Nyungsi Daptar Babasan jeung Paribasa


yobaan masang Linux dina kompiuter disagédéngeun Windows, nyababkeun data dina hardis kompiuter laleungitan kaasup data tulisan dina blog. Kapaksa kudu néangan deui. Salasahiji data tulisan (bahan tulisan) téh ngeunaan babasan jeung paribasa. Kaleungitan daptar babasan jeung paribasa jadi bingung. Kapaksa kudu néangan deui. Inget ka Wa Google, atuh bisa ménta tulung pikeun mangnéangankeun. Nya ahirna mah meunang ogé. Lumayan loba ogé tulisan anu geus dipedalkeun anu aya pakaitna reujeung babasan paribasa. Ku jalan nulis kecap anu ditéanganana ‘Babasan jeung Paribasa’, diancokeun hasil panalungtikanana.

Hasil panalungtikan ti Wa Google

Diantara hasil panalungtikan Wa Google ngeunaan babasan jeung paribasa téh nyaéta:

  1. SundaNet Portal Komunitas Sunda, 100 BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA.
  2. Kip’s Bandung, Kumpulan Pribahasa (Babasan-Paribasa) Sunda.
  3. Saung DEDIMLYD[DOT]WEB[DOT]ID, Kumpulan Pribahasa (Babasan/Paribasa) Sunda Jeung Hartina.
  4. Lembur Kuring, Kumpulan Babasan jeung Paribasa Sunda.
  5. Wikipédia Ensiklopédia Bébas, Daptar babasan jeung paribasa.
  6. ozminimzo Personal Blog, Beberapa Babasan dan Paribasa Sunda.
  7. Muhsinpamungkas’s Blog Blog Pengetahuan dan Kebudayaan, BABASAN JEUNG PARIBASA (Bagian ka Salapan).
  8. Bynewz Putera Panjalu, Babasan Jeung Paribasa Sunda Tina Awalan Huruf I.
  9. Bynewz Putera Panjalu, Babasan Jeung Paribasa Sunda Tina Awalan Huruf O.
  10. Riksa Riungan Ki Sunda, Babasan Jeung Paribasa.

Ngan sakitu wae heula anu disampakeunana. Da sabenerna mah masih kénéh loba pedalan séjénna anu aya pakaitna reujeung daptar babasan jeung paribasa.

Pésbukan (Facebookan), Kecap dina Basa Sunda atawa Bahasa Indonésia?


Pésbukan atawa facebookan mangrupakeun hiji pagawéan anu ilahar di jaman ayeuna mah. Geus jadi sabiwir hiji, pésbuk téh geus jadi cocooan di jaman ayeuna mah. Teu nempo di umur deui, arék budak, rumaja atawa kolot, miboga akun atawa jadi anggahota pésbuk. Lamun mimitina mah, anu mikaresep pésbuk téh ngan ukur anu ngarora wungkul (rumaja), ayeuna mah geus nerekab ka budak leutik jeung kolot. Kolot ogé ngadon ngiluan nyonyoo pésbuk.

Kusabab kitu, ayeuna mah teu anéh lamun aya kecap anyar anu ngaranna pésbukan. Pésbukan nuduhkeun jalma anu keur nyonyoo pésbuk atawa migawé pagawéan anu aya pakaitna reujeung pésbuk. Ti mimiti ngalongok jero akun pésbuk bogana, mairan pikiran atawa tulisan batur, nempoan poto jeung pidio atawa ngan saukur ngobrol ku tulisan ngaliwatan pésbuk. Pokona mah anu aya pakaitna reujeung pésbuk. Boh maké hénpon atawa maké kompiuter.

Pesbukan

Jadi jalma anu keur nyonyoo pésbuk téh disebutna keur pésbukan. Pésbukan, nuduhkeun kecap pagawéan. Ngan lamun ditalungtik mah, kecap pésbukan téh ngaharib-harib wangunan kecap dina kabeungharan kecap Basa Sunda. Pésbukan téh bisa disebutkeun mangrupakeun kecap rajekan tina kecap pésbuk ditambah rarangkén tungtung -an. Jadi waé kecap pésbukan. Naha bet boga anggapan kitu?

Alesanana mah, dina Bahasa Indonésia mah asa euweuh kecap anu dibéré rarangkén ahir atawa tungtung -an anu jadi kecap pagawéan. Kecap anu miboga rarangkén tungtung -an, biasana mah osok jadi kecap barang atawa anu nyarupaan. jadi kecap pésbukan téh sigana mah teu cocog jadi kecap dina Basa Indonésia.

Ari dina Basa Sunda? Loba pisan kecap dina Basa Sunda anu diwangun ku rarangkén tungtung -an. Salasihiji jinis kecap rajekan anu maké rarangkén tungtung -an téh miboga harti ngalakukeun hiji pagawéan. Jadi kecap pésbukan téh nuduhkeun pagawéan anu aya pakaitna reujeung pésbuk.

Bener kitu…?

Ngarumasna Maké Basa Tarjamahan dina Téhnologi


Anu geus biasa maké Basa Inggris dina widang téhnologi, hususna kompiuter, tangtuna gé geus apal kana kekecapan anu biasa dipaké dina widang kompiuter. Malahan mah apanan lain ngan ukur kecapna wungkul anu geus kacangkem téh, tapi ogé simbulna atawa tandana geus apal pisan. Lamun tanda maké gambar anu kitu, hartina téh kitu. Teu kudu néangan atawa ngoréhan deui hartina.

Kekecapan anu dipaké dina widang anu disinghareupan geus molotok deui. Lamun remen nyanghareupan atawa ngagunakeun kompiuter, geus teu anéh deui nyanghareupan sagala kekecapan anu aya dina kompiuter. Kekecapan anu kalolobaanana (lamun henteu disebut sakabéhna) mah maké Basa Inggris.

Wordpress dina Basa Sunda

Lamun geus kabiasaan maké Basa Inggris dina nyanghareupan kompiuter, atuh bakal karasa ngarumasna atawa bédana nalika nyanghareupan kompiuter dina basa anu béda. Contona waé lamun basa anu dipaké dina kompiuter téh Bahasa Indonésia atawa Basa Sunda. Bakal manggihan kekecapan anu béda, sanajan perlambangna atawa simbulna sarua. Bakal manggih rasa kagok atawa kararagok kusabab kekecapanana béda. Éta waé dina dunya blog, apanan bakal manggihan kekecapan anu béda jeung asa anyaran manggihan yén kecap éta téh bet asup kana kabeungharan kecap dina blog. Apanan aya kecap undeur pikeun narjamahkeun download. Lamun nilik kana kecap mah apanan undeur téh biasa dipaké pikeun ngala pupucukan, ari ieu dina basa kompiuter bet asup dipaké pikeun ngala payil ti internét.

Béh dituna, lamun kabéh kecap dina téhnologi ditarjamahkeun kana basa urang (Basa Sunda), bakal manggihan kekecapan anu arang kapaké dina omongan sapopoé. Jeung bakal nambahan kabeungharan kecap dina Basa Sunda. Najan nyababkeun karagok dina makéna, tapi aya alusna pikeun miara basa hususna Basa Sunda.

(Gambar meunang nginjeum ti http://en.wordpress.org/wp-content/languages/shots/shot-su_ID.png)

Kecap Babawaan Barang (Barangbawa), Tambahan


Ngahaturkeun nuhun ka Kang Riki Ramli M. anu parantos ngadeudeul kana eusi seratan dina ieu blog. Salasawiosna perkawis Kecap Babawaan Barang (Barangawa), nambihan seratan anu tipayun. Di handap ieu mangrupikeun kecap-kecap barangbawa anu didugikeun ku anjeunna. Nuhun….

Budak anu keur diais ku indungna
  • Ais/ngais, mawa barang gigireun awak atawa luhureun cangkéng. mawana bisa disangkéh ku leungeun atawa maké sinjang/sarung.
  • Monggo/ponggo, mawa barang dina punduk/tak-tak, sibarangna ngaliwatan tak-tak kenca-katuhu.
  • Gémbol, mawa barang dibulen ku sinjang atawa sarung. mawana saeutik atawa réa sarua baé.
  • Nyanda, ngangkat bari cicing, nahan barang ku dampal leungeun kaluhur supaya barangna teu rag-rag.
  • Gusur/tarik, mawa barang bari dibetot, barangna bisa dina roda atawa ngagasur na taneuh.
  • Bopong, mawa barang ku dua leungeun kanu dada bisa ku saurang atawa leuwih.
  • Kempit, ampir sarua jeung ngélék ngan ngempit mah barangna ipis.
  • Giwing, mawa barang ku sabeulah leungeun, barangna aya cacantelan/kakait.
  • Ranggeum/canggeum, mawa barang ku dampal leungeun, biasana barang nu sok mawur/bahé.
  • Dorong lawanna kecap tarik, mawa atawa mindahkeun hiji barang kalayan heunteu diangkat, baranagna sina maju atawa mundur, ngagunakeun anggota awak naon bae.
  • Comot, mawa barang ku ramo, barang nu dibawana ngan saeutik atawa letik.
  • Jiwir, mawa barang ukur ku jempol jeung curuk.
  • Jewang, mawa barang bari jeung rikat/gancang dibawa, bisi barangna ruksak alatan rag-rag, katubruk, kateunggeul jsb.

Kecap Babawaan Barang (Barangbawa)


Dina babawaan atawa barangbawa, loba pisan rupana (hususna béda ngaran babawaan/barangbawa). Rupa-rupana téh gumantung kana kumaha cara mawana jeung ngagunakeun naon mawana. Jadi anu ngabédakeunana téh kumaha cara mawana (ngagunakeun parabot/alat babantu naon) jeung maké naon mawana (maké anggahota awak naon mawana). Béda cara mawa bisa ngakibatkeun bédana ngaran babawaan. Pon kitu deui reujeung bédana maké anggahota awak ngakibatkeun bédana ngaran ogé.

Jalma keur nanggung suluh
  1. Nyuhun. Lamun mawa barang éta barangna téh diteundeun di luhureun sirah saperti mawa parab domba sabeungkeutan dina luhureun sirah.
  2. Manggul. Mawa barang dina taktak.
  3. Nanggung. Mawa barang atawa babawaan dina takatak bari maké rancatan. Barang anu ditanggung dibagi dua diteundeun atawa ditalian kana tungtung rancatan.
  4. Nyumiat. Mawa barang maké taktak bari maké rancatan. Ngan barang anu dibawana henteu dibagi dua sakumaha nanggung. Barang anu dibawana dihijikeun dikaitkeun atawa ditalian dina hiji tungtung rancatan. Rancatan anu dipakéna biasana mah anu panjang, pikeun nyaimbangkeun beuratna babawaan.
  5. Nogéncang. Sarua reujeung nyumiat.
  6. Ngagotong. Mawa barang ku duaan (dua urang jalma). barang anu dibawana biasana mah dihijikeun ditalian atawa digantungkeun kana rancatan. Barang anu dibawa diteundeun di tengah-tengah rancatan. Tungtung rancatan dipanggul ku dua urang jalma maké taktak.
  7. Mundak. Mawa barang langsung dina taktak atawa punduk.
  8. Nanggeuy. Mawa barang dina leungeun anu ditanggeuykeun ka luhur.
  9. Ngajingjing. Mawa barang maké leungeun kalawan ditalian atawa maké wadah.
  10. Ngélék. Mawa barang kalawan diselapkeun kana kélék. Barang anu dibawana biasana mah leutik jeung hampang.
  11. Ngagandong. Mawa barang dina tonggong, bisa dicekelan maké leungeun atawa ditalian. Talina bisa maké tali biasa atawa maké samping.
  12. Mangku. Mawa barang atawa barangbawa make leungeun jeung diteundeun diluhureun atawa palebah beuteung.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2010/12/nanggungsuluh.jpg)

Hade Ku Omong Goreng Ku Omong


Anu ngaranna hadé jeung goréng mah biasa. Dina kahirupan, duanana gé pasti aya. Hirup jalma moal leupas tina dua hal éta: aya hadé aya goréng. Hal-hal anu kasorang dina kahirupan ogé sarua, anu disinghareupan ogé kabagi dua nyaéta aya hadé aya goréng.
Kusabab kitu, naon anu dipilampah, naon anu dijalankeun dina kahirupan téh kudu jelas, naha éta téh hadé atawa goréng. Dina milampah pagawéan dina kahirupan, teu salawasna naon anu dipigawé ku diri pribadi téh ngan ukur keur diri pribadi wungkul atawa ngan ukur mamawa pribadi wungkul. Aya kalana naon anu dipilampah ku sorangan atawa diri pribadi téh osok aya pakaitna atawa sangkut pautna reujeung batur.

Dina perkara anu ngan ukur diri pribadi mah, anu tanggung jawab reujeung anu milampahna téh tangtuna ogé ngan ukur pribadi wungkul. Batur mah moal apal reujeung moal miroséa atawa ngageureuh-geureuh. Da batur mah batinganan teu apal, atawa dina apalna ogé ngahajakeun atawa api-api teu apal.

Hade oge oge kudu ku omong

Ngan dina perkara anu aya pakaitna reujeung batur, tangtuna ogé batur bakal ngilu ngalaman atawa kababawa kusabab naon anu dipilampah ku diri pribadi. Batur ngabogaan pangajén sorangan kana naon anu dipilampah ku siri pribadi. Dina pangajénna ieu, gumantung kana ti mana manéhna nempo atawa melong kana naon anu dipigawé téa. Kusabab kitu, aya kalana naon anu dipigawé ku sorangan téh, sanajan keur anggapan sorangan mah hadé, tacan tangtu ceuk anggapan batur mah hadé. Ieu téh kusabab tadi téa, béda cara nempona. Kitu deui anu goréng ku sorangan tacan tangtu disebut goréng ku batur. Aya kalana papalingpang.

Lamun batur tacan meunang katerangan anu jéntré mah tangtuna anggapannana téh kumaha pamanggihna. Anu tangtuna ogé tacan tangtu sarua reujeung naon anu sebenerna. Kusabab kitu, diperlukeun katerangan anu jelas ngeunaan naon anu dijalankeun atawa dipilampah téa. Ulah nepikeun naon anu dipigawé téh meunang pangajén anu papalingpang. Arék hadé atawa arék goréng ogé, aya alusna lamun dijelaskeun atawa dijéntrékeun.

(Gambar meunang nginjeum ti http://static-p3.fotolia.com/jpg/00/09/59/48/400_F_9594855_g6ozWznrovHmnMMUrn9Y2Gpanu8oBRFh.jpg)

Basa mah Teu Meuli


Lamun meuli mah pasti kudu mayar. Lamun mayar kudu ku duit.  Jadi lamun basa henteu meuli, hartina teu kudu kaluar duit. Kusabab basa mah henteu meuli, hartina lamun urang hayang ngaluarkeun basa teu kudu ngaluarkeun duit.

Basa di dieu mah nyaéta babasaan atawa kekecapan anu kaluar ti hiji jalma. Hartina arék kukumaha ogé, kecap anu dikedalkeun ku hiji jalma, moal kudu ngaluarkeun duit.

Basa di dieu mah condong kana basa anu alus. Basa anu loyog jeung kaayaan. Basa anu cocog dikedalkeunana reujeung matak ngeunah ngadéngé atawa narimana boh pikeun jalma anu diajak ngobrol pon kitu deui ku anu ngucapkeunana.

Ngobrol

Sanajan basa mah teu kudu meuli, tapi dina kanyataanana, loba jalma anu kacida beuratna pikeun ngedalkeun kekecapan anu loyog jeung kaayaan. Asa susah lamun kudu ngucapkeun kekecapan anu alus, anu cocog jeung kaayaan.

Komo dina hal Basa Sunda mah. Da sigana paribasa ‘Basa mah henteu meuli’ ayana dina Basa Sunda anu bakal kaharti ku urang Sunda. Jadi, ieu téh mangrupakeun hiji cekelan pikeun urang Sunda ngeunaan basa anu digunakeunana. Da urang luar Sunda mah moal ngartikeun kana kecap ‘Basa mah teu meuli’.

Hayu atuh urang gunakeun Basa Sunda dina kahirupan urang, hususna lamun ngobrol antara urang Sunda jeung urang Sunda deui. Kumaha atuh lamun teu bisa atawa bingung kénéh kumaha ngagunakeun basa Sunda téh? Da cenah basa Sunda mah ngabogaan undak-usuk basa anu bisa jadi bakal nyusahkeun anu teu apal kana undak usuk basana. Nya sahanteuna atuh dina obrolan téh lamun teu bisa basa Sunda anu lemes, ngagunakeun kekecapan anu kaasup basa loma. Ulah nepikeun ka ngagunakeun basa anu kasar, komo garihal mah.

(Gambar meunang nginjeum ti: http://images.clipartof.com/small/63179-Royalty-Free-RF-Clipart-Illustration-Of-Black-And-White-Human-Factor-Men-Talking.jpg)