Lebaran Waktuna Mudik


Di ahir bulan puasa, osok aya anu nanya, pokna, “Naha acan mudik?” atawa nanya “Mudik ka mana?” Ditanya kitu téh bingung ogé ngajawabna.

Soalna apanan kuring mah henteu mudik. Cenah éta waktu lebaran balik ka lembur, tapi da rarasaan mah lain mudik. Da balik ka lembur mah geus biasa unggal dua minggu sakali gé kuring mah balik ka lembur. Jadi dina mangsana balik waktu lebaran téh asa teu mudik. Reujeung da balikna ogé apanan deukeut pisan. Ti dayeuh Bandung arék ka lembur téh apanan sasatna henteu ngajlengan galengan wungkul.

Jalma-jalma anu mudik marake motor

Da anu ngaranna mudik mah biasana ogé, sahanteuna sataun sakali jeung ka lembur anu jauh. Disebut mudik téh lamun balik ka lemburna jarang pisan. Pikeun jalma anu jarang balik mah apanan dina waktu lebaran téh jadi kasempetan pikeun mulang ka lembur sorangan, pikeun nepungan anu jadi kolot satutasna digawé atawa ngadon sakola atawa ngadon bumetah di dayeuh anu perenahna jauh. Kasempetan dina lebaran ieu dirojong ogé ku pamaréntah ku jalan ayana peré panjang sababaraha poé dina waktu lebaran. Da ngahajakeun dina waktu salian lebaran mah apanan susah pisan arék nepungan kolot jeung urang lembur téh: ku jauhna reujeung peréna anu ngan ukur ahad wungkul.

Kusabab lila henteu balik ka lembur, dina waktuna mudik téh osok jadi kasempetan pikeun barangbawa ka lembur, oléh-oléh ti dayeuh. Salila sataun henteu balik téh bisa némbongkeun hasil ka urang lembur, meunang naon waé. Atuh teu anéh lamun dina waktuna mudik téh osok angkaribung ku babawaan, kayaning dahareun jeung pakéan. Dina meunang hasil anu gedé di dayeuh, bisa jadi balikna ka lembur téh némbongkeun pakaya beubeunanganana salila gawé di dayeuh.

(Gambar meunang nginjeum ti http://hakimrodamas.files.wordpress.com/2011/08/mudik-sby-lead.jpg)

Silih Hampura Ngaliwatan Patarémana Dampal Leungeun


Lebaran atawa boboran bisa disebut poéan dilubarkeunana atawa boboranana sagala dosa. Sakumaha jangji Alloh jeung Rosulna, pikeun jalma anu ngalakonan ibadah puasa sabulan campleng lilana kalawan didadasaran ku ihlas jeung ngan ukur miharep rido Gusti Alloh wungkul, bakal meunang panghampura ti Gusti Alloh tina sagala dosa anu geus kaliwat. Ieu mangrupakeun jangji Gusti Alloh ngaliwatan Rosul Muhammad saw. Jadi sakabéh jalma anu ngalakonan puasa anu purna sarat jeung rukunna, bakal meunang panghampura ti Gusti Alloh. Ngan anu kudu jadi catetan, panghampura anu dijangjikeun ieu téh mangrupakeun panghampura tina sagala dosa ti Gusti Alloh, anu tangtuna ogé panghampura dosa anu dipilampah langsung ka Gusti Alloh.

Sedengkeun, anu ngaranna dosa jalma mah lain ngan ukur dosa ka Gusti Alloh wungkul. Dosa jalma téh ogé kaasup dosa anu kajadian diantara papada jalma. Dosa anu diakibatkeun ku campur gaulna di masarakat antara hiji jalma reujeung jalma séjén. Dosa ka papada jalma moal bisa langsung dihampura atawa dilubarkeun ku Gusti Alloh lamun tacan sililubarkeun antara papada jalma. Jadi dosa papada jalma mah moal langsung dihampura atawa dilubarkeun ku jalan ngalakonan puasa sabulan campleng, lamun henteu silihampura antara jalma reujeung jalma.

Sasalam beres solat 'Id

Kusabab kitu, dina poéan lebaran osok diayakeun sasalaman. Satutasna ngalakonan ibadah solat ‘Id, osok diteruskeun kana sasalaman diantara anu hadir ka lapang atawa masigit. Ku jalan sasalaman ieu, mudah-mudahan jadi cukang lantaran pikeun sililubarkeun sagala dosa diantara anu sasalamanana. Ku patarémana dampal leungeun, sing jadi jalan lubarna sagala dosa papada jalma. Anu nyampurnakeun dihampurana dosa ti Gusti Alloh ogé ti papada jalma.

Lebaran jeung Silaturahmi


Silaturahmi geus teu bireuk deui pikeun urang Islam mah. Komo deui lamun aya pakaitna jeung lebaran mah, kacida raket pisan pakaitna. Da lebaran téh teu bisa dileupaskeun tina silaturahmi. Utamana reujeung dulur katut kolot anu pajauh lemburna, anu dina poéan biasa mah rada hésé papanggih katut nganjangna. Nya dina waktu lebaran mah osok aya kasempetan pikeun silaturahmi atawa nganjang ka kolot jeung dulur, sanajan pajauh ogé.

Komo ditambah deui ku istilah silih kiriman atawa mawakeun. Beuki aya cukang komo meuntas pikeun nganjang jeung ngaraketkeun tali duduluran jeung kukulawargaan. Najan jauh pasti dijugjug, najan anggang mangka bakal disorang. Duduluran jeung kukulawargaan teu bisa deui kahalangan ku wawates anggang.

Sasalaman jeung tatangga

Éta reujeung dulur jeung kolot anu jauh. Komo silaturahmi reujeung tatangga mah, éta ogé utama jeung diheulakeun. Saacanna silaturahmi ka kolot jeung dulur anu jauh tempatna, reujeung tatangga mah apanan bisa langsung harita da deukeut téa imahna. Atuh leuwih sampurna deui silaturahmi téh, silaturahmi reujeung tatangga, silaturahmi ka dulur jeung kolot. Ku jalan lebaran, bisa leuwih ngaraketkeun deui tali duduluran jeung kukulawargaan….

Kadaharan Kakarén Lebaran


Dina poéan lebaran mah biasana kadaharan téh osok sagala diayakeun. Anu biasana aranglangka aya ogé, biasana mah ngahaja nyieun atawa ngolah éta kadaharan. Kadaharanana mah biasana teu jauh tina kadaharan anu diayakeun waktu mapag bulan puasa. Aya sababaraha jinis kadaharan anu osok diayakeun dina mapag poéan lebaran téh (jadi éta kadaharan téh osok aya dina poéan lebaran). Kusabab dina poéan lebaran mah lumayan loba anu ngaranna kadaharan téh, jadi tara nepikeun ka béak dina sapoé dua poé. Eta kadaharan téh osok nyésa. Komo deui kadaharan anu bisa diteundeun lila mah, osok jadi kakarén lebaran.

Kadaharan kakaren lebaran: Kanéker, akar kalapa, papais, opak, rangginang

Diantara kadaharan anu osok diayakeun dina poéan lebaran téh, jeung jadi kakarén lebaran téh nyaéta: papais (ngan kadaharan ieu mah tara kuat lila, paling sapoé atawa dua poé), kanéker (nyaéta kadaharan anu bahanna sarua jeung papais, ngan wujudna baruleud terus digoréng), opak ketan, rangginang, wajit, jeung kadaharan lainna.

Parebut Kuntung Roko


Dina mangsa urang lembur nyarekar, biasana mah osok marawa ududeun sagigireun mawa sintung kalapa téh. Ceuk paribasa mah cenah, pikeun nyuguh kanu disekarna atawa anu geus maot téa. Salian ti anu dua éta, osok ditambahan ku mawa cai sajalikén, rupa-rupa kekembangan jeung menyan. Malahan aya ogé anu mawa seupaheun lamun jalma anu disekar téh keur hirupna resep nyeupah. Kabéhanana téh saacanna indit ka kuburan osok dido’aan heula ku jalma anu dipikolot atawa jalma anu bisa. Nepi ka kuburan, terus waé mendekung ngado’a di gigireun kuburan kolotna atawa kuburan anu disekar. Ari kekembangan diawurkeun di luhureun kuburan, kitu deui cai meunang ngado’aan, dibanjurkeun kana kuburan nepikeun ka taneuhna baseuh. Sedengkeun sintung kalapa osok dipaké siga parupuyan lamun di imah mah, dijieun paranti meuleum menyan meunang ngado’aan nepikeun ka béakna, jeung haseupna ngebul ka awang-awang. Sanggeus kitu, biasana mah ditungtungan ku nyeungeut roko, atawa neundeun seupaheun dina luhureun kuburan kénéh. Satuluyna mah urang lembur anu nyekar teh balik ka lembur.

Seupaheun jeung Sintung kalapa di luhureun kuburan

Dina mangsa urang lembur marulang ti kuburan, barudak anu ngahaja arulin ka kuburan mah tara tuluy baralik. Caricing heula waé di kuburan bari ngarobrol. Sanggeus kolot-kolot anu nyarekar baralik, barudak téh ribut lalumpatan néangan kuburan anu aya seungeut rokoan. Barudak téh parebut roko anu tacan béak ku seuneu. Roko anu ngelun kénéh ku seuneu téh dicarokotan tina luhureun kuburan. Nya, itung-itung udud gratis, tibatan béak teu puguh, nya mending diudud. Ngan hanjakal euweuh barudak anu daék maliré kana seupaheun mah. Sanajan angger kénéh, tacan kacocéng, jiga anu arembungeun lamun kudu mawa seupaheun mah. Teuing ku naon…. Teu resepeun nyeupah meureunan…!