Diajar tina Rorodaan Gilinding Hiji


Rorodaan anu gilindingna hiji, anu paranti ngadorongna téh tina awi saleunjeur, biasana mah ku barudak téh osok dipaké ngakut cai anu diwadahan kana jalikén atawa émbér. Lamun dibandingkeun reujeung dijingjing ku leungeun, éta cai téh leuwih hampang ditarik maké rorodaan. Jadi salian dipaké pikeun hareureuy atawa ulin, éta rorodaan téh osok dipaké pikeun mantuan kolot ngala cai ka tampian.

Anu kudu dijadikeun panalungtikan téh naon sababna éta cai téh leuwih hampang lamun ditarik maké rorodaan tibatan dijingjing maké leungeun? Ari jawaban anu gampangna mah nya bisa waé kusabab dibantuan maké rorodaan. Tapi jawaban nurutkeun élmu pangaweruh di sakola kumaha atuh? Da lamun ditengetan mah ngeunaan perkara ieu téh aya élmuna anu diajarkeun di sakola, hususna élmu alam (IPA atawa Fisika).

Rorodaan gilindingna hiji dipake narik cai

Kumaha atuh ngeunaan ieu téh lamun ditilik tina élmu Fisika?

Ngeunaan mawa cai aya pakaitna reujeung pangajaran massa, beurat reujeung gaya (lain gaya dina basa Sunda ieu mah). Berat cai anu dibawa téh salian ti ngabeungbeuratan budak anu mawana ogé ngabeungbeuratan gilinding rorodaan. Jadi beurat cai téh dibagi duaan. Babagina, kumaha wangunan rorodaaanana, utamana panjang pangdorongna katut bédana panjang tempat neundeun cai kana gilinding reujeung kana taktak budak anu mawana.

(Gambar meunang nginjeum ti internet)

Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Kadua)


Dina nyieun ayun-ayunan, hususna anu maké tali, barudak ogé diajar pikeun ngukur kumaha supaya éta tali téh sarua panjangna, ulah nepikeun ka panjang sabeulah. Soalna lamun panjang sabeulah bisa-bisa pangdiukan éta ayun-ayunan téh jangkung sabeulah atawa déngdék.

Kadang lamun nyieunna lain ku saurang bisa waé panjang sabeulah. Nya ngakalana, dina ngagantungkeunana kudu dikira-kira jeung kudu diukur sarua henteu jangkung sisi pangdiukanana.

Sanajan dina ngukur talina sarua, kadang tempat ngagantungkeun éta ayun-ayunan téh henteu satua. Osok aya tempat ngagantungkeun ayun-ayunan téh jangkungna henteu sarua, jangkung sabeulah. Ieu hususna lamun ngagantungkeun ayun-ayunanana dina dahan tatangkalan.

Ayun-ayunan (asal poto: facebook.com)

Kuhenteu saruana tempat ngagantungkeun ayun-ayunan ieu, barudak dikudukeun néangan cara (kudu bisa ngukur atawa ngira-ngira) kumaha supaya tempat pangdiukan ayun-ayunana tetep henteu jangkung sabeulah.

Ngeunaan jangkungna pangdiukan ayun-ayunan tina taneuh ogé, kudu jadi pikiraneun barudak. Ulah nepikeun ka pangdiukanana téh jangkung teuing atawa pendék teuing. Lamun pendék teuing atawa komo nepikeun ka ngagangsarna, moal ngeunaheun dina maénkeun ayun-ayunanana ogé. Sedengkeun lamun jangkung teuing, bakal nyusahkeun barudak dina diukna. Nyieun ayun-ayunan téh kudu pas atawa ngeunaheun dina ngayunkeunana.

Baca oge:

  1. Diajar Tina Ayun-ayunan (Bagean Kahiji)
  2. Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Katilu)

Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Kahiji)


Dina nyieun ayun-ayunan aya sababaraha hal anu bisa dijadikeun bahan diajar pikeun barudak. Boh dina mangsa nyieunna, boh dina maénna. Dina nyieun ayun-ayunan, barudak kudu apal kana bahan jeung kumaha cara nyieunna. Bahan anu alus jeung kuat kudu bisa ngimbangan kana beurat awak budak anu bakal ngadiukan atawa tumpak kana éta ayun-ayunan. Pon kitu deui kana kakuatan dahan anu bakal dipaké ngagantungkeun éta ayun-ayunan. Saméméh nyieun ayun-ayunan, biasana barudak anu arék nyieun ayun-ayunan téh osok nyoba heula kakuatan tali anu bakal dijieun tali ayun-ayunan. Nyobana ku jalan ditarik tungtung pada tungtung. Di dinya bisa kabaca kakuatan éta tali. Lamun kakara ogé ditarik geus pegat, hartina éta tali teu bisa dipaké pikeun tali ayun-ayunan.

Jadi pangajaran anu kahijina nyaéta kumaha carana supaya meunang tali anu kuat, bisa naha beuratna anu bakal dijieun ayun-ayunan. Lamun dikaitkeun reujeung pangajaran di sakola mah aya anu ngaranna pangajaran Fisika ngeunaan besot (pegas). Dina hal ieu pangajaran aya itung-itungan kumaha kakuatan besot lamun ditarik make beungbeurat. Da tali teh lamun dina pangajaran ieu mah bisa diibaratkeun besot anu élastis (Modulus Elastis). Ngeunaan hal ieu anu leuwih panjangna bakal dibéjérbéaskeun dina tulisan anu husus.

 

Ayun-ayunan (asal gambar: facebook.com)

Anu penting mah, dina maén ayun-ayunan téh aya hal anu bisa dikoréhan, utamana kucaha cara nerapkeun pangajaran di sakola anu lobana mah ngan ukur téori wungkul. Susuganan sanajan ngaranna mah kaulinan barudak, tapi di jerona mah aya eusi anu mundel pikeun bekel diajar.

Baca oge:

  1. Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Kadua)
  2. Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Katilu)

Antara Target jeung Beungbeurat


Targét bisa jadi beungbeurat pikeun sawaréhna jalma. Jadi beungbeurat téh kusabab dina ngajalankeun kahirupanana asa diudag-udag ku targét anu kudu kalaksanakeun, henteu bisa bébas ngajalankeun kahirupanana. Béda jeung kahirupan anu teu ngabogaan targét, asa biasa-biasa waé.

Perkara beurat atawa henteuna éta targét dina kahirupan, sabenerna mah kumaha jalmana. Lamun jalmana ngabogaan kayakinan kana targétna, tangtuna ogé moal jadi beungbeurat. Malahan bisa jadi éta targét téh ngajadikeun kahirupanan pinuh ku itungan jeung ngabogaan cekelan pikeun ka hareupna. Jadi dina ngajalankeun kahirupanana téh moal sakumaha jalma anu teu boga targét anu ngajalankeun kahirupanana téh teu puguh, kusabab teu boga cekelan jeung udagan.

Sumber gambar: http://tell.fll.purdue.edu/JapanProj/FLClipart/Adjectives/heavy.gif

Bisa ogé, sababna éta targét jadi beungbeurat téh, dina nyieun targetna henteu dibarung ku haté anu ihlas, henteu nempo kana kadar dirina. Bisa ogé kusabab hayang katanggar sabab nempo batur ngabogaan targét anu kacida rohakana atawa kacida gedéna. Hayang ditempo ku batur yén manéhna ogé moal éléh kunu séjén. Sabab séjénna bisa ogé kusabab hayang buru-buru ngabogaan targét, anu ahirna teu dipikir heula, nyieun targét anu henteu maké tinimbangan.

Di luar éta kabéhanana, anu ngaranna targét, bisa jadi beungbeurat ogé dina pas nangtukeun targétna. Da targét mah pasti dimimitian ku nyieun heula, ngararancang heula targét anu kudu kacumponan. Jadi dina nangtukeun targét ogé bisa jadi kakeunaan ku kaayaan beurat, beurat dina nangtukeun targét. Kudu kumaha atuh targét téh? Kudu sakumaha atuh targét téh? Jadi lain ngan ukur dina pas ngalaksanakeun pagawéan pikeun ngahontal targét wungkul anu jadi beungbeurat teh, dina nangtukeunana ogé bisa jadi éta targét téh jadi beungbeurat. Anu tungtungna bingung nangtukeun targét. Leuheung lamun ngan ukur bingung, da kadang aya anu embung nangtukeun targétna. Lamun ngan ukur bingung mah, bisa ditalété heula kumaha-kumahana. Kudu kumaha nangtukeun targétna, kumaha targét anu payus pikeun dirina, anu sarimbagan anu saukuran reujeung kamampuhanana.

Sanajan jadi beungbeurat, teu kudu jadi halangan pikeun ngahontal eta target. Da anu ngaranna beurat mah bisa keneh diakalan. Komo deui anu ngaranna target di dunya ieu mah bisa keneh diungkulan ku sagala cara. Lebah dieu dadasar kayakinan anu kacida pentingna. Sanajan sakumaha beuratna ogé, sakumaha jadi beungbeuratna ogé, lamun dikeyengan mah hiji waktu bakal kasorang naon anu eukeur diusahakeun. Kayakinan yén lamun keyeng tangtu pareng.

Ngaran Jalma (Bagean ka-2): Beurat ku Ngaran


Dina milih ngaran budak, kolot osok milih ngaran anu alus, da sakumaha dina tulisan nu geus kaliwat, ngaran teh bisa jadi mangrupakeun harepan atawa kahayang kolot ka budakna. Mangkana budak dibere ngaran ku hiji ngaran teh, kolot miharep supaya budakna loyog reujeung ngaranna. Contona wae, hiji budak anu dingaranan ku ngaran Cahya, kolotna ngabogaan harepan supaya budakna jadi atawa ngabogaan cahya dina kahirupanana. Atawa ngaran-ngaran sejenna anu ngawakilan kahayang kolot atawa doa kolotna.

Sanajan ngaranna alus, sakumaha kahayang kolotna oge alus, ari dina kahirupan sapopoena mah, eta budak teh tug nepikeun ka gedena, tacan tangtu sarua reujeung kahayang kolot anu diwawakilanan ku ngaranna. Jadi antara ngaran reujeung pasipatanana teh kadang aya anu papalingpang.

Dina hal ieu aya anu disebut atawa istilah, beurat ku ngaran. Geus lumrah, lamun aya budak atawa jalma anu beurat ku ngaran, ngaran eta budak teh osok diganti ku ngaran anu sejen, anu leuwih hampang. Supaya eta budak teh teu beurateun teuing ku ngaranna.

Naon atuh ari beurat ku ngaran teh?

Saperti disebutkeun di luhur, ngaran reujeung pasipatanana teh beda pisan, beda jauh. Ari ngaranna teh alus, anu ngandung harti supaya eta budak teh ngabogaan pasipatan anu sarua reujeung ngaranna, sedengkeun buktina dina kahirupanana, pasipatanana teh beda pisan. Jadi eta budak teh osok asa dibeungbeuratan ku ngaranna anu alus. Jadi wae supaya henteu beurateun teuing, ngaranna teh ‘kudu’ diganti.