Katompérnakeun, anu icikibung dina widang wéb programming bakal manggihan hiji rangkay gawé (framework) anu kacida alusna dina nyieun aplikasi wéb. Dina nyieun aplikasi wéb, utamana dina ngokolakeun pidangan wéb henteu bisa leupas tina standar HTML jeung CSS katut Javascript-na. Ngatur pidangan aplikasi wéb bisa diakalan katut diatur ngaliwatan script (kode) HTML jeung CSS. Pikeun anu kakara wanoh kana CSS utamana, nyieun pidangan wéb anu alus téh lumayan susah. Komo deui lamun kudu nyieun pidangan anu bisa dijalankan di sababaraha panyungsi wéb kalawan henteu robah pidanganana. Acan deui lamun pidanganana téh hayang dibekelan ku kamampuhan Javascript, kudu ngumpulkeun pakakas dasar ti sababaraha sumber luyu reujeung pangabutuhna. Lamun kudu ngumpulkeun library Javasript anu béda-béda ti sababaraha sumber, aya kalana henteu bisa dijalankeun babarengan, kusabab henteu cocog (antara hiji library reujeung anu séjénna téh pagétréng).

Framework alus pikeun nyieun pidangan wéb anu dipimaksud téh nyaéta Twitter Bootstrap. Ieu rangkay gawé téh diayakeun pikeun nyieun aplikasi wéb kalawan gancang anu dibekelan kamampuan Less nyaéta pre-posesor anu miboga kamampuhan leuwih tibatan CSS biasa saperti ayana variabel, mix-in, operasi, fungsi warna reujeung deklarasi anu aya anakan. Twitter Bootstrap dilengkepan ku parabot pikeun nyieun aplikasi wéb kalawan haratis. Di jerona dilengkepan ku rancangan pidangan dasar (HTML jeung CSS-na) kayaning pikeun nyieun form, kenop (tombol), grafik, navigasi jeung komponen pidangan séjénna. Dilengkepan ogé ku kamampuhan Javascript anu kari ngagunakeun.
Nurutkeun jujutanana, Bootstrap dijieun ku Mark Otto jeung Jacob Thornton di Twitter pikeun dijadikeun rangkay gawé di internal Twitter anu ngajamin konsistensina. Saméméhna mah rupa-rupa library digunakeun pikeun ngawangun pidangan anu kadang kahalangan ku masalah konsistensi (henteu cocog) ieu anu nyababkeun susah dina miarana. Atuh ku ayana rangkay gawé ieu, ngawangun pidangan aplikasi wéb jadi leuwih gampang. Pikeun anu merlukeun ieu rangkay gawé bisa ngundeur langsung di Bootstrap atawa di GitHub.