Cueut Kanu Hideung, Ponténg Kanu Konéng


Bisa disebut normal atawa lumrah pikeun jalma anu milih anu konéng tibatan anu hideung, nalika dititah milih antara konéng reujeung hideung. Komo anu konéngna konéng umyang mah, pasti bakal loba milih éta. Coba waé gera, lamun dititah milih awéwé anu miboga pakulitan anu konéng (konéng umyang) reujeung anu miboga pakulitan hideung santen, loba kénéh anu milih awéwé kalawan pakulitan anu konéng.

Lamun diterapkeun kana kaayaan mah konéng téh lir ibarat anu alus, anu miboga leuleuwih. Sedengkeun anu hideung mah nuduhkeun anu goréng atawa sagala kurang (miboga kakurangan). Arék naon waé kaayaanana, naha kaayaan diri manusa (jalma) dina perkara anu katempo, atawa perkara séjénna.

Cueut kanu hideung, henteu ponteng kanu koneng
Cueut kanu hideung, henteu ponteng kanu koneng

Kecap cueut reujeung ponténg biasana mah nuduhkeun sikep. Cueut téh ngapilainkeun, ninggalkeun, ngantepkeun atawa teu maliré. Sedengkeun ari ponténg nuduhkeun leuwih loyog atawa leuwih mikaresep jeung leuwih doyong. Lamun dina wawadahan mah ponténg téh déngdék.

Cueut kanu hideung, geus jelas maksudna: ngajauhan atawa ngapilainkeun anu miboga kakurangan (anu goréng). Ponténg kanu konéng: leuwih deukeut, leuwih ngutamakeun anu leuwih alus. Sikep cueut kanu hideung jeung ponténg kanu konéng, biasana didadasaran ku nempo kaayaan lahirna. Kaayaan anu sabenerna mah henteu kudu jadi alesan cueut kanu hideung reujeung ponténg kanu konéng. Arék hideung, arék konéng, sakuduna mah dianggap atawa ditempatkeun kalawan sarua. Arék alus, arék goréng, kudu adil. Arék beunghar atawa boga jabatan (diuduhkeun ku kecap konéng), atawa arék cacah kuricak atawa jalma biasa (dituduhkeun ku kecap hideung), kudu dianggap satata.

Ulah karana kanu miskin, diculjeunkeun. Béda reujeung ka anu beunghar, mani tipoporosé narimana atawa ngahargaanana.

Caang Bulan Dadamaran


Lamun dina wanci peuting, saméméh aya listrik mah anu biasa nyaangan di imah téh taya deui salian ti damar atawa cempor. Damar anu dieusian ku minyak tanah téh diseungeut supaya bisa nyaangan rohangan di imah. Lumayan bisa nyaangan pikeun sarohanganeun mah.
Dadamaran, asal kecapna tina damar, anu miboga harti nyieun pagawéan ngagunakeun damar pikeun nyaangan (supaya jadi caang). Damar diseungeut ku seuneu supaya hurung. Tempat anu poék dina wanci peuting téh jadi caang tina cahaya seuneu damar. Ngan tempat anu bisa dicaangan ku damar mah henteu ka lega teuing. Cahya tina damar mah ngan ukur bisa nyaangan tempat anu leutik saperti rohangan imah.

damar atawa cempor
damar atawa cempor

Kumaha lamun dadamaranana dina waktu caang bulan? Moal aya mangpaat nyeungeut damar dina waktu caang bulan mah. Cahya tina damar bakal kasilep ku cahya bulan. Caang kénéh cahya bulan tibatan cahya seuneu tina damar. Cahya bulan mah bisa nyaangkan ka saban wewengkon katojo ku cahya bulan, sedengkeun cahya seuneu tina damar mah ngan ukur bisa ngaangan patempatan anu heureut.
Jadi, dina waktu caang bulan mah alusna henteu dadamaran (ngahurungkeun damar pikeun nyaangan).

Aya Kélong Néwo-néwo


Salian ti jalma, anu néwo-néwo téh aya ogé tina jinis kalong (kélong). Hanjakal ieu mah lain dina harti sagemblengna. Da kecap aya kélong néwo-néwo mah lain harti saenyana. Ieu kalimah henteu miboga harti saujratna.

Sanajan dina kalimahna mah kélong anu néwo-néwo téh, tapi sabenerna mah jalma kénéh waé anu boga kalakuanana téh. Kélong anu ngilu néwo-néwo téh nuduhkeun ka jalma anu néwo-néwo ngan henteu kanyahoan (tacan apal sasahana). Ku ayana kélong néwo-néwo, ngabalukarkeun kaayaan anu sakuduna geus bérés roés, jadi pakusut atawa pabaliut deui.

Lamun aya jalma anu miboga mas’alah atawa perkara reujeung jalma deui, supaya lungsung-langsar kahirupanana, éta mas’alah téh kudu diréngsékeun atawa dibebener. Mémérés pasualan kahirupan nepikeun ka mas’alahna bérés. Sanggeus pasualan kahirupan reujeung papada jalma réngsé mah, apanan kahirupan téh bakal genah tur tumaninah.

Mas'alah
Mas’alah

Dina palebah aya kélong néwo-néwo, pasualan anu geus réngsé téh osok matak rudet deui. Mas’alah anu geus dibebener téh osok mucunghul deui. Ieu mas’alah datang deui kusabab kalakuan jalma anu henteu resepeun yén pasualan anu disinghareupan téh bisa réngsé. Éta jalma miharep mas’alahna terus aya, ngaganggu kahirupan. Ngan hanjakal jalma anu nyababkeun mas’alahna mucunghul dei téh susah katohiyanna. Susah kapanggih jinisna. Éta jalma téh bisa disebut kélongna, kélong anu néwo-néwo.

(Gambar meunang nginjeum ti us.123rf.com)

Kumaha Ceuk nu Dibendo


Pikeun rahayat biasa anu teu apal (embung apal) kana urusan pulitik, embung lamun kudu bingung-bingung milih. Urusan pulitik anu matak lieur jeung matak jangar kana sirah, pangpangna nalika nyanghareupan pemilu, embung lamun kudu ngilu mikiran. Sanajan miboga hak pikeun milih, lain harti ngarti kana urusan pulitik. Da urusan ngilu nyoblos mah, kumaha raména. Batur ngiluan nyoblos, nya ngiluan waé nyoblos.

Pemilu, milih pamingpin
Pemilu, milih pamingpin

Anu kapikiran ku rahayat mah, lain urusan pulitik atawa pemiluna. Tapi hasil tina pemiluna. Hasil tina pemilu téh bisa ngaraharjakeun masarakat atawa henteu. Hasil pemilu téh matak mawa kamaslahatan pikeun kahirupan masarakat atawa henteu. Teu paduli arék saha anu meunang, nu penting mah kahirupan masarakat aya dina karaharjaan. Jadi urusan nyoblos nalika pemilu mah henteu kudu bingung ngilu mikiran kudu milih saha. Henteu kudu bingung kudu milih si éta atawa si itu.

Urusan milih mah kumaha raména. Cohagna mah kumaha ceuk anu mawana waé, kumaha ceuk anu di luhur atawa anu leuwih ngarti. Lamun ceuk nu di luhur nyoblos anu konéng, nya ngilu waé nyoblos anu konéng. Lamun ceuk nu di luhur coblos anu beureum, nya kari milih anu beureum. Lamun anu héjo, kari milih anu héjo. Teu kudu ngiluan bingung dina nangtukeun pilihan.

(Gambar meunang nginjeum ti KPU Kabupaten Sumedang)

Cul Dog-dog Tinggal Igel


Keur husu mah geningan poho kana nanaon. Sok padahal éta téh pira, ngan ukur pésbukan. Pésbukan téh dibawa anteng mah tara karasa, pangpangna teu karasa méakeun waktu. Najan dina waktuna keur gawé ogé, teu nolih kana pagawéan anu sakuduna dipaju, angger waé pésbukan mah henteu bisa tinggaleun. Hanca deui, hanca deui pésbukan. Unggal poé tara tinggaleun kana pésbukan téh. Asana téh henteu apdol lamun sapoé henteu pésbukan.

Pesbukan
Pesbukan

Saleuheung lamun di luareun jam pacabakan mah, da ieu mah geningan dina waktuna digawé ogé, teu leupas tina neuteup pésbuk. Pésbukan deui, pésbukan deui. Teuing kumaha atuh jujutanana, bet resep-resep teuing kana pésbukan téh. Da asalna mah biasa-biasa waé, teu pati teuing kabongroy.

Lamun diitung-itung mah geningan, waktu gawé téh lolobana mah dipaké pikeun pésbukan. Pacabakan anu utamana mah henteu dipiroséa. Ngan untung waé ayeuna mah keur kabeneran nyalsé. Pacabakan acan aya anu nampeu deui.

Angger waé kétang waktu gawé mah kuduna dipaké pikeun gawé.

Mopo Méméh Nanggung


Hayang siga tangtara téh geningan susah. Hayang miboga pasipatan sakumaha pasipatan tangtara téh henteu gampang. Teuing béda didikan sigana mah. Da geningan tangtara mah kacida disiplina. Ditanya nanaon ogé ku dununganana jawabna téh sagala siap. Taya deui kecap anu kaluar salian ti siap. Sanajan tacan apal naon anu keur diomongkeunana, jawabanana pasti ku kecap siap. Sanajan tacan apan naon anu kudu dipigawéna, jawabanana sarua waé ku kecap siap. Sagala siap ari tangtara mah.

Tangtara mah sagala siap, sagala daek

Ari kuring…? Ké heulaanan. Saméméh apal kana nanaona mah, teu bisa waka ngajawab siap sayaga. Kudu apal heula kana naon anu keur diomongkeunana atawa naon anu kudu dipigawéna. Da henteu sakabéhna pagawéan bisa dipigawé. Aya pagawéan anu teu bisa dipigawé. Malahan bisa disebutkeun loba kénéh pagawéan anu teu bisa dipigawé. Najan ceuk batur mah gampang, tacan tangtu ceuk kuring mah sarua gampangna. Lamun sakira-kirana pagawéanana pisusaheun mah, moal ditarima. Najan dipaksa-paksa ogé mendingan kénéh mundur. Kajaba pagawéan anu gampang. Kakara daék narima pagawéanana.

Najan pagawéan anu ceuk batur mah gampang, tapi tacan tangtu ceuk kuring mah gampang. Anu kasawang ti anggalna bakal susah mah dina magawéna, mendingan kénéh ditolak, henteu ditarima. Keun baé omongan batur cenah héngkéran pisan. Da naon anu dipigawé ku kuring mah pikeun kuring. Lain pikeun batur. Masing-masing pagawéan jeung anggapan.

Ngan rada éra téh ku kolot. Naha cenak éléhan teuing. Najan tacan apal kana susahna hiji pagawéan, bet ditolak sagala. Kitu cenah. Leuwih alus cobaan heula dilakonan saméméh nolak pagawéanana. Da lamun tacan apal kumaha susahna, kumaha gampangna, moal apal kumaha susah jeung gampangna.

Bener ogé….

(Gambar meunang nginjeum ti http://inisajamostory.blogspot.com/)

Bisa Lolondokan


Londok jeung lolondokan.

Londok téh salasahiji ngaran sato leutik anu osok aya dinu hara-haraeun kayaning jujukutan atawa dangdaunan jeung tatangkalan. Wujud ieu sato téh biasana mah susah kapanggihna kusabab rupana anu osok nyaruaan kana kaayaan tempat cicingna. Lamun rupa tempat cicingna warna héjo, londok téh osok miboga rupa héjo ogé. Lamun cicing dina tempat anu warna hawuk, ieu sato téh miluan roba jadi warna hawuk ogé. Jadi, kaayaanana téh teu bisa leupas tina kaayaan di mana manéhna cicing.

Ieu mangrupakeun hiji kamonésan anu dipiboga ku sato anu ngaranna londok. Bisa ngarobah dirina nyaluyukeun reujeung sakurilingeunana.

Dina kahirupan jalma, aya kalanana aya jalma anu sarua reujeung londok. Aya jalma anu bisa nyaluyukeun dirina reujeung kaayaan tempat cicingna. Nya istilahna mah bisa lolondokan, nyaéta jalma anu miboga sipat saperti londok: bisa robah-robah kaayaan dirina kumaha kaayaan tempat cicingna (di mana reujeung kumaha). Lamun cicing di tempat anu kaayaanana héjo, éta jalma miluan jadi warna héjo. Pon kitu deui sabalikna.

Londok

Lamun nilik kana tujuan londok dina nyaluyukeun dirina kana kaayaan tempat cicingna, miboga tujuan supaya bisa nyamunikeun dirina. Londok malih warni téh ngajaga diri tina tukang néwakan manéhna. Supaya henteu gampang kapanggihna ku sato séjénna atawa ku jalma. Jadi tujuan londok malih warni téh taya lain pikeun ngajaga diri.

Lamun aya jalma anu miboga pasipatan saperti londok kumaha?

Bisa waé jalma anu lolondokan téh tujuanana teu béda reujeung tujuan londok. Pikeun ngajaga dirina. Jalma cicing di hiji tempat kudu bisa nyaruaan kana pasipatan anu aya di éta tempat supaya bisa ditarima ku jalma-jalma anu aya di éta tempat. Supaya henteu dijauhan masarakat kusabab ngarasa béda reujeung kaayaan dirina. Di mana nganjrekna, éta jalma bisa nempatkeun dirina sakumaha kaayaan tempat cicingna.

Ngeunaan pasipatan jalma ieu, aya alusna ogé aya goréngna. Naha alus jeung goréng pikeun dirina atawa pikeun jalma di luar dirina. Jalma anu bisa lolondokan téh apanan bisa disebut jalma anu teu miboga pamadegan. Pasipatanana dipangaruhan ku pasipatan jalma-jalma anu aya di tempat cicingna. Dina palebah ngajaga dirina, utamana kumaha supaya bisa ditarima ku masarakat di tempat cicingna, henteu bisa nyirikeun kumaha pasipatan dirina anu sabenerna. Jadi moal bisa kaciri jeung kapanggih kumaha pasipatan dirina anu sabenerna, kusabab disamunikeun.

(Gambar meunang neangan ti internet)