Pinunjul Mojang Jajaka Jawa Barat 2015


Mojang Jajaka Pinilih 2015
Mojang Jajaka Pinilih 2015
Mojang Jajaka Wakil Kahiji
Mojang Jajaka Wakil Kahiji
Mojang Jajaka Wakil Kadua
Mojang Jajaka Wakil Kadua
Mojang Jajaka Harepan Kahiji
Mojang Jajaka Harepan Kahiji
Mojang Jajaka Kameumeut
Mojang Jajaka Kameumeut
Mojang Kewes Jajaka ganes
Mojang Kewes Jajaka ganes
Mojang Jajaka Mimitran
Mojang Jajaka Mimitran
Mojang Jajaka Parigel
Mojang Jajaka Parigel
Pangleler Heuseus
Pangleler Heuseus

Saha Mojang Jajaka Pinilih 2015?


Pasanggiri Mojang Jajaka (Moka) Jawa Barat entragan 2015 geus réngsé dilumangsungkeun. Geus kapilih sawatara pinunjul luyu reujeung katagorina. Pasanggiri Moka taun ayeuna mah kawilang sakeudeung ngan tilu poé, mimiti ping 23 Nopémber ditungtungan peuting puncerna ping 25 Nopémber 2015 di Sasana Budaya Ganesha (Sabuga).
Saha waé atuh anu jadi pinunjulna?

Anu kapilih ku déwan juri anu dipingpin ku Éndang Caturwati ieu jadi Mojang Jajaka Pinilih nyaéta Stella Natalia Mulia (wawakil ti Kabupatén Bekasi) salaku Mojang Pinilih jeung M. Hilmie Azizi (wawakil ti Kota Bandung) salaku Jajaka Pinilih. Mojang Jajaka Wakil Kahijina dibeunangkeun ku Novi Dwi (wakil Kabupatén Majalengka) jeung M. Rizki NDN (wakil ti Kabupatén Ciamis). Mojang Jajaka Wakil Kaduana dicangking ku Élga Fania (wakil ti Kabupatén Karawang) jeung M. Farij Nur I (wakil ti Kabupatén Bogor). Mojang Jajaka Harapan Kahiji dicangking ku Cindy May MCG (wawakil ti Kabupatén Ciamis) jeung M. Abid U. (wawakil ti Kabupatén Kuningan), sedengkeun harepan kaduana ku Annisa Alifa Khair (wawakil ti Kabupatén Bandung Barat) jeung M. Alwan Fadhal (wawakil ti Kota Bekasi).

Mojang Jajaka Pinilih 2015
Mojang Jajaka Pinilih 2015

Pikeun pinunju katagori séjénna nyaéta Katagori Parigel dibeunangkeun ku Rista Filiani (wawakil ti Kabupatén Subang) jeung M. Farij Nur (wawakil ti Kabupatén Bogor). Katagori Mojang Kéwes dibeunangkeun ku Annisa Nurachmi (wawakil ti Kota Bogor) katut Jajaka Gandes dibeunangkeun ku M. Yusuf Gunawan (wawakli ti Kabupatén Cianjur). Katagori Mojang Jajaka Mimitran dicangking ku Witri E.S.R (wawakil ti Kabupatén Cianjur) jeung A. Rizal Mutaqien (wawakil ti Kabupatén Majalengka). Katagori Mojang Jajaka Kameumeut dibeunangkeun ku Novi Dwi (wawakil ti Kabupatén Majalengka) jeung Angga Fauzi (wawakil ti Kabupatén Bandung Barat).

Salian ti katagori anu disebutkeun di luhur aya ogé panambahna nyaéta panglélér heuseus ka sawatara wawakil Mojang Jajaka nyaéta Best Tourism Video Promotion ka Moka Kota Cimahi, Best Couple ka Moka Kabupatén Purwakarta, Best Supporter pikeun Ampok Kota Dépok, Best Evening Dress pikeun Mojang Kota Bandung jeung Jajaka Kota Sukabumi, katut Most Enthusiast Finalist pikeun Abang Kota Dépok jeung Nok Kabupatén Cirebon.

Peuting Puncer Pasanggiri Mojang Jajaka Jawa Barat 2015


Peuting Puncer Pasanggiri Mojang Jajaka Jawa Barat 2015
Peuting Puncer Pasanggiri Mojang Jajaka Jawa Barat 2015

De Syukron 5, Raraméan dina Raraga Milangkala Jawa Barat ka-70


Dina raraga ngareuah-reuah milangkala propinsi Jawa Barat anu ka-70, baris diayakeun acara anu dijudulan De Syukron anu ka-5. Ieu acara geus dimimitian dina mimiti poé ayeuna, kalawan dibuka langsung ku Gupernur Jawa Barat. Kagiatan ieu dilumangsungkeun salila dua poéeun kalawan tempatna di buruan Gedong Saté Bandung, jumaah jeung saptu.

Pagelaran De Syukron ka-5
Pagelaran De Syukron ka-5

Hiburan anu ngeusi kana ieu acara milangkala téh loba rupana. Aya hiburan nyanyi ti sawatara artis nasional kayaning Melly Goeslaw, Armand Maulana, Dewi Gita, Hedi Yunus jeung anu séjénna. Éta dina poe kahijina, sedengkeun dina poé kaduana aya pintonan ti Tata Janeta, Sarasvati, The Titans, Sania, Nelly Agustin jeung Netta.

Aya deui hiburan Wayang Golék anu midangkeun dalang Dadan Sunandar Sunarya dina peuting jumaah malem saptu. Aya deui pintonan Jabar Ngagaya Gandrung ka Sarung katilu anu mangrupakeun pidangan Fashion Show On The Street. Dina puncer acara bakal diayakeun Video Mapping Laser & Firework dina poé saptuna.

Ieu acara téh dibuka pikeun umum kalawan haratis. Atuh ka singsaha waé anu hayang lalajo bisa langsung ngadongdon ka wewengkon Gedong Saté jeung Gasibu.

OOTrad Kadalapan dina Dies Natalis Unpad


Dina raraga ngareuah-reuah Dies Natalis Universitas Padjadjaran (Unpad) anu ka-58, geus dilumangsungkeun acara anu disebut Olimpiade Olahraga Tradisional atawa OOTrad. OOTrad entragan ayeuna mibanda jejer OOTrad Keur Urang. Éta acara geus dilumangsungkeun dina poé Ahad mangkukna, ping 13 Séptémber 2015. Tempatna, béda reujeung biasana. Lamun saméméhna mah biasa dilaksanakeun di kampus Unpad Bandung, ayeuna mah dilumangsungkeunana di kampus Unpad Jatinangor.

Anu ngabédakeun reujeung OOTrad saméméhna ogé, dina kagiatan OOTrad ayeuna mah diiluan ku masarakat di luar civitas akademika Unpad. Anu ngiluan kana acara OOTrad ieu aya anu asalna ti Mitra Unpad, masarakat umum ti kabupatén jeung kota anu aya di Jawa Barat kayaning Kabupatén Garut, Kabupatén Subang, Kota Bandung, Kabupatén Bandung Barat, Kabupatén Tasikmalaya, Kabupatén Sumedang, jeung Kabupatén Pangandaran. Teu tinggaleun ogé masarakat anu aya di Jatinangor sorangan.

Pidangan Olimpiade Olahraga Tradisional (OOTrad) kadalapan
Pidangan Olimpiade Olahraga Tradisional (OOTrad) kadalapan

Anu dipatandangkeun dina acara OOTrad ieu ampir sarua reujeung kagiatan OOTrad taun-taun saméméhna. Kajaba aya tambahana saperti éksibisi Kaulinan Tradisional. Dina ieu acara dipatandangkeun balap jajangkungan (Open Race Engrang) anu jauhna béda-béda. Aya balap jajangkungan 50 méter, 100 méter, 200 méter, 400 méter jeung balap jajangkungan anu jauhna 1.500 méter. Tuluy tatandang nomer Sapta Lomba anu dijerona matandangkeun nomer Jajangkungan, Ngagandong Boboko, Balap Karung, Manggul Béas, Nanggung Suluh, Nyuhun Jukut, jeung Éyong.

Ari éksibisi kaulinan tradisional mintonkeun rupa-rupa kaulinan tradisional kayaning Pérépét Jéngkol, Pencak Silat, Papanahan, Sorodot Gaplok, Sumpit, Boiboian, Damdas, Nabuh Lisung, Galah Asin, Papanggalan, Gatrik, Langlayangan jeung Demprak.