Guntreng jeung Gétréng


Papada jalma teu weléh aya pasalingsinganana jeung pasaliana. Moal saterusna sajalan jeung sapamadegan, da anu ngaranna ogé béda jalma. Béda jalma béda ogé kahayang jeung pamadeganana. Pon kitu deui reujeung papada dulur atawa baraya. Lain ngan ukur reujeung batur wungkul, dalah reujeung anu sarundayan ogé osok aya waé anu pasalia téh. Teu anéh lamun aya waktuna gétréng reujeung aya waktuna guntreng.

Nalika satuhu satujuan, balak guntreng ngobrol. Arék ka kalér atawa ka kidul, obrolan téh bakal bakal nyambung. Taya basa jadi pacéngkadan atawa neugteug jeung hog hag. Keur mangsana guntreng mah asa lain jeung sasaha ngobrolna ogé. Arék heureuy atawa ngobrol anu teges, moal matak jadi mas’alah. Éta dina mangsana sareundeuk saigel.

ngobrol
ngobrol

Hanjakal teu salawasna bisa guntreng. Dina waktu-waktu anu lian mah apanan osok aya istilah gétréng. Anu tadina sareundeuk saigel téh robah jadi pahereng-hereng. Anu tadina sapamdegan téh pasalia pamadegan atawa béda kahayang. Anu saurang hayang kieu, anu lianna hayang kitu. Duanana teu sajalan deui. Sanajan anu nyababkeunana mangrupakeun perkara anu teu sapira.

Arék gétréng atawa guntreng, duanana pasti marengan kehirupan jalma jeung bakal aya mangsa-mangsana.

(Gambar meunang nginjeum ti nyunyu.com)

Endog Tara Megar Kabéh


Tina sapuluh urang anakna Ma Kénoh, ngan ukur si Ikin anu mahiwal téh. Manéhna mah béda reujeung dulur-dulurna. Henteu béda kumaha, da dulur-dulurna mah kabéhanana ogé junun sakolana. Sedengkeun ari manéhna, apanan sakola na téh henteu diteruskeun. Sakolana ngan ukur nepikeun ka sakola dasar (SD) wungkul. Manéhna mah embungeun neruskeun sakola nepikeun ka sakola luhur saperti dulur-dulurna. Dulur-dulurna mah sahanteuna sakolana téh nepikeun ka SMA. Anu sababaraha urang deui mah nepikeun ka tamat paguron luhur, tug nepikeun ka jadi pagawé nagri di dayeuh.

Endog tara megar kabeh

Ma Kénoh salaku kolotna, lain embungeun atawa henteu sanggupeun ngabéayaan si Ikin pikeun sakola nepikeun ka jucungna. Da lamun nempo kaayaan harta banda titinggal salakina mah masih kénéh sanggupeun pikeun ngabéayaan si Ikin téh. Dalah dina henteu sanggupeunana ogé apanan lanceukna anu gawé di dayeuh geus nyanggupan pikeun ngabéayaan manéhna. Ngan si Ikinna waé anu embungeun. Manéhna mah embung neruskeun sakola nepikeun ka sakola luhur. Pajarkeun téh hayang di lembur waé maturan indungna. Kajeun henteu neruskeun sakola ogé asal bisa maturan indungna di lembur. Hayang bisa babantu kana pagawéan indungna. Kitu cenah alesan manéhna embungeun neruskeun sakola téh. Sanajan dibibita pikeun cicing di lanceukna di dayeuh ogé angger waé mugen. Kahayangna pikeun cicing reujeung indungna geus teu bisa dipondah deui.

Indungna teu bisa kukumaha. Da kahayangna mah kabéhna anakna bisa sakola kalawan junun. Embung nempo salasaurang budakna anu mahiwal atawa béda. Kahayangna mah kabéh budakna bisa neruskeun sakolana. Najan béayana kurang ogé, da urusan rejeki mah masih kénéh bisa ditéangan. Asal budakna bisa sakola luhur pikeun ngahontal kahayangna, manéhna daék gawé tihothat. Ari budakna embungeun, teu bisa kukumaha deui. Da dipapaksa ogé bakal goréng engkéna atawa akibatna. Leuwih hadé nuturkeun naon kahayang budak tibatan mamaksa kahayang kolot ka budak.

(Gambar meunang nginjeum ti http://galeriukm.com/)

Lebaran jeung Silaturahmi


Silaturahmi geus teu bireuk deui pikeun urang Islam mah. Komo deui lamun aya pakaitna jeung lebaran mah, kacida raket pisan pakaitna. Da lebaran téh teu bisa dileupaskeun tina silaturahmi. Utamana reujeung dulur katut kolot anu pajauh lemburna, anu dina poéan biasa mah rada hésé papanggih katut nganjangna. Nya dina waktu lebaran mah osok aya kasempetan pikeun silaturahmi atawa nganjang ka kolot jeung dulur, sanajan pajauh ogé.

Komo ditambah deui ku istilah silih kiriman atawa mawakeun. Beuki aya cukang komo meuntas pikeun nganjang jeung ngaraketkeun tali duduluran jeung kukulawargaan. Najan jauh pasti dijugjug, najan anggang mangka bakal disorang. Duduluran jeung kukulawargaan teu bisa deui kahalangan ku wawates anggang.

Sasalaman jeung tatangga

Éta reujeung dulur jeung kolot anu jauh. Komo silaturahmi reujeung tatangga mah, éta ogé utama jeung diheulakeun. Saacanna silaturahmi ka kolot jeung dulur anu jauh tempatna, reujeung tatangga mah apanan bisa langsung harita da deukeut téa imahna. Atuh leuwih sampurna deui silaturahmi téh, silaturahmi reujeung tatangga, silaturahmi ka dulur jeung kolot. Ku jalan lebaran, bisa leuwih ngaraketkeun deui tali duduluran jeung kukulawargaan….

Mawakeun ka Kolot jeung Dulur anu Jauh


Réngsé silaturahmi reujeung tatangga, waktuna pikeun munjungan ka kolot reujeung dulur-dulur. Dulur reujeung kolot anu lemburna rada jauh, dina poéan lebaran mangrupakeun waktuna pikeun silaturahmi, babagi kabungah ku jalan munjungan reujeung mawakeun dahareun. Dahareun anu disadiakeun sapoé saacanna dibagi-bagi, sawaréh pikeun dahareun kulawarga, sawaréh deui pikeun bawaeun ka kolot reujeung dulur dina poéan lebaran.

Kiriman anu biasa dibawa diantarana sangu timbel reujeung deungeunna saperti daging, ditambah ku opak jeung rangginang atawa wajit. Nya, nu penting mah sabangsaning dahareun anu aya atawa ngahaja diayakeun. Kadaharan anu bisa disebut basajan, pikeun urang lembur, taya kadaharan anu araranéh. Da anu pentingna mah, silaturahmina ka dulur jeung kolot anu perenahna atawa lemburna jauh. Ngamangpaatkeun waktu lebaran sataun sakali pikeun ngaraketkeun deui tali kukulawargaan, da lamun ngahaja dina waktu séjén mah biasana rada susah ku lobana pagawéan.

Jalma-jalma keur sagaya pikeun mawakeun

Atuh dina mangsana bisa tepung jeung ngariung reujeung kolot atawa dulur téh osok matak uplek ngobrol, sagala diobrolkeun. Karasa sonona ku lila teu papanggih, bari sasalaman ménta panghampura tina sagala kagoréngan, ditambah ku dahareun anu dibawa sanajan ngan ukur saeutik jeung basajan. Teu wudu bungahna bisa ngaraketkeun deui duduluran, bisa apal saha waé dulur anu lemburna jauh. Susuganan kahareupna moal pareumeun obor.

Dina waktu balikna, tara léngoh teuing. Wadah babawaan mangsa datang téh osok aya eusian deui.

Adam Lali Tapel


“Mon, ari si Duyeh kunaon nya? Siga jadi budak anu cicingeun kitu….” Ceuk si Acim ka si Omon waktu duanana mulang ti sakola.

“Naha teu apal kitu maneh…?” Si Omon malik nanya ka si Acim.

“Aya naon kitu, Mon?” Si Acim melong kana beungeut si Omon.

“Apanan bapana teh gering parna….” Jawab si Omon.

“Naha…, gering naon kitu?”

“Teuing atuh da. Cenah mah beuteungna teh ngagedean….”

“Ngagedean…? Maksudna…?” Si Acim heraneun.

“Heueuh ngagedean. Siga anu keur reuneuh cenah mah. Eta oge ceuk indung kuring.”

“Jiga anu reuneuh…? Maksudna beuteungna teh melendung, kitu?” Si Acim beuki panasaran.

“Heueuh…. Tapi da kuring oge teu apal anu pastina mah.”

“Maneh teu ngalongok kitu…?”

“Acan….”

“Naha…?”

“Teuing atuh. Da arek ngalongok teh bet sieun. Jeung ulaheun wae ku kolot kuring.” Tembal si Omon.

“Naha panyakit naon kitu…?” Si Acim nanya deui.

“Teuing teu apal atuh….”

“Eta meureunan, kunaon mimitina…?”

“Teuing…, da cenah ujug-ujug ojol-ojol ngagedean wae….”

“Ti iraha cenah mimitina…?” Si Acim nanya deui.

“Nya kira-kira kamarina lah.” Tembal si Omon.

“Geus dipariksa cenah atawa acan…?”

“Nya enggeus eta oge, ku matri ti desa. Ngan cenah teu sanggupeun. Da kudu dipariksa wae ka rumah sakit. Jigana mah cenah kudu dioperasi.”

“Wah panyakitna parna oge atuh lamun kitu mah.”

“Nu matak kitu….”

“Pantesan atuh si Duyeh jadi nguluwut oge….” Si Acim ngahuleng. “Lamun kitu mah atuh tinggal ka rumah sakit wae atuh….”

“Eta oge lain teu hayangeun atuh. Da pastina oge bapana si Duyeh teh hayangeun cageur deui. Tapi nu ngaranna ka rumah sakit mah lain duit saeutik-saeutik atuh. Komo ieu, kudu dioperasi sagala. Pastina oge perlu duit anu gede….” Si Omon milu bingung mikiran nasib bapana si Duyeh.

“Eh, kela…,” si Acim teu kebat nyaritana. Terus ngahuleng. “Lain bapana si Duyeh teh ngabogaan lanceuk lain, anu di dayeuh?”

“Heueuh. Eta anu matak hareugeueun teh. Da eta lanceuk bapana si Duyeh teh taya raratanana.”

“Naha bet kitu nya…?”

“Teuing atuh. Da eta oge pernah balik cenah mah, tilu taun katukang. Cenah mah lanceuk bapana si Duyeh teh geus jadi juragan di kotana teh. Ngabogaan pausahaan anu lumayan gede. Pagawena oge loba cenah mah.”

“Tah komo ari geus hasil kitu mah.”

“Hasilna mah nya hasil. Ngan  eta wae cenah teu mere alamat di mana-manana. Ngan pokona mah di dayeuh wae.”

“Henteu disusul kitu…?”

“Lain teu hayangeun disusul atuh. Da nu ngaranna dayeuh tea lega. Ditambah deui jauh ti lembur urang mah.” Si Omon rumahuh.

“Teu apaleun kitu adina eukeur gering parna?”

“Nya moal atuh, ari euweuh anu mere beja mah. Da arek dibejaan oge, kumaha jeung ka mana ngabejaanana. Jadi sarua bingung kabehanana oge.”

“Heueuh, nya lamun kitu mah.” Si Acim ngahuleng deui. Jadi milu mikiran nasib bapana si Duyeh. Naha bet aya geningan dulur anu tambelar kitu….

Dulur, Lain Dulur Sadulur-dulurna


Sanajan lain dulur pet ku hinis
Sanajan indung bapa beda jinis
Masing-masing hirup jiga kapinis
Tapi aya nu sarua di tempat nu tiis

Wiwitan reujeung kokocoran eta beda
Dedeg pangadeg, rupa, eta teu sarua
Da lain buah jambe anu dibeulah dua
Ngan ibarat tangkal awi anu dihua

Sanajan beda eta teu jadi pantangan
Sanajan beda rimbagan lain halangan
Sanajan beda udagan jeung aweuhan
Hiji anu jadi pikiran, naon udagan

Asal jauh jadi deukeut, beuki deukeut
Geus deukeut beuki meumeut, dipigeugeut
Tanghian, awasan, sikepna beuki imeut
Sagalana jadi apal, pada-pada seukeut

Nyorang mangsa, teu asa teu jiga
Asa lain sasaha, geus nganggap baraya
Kanyaah tamplok sagala jadi loma
Moal aya anu misahkeun, nepi ka lana

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?created&&suggest&note_id=411770731893#!/note.php?note_id=411770731893)