Keun Baé


“Keun baé, teu kudu jadi pikiran.”
“Keun baé, entong kapapanjangan.”
“Keun baé, geus kudu kitu jadina.”

Kalimah ieu remen dikedalkeun ku kolot anu geus asak tinimbangan katut ihlas narima naon anu geus kajadian. Kalimah pangbeberah supaya naon anu karandapan téh bisa ditarimakeun. Kalimah pikeun ngupahan ka saha waé anu keur ngarandapan kajadian anu henteu dipiharep, saperti kaleungitan harta atawa teu hasil dina usaha.

Kolot jeung budak
Kolot jeung budak

Kalimah ieu kadang ditarjamahkeun yén jalma anu ngucapkeunana téh éléhan atawa épés méér. Embung usaha leuwih kahot jeung nyayagakeun sumanget anu leuwih ngagugudag deui. Tapi sabenerna mah lamun diteuleuman deui, lain ka dinya maksudna. Anu ngaranna usaha mah kudu soson-soson, kudu bener-bener. Anu kudu diculkeun naon anu geus karandapan. Anu geus karandapan mah ulah jadi pikiran atawa jadi bangbaluh pikeun ka hareupna. Anu geus karandapan mah geus lain uruseun deui. Anu geus karandapan mah kudu dijadikeun palajaran atawa pieunteungeun pikeun ka hareupna. Kudu manco ka anu bakal kasorang.

Kekecapan dina kalimah anu dikedalkeun ku kolot mah biasana miboga harti anu jero lamun daék neuleumanana. Kekecapan anu kaluar kusabab lobana pangalaman anu geus kasorang. Kekecapan anu kaasup papagah jeung wejangan, anu kaluar sabab nyaah ka anu leuwih ngora. Papagah kusabab geus asak jeujeuhan.

Upamana waé dina nalika kaleungitan harta atawa kapalingan, lain teu hayangeun pikeun néangan laratanana atawa néangan anu malingna. Tapi leuwih condong kana narimakeun éta kaayaan. Tibatan mangjangkeun urusan, leuwih hadé diihlaskeun. Pajarkeun téh apanan harta mah gampang kari néangan deui. Mana leungit atawa ilang ogé lain milikna atawa lain cawiskeunana. Harta éta mah milik batur.

(Gambar meunang nginjeum ti Blogspot)

Lamun Labuh mah Kudu Hudang


Kangaranan jalma mah pasti perenah ngalaman labuh. Naha arék dihaja atawa henteu dihaja. Nu pasti mah ngalaman labuh. Komo deui lamun keur mangsa budak mah. Keur mangsa budak anu diajar leumpang, apanan saméméh bisa leumpang téh pasti labuh heula sanajan ngan ukur sakali. Sigana anu ngaranna labuh mah moal leupas tina kahirupan jalma. Najan éta jalmana geus henteu budak deui (dina harti geus kolot atawa mangkak déwasa). Labuh di dieu lain harti ngan ukur ngagubragna awak kana taneuh kusabab suku tacan panceg dina nahan awak, atawa kusabab taneuh titincakan anu leueur. Tapi masih kénéh loba ngaran labuh nu séjénna salian ti éta. Aya labuh kana ngalakonan dosa, aya ogé anu labuh tigubrag kana kagoréngan, atawa dina usahana labuh jadi ngalaman karugian.

Budak anu keur diajar leumpang

Ngan ceuk daluang anu kapanggih mah cenah lain sabaraha kali jalma ngalaman labuh. Tapi anu kudu jadi catetan mah sabaraha kali jalma bisa hudang sanggeusna labuh. Jadi sanajan aya budak keur diajar leumpang ngalaman labuh, lain lobana labuh anu kudu diitung atawa dikurangan supaya ulah loba teuing labuh. Tapi naha éta budak téh bisa hudang deui atawa henteu. Lamun hiji budak keur diajar leumpang, terus labuh, lamun hayang bisa leumpang mangka éta budak kudu bisa hudang deui. Sahanteuna dihudangkeun ku kolotna, ulah nepikeun ka diantep sina labuh nangkarak/nangkuban terus. Sina terus diajar leumpang deui, sanajan engkéna bakal labuh deui. Da lila-lila mah apanan budak (atawa kolot budak anu ngajarkeun leumpang ka éta budak) téh bakal ngarti kumaha carana leumpang anu alus (henteu labuh deui). Sanggeus sababaraha kali labuh mah, tangtuna ogé éta budak téh bakal gampangeun dina diajar leumpangna. Da beuki lila mah beuki panceg suku dina napak jeung nahan awakna. Anu tadina diajar leumpang téh ahirna mah lain leumpang deui, tapi bisa langsung lulumpatan.

Lamun ninggang di kolot atawa mangkak déwasa, labuh téh biasana mah ngakibatkeun kapaur. Osok aya rasa sieun labuh atawa osok loba pipikiran kumaha lamun labuh. Lamun ngulampreng ka jalan anu laleueur apanan ati-ati leumpangna téh, da sieun labuh. Geus labuh mah bakal karasa nyerina titeueul kana taneuh atawa kana batu. Jadi lamun keur budak mah labuh téh teu jadi pikiran, ari geus gedé mah biasana osok jadi pikiran kumaha supaya ulah labuh.

Dina ngalaman labuhna ogé apanan embung lamun kudu labuh deui ku jalan/cara jeung di tempat anu sarua. Da sakali ogé karasa nyerina. Komo deui lamun kudu ngalaman labuh pikeun kaduakalina. Embung lamun kudu labuh dua kali di tempat anu sarua kalawan carana anu sarua kénéh. Lamun kudu ngaliwatan jajalaneun anu sarua apanan bakal kacida ati-atina kusabab geus ngalaman labuh saacanna.

Ngalaman labuh dina harti anu séjén ogé moal leuwih ti labuhna jalma kolot/déwasa. Jalma embungeun ngalaman labuh anu sarua leuwih ti sakali. Dina ngalaman karugian, embung ngalaman karugian anu sarua leuwih ti sakali. Lamun kamari cara usaha anu kitu téh ngakibatkeun rugi, mangka kahareupna mah maké cara anu kitu, da geus kaalamana cara anu kitu téh matak rugi. Lamun ayeuna ngalakonan hiji perkara anu nyababkeun kagoréngan (labuh kana kagoréngan), mangka isuk jaganing géto bakal dijauhan kusabab geus nyaho éta perkara téh geningan nyababkeun kagoréngan.

Jadi labuh jeung labuh téh alus pikeun dijadikeun cukang lantaran diajar nataran kahirupan. Labuh jeung labuh pikeun apal jeung bisa ngungkulan sagala hal anu bakal kapanggih dina kahirupan ka hareupna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://indrakh.wordpress.com/)

Endog Tara Megar Kabéh


Tina sapuluh urang anakna Ma Kénoh, ngan ukur si Ikin anu mahiwal téh. Manéhna mah béda reujeung dulur-dulurna. Henteu béda kumaha, da dulur-dulurna mah kabéhanana ogé junun sakolana. Sedengkeun ari manéhna, apanan sakola na téh henteu diteruskeun. Sakolana ngan ukur nepikeun ka sakola dasar (SD) wungkul. Manéhna mah embungeun neruskeun sakola nepikeun ka sakola luhur saperti dulur-dulurna. Dulur-dulurna mah sahanteuna sakolana téh nepikeun ka SMA. Anu sababaraha urang deui mah nepikeun ka tamat paguron luhur, tug nepikeun ka jadi pagawé nagri di dayeuh.

Endog tara megar kabeh

Ma Kénoh salaku kolotna, lain embungeun atawa henteu sanggupeun ngabéayaan si Ikin pikeun sakola nepikeun ka jucungna. Da lamun nempo kaayaan harta banda titinggal salakina mah masih kénéh sanggupeun pikeun ngabéayaan si Ikin téh. Dalah dina henteu sanggupeunana ogé apanan lanceukna anu gawé di dayeuh geus nyanggupan pikeun ngabéayaan manéhna. Ngan si Ikinna waé anu embungeun. Manéhna mah embung neruskeun sakola nepikeun ka sakola luhur. Pajarkeun téh hayang di lembur waé maturan indungna. Kajeun henteu neruskeun sakola ogé asal bisa maturan indungna di lembur. Hayang bisa babantu kana pagawéan indungna. Kitu cenah alesan manéhna embungeun neruskeun sakola téh. Sanajan dibibita pikeun cicing di lanceukna di dayeuh ogé angger waé mugen. Kahayangna pikeun cicing reujeung indungna geus teu bisa dipondah deui.

Indungna teu bisa kukumaha. Da kahayangna mah kabéhna anakna bisa sakola kalawan junun. Embung nempo salasaurang budakna anu mahiwal atawa béda. Kahayangna mah kabéh budakna bisa neruskeun sakolana. Najan béayana kurang ogé, da urusan rejeki mah masih kénéh bisa ditéangan. Asal budakna bisa sakola luhur pikeun ngahontal kahayangna, manéhna daék gawé tihothat. Ari budakna embungeun, teu bisa kukumaha deui. Da dipapaksa ogé bakal goréng engkéna atawa akibatna. Leuwih hadé nuturkeun naon kahayang budak tibatan mamaksa kahayang kolot ka budak.

(Gambar meunang nginjeum ti http://galeriukm.com/)

Orang Pinggiran, Carita Jalma di Pasisian


Kataji ogé ku hiji acara anu dipintonkeun dina hiji galura tipi nasional. Éta acara mintonkeun kahirupan jalma-jalma pasisian dina nyanghareupan kahirupan anu sarwa walurat. Eusina lolobana mah ngeunaan kumaha gedéna sumanget jalma-jalma dina ngalakonan kahirupanana anu bisa disebutkeun loba kakuranganana utama ngeunaan harta bobogaan katut pagawéan anu teu tangtu. Ku susahna néangan rejeki, nepikeun ka budak-budakna anu masih kénéh laleutik ogé miluan digawé atawa digawé sorangan néangan rejeki, pikeun mantuan kolotna. Dipintonkeun ogé kumaha rasana jeung kumaha susahna dina néangan kipayah pikeun kulawarga atawa kolotna.

Acara Orang Pinggiran di Trans|7

Sanajan kahirupan sarwa walurat jeung sarua weritna, tapi patékadan pikeun bajoang néangan kipayah henteu ngurangan atawa jadi leungit. Najan kudu digawé anu bisa disebutkeun taya hartina (lamun diukur ku pangaji), tetep dilakonan. Anu penting mah bisa beubeunangan reujeung halal, sanajan ngan ukur saeutik reujeung ceuk batur mah moal mahi atawa cukup pikeun bekel sapopoéna. Anu jadi jejer téh bisa jadi sakulawargana, atawa kolotna, malahan aya budakna. Budak atawa anak dina hiji kulawarga osok dijadikeun jejer dina caritana. Budak anu sakuduna mah keur meumeujeuhna resep arulin reujeung babaturanana, ieu mah kudu digawé néangan rejeki, néangan kipayah pikeun dirina reujeung adi-adina atawa mantuan kolotna.

Bisa disebutkeun, caritana matak ngagerian kana haté anu nongtonna. Anu nongtonna diajak neuleuman atawa ngilu ngarasakeun kumaha susahna jadi jalma pasisian anu sarwa kakurangan. Salian ti ngilu ngarasakeun, ogé bisa dijadikeun jalan pikeun mulungan luang reujeung sumanget jalma-jalma anu kakurangan dina ngalakonan kahirupanana. Najan kahirupanana sarwa kakurangan, henteu matak runtag atawa peunggas pangharepan dina néangan kipayah. Najan hasilna taya hartina, angger dikeureuyeuh. Da ngan éta anu bisa dipigawéna, taya deui pagawéan séjénna anu mampuh dipigawéna. Sumanget anu bisa dipulung enggoning nyanghareupan kahirupan ka hareupna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.facebook.com/)

Teu Meunang Ngadahar Cau Padempét


Salian ti teu meunang ngadahar cau pangsisina, aya ogé pantangan pikeun barudak, teu meunang ngadahar cau anu padempét. Aya kalana dina turuyan atawa sikatan cau téh osok manggihan cau anu padempét. Cau dua siki anu sakuduna misah atawa masing-masing, bet padempét ngahiji. Manggihana mah jarang. Ngan dina sakali manggihan, osok matak panasaran hayang ngadahar cau anu padempét. Saha anu teu hayang, dua siki cau didahar ku saurang. Matak seubeuh, sigana mah.

Cau padempet

Kolot osok ngawawadianan, sangkan budak mah henteu ngadahar cau anu padempét. Budak mah pamali lamun ngadahar cau padempét téh. Cenah, lamun budak ngadahar cau padempét bakal meunang budak atawa turunan anu padempét. Saha atuh anu hayang meunang kaayaan anu sarupa kitu. Anu sieunan mah, moal daékeun ngadahar cau anu padempét.

Kumaha atuh lamun budakna tetep ngarenghik hayang ngadahar cau anu padempét? Pokna kolot mah, bisa waé atawa meunang ngadahar cau padempét, tapi teu meunang duanana. Kudu salasahijina. Cau padempét téh dibagi dua (dipisahkeun). Anu hiji bisa didahar ku budak anu hiji, ari anu anu hiji deui bisa didahar ku nu lian.

Kitu cenah….

(Gambar meunang nginjeum ti http://amoebasterix.multiply.com/)

Bali Geusan Ngajadi


Pasosoré, si Acim keur ngajentul di sisi jalan leutik anu jadi tempat jalan motong urang lembur lamun arék ka tampian. Ngan ayeuna mah aranglangka urang lembur téh ngaliwatan jalan éta da lolobana mah maké jalan gedé béh kalereun lembur. Jeungna deui jalan leutik éta ieu mah bala, loba jujukutan anu ngaroyom ka jalan.

Si Acim geus jadi kabiasaan lamun manéhna eukeur aya anu dipikiran, manéhna osok niis di éta tempat. Katambah tempatna anu rada suni, tiiseun. Kaiuhan ku tangkal kopi jeung tangkal jéngkol. Matak tiis. Ti dinya bisa nyérangkeun jalma-jalma anu ngaliwatan jalan gedé anu di belah kalér téa.

Manéhna ngahuleng, melong ka tempat anu jauh, teuing ka mana. Sedengkeun pipikiranana mah teuing ka mana. Manéhna ngarahuh, jiga anu hayang ngécagkeun beungbeurat anu ngabeungbeuratan pikiranana.

Jalan satapak

Manéhna teu bisa ngabayangkeun bakal kumaha manéhna saminggu kahareupna. Mangsa manéhna kudu ninggalkeun lembur jeung sagala anu aya di lembur. Nya, sababaraha poé deui manéhna téh kudu jauh ti lembur, jauh ti kolot, jauh ti babaturan ulinna. Sababaraha poé deui manéhna téh kudu pindah ka dayeuh pikeun nuluykeun sakola ka SMA.

Ku manéhna karasa beuratna lamun kudu ninggalkeun lembur téh. Lembur anu salila ieu dicicingan, lembur tempat dimana manéhna dibabarkeun, lembur tempat manéhna méakeun mangsa keur budah nepikeun ka rumaja. Enya…, lembur anu dipinuhan ku sagala kahirupan anu senang, loba batur heureuy, batur ulin. Lembur anu lamun boga masalah bisa kénéh ménta bantuan ka kolot, ka babaturan.

Sababaraha poé deui manéhna kudu jauh ti lembur, naha nepikeun ka iraha manéhna bakal jauh ti lembur téh? Naha ngan ukur sakeudeung atawa kudu lila? Lamun lila, nepikeun ka iraha kudu jauh ti sarakan pangbalikan? Iraha manéhna bisa balik deui ka lembur?

Ulah Ngadahar Cau Pangsisina


Diantara cau anu aya dina sasikat osok aya dua siki cau anu perenahna di pangsisina. Ceuk kolot cenah budak mah ulah ngadahar cau anu perenahna di sisi. Budak mah teu meunang ngadahar cau pangsisina. Cenah, bisi kasingsalkeun. Budak mana atuh anu hayang kasingsalkeun. Da teu ngeunah jadi budak atawa jalma anu kasingsalkeun mah. Dina prakna bakal dibagi dahareun ku anu boga hajat, apanan lamun kasingsalkeun mah moal kabagéan. Dina perkara dibagi duit ogé sarua, lamun kasingsalkeun mah moal kabagéan. Pokona mah jadi budak anu kasingsalkeun mah teu ngeunah, bakal dibédakeun reujeung batur naha kusabab dihaja atawa henteu (teu asup itungan atawa teu kaitung dina waktuna bakal dibagi dahareun).

Cau sasikat

Sedengkeun ari anu ngaranna cau pangsisina téa, geus nelah apanan cau anu panggedéna dina sasikat téh. Saha anu teu hayang ngadahar cau anu gedé. Hiji ogé matak seubeuh.

Ka béhdieunakeun, cenah sababna budak teu meunang ngadahar cau pangsisina téh kusabab gedéna téa. Lamun budak ngadahar cau pangsisina, atuh kolot téh bakal kabagéan cau anu leutik. Da cau anu panggedéna geus didahar ku budak.