Astana, Tempat Ngurebkeun nu Tilar Dunya


Astana, ngaran lian tina tempat pikeun ngurebkeun jalma anu geus tilar dunya. Jalma anu maot téh dikurebkeunana nya di astana téa. Di pilemburan mah biasana astana téh ngawengku hiji tempat anu husus, pikeun salembureun atawa sababaraha lembureun. Henteu miboga tempat séwang-séwangan di taneuh séwang-séwangan. Atuh lamun arék ngurebkeun anu tilar dunya téh moal ka mamana deui. Kari néangan tempat anu kosong dina lokal astana pikeun nyieun liang lahatna.

Astana
Astana

Perenahna astana téh biasana mah rada jauh ti pilemburan, bisa di sisi leuweung atawa di pakebonan. Kaayaan astana mah biasana gampang dibédakeunana reujeung tempat saliin ti astana. Lokal astana mah salian ti osok diiuhan ku tatangkalan kayaning tangkal samoja, ogé ku tatangkalan séjénna anu tara dituaran. Tatangkalan anu ngahieuman astana, tara ieuh dituaran atawa ditebang. Tatangkalan anu jaradi di astana mah osok diantepkeun waé sina ngiuhan astana. Atuh ti kajauhan ogé lokal astana mah biasana osok katohiyan, ku lobana tatangkalan anu ngalingkungan hiji tempat.

Kaayaan astana mah biasana osok diantepkeun sina barala. Astana kakara caang lamun ninggang dina bulan puasa. Di ahir bulan puasa, saméméh boboran astana téh kakara dicaraangan. Dicaangan téh supaya gampang dina nalika nyekar ka karuhun dina poéan lebaran, jeung supaya apal di lebah mana waé kuburan karuhun atawa kolot téh. Salian ti bulan puasa mah biasana osok diantepkeun sina barala. Kajaba pikeun kuburan karuhun anu dianggap karamat, osok aya anu nyaangan (ku kuncen biasana mah) dina bulan-bulan séjénna.

Iwir-iwir


Tempat anu biasa waé sakumaha tempat séjénna. Tempat anu dijadikeun pakebonan tempat pepelakan, tempat melak tatanén urang lembur. Anu ngabédakeun reujeung tempat séjénna, di tempat ieu mah aya taneuh mangrupa gawir atawa lamping anu gurawés. Gawir anu lumayan jangkung, leuwih ti saratus métér di tempat anu pangjangkungna. Lamping ieu dipinuhan ku tatangkalan di lamping béh luhur kusabab taneuhna taneuh beureum. Sedengkeun lamping béh handap, taneuhna mangrupa taneuh porang atawa cadas, dipinuhan ku jujukutan.

Gawir/lamping di Iwir-iwir

Kusabab ayana ieu gawir sigana mah, ieu tempat disebutna Iwir-iwir. Gawir anu lungkawing ieu misahkeun patempatan antara Blok Opat, Blok Tilu reujeung wewengkon Kontrak (Peusar). Daérah Blok Opat-Blok Tilu mangrupa daérah pakebonan (di daerah luhureun lamping), sedengkeun wewengkon Kontrak (Peusar) mah  wewengkon campuran antara pakebonan reujeung pasawahan (daerah di handapeun lamping). Di daérah handapeun lamping mah kaayaanana kacida suburna. Cai ngocor (ti huluwotan) lumayan gedé. Taneuhna dipinuhan ku jinis taneuh porang jeung cadas. Atuh teu anéh lamun di hilirna loba sawah.

Hilir jeung Girang


Hilir jeung girang. Ngaran dua tempat anu papasangan. Lamun aya hilir pasti aya girang, pon kitu deui sabalikna lamun aya girang pasti aya hilir. Girang jeung hilir aya pakaitna reujeung cai jeung tempat ngocorna cai (susukan, walungan) katut patempatan anu kasorang ku paranti ngocorna cai. Cai osok ngocor ti girang muru ka hilir. Ngocorna bisa ngaliwatan selang, pancuran, susukan atawa walungan.

Girang nuduhkeun tempat mimiti atawa asal ngocorna cai. Tempat anu deukeut kana asal ngocorna cai (huluwotan, cai nyusu) biasa disebut girang. Girang biasana leuwih luhur tibatan hilir (sakumaha cara ngocorna cai, ti tempat anu luhur ka tempat anu leuwih handap). Girang lain ngan ukur ngaran pikeun hulu cai (huluwotan) wungkul, tapi ogé pikeun ngaran tempat disabudeureun hulu cai.

Ari hilir nuduhkeun tempat anu dituju ku cai anu ngocor, tempatna leuwih handap tibatan girang. Cai anu ngocor ti girang téh muru ka tempat anu disebut hilir. Tempat panungtungan anu disebut hilir biasana mah disebutna muara anu aya di basisir.

Cai walungan ngocor ti girang ka hilir

Ari tempat anu perenahna di tengah-tengah antara girang reujeung hilir, bisa disebut girang atawa hilir. Gumantung kana perenahna (tempat) cicing anu nyebut. Lamun perenah (cicingna) anu nyebut di deukeuteun hilir, patempatan anu perenahna di tengah-tengah antara girang jeung hilir disebutna girang. Lamun tempat cicingna anu nyebut di deukdeuteun girang, disebutna téh hilir.

(Gambar meunang nginjeum ti http://files.myopera.com/)

Landeuh jeung Tonggoh


Lamun keur aya di tempat anu lamping, pasti aya dua tempat anu béda reujeung anu keur dicicingan. Tempat anu leuwih luhur tibatan anu keur dicicingan jeung aya tempat anu leuwih handap. Pikeun nepi ka tempat anu leuwih luhur, jalanna téh nanjak. Sedengkeun ka tempat anu leuwih handap, jalanna téh mudun. Aya sesebutan pikeun tempat anu leuwih luhur jeung leuwih handap tibatan anu keur dicicingan. Tempat anu leuwih luhur, biasa disebut tonggoh. Sedengkeun anu leuwih handap disebutna landeuh.

Patempatan anu teu rata

Istilah tonggoh nuduhkeun tempat anu leuwih luhur tibatan anu keur dicicingan. Leuwih luhur mah biasana pikeun nepi ka tempat éta téh jalanna nanjak. Ngan dina kanyataanana mah henteu salalawasna nanjak terus. Najan aya jalan anu mudunan ogé (jalanna nanjak mudun), asal tempatna leuwih luhur mah disebut tonggoh.

Kitu deui reujeung tempat anu disebut landeuh, sesebutan pikeun tempat anu ayana leuwih handap tibatan anu keur dicicingan. Najan dina kanyataanana bisa waé jalanna téh nanjak heula terus mudun, asal tempatna leuwih handap tibatan tempat anu keur dicicingan disebutna landeuh.

Sunda anu Jadi Ngaran Tempat di Indonesia


Waktu diajar pangajaran IPS hususna Géograpi di sakola sedeng (SMP), aya rasa bungah mangsa diajar ngeunaan pulo-pulo anu aya di Indonésia. Salaku urang Sunda, henteu bungah kumaha, da dina pangajaranana ngaran Sunda téh disabit-sabit katut dipaké pikeun ngaran sababaraha tempat anu aya di Indonésia. Bener ieu mah, ngaran Sunda téh dipaké pikeun ngaran sababaraha tempat di Indonesia.

Waktu diajar ngeunaan pulo-pulo anu aya di Indonésia, éta pulo-pulo (kumpulan pulo) anu aya di Indonésia téh kabagi jadi dua jinis pulo, nyaéta Sunda Gedé jeung Sunda Leutik. Pulo-pulo anu kaasup pulo Sunda Gedé nyaéta pulo Sumatera, Pulo Jawa jeung Pulo Kalimantan. Sedengkeun ari Sunda Leutik ngawengku pulo-pulo anu laleutik saperti pulo Bali, pulo Madura jeung pulo laleutik séjénna. Jadi ngaran Sunda téh baheula mah dipaké pikeun ngaran kumpulan pulo-pulo di Indonésia.

Pulo-pulo anu aya di Indonesia

Salian ti éta aya ogé anu ngaranna Dangkalan Sunda. Ieu mah mangrupakeun ngaran pikeun tempat di laut anu rada déét di wewengkon Indonésia bagéan kulon. Laut anu rada déét urut daratan anu kaeléb ku cai laut anu misahkeun pulo Sumatera, pulo Jawa jeung pulo Kalimantan disebutna téh Dangkalan Sunda.

Jadi, aya rasa bungah waktu kecap Sunda dipaké pikeun ngaran-ngaran anu aya di Indonésia, lain wungkul ngaran pikeun wewengkon Sunda wungkul.