Salasahiji jalan pikeun komunikasi antara hiji jalma reujeung jalma séjén téh ku ngagunakeun talatah. Lamun boga perelu, terus henteu bisa ngomong langsung ka jalmana atawa henteu bisa patepung langsung, bisa ngaliwatan talatah. Talatah minangka wawakil tina omongan hiji jalma ka jalma séjén. Arék naon waé eusi omonganana, bisa ngaliwatan talatah.
Talatah jaman mangkukna kacida pisan bédana reujeung talatah jaman kiwari. Jaman mangkukna mah tacan aya média anu ahéng anu bisa dipaké pikeun nepikeun talatah saperti telepon. Anu pangmodérna paling ogé ngagunakeun surat. Kalolobaanana mah talatah téh osok ditepikeun ngaliwatan jalma séjén ku jalan nunda talatah atawa neundeun talatah.
Lamun aya perelu ka jalma séjén anu béda tempat atawa béda lembur, terus kabeneran aya jalma séjén anu arék nganjang ka éta lembur, osok diteundeunan talatah. Ngénta tulung pikeun pangnepikeun talatah ka jalma anu dipimaksud. Pereluna naha kusabab arék aya hajat, aya kapapaténan, atawa perlu dilongok jeung pangabutuh séjénna.

Dina nalika arék nyanyabaan, naha nyaba jauh atawa nyaba deukeut ogé osok nunda talatah ka tatangga anu kabeneran moal liliaran. Sakirana lamun bakal aya sémah anu datang, terus kabeneran arék liar heula, osok ngawawadian ka tatangga pikeun nungguan heula di imah kusabab nyaba heula. Lamun arék ka kebon, nunda heula talatah anu mertélakeun yén inyana ka kebon heula.
Kitu deui jeung kaperluan séjénna, osok ménta jalma séjén atawa tatangga pikeun pangnepikeun talatah. Teu kudu mayar atawa dibeungbeuratan kumaha mulangtarimana. Reujeung tatangga mah geus biasa pikeun silih bantuan kaasup ku nepikeun talatah. Jadi kacida penting pisan hirup sauyunan reujeung tatangga téh. Hirup anu bisa silih bantuan, silih tulungan.
Ayeuna mah nalika jaman beuki modérn, talatah téh teu kudu ditunda atawa diteundeun deui. Talatah bisa ditepikeun langsung ngagunakeun média saperti telepon. Talatah bisa dikirim ngaliwatan talatah dina telepon atawa hénpon.