Goréng Sampeu


Kadaharan meunang molahkeun tina sampeu anu bisa disebut pangbasajanna nyaéta goreng sampeu. Sampeu téh diasakanana ku jalan digoréng. Anu ngaranna digoréng tangtuna ogé kudu ku minyak goréng. Salian ti merlukeun minyak goréng, ogé perlu uyah pikeun samarana. Cara molahkeunana ogé gampang pisan. Sampeu meunang ngala téh dipesék kulitna, terus sampeuna dikumbah sina beresih. Sanggeus beresih, sampeu guluntungan kénéh téh diteukteukan sina parondok, kira-kira dua buku curuk panjangna atawa tilu buku cinggir. Sampeu meunang neukteukan téh dibeulahan sina aripis, kira-kira satengah sénti-an kandel di lebah luareun sampeu (kandel di urut nu paantel kana kulitna). Ulah ipis teuing, bisi gampang tutung dina ngagoréngna, pon kitu deui ulah kandel teuing, bisi lila teuing asakna.

image

Sanggeus dibeulahan, kari ngagoréngna. Goréng sampeu nepikeun ka asakna. Cirina sampeu geus anak biasana mah hipu atawa rupa sampeu Nu digoréngna geus robah jadi rada konéng. Supaya goréng sampeuna aya rasaan, biasana osok disamaraan maké uyah. Uyah téh biasana mah dicampurkeunana nalika sampeu digoréng atawa satutasna digoréng dipurulukan uyah.

Mangpaat Bonténg Pikeun Kaséhatan Awak


Geningan sanggeus disungsi mah, ana goréhél téh meunang inpo yén Bonténg téh loba pisan mangpaatna pikeun kaséhatan awak. Nurutkeun panalungtikan mah cenah Bonténg téh miboga sari pati giji anu alus, anu ngarojong kana kaséhatan awak anu ngadaharna. Jadi lain ngan ukur matak ngabésérkeun (matak hayang kiih waé) wungkul. Sanajan ampir sakabéhna dieusi ku cai, dina éta bonténg téh aya vitamin A, B jeung vitamin C katut mineral saperti magnesium, kalium, mangan jeung silika.

Cai dina bonténg bisa nambahan cai dina awak anu bakal ngurangan dehidrasi (kakurangan cai dina awak). Lamun capé kusabab geus digawé aya alusna lamun ngadahar bonténg pikeun nambahan cai dina awak, ngaganti cai anu jadi késang. Kusabab cai dina bonténg mah lain ngan ukur cai biasa, tapi cai alami anu miboga giji anu alus sakumaha geus disebutkeun di luhur.

Bonteng
Bonteng

Salian ti éta cenah, bonténg ogé bisa miceunan racun atawa panyakit anu asup kana awak ngaliwatan kadaharan séjénna. Kadaharan anu didahar unggal dahar tacan tangtu beresih tina panyakit, aya kalana kadaharan téh mawa panyakit atawa racun. Ku jalan ngadahar bonténg, éta racun atawa panyakit téh bisa dipiceunan atawa dikaluarkeun.

Terus ogé bonténg bisa ngahalangan datangna daging jadi (kanker). Aya jat dina bonténg anu bisa ngahalangan datangna kanker, nyaéta lariciresinol, secoisolariciresinol, jeung pinoresinol. Jadi bonteng téh alus pikeun jalma anu embung kadatangan kanker (daging jadi).

Hasiat séjénna diantarana waé nyaéta pikeun ngubaran diabetes (loba teuing gula dina getih), ngarerepkeun nyeri dina jero awak, nurunkeun beurat awak, nurunkeun koléstérol, ngalancarkeun ngolah kadaharan dina beuteung.

Geningan kacida alusna ngadahar bonténg téh pikeun kaséhatan awak. Lain ngan ukur kusabab resep ngadahar bonténg wungkul, disagédéngeun éta aya hasiat anu alus pikeun awak anu ngadaharna. Éta mangpaat bonténg anu kapanggih di loka Makanan Sehat.

Cobék Bonténg


Salian ti didahar sacara langsung atahanana, bonténg ogé bisa didahar sanggeus dipolahkeun. Salasahiji kadaharan tina bonténg anu dipolahkeun téh nyaéta cobék bonténg. Cobék bonteng lumayan ngeunah pikeun deungeun (batur dahar) sangu. Nyieun cobék bonténg kacida gampangna, teu susah. Kari nyadiakeun bahan anu diperlukeun pikeun nyieun cobékna, diantarana waé cikur, cabé jeung uyah ditambah bawang katut gula. Bahan mah gumantung kana pangaresep séwang-séwangan, arék dilengkepan atawa moal. Da pangaresep unggal jalma mah geningan béda-béda.

Cobek bonteng
Cobek bonteng

Bahan anu diperlukeun pikeun sasiki bonténg anu gedéna sedeng (kira-kira sagedé pigeulang leungeun):

  1. Cabé rawit dua siki atawa tilu siki
  2. Cikur sasiki atawa sacukupna
  3. Saséndok leutik uyah atawa sacukupna
  4. Sasihung bawang beureum
  5. Sasihung bawang bodas
  6. Gula beureum sacukupna
  7. Bonténg dibeulah dua

Cara molahkeunana:

  1. Samara cobékna (cabé, cikur, uyah, bawang beureum, bawang bodas katut gula beureum) diréndos dina coét maké mutu nepikeun ka lembut.
  2. Bonténg meunang meulah téh dikerokan maké séndok. Diarah jerona wungkul, kulitna mah henteu diarah. Dikerok téh supaya jadi laleutik bonténg anu dicobékna (henteu gugurundulan galedé). Bonténg meunang ngerok diasupkeun kana coét.
  3. Terus galokeun bonténg reujeung samara cobékna nepikeun ka galo.

(Catetan: ukuran lobana samarana mah gumantung kana pangaresep bisa leuwih saeutik atawa leuwih loba)

Cécéndét


Tangkal cécéndét geus teu bireuk deui, komo pikeun barudak mah. Dina mangsa usum hujan, lamun ulin ka kebon pipireun imah téh osok loba tangkal cécéndét. Pikeun barudak mah resepna téh ngala buahna anu geus asak, terus didahar. Nya lumayan waé ngeunah da rada amis-haseum. Malahan lamun anu tacan asak bener ogé osok maksakeun diala.

Tangkal cecendet

Tangkal cécéndét téh kaasup taneman anu miboga tangkal anu pendék. Jadina biasana dina keur usum hujan di tempat anu bala ngahiji reujeung jujukutan atawa di tegalan. Tangkal cecendet biasana mah ngarampidak atawa ngarangkadak. Tina satangkal téh miboga sababaraha dahan anu miboga dahan deui. Daunna rada paranjang, sedengkeun buahna ngagarantung dibungkusan ku bungkus anu wangunna saperti segi lima. Ari buahna mah baruleud leutik. Buah anu ngora jeung atah kénéh rupana héjo, sedengkeun anu geus asak mah semu konéng.

Sanajan buahna dipikaresep ku barudak, tapi urang lembur mah tara maksakeun pikeun melak ieu tangkal. Jadi, tangkal cécéndét jadina ku sorangan (jadi sorangan). Ceuk warta mah, tangkal cécéndét téh sabenerna miboga mangpaat séjénna hususna pikeun ubar.

Antara És Bonbon, Ciki jeung Sarimi


És bonbon, ciki reujeung sarimi bisa disebutkeun kadaharan anu asalna ti dayeuh. Éta kadaharan lumayan dipikaresep ku barudak. Lamun jajan ka warung, biasana mah teu jauh tina kadaharan éta, salian ti jajan bala-bala, géhu, goréng ketan reujeung kurupuk. Ngan kadaharan anu pandeuri mah teu kudu diobrolkeun deui, da aya bédana.

Kunaon atuh bet ngan ukur anu tilu wungkul anu bakal disebutkeun di dieu? Taya maksud nanaon. Ngan anu jadi tengetaneun di dieu mah: anu mimiti bakal dicekelan jeung diinget-inget.

Sarimi

És bonbon mangrupakeun kadaharan anu osok dimomoy. És bonbon téh sarua jeung permén. Ari ciki mah kadaharan anu ha(ra)mpos (hampang jeung hipu), ceuk basa kiwari mah disebutna téh Snack atawa Makanan Ringan. Ari sarimi mah ngaran mérek pikeun mi. Tiluanana osok dijadikeun wawakil kadaran séwang-séwangan. Lamun hayang meuli permén, arék naon waé mérekna, disebutna téh apanan jajan és bonbon. Pon kitu deui jajan ciki, teu nempo ngaran mérekna, disebutna téh jajan ciki. Sarimi ogé kitu, arék jajan indomie atawa mie naon waé disebutna téh jajan sarimi.

Hal ieu najan éta ngaran téh mangrupakeun ngaran mérek atawa ngaran dagang hiji kadaharan, kusabab geus biasa diucapkeun ti mimiti ayana éta kadaharan, dijadikeun ngaran éta kadaharan. Ngaran kadaharan anu lain ngan ukur jadi mérek deui. Lamun manggihan kadaran anu sarua, najan mérekna sarua disebutna téh apanan ku ngaran kadaharan anu geus dipikawanoh ti anggalna.

(Gambar meunang nginjeum ti internet)

Rupa-rupa Kadaharan tina Sampeu


Tangkal sampeu mah geus nelah tangkal anu asal nanceb kana taneuh, bakal ngahasilkeun. Tangkal sampeu mah teu kudu susah-susah miara. Najan kitu, kacida loba pisan jinis kadaharan anu bisa dijieun tina sampeu, naha beutina, daunna atawa kembangna.

Daun sampeu

Naon waé atuh rupa-rupa kadaharan anu bisa dijieun tina sampeu téh? Tengetan waé daptar anu aya di handap ieu.

  1. Beuleum Sampeu
  2. Didahar langsung
  3. Kulub sampeu
  4. Bubuy sampeu
  5. Seupan sampeu
  6. Diasupkeun kana peueut
  7. Kiripik sampeu
  8. Papais
  9. Peuyeum sampeu
  10. Bugis
  11. Ancemon: diparud, digulaan
  12. Gegetuk
  13. Gudiblag
  14. Opak sampeu
  15. Comro
  16. Diemplod: ditutuan, diuyahan.
  17. Kadedemes
  18. Angeun kembang sampeu
  19. Seupan daun sampeu
  20. Goréng daun sampeu

Mapag Lebaran


Dina wanci ngagayuh ka poéan lilikuran, salian ti aya anu harusu kana néangan Lailatul Qodar, aya ogé anu pahibut siap-siap mapag Lebaran. Najan masih kénéh sababaraha poé deui kana lebaranana, tapi euyeubna geus karasa. Hal ieu bisa katohiyan kana kaayaan jalma-jalma anu geus siap-siap pikeun mapag éta poé. Pikeun mapag éta poé, aya anu haget néangan pakéan anu sing sarwa weuteuh. Ngahaja ngadon balanja ka pasar seja néangan pakéan sakulawargaeun, atawa ngadon meuli ti tukang dagang barang anu ngider ka lembur.

Salian ti siap-siap dina pakéanana, aya deui anu siap-siap dina hal dahareunana. Pikeun mapag poéan lebaran, ampir sarua reujeung mapag datangna bulan puasa: dahareun téh osok sagala diayakeun. Kadaharan geus dipolahkeun ti anggalna kénéh, komo deui kadaharan anu kudu diolah heula kayaning opak, rangginang reujeung wajit. Terus lamun wanci arék nincak kana poéan lebaranana osok ditambahan ku kadaharan anu teu bisa lila diteundeunna kayaning papais. Teu kaliwat ogé deungeun sanguna kayaning daging jeung lauk. Anu boga hayam (ngingu hayam loba), bisa meuncit hayam bogana. Atuh anu teu boga ngadon nyiar ka pasar atawa meuli ti tatangga.

Kadaharan anu disayagikeun pikeun mapag lebaran: kanéker, akar kalapa, papais, opak, rangginang

Atuh dina prakna lebaran téh jadi sagala aya jeung sagala weuteuh. Papakéan anu dipaké téh pakéan weuteuh kakara meuli. Kadaharan anu disadiakeun ogé jadi sagala aya. Kadaharan anu disadiakeun téh lain ngan ukur keur dahareun sakulawarga wungkul, tapi ogé biasana mah dipaké pikeun ngiriman (mawakeun) ka kulawarga séjén: baraya, kolot jeung dulur anu salembur atawa béda lembur.