Hirup mah Nété Tarajé Nincak Hambalan


Hirup téh bener-bener nété tarajé nincak hambalan.

Anu ngaranna nété tarajé téh nyaéta jalma anu hirup téh moal leupas tina jalan anu dilakonanana, moal leupas tina jalan kahirupanana. Naon waé jalan anu dilalakonkeun ku éta jalma, pasti waé napak kana jalan anu disebut tarajé téa. Dina napak jalan atawa tarajé éta, moal leupas tina nincak hambalan. Da anu ngaranna tarajé mah pasti ngabogaan hambalan. Ari lobana hambalan tarajé mah teu bisa ditangtukeun, atawa aya ukuran anu tangtu kudu sakitu. Da anu ngaranna tarajé mah taya sengkeran anu ngudukeun jumlah hambalanana sakitu. Kitu deui anggangna unggal hambalan, taya palenggeran anu tetep.

Mapay hambalan

Ngan anu geus jadi ugeran mah, dina nété tarajé atawa nincak hambalan téh pastina ogé kudu ti handap heula. Kudu dipapay unggal hambalanana. Hambalan anu anu mimiti, hambalan anu panghandapna anu ditincak téh. Moal bisa langsung nincak hambalan anu luhur. Sanajan cenah bisa diliwatan hiji atawa dua hambalan, pasti waé ngamimitianana mah tina hambalan anu panghandapna anu bisa kadongkang, anu saterusna mah mapay kana hambalan anu leuwih luhur. Jadi sanajanna hambalan anu kahiji bisa diliwatan, moal langsung ka hambalan anu pangluhurna, kudu waé nincak hambalan di luhureun hambalan anu pangdeukeutna atawa deukeut ka hambalan kahiji tadi. Gampangna mah tiap hambalan téh pasti kudu dipapay ti handap heula.

Katangtuan ieu téh geus nyurup dina kahirupan unggal jalma. Geus jadi sunnatullah, istilahna mah. Kahirupan jalma téh kudu mapay jalan anu lir ibarat tarajé.

Conto gampangna mah bisa waé nempo jalma anu kakara gubrag ka dunya. Orok atawa bakal pijalmaeun téh apanan henteu langsung gedé jeung teu bisa nanaon. Eta orok téh dina sagala halna ogé apanan kudu diajar heula ti mimiti pisan. Dina dahar, henteu langsung bisa ngadahar sangu komo deui dibéré jéngkol mah. Kadaharan anu mimitibisa didahar téh ngan ukur cai susu. Sanggeus cai susu kakara bisa naék kana dahar bubur atawa kadaharan anu leuleus jeung lembut. Sanggeus aya huntuan kakara bisa ngadahar sangu. Salian tina dahar, dina pagawéanana ogé saurang orok téh diajar ti mimiti pisan. Da mimitina mah orok téh teu bisa nanaon. Lamun hayang nanaon téh tacan bisa nyarita nanaon. Anu bisa diucapkeun ku éta orok téh ngan ukur ceurik. Lamun boga kahayang, tinggal ceurik. Kakara lamun geus bisa nyarita béntés jeung diajar cumarita, éta budak (da lain orok deui) bisa ngucapkeun naon anu dipikahayangna. Kitu deui dina ngagunakeun anggauta awakna. Mimitina mah éta orok téh ngan ukur bisa roroésan wungkul, teu bisa nanaon deui. Nya sanggeus waktuna kakara éta budak téh bisa nangkuban, ngorondang jeung bisa leumpang.

Nya ieu hal téh bisa disebut kahirupan jalma mah teu leupas tina nété tarajé nincak hambalan.

Targét: Kahayang, Cita-cita jeung Jugjugan


Dina kahirupan tangtuna ogé aya anu disebut kahayang atawa jugjugan jeung cita-cita. Leuwih dituna aya anu disebut targét (targét téh kecap meunang nyokot tina Bahasa Indonésia, lamun Basa Sundana mah duka naon tah…). Kahayang mangrupakeun hal atau kaayaan anu bisa kacumponan dina waktuna, kadang aya ogé anu kudu kacumponan teu meunang henteu. Unggal jalma pasti ngabogaan kahayang, anu bisa waé éta kahayang téh béda-béda. Hiji jalma hayang kieu, nu séjénna mah hayang kieu, sedengkeun nu lianna hayang kitu. Kitu deui cita-cita jeung jugjugan.

Cita-cita hiji kahayang anu biasana mah ngan ukur hiji anu aya pakaitna jeung pagawéan atawa kaayaan lamun geus déwasa/kolot. Da cita-cita mah biasana osok aya di budak. Lamun di sakola, barudak téh osok ditanya ngabogaan cita-cita naon, lamun geus gedé hayang jadi naon. Béh dituna, aya istilah ‘gantungkanlah cita-citamu setinggi langit’. Jadi lamun boga cita-cita téh ulah sakaparengna waé, tapi kudu bener-bener. Cita-cita mah kudu luhur pisan.

Targét

Sedengkeun jugjugan mah biasana pakaitna jeung tempat anu hayang diburu, tempat anu dituju. Jugjugan ogé sarua, biasana mah kudu kalaksanakeun. Lamun hayang muru hiji tempat, nya éta tempat téh anu jadi jugjuganana. Jugjugan bisa ngan ukur hiji atawa loba. Lamun hiji hartina jugjugan téh ngan ukur éta, moal aya deui jugjugan. Lamun loba mah, sanggeus nepi ka tempat jugjugan anu hiji, diteruskeun ka tempat jugjugan anu séjénna.

Ari targét, rada bingung, naon atuh Basa Sundana. Dikira-kira mah meureunan, targét téh sarua jeung kahayang, cita-cita jeung jugjugan. Tiap jalma anu hirup pasti ngabogaan targét. Naha targét dina kahirupan ayeuna atawa kahirupan engké. Naha waktu téh ayeuna atawa anu bakal kasorang. Naha anu alus naha anu goréng.

Targét ieu kacida pentingna dina kahirupan jalma mah. Da anu nyababkeun jalma jadi sumanget dina ngajalankeun kahirupanana téh kusabab ngabogaan targét. Targét anu kudu kalaksanakeun. Kusabab ngabogaan targét, kahirupan jalma jadi ngabogaan itung-itungan atawa cekelan. Da dina nangtukeun targét téh biasana osok dibarengan ku hal-hal séjénna: aya aturan atawa sengkeran anu kudu dilaksanakeun; aya itungan waktu jeung itungan séjénna. Salian ti éta ogé ngabogaan atawa kudu ditéangan cara anu alus pikeun ngahontal eta targét.

Naon atuh targét kahirupan téh?