis anu unina kurang leuwih, “Taya deui poé anu di jerona amal soléh leuwih dipikacinta ku Gusti Alloh tibatan poé éta, nyaéta sapuluh poé dina Bulan Rayagung. Sohabat nanya, “Héi Rosululloh, henteu ogé jeung jihad di jalan Alloh?” Rosul ngajawab, “Henteu ogé jihad di jalan Alloh, kajaba jalma anu kaluar (jihad) ku harta jeung ragana, tuluy henteu balik deui nanaonna ogé.” (HR Bukhori).

Sapuluh poe di awal bulan Rayagung

Kusabab kitu, hayu urang mangpaatkeun waktu dina bulan Rayagung ieu pikeun ngalaksanakeun ibadah ka Gusti Alloh. Ibadah anu bisa dilaksanakeun dina bulan ieu diantarana waé:

  1. Ngalaksanakeun Ibadah Haji jeung Umroh. Ieu mangrupakeun ibadah anu utama dina bulan ieu. Da dina bulan séjénna mah euweuh kajaba ibadah umroh. Ibadah Haji ayana di bulan ieu.
  2. Puasa salila sapuluh poé di mimiti bulan Rayagung. Nya sahenteuna, puasana dina poéan Arofah nyaéta tanggal 10 Rayagung.
  3. Ngalobakeun takbir jeung zikir.
  4. Ngalobakeun amal soléh.
  5. Ngalaksanakeun Takbir Mutlak.
  6. Ngalaksanakeun Kurban.
  7. Teu beunang ngeureutan kuku jeung neukteuk buuk.
  8. Ngalaksanakeun solat ‘Idul Adha jeung ngadéngékeun Khutbahna.

Rayagung jeung Hajat Panganténan


Naon pakaitna antara Bulan Rayagung jeung Bébésanan atawa Hajat Panganténan?

Pikeun urang Sunda hususna, duanana aya pakaitna. Kakait anu kacida raketna jeung deukeutna. Loba kolot anu milih ngalaksanakeun hajat panganténan budakna dina ieu bulan. Jadi, pakaitna mah nya dina bulan ieu téh jadi bulan maréma anu hajat panganténan.

Loba jalma (kolot) ngabogaan anggapan ngeunaan alusna jeung agungna bulan ieu. Dina bulan ieu aya poéan anu agung nyaéta poéan ‘Idul Adha, Ibadah Qurban jeung Ibadah Haji. Kusabab kitu teu saeutik kolot anu milih ieu bulan pikeun ngayakeun hajat  panganténan atawa bébésanan. Tujuanana mah supaya meunang barokah dina ieu bulan.

Hajat Pangantenan
Aya anu boga rarancang pikeun ngayakeun hajat panganténan atawa bébésanan? Wilujeng siap-siap waé milih waktu anu alus di bulan Rayagung anu sakeudeung deui bakal kasorang.

Munggah Haji jeung Gelar Haji


Dina bulan Rayagung mah, aya hiji ibadah anu tacan tangtu sakabéh urang Islam bisa ngalaksanakeunana. Eta ibadah téh nyaéta ibadah haji atawa anu osok disebut ogé Munggah Haji.

Munggah Haji téh naon?

Munggah téh bisa dihartikeun ogé ku kecap naék. Jadi munggah haji téh harti satarabasna mah naék haji. Naék lain kusabab dina ngalaksanakeun hajina téh naék kapal ngapung (kapal udara) atawa kapang ngangkleung (kapal cai), tapi geus jadi istilah anu geus ngalaman ibadah haji mah osok naék darajatna, da biasana osok pada nyebut Pa Haji atawa Bu Haji. Salian ti éta ogé anu geus Mungga Haji mah ‘kudu’ bisa naékeun darajat ibadahna (takwana). Anu geus ngalaksanakeun ibadah haji mah osok meunang gelar Haji. Arék hayang atawa kacida hayangna atawa embung ogé, biasana mah osok pada nyebut kitu.

Munggah Haji di Dayeuh Mekkah

Anu hayang atawa kacida hayangna, meureunan bisa waé hayang ngabogaan gelar haji atawa géngsi. Bisa waé hayang katanggar yen manéhna téh pernah indit ka Mekkah. Atuh anu embung meunang gelar éta atawa ngaranna maké panambah gelar éta, téh bisa waé ngabogaan kayakinan anu ngaranna ibadah haji mah euweuh sangkut pautna reujeung gelar Haji. Da ibadah anu ditarima mah lain gelarna tapi kumaha supaya Ibadah Hajina téh jadi Ibadah Haji anu Mabrur.

Perkara éta mah keun waé lah, kumaha jalmana waé. Naha munggah hajina téh kusabab hayang meunang gelar atawa hayang ibadah, atawa hayang meunang duanana.

Hapit, Bulan Diantara Dua Bulan Anu Agung


Mundur heula ka tukang, Kabeneran ayeuna téh acan nincak kana bulan Rayagung. Bulan naon atuh ayeuna téh…?

Pikeun jalma anu apal kana ngaran-ngaran bulan dina basa Sunda mah, ngaran bulan ayeuna téh nyaéta bulan Hapit.

Bulan Hapit…?

Naha bet disebut bulan Hapit?

Ceuk béja ti kolot mah cenah, sababna dingaranan bulan Hapit téh kusabab ieu bulan téh aya dina antara dua bulan anu agung, nyaéta bulan Sawal jeung bulan Rayagung. Jadi Hapit téh bisa jadi nuduhkeun kana bulan anu kacapit, kacapit ku dua bulan anu agung. Sakumaha anu dipikanyaho ku urang, dina bulan Sawal (bulan saméméh Hapit) aya poéan ‘Idul Fitri sedengkeun dina bulan Rayagung (bulan satutasna Hapit) aya poéan ‘Idul Adha.

Kalender Bulan Hapit

Jadi, éta sababna bulan ayeuna disebut bulan Hapit téh.

Rayagung, Bulan Raya anu Agung


Nilik kana ngaranna ieu bulan, bulan ieu téh nyirikeun jadi bulan anu agung. Malahan mah Rayagung téh mangrupakeun gabungan antara kecap ‘Raya’ jeung ‘Agung’. Jadi nilik kana ngaranna mah, bulan ayeuna téh  mangrupakeun bulan raya anu agung, geus mah bulan raya ditambah deui ku agung. Ngaran Rayagung ieu téh bisa jadi teu leupas tina kaayaan bulan anu dijerona aya Ibadah Haji jeung Ibadah Qurban.

Bener ogé, dina bulan ieu, umat Islam sakuliah dunya anu ngabogaan kamampuhan jeung kakuatan ngarumpul di dayeuh Mekkah pikeun ngalaksanakeun Ibadah Haji. Jalma anu mampuh pikeun ngaluarkeun ongkos jeung kuat di jalanna, bisa indit pikeun ibadah haji atawa munggah haji ka dayeuh Mekkah.

Salian ti ibadah haji ogé aya deui ibadah anu teu bisa leupas tina ibadah haji, nyaéta meuncit sato sabangsaning domba jeung sapi. Ibadah ieu disebut Ibadah Qurban. Jalma anu mampuh pikeun meuncit sato kurban disaréatkeun pikeun meuncit kurban.

Ku ayana dua pagawéan ibadah ieu, bisa jadi mangrupakeun hiji tanda yén bener bulan ieu téh bulan raya anu agung.

Nabi Ibrohim Ngorbankeun Ismail


Lamun nengetan dina sajarahna, salian ti jaman Nabi Adam, saréat Ibadah Qurban téh mimiti nérékél naék atawa jadi saréat di jamanna Nabi Ibrohim. Sakumaha anu dipikanyaho ku umat Islam (hususna), Nabi Ibrohim dititah ngorbankeun anakna. Nabi Ibrohim meunang paréntah pikeun meuncit Ismail. Lamun nurut kana hawa napsu mah, saha anu daék jeung kongang pikeun ngorbankeun anak sorangan ku jalan dipeuncit. Komo deui Ismail mah mangrupakeun hiji anak anu kacida dipikahayangna, sanggeus Nabi Ibrohim teu boga waé turunan. Sanggeus nyampak atawa geus boga turunan, pék téh dititah ngorbankeun éta budak. Atuh saha anu teu arék nolak. Ngan, Ibrohim jeung Ismail sadar kana paréntahan ti Gusti Alloh éta. Kalawan sadar jeung sadrah, Nabi Ibrohim ngorbankeun Ismail. Dina prak-prakanana, saacanna Ismail dipeuncit, Gusti Alloh ngagentian éta Ismail ku domba. Anu ahirna mah anu dikorbankeun téh lain Ismail tapi domba. Sanajan kitu, hakékatna mah éta téh sarua jeung ngorbankeun Ismail. Nya ti dinya, saréat Ibadah Qurban téh jadi hiji saréat pikeun umat Islam anu mampuh pikeun ngalaksanakeun Ibadah Qurban.