Indit Sakola bari Leumpang, Budak Leuwih Pinter


Nurutkeun warta anu dipedalkeun ku Okezone Lifestyle, cenah budak anu indit ka sakola bari leumpang bakal leuwih pinter tibatan anu naék kandaraan. Indit ka sakola bari leumpang bisa nyababkeun budak téh leuwih pinter. Utamana pikeun budak sakola ti jinis awéwé.

barudak nu indit ka sakola bari leumpang
barudak nu indit ka sakola bari leumpang

Nurutkeun panalungtikan anu dipedalkeun ngaliwatan Archives of Pediatrics & Adolescent Medicine, kapinteran budak hususna ngeunaan cara gawé kognitif bisa dialusan (leuwih alus) ku jalan leumpang nalika indit ka sakolana. Hasil panalungtikanana nyebutkeun yén budak sakola (hususna budak awéwé) anu leumpang leuwih alus diajar di sakolana tibatan budak anu inditna bari numpak kandaraan. Jadi aya pakaitna antara ngagerakeun raga nalika indit ka sakola reujeung diajar di sakola.

Panalungtikan anu dijejeran Food and Assessment of the Nutritional Status of Spain Adolescents ieu ngalibetkeun rumaja lalaki jeung awéwé di nagri Spanyol kalawan miboga umur 13 nepikeun ka 18 taun. Jumlah rumaja anu diilukeun téh nepikeun ka 1.700 urang.

Hal séjén anu bisa dijadikeun cekelan nyaéta plastisitas tumuwuhna otak budak paling alus dina nalika/mangsa rumaja. Dina ieu entragan, tumuwuhna cara gawé kognitif budak kacida alusna.

Jadi, lamun ka sakola téh alusna mah bari leumpang.

Advertisements

Ngapalkeun Raraban


Mangsa sakola di sakola dasar (SD) mah salasahiji anu kudu bisa jeung kudu diapalkeun téh nyaéta kakalian. Kakalian anu remen diapalkeun téh disebutna raraban. Itung-itungan jeung kukurangan mah jarang diapalkeun. Kakalian mah beda reujeung tatambahan katut kukurangan, susah diitung make ramo langsung. Jadi wae kakalian mah osok diapalkeun, utama kakalian pikeun wilangan ti hiji nepikeun ka sapuluh. Kakalian ti hiji nepikeun ka sapuluh mah biasana osok diapalkeun. Ngapalkeunana ti wilangan hiji anu dikalikeun reujeung wilangan hiji nepikeun ka wilangan sapuluh. Kakalian wilangan hiji ieu disebutna Raraban Hiji (Raraban 1). Sanggeus raraban 1 bisa atawa apal, diteruskeun kana raraban saterusna nepikeun ka raraban 10.

Raraban 1 nepikeun ka raraban 10 anu diapalkeun ku barudak
Raraban 1 nepikeun ka raraban 10 anu diapalkeun ku barudak

Raraban anu diapalkeun mah biasana ngan ukur raraban 1 nepikeun ka raraban 10 wungkul. Da saterusna mah susah ngapalkeunana kusabab angka hasil kakalianana leuwih ti saratus. Diajar raraban ieu geus jadi kabiasaan pikeun barudak sakola dasar di lembur mah. Barudak téh osok papada hayang pangapalna jeung pangbisana, sanajan hasil kakalianana lain kusabab diitung heula tapi meunang ngapalkeun. Sahanteuna lamun geus apal mah lamun ditanya ngeunaan kakalian ku guru di kelas téh bisa gampang ngajawabna. Henteu kudu bingung-bingung ngitung deui maké ramo atawa batu.

Peré Sakola: Ngalongokan Sakola


Dina mangsa keur peré sakola anu waktuna lila, ti sakola téh sok dibagi tugas pikeun ngalongokan sakola. Nya minangkana mah pikét pikeun nalingakeun sakola, bisi salila ditinggalkeun ku barudak kusabab peré sakolana jadi barala. Jadi, tugas utamana mah pikeun meresihan sakola supaya ulah barala teuing dina waktuna asup sakola deui. Unggal kelas biasana mah miboga jadwal séwang-séwangan. Unggal poéna aya anu bagéan ngalongokan sakola. Ngan henteu sakabéh kelas dikudukeun, da anu kabagéan mah barudak anu kelasna geus luhur (ti kelas opat nepikeun ka kelas genep lamun teu salah mah).

Kabeneran waé barudak anu sakarola téh henteu jarauh teuing patempatanana. Jadi najan kudu ka sakola ogé henteu capé teuing. Komo ngan ukur ngalongok wungkul mah. Sanajan tugasna pikeun meresihan sakola, nu penting mah geus ngalaksanakeun tugas pikeun ngalongok sakola. Atuh nepi ka sakola téh kadang beberesihna mah henteu. Ukur ulak-ilik ka jero kelas, tuluy balik deui. Komo lamun taya batur mah tara lila-lila di sakolana.

Sakola

Indit ti imah mah biasana sumanget pisan. Komo lamun inget mangsa anu enggeus-enggeus, nalika engké asup sakola deui téh osok ditanya ku guru, nanaonan waé keur peré sakola téh. Tah, lamun ngiluan pikét ngalongok sakola mah apanan bisa nambahan alesan jeung pagawéan anu diancokeun ka guru, yén dina poé anu mah kuring téh bagéan pikét ka sakola. Nya itung-itung ngalengkepan pagawéan anu dipigawé nalika keur peré. Henteu ngan ukur ulin waé ari keur peré téh. Kudu ada anu bener-benerna.

Mawakeun ka Guru Kelas Nalika Lulus Sakola


Dina nalika lulus ti sakola dasar (SD), geus jadi kabiasaan pikeun barudak sakola anu lulus ti kelas genep SD osok mawakeun ka guru kelas hususna ka guru kelas genep. Sanggeus diwawarkeun ngeunaan lulus jeung henteuna, barudak anu lulus téh osok ngahajakeun datang ka imahna guru kelas bari barangbawa. Babawaan sarupaning dahareun anu dibérékeun ka guru kelas. Itung-itung tanda mulangtarima ka guru anu salila ieu ngawurukan di sakola nepikeun ka lulusna.

Sanajan henteu jadi hiji kawajiban atawa anu dikudukeun, geus jadi kabiasaan pikeun barudak kelas genep. Angkatna bisa babarengan atawa sorangan-sorangan, ngahajakeun ngadatangan imah guru. Malahan pernah aya babaturan (lanceuk kelas) anu ngadon mawakeun sanajan geus liwat li lulusna (anu lulusna taun kamarina).

Ieu mah pangalaman baheula keur sakola. Ayeuna mah kurang apal, naha aya kénéh ieu kabiasaan téh atawa geus ilang.

Samen


Anu ditunggu-tunggu nalika sakola salian ti dibagi rapot, teuaya deui kajaba ti samen. Samen kacida ditunggu-tungguna kusabab jadi tanda pindahna kelas atawa naék kelas. Asal kudu jadi catetan, naék kelas henteu ngendog. Pikeun budak anu meunang niléy alus mah biasana bungah bungangang kusabab bisa naék ka kelas anu leuwih luhur. Ngan hanjakal pikeun budak anu teu naék kelas, taun hareup bakal angger aya di kelas anu sarua. Tapi, jarang anu henteu naék kelas.

Naék kelas téh biasana mah osok ditandaan ku raraméan. Nalika samen, sakolaan osok ngayakeun raraméan. Baheula mah ngayakeunana téh dina waktu peuting. Ari ayeuna mah ngayakeunana téh osok ti beurang. Dina waktuna samen, unggal kelas osok ngutus wawakil kelasna pikeun pentas di panggung mintonkeun kamonésan séwang-séwangan. Aya anu ngadon ngibing, aya anu ngadon bobodoran, aya anu mintonkeun kasenian saperti dog-dog atawa calung. Pokona mah dina waktuna samen téh barudak anu miboga pangabisa dititah naék kana panggung.

Barudak keur latihan pikeun nyanghareupan samen

Ti béh ditu kénéh saacanna samen téh biasana mah osok latihan heula. Barudak latihan kalawan diaping ku guru-guru. Budak anu wantéran mah osok diajakan latihan pikeun mintonkeun kasenian anu bakal dipintonkeun.

Dina prungna samen, resep pisan kusabab di sakola aya raraméan. Loba anu dagang, aya panggung hiburan. Kolot-kolot barudak sakola ogé daratang hayang nempo budakna anu mintonkeun kamonésan di panggung. Rupa-rupa kasenian dipintonkeun di panggung. Aya anu serius, aya anu ngabodor. Waktu di SD baheula mah, acara anu ditungguan téh nyaéta acara kasenian calung atawa dog-dog. Salian ti acarana anu lumayan lila, di jerona ogé osok dicampuran ku bobodoran, gogonjakan.

Resep pisan….

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)

Naék Kelas jeung Roko


Dina mangsa nyanghareupan samen, osok dibagi rapot heula. Kacida bagjana lamun nempo rapot anu mertelakeun yén bisa naék kelas, henteu ngendog di kelas anu sarua. Bagja jeung resep kusabab naék kelas. Komo lamun nempo niléy rapot anu angkana aralus. Beuki nambah deui gumbirana, najan henteu meunang réngking hiji ogé. Lamun réngking hiji? Pasti éta mah leuwih-leuwih deui gumbirana.

Roko

Pikeun nembrakeun rasa gumbira éta biasana mah dina waktuna mapag samen téh osok barangbéré ka guru. Barangbéréna biasana mah ku mangrupa roko. Dina mapag samen, kolot budak anu naék kelas téh osok ngahaja méré roko ka guru kelasna. Rokona mah biasana sabungkus, henteu loba-loba teuing. Nya itung-itung mulangtarima, najan henteu loba jeung siga anu taya hartina. Salian ti roko mah, sigana jarang, teuing teu apal. Da kolot kumaha kolot budak biasana mah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.okezone.com/)

Sakola bari Ngasuh Adi


Indit ka sakola

Ningali gambar ieu, jadi inget kana carita baheula waktu keur sakola di SD. Ieu mah carita Ibi kuring.

Baheula, saur pun Ibi ka sakola téh bari ngasuh adi. Adi anu masih leutik kénéh téh diais/digandong ka sakola. Atuh diajar di kelas ogé bari ngangais adi da bisi ceurik lamun diécagkeun mah. Jaman harita mah teu nanaon sigana sakola bari ngasuh budak atawa orok téh. Nu penting mah budakna daék sakola. Ulah nepikeun ka kusabab kudu ngasuk anu jadi adi, nepikeun ka henteu daék sakola.

Kitu sigana mah….

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.wiranurmansyah.com/wp-content/uploads/2010/12/ee.jpg)