Ati Beuheung


Pikeun barudak mah anu pangdipikaresep lamun meuncit hayam téh taya deui salian ti atina. Teu anéh lamun sanggeus ngasakan dagingna, kolot téh osok misahkeun atina supaya henteu kadahar. Da éta téa, ati mah pikeun hancengan budak. Teuing naon sababna budak téh bet raresepeun kana ati. Ngan sigana mah, kusabab ati mah hipu henteu saperti daging anu loba sawutan (serat daging). Sanggeus béak ati kakara ngahanca kana dagingna.

Sagédéngeun ati anu bener-bener ati, aya anu ngaranna ati beuheung. Sakumaha ati, sanggeus diasakan mah rupana ampir sarua reujeung ati. Pon kitu deui hipuna reujeung rasana (rarasaan mah). Anu ngabédakeunana mah, ati asli mah ayana dina beuteung hayam. Sedengkeun ati beuheung mah asalna tina beuheung hayam.

Ati hayam meunang ngagoreng
Ati hayam meunang ngagoreng

Dina nalika meuncit hayam, aya anu ngadon ngahaja nandéan getih anu ngocor tina beuheung hayam. Getih meunang nandéan téh diantepkeun heula sina kimpel. Sanggeus kimpel terus digoréng sakumaha ngagoréng daging hayam. Meunang ngasakanana disebut ati beuheung.

Kitu mimitina mah. Ngan sanggeus meunang pangwawadi ti guru ngaji, yén teu meunang ngadahar getih, sanajan geus diasakan ogé. Cenah, getih téh haram atawa teu meunang didahar. Lamun ngarempak, bakal meunang dosa. Ieu téh luyu jeung Pidawuh Gusti Alloh dina Al-Quran Surat Al-Baqoroh ayat 172-173. Disingsieunan kitu mah, sanajan mimitina beurat ogé ahirna mah ditinggalkeun. Hayam anu dipeuncit téh tara ditandéan deui getihna.

(Gambar meunang nginjeum ti blogspot.com)

Goréng Sampeu


Kadaharan meunang molahkeun tina sampeu anu bisa disebut pangbasajanna nyaéta goreng sampeu. Sampeu téh diasakanana ku jalan digoréng. Anu ngaranna digoréng tangtuna ogé kudu ku minyak goréng. Salian ti merlukeun minyak goréng, ogé perlu uyah pikeun samarana. Cara molahkeunana ogé gampang pisan. Sampeu meunang ngala téh dipesék kulitna, terus sampeuna dikumbah sina beresih. Sanggeus beresih, sampeu guluntungan kénéh téh diteukteukan sina parondok, kira-kira dua buku curuk panjangna atawa tilu buku cinggir. Sampeu meunang neukteukan téh dibeulahan sina aripis, kira-kira satengah sénti-an kandel di lebah luareun sampeu (kandel di urut nu paantel kana kulitna). Ulah ipis teuing, bisi gampang tutung dina ngagoréngna, pon kitu deui ulah kandel teuing, bisi lila teuing asakna.

image

Sanggeus dibeulahan, kari ngagoréngna. Goréng sampeu nepikeun ka asakna. Cirina sampeu geus anak biasana mah hipu atawa rupa sampeu Nu digoréngna geus robah jadi rada konéng. Supaya goréng sampeuna aya rasaan, biasana osok disamaraan maké uyah. Uyah téh biasana mah dicampurkeunana nalika sampeu digoréng atawa satutasna digoréng dipurulukan uyah.

Mangpaat Kacang Panjang pikeun Kaséhatan


Dina keur usumna mah, manggihan kacang panjang téh ampir unggal poé. Di dapur, ngabugbrug diwadahan. Salian ti meunang ngala ti kebon téh, aya kalana mangrupakeun pangirim ti tatangga anu mulang tas ti kebon. Biasana mah kacang panjang téh dijadikeun deungeun sangu, naha diangeun, diseupan (diteundeun di luhureun sangu anu diseupankeun) atawa didahar atahna langsung dicoélkeun kana sambel.

Areuy kacang panjang di kebon
Areuy kacang panjang di kebon

Salian ti ngeunah dipaké pikeun deungeun sangu téh, nurutkeun inpo ti loka Makanan Sehat, kacang panjang téh loba mangpaatna pikeun kaséhatan awak. Mangpaatna diantarana pikeun:

  1. Ngadalikeun atawa nurunkeun gula darah
  2. Nurunkeun darah tinggi
  3. Nyegah panyakit jantung
  4. Mantuan gawé padaharan (organ pencernaan)
  5. Ngurangan kaserang panyakit daging jadi (kanker)
  6. Ngubaran sembelit
  7. Ngubaran rématik
  8. Ngubaran diaré, arthritis jeung gangguan dina saluran kemih
  9. Mantuan ngubaran panyakit ginjal jeung arateul
  10. Ngajaga kulit supaya henteu kaserang éwateun
  11. Ngubaran kulit boléksék kusabab kaduruk

Jadi, salian ti pikeun nambahan segut kana dahar ku jalan dijieun deungeun sangu, ogé loba mangpaatna pikeun kaséhatan awak.

Karédok Kacang Panjang


Keur usum kacang panjang di kebon mah, taya deui anu kapikir pikeun molahkeun éta hasil tatanén salian ti dijieun karédok. Kacang panjang anu meujeuhna rangu téh dikarédok, naha dijieun deungeun sangu atawa didahar karédokna wungkul. Kacang panjang anu osok dikarédok biasana mah anu ngora kénéh supaya rangu, henteu liat. Tapi lain harti anu geus kolot mah henteu bisa dikarédok. Anu geus kolot mah biasana diarah sikina wungkul, henteu jeung cangkangna da bakal liat.

Karedok kacang panjang
Karedok kacang panjang

Pikeun nyieun karédok kacang panjang, sayagakeun bahan-bahan kayaning cikur, bawang beureum, bawang bodas, uyah, gula, cabé jeung kacang panjang. Dina nyayagakeunana teu kudu aya kabéh. Pikeun anu henteu resep maké bawang, bisa waé henteu ditambahan ku bawang. Sadiakeun ogé coét jeung mutuna pikeun ngaréndos. Cara nyieunna:

  1. Asupkeun cikur, bawang beureum, bawang bodas, uyah, gula jeung cabé kana coét. Terus diréndos nepikeun ka lembut. Ukuran gedé jeung lobana mah gumantung pangaresep kana rasa.
  2. Kacang panjang diteukteukan parondok, kira-kira sabuku ramo panjangna. Meunang neukteukan diasupkeun kana coét. Kacang panjang anu geus rada kolot (kulitna geus liat) mah henteu diteukteukan, tapi dipesék diala sikina.
  3. Réndos deui kacang panjang meunang neukteukan téa sina bareulah supaya nyerep jeung galo samarana. Sina rata samarana atawa bareulah kacang panjangna.

Iwung


Mangpaat Bonténg Pikeun Kaséhatan Awak


Geningan sanggeus disungsi mah, ana goréhél téh meunang inpo yén Bonténg téh loba pisan mangpaatna pikeun kaséhatan awak. Nurutkeun panalungtikan mah cenah Bonténg téh miboga sari pati giji anu alus, anu ngarojong kana kaséhatan awak anu ngadaharna. Jadi lain ngan ukur matak ngabésérkeun (matak hayang kiih waé) wungkul. Sanajan ampir sakabéhna dieusi ku cai, dina éta bonténg téh aya vitamin A, B jeung vitamin C katut mineral saperti magnesium, kalium, mangan jeung silika.

Cai dina bonténg bisa nambahan cai dina awak anu bakal ngurangan dehidrasi (kakurangan cai dina awak). Lamun capé kusabab geus digawé aya alusna lamun ngadahar bonténg pikeun nambahan cai dina awak, ngaganti cai anu jadi késang. Kusabab cai dina bonténg mah lain ngan ukur cai biasa, tapi cai alami anu miboga giji anu alus sakumaha geus disebutkeun di luhur.

Bonteng
Bonteng

Salian ti éta cenah, bonténg ogé bisa miceunan racun atawa panyakit anu asup kana awak ngaliwatan kadaharan séjénna. Kadaharan anu didahar unggal dahar tacan tangtu beresih tina panyakit, aya kalana kadaharan téh mawa panyakit atawa racun. Ku jalan ngadahar bonténg, éta racun atawa panyakit téh bisa dipiceunan atawa dikaluarkeun.

Terus ogé bonténg bisa ngahalangan datangna daging jadi (kanker). Aya jat dina bonténg anu bisa ngahalangan datangna kanker, nyaéta lariciresinol, secoisolariciresinol, jeung pinoresinol. Jadi bonteng téh alus pikeun jalma anu embung kadatangan kanker (daging jadi).

Hasiat séjénna diantarana waé nyaéta pikeun ngubaran diabetes (loba teuing gula dina getih), ngarerepkeun nyeri dina jero awak, nurunkeun beurat awak, nurunkeun koléstérol, ngalancarkeun ngolah kadaharan dina beuteung.

Geningan kacida alusna ngadahar bonténg téh pikeun kaséhatan awak. Lain ngan ukur kusabab resep ngadahar bonténg wungkul, disagédéngeun éta aya hasiat anu alus pikeun awak anu ngadaharna. Éta mangpaat bonténg anu kapanggih di loka Makanan Sehat.

Cobék Bonténg


Salian ti didahar sacara langsung atahanana, bonténg ogé bisa didahar sanggeus dipolahkeun. Salasahiji kadaharan tina bonténg anu dipolahkeun téh nyaéta cobék bonténg. Cobék bonteng lumayan ngeunah pikeun deungeun (batur dahar) sangu. Nyieun cobék bonténg kacida gampangna, teu susah. Kari nyadiakeun bahan anu diperlukeun pikeun nyieun cobékna, diantarana waé cikur, cabé jeung uyah ditambah bawang katut gula. Bahan mah gumantung kana pangaresep séwang-séwangan, arék dilengkepan atawa moal. Da pangaresep unggal jalma mah geningan béda-béda.

Cobek bonteng
Cobek bonteng

Bahan anu diperlukeun pikeun sasiki bonténg anu gedéna sedeng (kira-kira sagedé pigeulang leungeun):

  1. Cabé rawit dua siki atawa tilu siki
  2. Cikur sasiki atawa sacukupna
  3. Saséndok leutik uyah atawa sacukupna
  4. Sasihung bawang beureum
  5. Sasihung bawang bodas
  6. Gula beureum sacukupna
  7. Bonténg dibeulah dua

Cara molahkeunana:

  1. Samara cobékna (cabé, cikur, uyah, bawang beureum, bawang bodas katut gula beureum) diréndos dina coét maké mutu nepikeun ka lembut.
  2. Bonténg meunang meulah téh dikerokan maké séndok. Diarah jerona wungkul, kulitna mah henteu diarah. Dikerok téh supaya jadi laleutik bonténg anu dicobékna (henteu gugurundulan galedé). Bonténg meunang ngerok diasupkeun kana coét.
  3. Terus galokeun bonténg reujeung samara cobékna nepikeun ka galo.

(Catetan: ukuran lobana samarana mah gumantung kana pangaresep bisa leuwih saeutik atawa leuwih loba)