Dina raraga ngareuah-reuah Dies Natalis Universitas Padjadjaran (Unpad) anu ka-58, geus dilumangsungkeun acara anu disebut Olimpiade Olahraga Tradisional atawa OOTrad. OOTrad entragan ayeuna mibanda jejer OOTrad Keur Urang. Éta acara geus dilumangsungkeun dina poé Ahad mangkukna, ping 13 Séptémber 2015. Tempatna, béda reujeung biasana. Lamun saméméhna mah biasa dilaksanakeun di kampus Unpad Bandung, ayeuna mah dilumangsungkeunana di kampus Unpad Jatinangor.
Anu ngabédakeun reujeung OOTrad saméméhna ogé, dina kagiatan OOTrad ayeuna mah diiluan ku masarakat di luar civitas akademika Unpad. Anu ngiluan kana acara OOTrad ieu aya anu asalna ti Mitra Unpad, masarakat umum ti kabupatén jeung kota anu aya di Jawa Barat kayaning Kabupatén Garut, Kabupatén Subang, Kota Bandung, Kabupatén Bandung Barat, Kabupatén Tasikmalaya, Kabupatén Sumedang, jeung Kabupatén Pangandaran. Teu tinggaleun ogé masarakat anu aya di Jatinangor sorangan.

Anu dipatandangkeun dina acara OOTrad ieu ampir sarua reujeung kagiatan OOTrad taun-taun saméméhna. Kajaba aya tambahana saperti éksibisi Kaulinan Tradisional. Dina ieu acara dipatandangkeun balap jajangkungan (Open Race Engrang) anu jauhna béda-béda. Aya balap jajangkungan 50 méter, 100 méter, 200 méter, 400 méter jeung balap jajangkungan anu jauhna 1.500 méter. Tuluy tatandang nomer Sapta Lomba anu dijerona matandangkeun nomer Jajangkungan, Ngagandong Boboko, Balap Karung, Manggul Béas, Nanggung Suluh, Nyuhun Jukut, jeung Éyong.
Ari éksibisi kaulinan tradisional mintonkeun rupa-rupa kaulinan tradisional kayaning Pérépét Jéngkol, Pencak Silat, Papanahan, Sorodot Gaplok, Sumpit, Boiboian, Damdas, Nabuh Lisung, Galah Asin, Papanggalan, Gatrik, Langlayangan jeung Demprak.