1 Oktober, Poé Kasaktén Pancasila


Pancasila, naha masih kénéh miboga kasaktén?

Mimiti Ayana Sajarah


Sajarah teu bisa leupas tina kahirupan jalma. Sapanjang kahirupanana, jalma teu leupas tina sajarahna. Sajarah ngeunaan kahirupan jalma ti mimiti jalma pangmimitina nepikeun ka jalma anu kakara aya. Sajarah diguar pikeun nengetan jeung neuleuman kumaha ari kahirupan jalma-jalma dina waktu anu geus kaliwat.

Iraha atuh mimiti ayana sajarah téh…?

Catetan sajarah

Sajarah dimimitian ku ayana kahirupan jalma. Teu héran lamun sajarah téh eusina ngeunaan kahirupan jalma. Unggal jalma miboga sajarahna séwang-séwangan. Ngan henteu kabéh kahirupan unggal jalma aya jeung diguar sajarahna. Sajarah anu biasa diguar jeung ditengetan mah biasana sajarah anu penting, anu mawa parobahan kana kahirupan jalma loba. Teu anéh lamun sajarah eusina téh ngeunaan jalma-jalma anu parenting jeung miboga jasa pikeun kahirupan jalma loba.

Sajarah diguar utamana pikeun diala mangpaatna pikeun kahirupan jalma ka hareupna. Sajarah saméméhna bisa dijadikeun tatapakan pikeun ngaléngkah ka hareupna. Kumaha supaya kahirupan anu bakal kasorang téh mangrupakeun jalan anu nuturkeun tapak lacak jalma-jalma anu saméméhna, dina harti sajarah teh diala daluangna.

Kujalan ngaguar sajarah ogé, jalma-jalma anu ngaguarna bisa apal kajadian baheula anu sabenerna. Kadang kajadian anu geus kaliwat téh osok méngpar tina kanyataan anu sabenerna. Anu sakuduna mah kitu, naha anu warta anu nepina mah jadi kieu. Tina ngaguar sajarah anu dihasilkeun tina panalungtikan, bisa kabongkar kajadian anu sabenerna. Jadi kacida pentingna lamun dina ngaguar sajarah, asal sajarah anu diguar téh hasil panalungtikan anu bener-bener sakumaha kanyataanana, henteu dibarung ku ayana kapentingan anu nyumput.

(Gambar meunang nginjeum ti http://2.bp.blogspot.com/-cbdXqf8oFEM/TavocLOdk3I/AAAAAAAAAg8/3b6w50-zwtc/s1600/history.gif)

Da anu ngaranna sajarah mah, cenah teu bisa leupas tina saha anu nyieun catetan ngeunaan sajarahna. Lamun anu nyieun catetanana sapagodos reujeung anu nyieun sajarah, pasti éta sajarah téh bakal nyaritakeun sagala kahadéan anu nyieun sajarah. Sedengkeun lamun sabalikna, anu nyieun catetan sajarahna henteu sajalan reujeung anu nyieun sajarahna, bisa-bisa anu dicatetna téh ngagogoréng anu nyieun sajarah. Anu nyieun catetan sajarah, biasana mah anu miboga kahayang jeung kapentingan, saperti pangawasa anu keur ngabogaan kakawasaan. Teu anéh lamun catetan sajarah téh lolobana mah osok disalénggorkeun atawa dipéngkolkeun pikeun kapentingan anu miboga kakawasaan.

Sajarah di Lembur


Sanajan sajarah téh biasana dipagunemkeunana di sakolaan, da pédah aya pangajaranana, di lembur ogé anu ngaranna sajarah mah lain euweuh. Di lembur ogé osok aya anu nyabit-nyabit kana sajarah mah. Ngan sajarahna, biasana mah ngan ukur tatalépa ngaliwatan obrolan atawa omongan wungkul. Taya catetan sajarah anu dijadikeun buku. Pon kitu deui teu nepikeun ka ditetelepék nepikeun ka bubuk leutikna.

Aki keur nyaritakeun jaman baheula

Sajarah di lembur mah lolobana aya pakaitna reujeung karuhun. Sakumaha anu geus disebutkeun saméméhna, anu ngaranna sajarah mah ngeunaan kahirupan jalma baheula atawa anu geus kaliwat. Barudak biasana mah osok naranggap caritaan kolot ngeunaan jaman keur ngorana éta kolot. Naha arék keur jaman bajoang ngusir Kompeni atawa jaman Jepun. Da caritaan éta anu matak ramé pikeun barudak mah. Komo lamun éta kolotna (nini atawa aki) anu resep cacarita.

Salian ti ngeunaan kahirupan pribadi jaman baheula karuhun atawa kolot, bisa ogé sajarah ieu pikeun nyukcruk galur turunan atawa pancakaki. Ku jalan nilik kana sajarahna, bisa kapanggih saha waé dulur anu masih kénéh aya kakait dulur atawa baraya.

Jadi sajarah di lembur mah ambahanana téh ngan saeutik. Ngan ukur ngawengku salembur atawa saturunan wungkul. Pangjauhna jauhna, paling ogé ngeunaan sajarah ngadegna lembur, saha waé anu ngadegkeun lembur jeung kumaha kaayaan harita waktu ngadegna.

Ngeunaan Sajarah


Naha bet ngomong sajarah nya?

Ieu mah beubeunangan atawa daluang ti panyabaan. Da ngomongkeun sajarah mah biasana aya dina pangajaran di sakola-sakola, naha sakola handap, sakola tengah atawa paguron luhur. Di sakola mah, ngeunaan sajarah teh ditengetan pisan, ti mimiti ayana jelema di dunya ieu nepikeun ka ayeuna. Malahan mah aya palajaran husus anu ngaranna PSPB atawa Sajarah. Sajarah teh kacida pentingna pikeun kahirupan jalma. Da ngaliwatan sajarah, jalma anu hirup ayeuna bisa apal ngeunaan kaayaan jaman baheula.

Da sajarah mah eusina téh ngeunaan jaman baheula atawa carita ngeunaan jaman baheula. Ku ayana jujutan waktu, moal bisa aya jaman ayeuna lamun euweuh jaman baheula. Jaman ayeuna osok aya patali reujeung jaman baheula, atawa kaayaan jaman ayeuna téh kumaha kaayaan jaman baheula.

Ku jalan apal sajarah, bisa apal kumaha kaayaan jaman baheula. Eta kaayaan jaman baheula téh bisa dijadikeun pieunteungeun atawa bahan pangajaran dina jaman ayeuna. Jadi, aya dua hal anu bisa diala tina sajarah jaman baheula: nyaéta dijadikeun pieunteungeun atawa dijadikeun pangajaran. Ieu hal téh, sakumaha kahirupan jalma ayeuna, anu ngaranna kahirupan moal leupas tina hadé reujeung goréng, kahirupan sajarah ogé moal leupas tina dua hal éta: aya sajarah ngeunaan kahadéan, aya sajarah ngeunaan kagoréngan.

Sajarah ibarat tangkal

Jadi mangpaat sajarah pikeun kahirupan jalma téh, pangpangna kumaha supaya sajarah bisa dijadikeun dua hal tadi. Sajarah anu hadé kudu dijadikeun bahan pangajaran pikeun kahirupan ayeuna. Sedengkeun sajarah anu goréng kudu dijadikeun pieunteungeun pikeun kahirupan jalma ayeuna.

Ngeunaan sajarah, asal kecapna téh cenah tina basa Arab anu lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda mah hartina téh tangkal atawa dahan tatangkalan.

Sajarah téh bisa disebut ogé pangajaran atawa élmu anu eusina ngeunaan hal atawa kaayaan jaman baheula. Sajarah utamana ngomongkeun ngeunaan kaayaan atawa kahirupan jalma jaman baheula. Da anu nyieun sajarah mah jalma anu hirup di dunya ieu. Sajarah téh bisa aya kusabab ayana jalma. Lamun euweuh jalma mah tacan tangtu aya anu ngaranna sajarah.

Jadi, anu ngaranna sajarah mah moal leupas tina kahirupan jalma.