Golodog


Imah panggung anu jangkung mah biasana matak susah lamun arék asup ka imah. Arék unggah ka imah, atawa turun ti imah téh osok susah. Komo deui pikeun budak anu leutik kénéh, dalah kolot ogé osok susah. Ku hal ieu, imah panggung biasana mah osok diterapan golodog. Di hareupeun lawang panto téh osok diterapan palang pikeun tétécéan saméméh lawang panto. Jangkungna sahandapeun lawang panto. Sedengkeun ari legana bisana mah nepikeun ka panyawéran atawa satengah anggangna lawang ka panyawéran. Panjangna, sahanteuna sapanjang lawang panto.

Golodog di hareupeun panto hareup
Golodog di hareupeun panto hareup

Golodog bisa dijieun tina leunjeuran awi atawa tatangkalan. Bisa ogé dijieun tina papan kai. Handapna diterapan tihang pikeun nyeundak papan golodogna. Tihangan di opat juruna supaya weweg, henteu gampang rugrug. Wangunan golodog kudu weweg supaya bisa nahan beurat jalma anu cicing dina golodog. Golodog biasana dijieun di unggal panto kaluar ti imah anu sakirana lawang pantona jangkung. Nya sahanteuna di panto hareup.

Salian dipaké pikeun tétécéan jalma anu arék unggah ka imah atawa turun ti imah, golodog ogé osok dipaké ngadaweung. Kadang osok dipaké pikeun teuteundeunan barang saméméh diteundeun di jero imah atawa atawa sabalikna, bisa ogé pikeun teuteundeunan sendal.

Advertisements

Ségog, Rohangan Tambahan dina Wangunan Imah


Ka béh dieunakeun wangunan imah téh henteu ngan ukur masagi atawa manjang wungkul. Aya ogé imah anu osok ditambahan ku rohangan anu aya di gigireun imah ngan rada ka tukang. Atuh wangunanana téh jadi saperti aksara L. Dina wangunan ieu imah, sakumaha imah ilaharna, rohangan-rohangan anu osok biasa aya mah angger aya dina wangunan poko, henteu dipindahkeun ka rohangan tambahan anu aya di gigireun imah. Sanajan disebutna rohangan tambahan, ari wangunanana mah ngahiji reujeung wangunan poko.

Rohangan tambahan ieu biasana osok dipaké pikeun tempat teuteundeunan barang-barang anu osok dipaké pikeun digawé kayaning dingkul, pacul, nyiru. Atawa dijadikeun tempat neundeun hasil tatanén kayaning paré, cikur jeung sajabana. Ieu rohangan miboga lawang pikeun ka luar (luareun imah) reujeung pikeun ka jero wangunan poko. Ngeunaan ukuranana, biasana mah lumayan gedé jeung lega. Ampir sarua reujeung rohangan tengah imah atawa sahandapeunana saeutik.

Imah anu dilengkepa ku rohangan segog
Imah anu dilengkepan ku rohangan segog

Rohangan ieu téh biasana mah disebutna segog.

Lelemah


Mangsa arék nyieun imah, anu pangmimitina disayagakeun téh biasana mah tempat nyieun imahna. Ti dinya kakara nyayagakeun bahan-bahanna. Tempat anu disayagakeun téh biasana mah kudu dibebenah heula, dibébérés heula. Lamun tempatna henteu rata, kudu diratakeun heula. Komo deui lamun tempat nyieun imahna téh dinu rada lamping, kudu disempog/dikali heula taneuhna terus diratakeun.

Lelemah dipake lapang poli
Lelemah dipake lapang poli jeung mengbal

Taneuh anu lamping téh diratakeun ku jalan dikali taneuh anu leuwih luhurna. Taneuh meunang ngali terus diurugkeun ka tempat anu leuwih handap. Uruganana dipadetkeun supaya weweg henteu gampang tibeyeyet. Taneuhna terus dikali jeung diurugkeun nepikeun ka taneuhna rata.

Sanggeus rata mah kari nungguan bahan-bahanna lengkep. Lamun geus lengkep, bisa langsung ngawangun imah. Lamun bahan-bahanna tacan lengkep mah biasana osok diantepkeun heula waé. Tempat anu geus rata jeung tacan diwangunan imah téh osok dipaké hareureuy jeung arulin ku barudak. Arék ucing-ucingan, maén galah atawa maén bal. Malahan ku kolot mah osok dipaké lapang poli. Pikeun anu bogana mah biasana diantepkeun waé, da taneuhna bakal leuwih weweg jeung padet ari remen kagaleuy (katincakan) mah.

Tempat anu bakal dijadikeun tempat ngawangun imah téh biasana mah disebut lelemah. Lamun magawé ngaratakeun taneuhna disebut ngalelemah.

Parako, Wadah Hawu


Parako mah henteu aya pakaitna reujeung para sakumaha paraseuneu. Parako mah ayana lain di luhur tapi di handap. Parako bisa disebut ogé wadah hawu. Parako téh tempat di dapur paranti neundeun hawu.

Parako
Parako

Parako téh wangunanana mah biasana kotak atawa pasagi. Baheula mah dijieunna tina papan kai. Di lolongkrang tengah kotak dieusi ku lebu atawa keusik. Jangkungna biasana mah sina lébér reujeung tungtung luhur papan kai (sina rata reujeung papan kai anu ngawengkuna). Di luhureun lebu di tengah-tengah kotak parako kakara diteundeunan hawu. Anggangna sisi hawu reujeung parako mah bébas, ngan ulah deukeut teuing bisi parakona kaduruk nalika seuneuna ngadahdaran (seuneu di hawu ngabebela). Bisa waé anggangna sajeungkal ramo leungeun.

Sababaraha mangpaat parako nyaéta kahijina mah ngajaga seuneu supaya henteu ngarambat atawa nyebar kana papan/palupuh imah panggung anu bisa nyababkeun imah kahuruan. Ku jalan aya parako, seuneu téh ngan ukur aya di jero jeung deukeuteun hawu wungkul. Kaduana supaya lebu beunang ngadurukan suluhna henteu ayang-anyangan. Lebuna bakal ngumpul di deukeuteun hawu da kahalangan ku parako anu ngawengku hawu.

Talahab


Pikeun ngiuhan saung di kebon atawa kandang sasatoan téh, baheula mah henteu ngagunakeun kenténg. Da kenténg mah biasana dipaké pikeun ngiuhan imah wungkul. Iuh-iuhan saung atawa kandang osok maké dangdaunan (daun tangkal langkap) atawa leunjeuran awi. Lamun dibandingkeun reujeung maké daun langkap, gampang kénéh ngagunakeun leunjeuran awi. Leunjeuran awi mah gampang néanganana. Rungkun awi loba di sisi leuweung.

Hateup saung tina talahab
Hateup saung tina talahab

Lamun nyieun hateup tina leunjeuran tangkal awi, biasana mah néangan tangkal awi anu galedé. Tangkal awina gumantung kana anu aya jeung gampang, bisa tangkal awi tali atawa awi anu séjénna. Panjang leunjeuranana biasana mah dicocogkeun reujeung panjang hateup ti wuwung nepikeun ka tungtung hateup (panyawéran). Panjangna bisa dua métér atawa leuwih. Sanggeus diteukteukan, leunjeuran awi téh dibeulahan. Meunang meulahan terus dipiceunan bubukuna sina rata reujeung ruasna. Diratakeun téh supaya cai hujan anu ngagolontor kana awina bisa ngocor kalawan bébas ngaliwatan leunjeuran awi, reujeung supaya rapih dina nyieun hateupna.

Cara masangkeunana biasana mah di lebah wuwungna leunjeuran awi meunang meulahan téh dibolongan supaya bisa ditanceban paku pamageuh hateup. Leunjeuran awina diéntépkeun sina manjang ti luhur (wuwung) ka handap (panyawéran) kalawan nangkarak (awi bagéan jerona aya di luhur). Sanggeus rapih, unggal tutumbu antara leunjeuran anu hiji reujeung anu digigireunana diterapan leunjeuran awi meunang meulahan séjénna sina nangkub. Atuh unggal leunjeuran awi téh jadi pakait-kait.

Imah Panggung


Baheula mah saacanna mahabu imah gedong, rata-rata imah anu dijieun téh imah panggung. Imah anu di handapeunana aya kolongan. Salasahiji pangbébéda antara imah gedong reujeung imah panggung nyaéta imah panggung mah miboga kolong, sedengkeun ari imah gedong mah henteu aya kolongan. Di handapeun palupuh atawa titincakan di jero imah, imah panggung mah aya lolongkrang anu kosong, kira-kira satuur nepikeun ka sacangkéng jangkungna. Sedengkeun imah gedong mah langsung waé titincakan di imahna téh maké téhel anu diteundeun di luhureun taneuh.

Imah panggung
Imah panggung

Pikeun nahan imah supaya jangkung tina taneuh tempat nyieun imah, maké batu anu disebut tatapakan. Di luhureun tatapan ditumbu ku tihang pikeun ngadegkeun imah. Salian ti aya kolong di handapeunana, imah panggung mah biasana mah osok dikidingan ku bilik tina anyaman awi atawa tina papan kai. Ari dadampar atawa titincakan di jero imah, anu dipaké téh teu leupas tina papan kai atawa palupuh (leunjeuran awi anu dicacag supaya bisa diratakeun).

Di hareupeun imah atawa di hareupeun lawang panto osok aya tempat pikeun unggah jero imah anu disebut golodog. Saméméh asup ka jero imah, di rohangan hareup kadang osok aya rohangan tepas.

Paraseuneu


Di pawon atawa dapur, osok aya tempat di luhureun hawu pikeun teuteundeunan. Ieu tempat osok dipaké pikeun teuteundeunan barang atawa dahareun anu perlu dihaneutan atawa digarang. Ieu tempat disebutna téh paraseuneu.

Paraseuneu di luhureun hawu
Paraseuneu di luhureun hawu

Nilik kana ngaranna mah ampir sarua reujeung para, anu aya di luhureun imah handapeun hateup. Ngan anu ngabédakeunana nyaéta anu tadi téa: paraseuneu mah osok dipaké pikeun teuteundeunan barang atawa dahareun anu perlu hawa haneut atawa panas. Salian ti éta téh, dijieunana ogé di luhureun hawu (luhureun seuneu di hawu).

Dina paraseuneu biasana mah osok jadi tempat pikeun neundeun hasil tatanén anu baris dijadikeun bibit pepelakan kayaning jagong, siki cabé, suuk, kacang taneuh, siki waluh jeung siki bonténg. Bisa ogé dijadikeun pikeun ngagarang dahareun supaya awét lila (hadareun jadi garing). Salian ti dahareun, aya ogé pikeun teuteundeunan wawadahan kayaning boboko jeung nyiru supaya garing henteu katiisan.