Turaés


Sorana mani réang di luhur tatangkalan. Réang patémbalan reujeung babaturanana, siga anu patarik-tarik. Sorana anu mandiri, gampang apal sato naon anu keur disada. Mimiti ramé nalika patani geus waktuna panén paré di huma. Jadi cicirén ogé yén usum bakal manjing usum halodo. Éta téh Turaés téa. Ngan henteu sakabéh turaés disarada. Aya jinis turaés anu henteu disada. Turaés anu disada mah ngan ukur jaluna wungkul. Ari bikangna mah hanteu disada.

Turaés mangrupakeun sasatoan anu jirimna ampir sarua reujeung tonggérét. bisa disebutkeun turaés téh masih kénéh saséké sélér reujeung tonggérét mah. Anu ngabédakeunana mah, ukuran awakna: turaés leuwih gedé tibatan tonggérét. Rupana (warna) ogé aya bédana: turaés mah hideung ditambahan polét bodas, sedengkeun tonggérét mah rada héjo. Perkara ayana: turaés mah usum-usuman, sedengkeun tonggérét mah henteu aya usumna.

Turaes
Turaes

Ari sorana, ampir sarua, anu ngabédakeunana téh sora turaés mah biasana henteu panjang sakumaha tonggérét dina saentraganana (sakali disada). Turaés disada nalika pabeubeurang, sanggeus panon poé panas moncorong. Ari tonggérét mah disadana nalika panon poé lingsir ngulon.

Turaes mangrupakeun sasatoan anu ayana téh usum-usuman, henteu salilana atawa sapanjang taun aya. Ngan sakeudeung jadi turaesna. Lilana mah cenah jadi kuuk di jero taneuh. Sakumaha tonggérét, turaés ogé miboga jangjang dua pasang: anu gedé jeung anu rada leutik. Huluna dilengkepan ku panon dua siki, kénca katuhu anu rada paanggang katut ngajendol ka luar. Sukuna aya genep. Pikeun ngabédakeun jalu jeung bikang, salian ti ku sora bisa ogé ku beuteungna. Jalu mah beuteungna aya hahalang warna konéng. Sedengkeun bikangna mah henteu bogaeun.

Siraru Haliber Tanda Usum Ngaseuk


Geus baku lamun ngimimitan ngecrek hujan téh, di buruan ujug-ujug loba anu haliber néangan cahya anu caang. Padahal pabeubeurang mah teu katempo hiji-hiji acan. Mangsa nincak wanci magrib, kakara daratang teuing datangna ti mana. Datang haliber muru cahya cempor atawa lampu ngadon ngagimbung nguririlingan lampu/cempor. Teu lila maruragan ka handap bari jangjangna ngayang di handap. Anu tadina hiber téh jadi patingkarayap di handap, ka mana-meni. Matak paur kumaha lamun katincak atawa katindihan.

Siraru keur ngagimbung dina tehel
Siraru keur ngagimbung dina tehel

Kitu geningan Siraru mah. Marucunghul nalika mimiti usum hujan, anu jadi tanda ngamimitianana ngaseuk paré huma. Siraru, sato anu sarimbagan reujeung rinyuh (cenah mah sarua kénéh reujeung rinyuh), ngadon haliber ninggalkeun liangna dina taneuh. Haliberna nalika wanci manjig sareupna, wanci poé ngamimitan poék. Eta Siraru hiber néangan cahya kayaning lampu atawa damar/cempor. Cenah ceuk béja anu kapaluruh, éta Siraru haliber téh néangan pasanganana pikeun nyieun rundayan anyar anu bakal neruskeun kahirupanana. Sanggeus panggih reujeung pasanganana mah cenah, bakal néangan tempat anu alus pikeun neruskeun kahirupanana, pikeun nyieun karajaan masing-masing Siraru.

Pikeun anu ngalaman mah biasana rumasa kaganggu ogé ku ayana éta Siraru téh. Henteu kaganggu kumaha, di imah biasana mah osok jadi barala ku jangjang éta Siraru. Tacan deui ku lobana Siraru anu ngarayap minuhan palupuh atawa papan, matak paur katincak. Ngan teu salawasna Siraru téh ngeselkeun (matak kesel). Pikeun jalma anu resep nguseup mah, éta Siraru téh osok dijieun eupan nguseup lauk. Leuwih jauhna deui, aya ogé anu ngadon ngasakan éta Siraru jadi kadaharan kayaning wajit. Jadi, aya Siraru anu ngadon dijieun wajit.

Pikeun anu hayang ngala Siraru mah kacida gampangna. Tinggal nyadiakeun baskom atawa émbér anu dieusian ku cai terus di tengah-tengahna diteundenan lampu atawa cempor/lilin. Diantepkeun ogé, lila-lila mah éta Siraru bakal minuhan baskom/émbér.

Haphap, Cakcak Gedé Anu Bisa Hiber


Haphap anu dipimaksud di dieu mah lain ngaran atawa kecap anu aya pakaitna reujeung iklan sawatara waktu katukang dina tipi. Haphap anu dipimaksud dina ieu tulisan mah mangrupakeun ngaran pikeun hiji jinis sasatoan. Di pilemburan mah aya ngaran sato anu disebut haphap. Sato ieu osok kapanggih di pakebonan anu loba tangkal kaina. Sato ieu hirupna dina tatangkalan. Sedengkeun rupana mah ampir sarua reujeung kadal atawa cakcak. Lamun dibandingkeun reujeung kadal mah, hap-hap leuwih leutik. Sedengkeun lamun dibandingkeun reujeung cakcak, haphap mah leuwih gedé. Najan rupana ampri sarua reujeung kadal atawa cakcak, haphap miboga kamonésan anu teu dipiboga ku kadal jeung cakcak. Kamonésan anu dipibogana nyaéta haphap mah bisa hiber. Ngan hibena henteu bisa jauh-jauh, kusabab haphap hiberna lain ku jangjang sakumaha hiberna manuk. Haphap biasana mah hiber tina tangkal anu hiji kana tangkal anu séjénna.

Haphap

Jangjang haphap anu dipaké pikeun hiber ampri sarua reujeung jangjang kalong atawa lalay. Jangjangna mangrupakeun kulit ipis anu bisa dibébérkeun anu perenahna diantara suku hareup jeung suku tukang. Nalika haphap ngajleng tina luhur tangkal, jangjang ieu mébér anu nahan haphap tina langsung murag kana taneuh. Kuayana jangjang ieu, haphap jadi bisa ngalayang pikeun pindah tina hiji tangkal kana tangkal séjénna anu dideukeuteunana.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.wikimedia.org/)

Limus Sakeureut


Matak gila nempona, komo lamun kudu nyabakna mah. Geunyal.

Kitu téa Limus Sakeureut. Tapi ieu mah lain limus salimus-limusna. Komo limus tina tangkal limus anu bisa didahar. Najan ngaranna limus sakeureut, euweuh patalina reujeung buah limus. Dingaranan Limus Sakeureut téh pédah waé awakna siga limus meunang ngeureut.

Limus sakeureut

Lamun keur cicing mah teu siga mangkeluk anu hirup. Rada susah ngabédakeun mana huluna mana buntutna. Kajaba lamun keur ngarayap, kakara bisa apal mana hulu mana buntut. Dina huluna aya anténaan.

Dina usum hujan mah biasana osok loba Limus Sakeureut téh. Komo lamun di tempat anu baseuh/tiis/caméwék mah. Nempo kana pasipatanana, siga méar deui.