Panyésaan tina Dongeng dina Radio


Anu masih keneh inget ngeunaan dongéng dina radio, salian ti ngeunaan dongéng reujeung anu ngadongéngna, aya hal séjén anu masih kénéh nyangkaruk atawa kainget. Nyaéta ngeunaan iklan reujeung musik anu ngiringkeun dongéngna. Dina ngadongéng dina radio, biasana mah osok diselangan ku iklan heula. Aya iklan panyelang dina dongéng anu matak dipikainget téh kusabab iklanna anu matak pikaseurieun jeung kecap-kecapna (sabagéan kecapna) gampang diingetna. Coba waé kecap Gurandil. Ieu kecap téh aya dina iklan Oskadril. Dina iklanna téh apanan nyaritakeun anu batuk tapi saliwang. Dititah ngadahar Oskadril, anu kadéngéna téh apanan Gurandil. Piraku salaki batuk dititah ngadahar Gurandil.

Ngan gurandil téh naon nya…?

Dongéng tina Radio

Ari musik pangiringna, aya hiji musik instrumen anu matak waas. Lamun ngadéngé ieu musik matak inget ka jaman baheula, mangsa keur leutik. Mimitina mah teu apal lagu naon éta téh. Pokona mah musikna ngeunaheun. Ceuk pun Ibi, cenah musik éta téh mangrupakeun isntrumen tina lagu Diantosan di Péngkolan.

Matak nineung lamun ngadéngé ieu instrumen….

Dongéngna Dongéng tina Radio


Ngeunaan dongéng dina radio, lumayan loba lalakon anu dicaritakeun. Anu masih kénéh kainget mah dina taun 90-an aya dongéng anu kacida kawentarna nyaéta dongéng anu judulna Si Rawing. Dongéng Si Rawing nyaritakeun ngeunaan ngalalakonna Darma anu ceulina rawing kusabab kasabet ku Bah Béwok maké bedog. Dongéng Si Rawing mangrupakeun lalakon dongéng anu panjang, lila pisan arék tamatna. Teuing sabaraha lila tamatna téh. Malahan apanan nepikeun ka aya pilm-na sagala.

Si Rawing dina pilm

Dongéng Si Rawing didongéngkeun ku Wa Képoh. Wa Képoh mangrupakeun salasaurang tukang ngadongéng anu kahot, bisa nyarita rupa-rupa sora, ti mimiti sora lalaki nepikeun ka sora awéwé. Ngan radio anu nyiarkeun ieu dongéng poho deui, teuing galura radio naon.

Salian ti dongéng anu lalakonna Si Rawing, aya deui lalakon séjénna. Saperti lalakon Kasan Dara Sandra, Si Buntung Jago Tutugan, Doni Ajo, Ajag Bodas, Nyi Ganting jeung lalakon séjénna anu lamun ditataan mah lumayan loba (ngan kalolobaanana mah poho deui).
Sedengkeun anu ngadongéngna salian ti Wa Képoh, aya ogé Mang Bahar, Mang Jaya, Mang Engkos, jeung nu séjénna. Pokona mah moal kurang tukang ngadongéngna mah. Aya sababaraha pilihan anu ngadongéng jeung lalakon dongéngna. Da biasana mah euweuh dua urang tukang ngadongéng anu ngadongéngkeun hiji lalakon.

(Gambar meunang nginjeum tina http://jejakandromeda.files.wordpress.com/2010/01/eka-soemadinata-rawing.jpg)

Dongéng tina Radio


Salian dongéng ti nini, aya ogé dongéng anu asalna tina radio. Dongéng tina radio mah biasana leuwih ramé jeung campuh pisan. Komo lamun anu ngalalakonana téh mangrupakeun hiji jawara. Jeung deuih da dongéng tina radio mah kalolobaanana téh ngeunaan jawara jeung élmu kaduragan. Anu ngalalakon biasana mah anu jago kana silat atawa kaduragan. Teu anéh lamun dina sapanjang ngalalakonna remen ngalaman tarung nepikeun ka toh pati jiwa raga.

Ditambah deui dongéng tina radio mah tara tamat sakeudeung-keudeung. Dina hiji lalakon atawa judul téh bisa méakeun waktu mangpoé-poé atawa mangbulan-bulan. Teu anéh lamun osok matak gantung déngéeun. Hayang gera apal kana tuluyanana, jeung hayang gera apal kana pamustunganana.

Radio mérek National anu osok dipaké ngadéngékeun dongéng

Dongéng dina radio disiarkeun biasana mah unggal poé. Kalolobaanana mah dina waktu pasosoré. Najan kitu aya ogé anu dina waktu pabeubeurang. Dina sapoéna biasana mah ngan ukur sajam (kadang kurang), dikurangan ku waktu berita ogé iklan pangrojong. Jadi hiji judul dongéng dina radio miboga katangtuan siaran (jadwal) sorangan, anu aranglangka incah balilahan. Kusabab geus jelas kana jadwal siaranana, dina prungna siaran téh anu mikaresep osok langsung madep nyanghareupan radio anu geus disetél kana galura anu nyiarkeun dongéng. Malahan anu keur boga gawé ogé osok ngahajakeun eureun heula pikeun ngadéngékeun heula dongéng atawa nyetél radio bari digawé. Naha arék digawé di lembur atawa di kebon (ka kebon téh bari mawa radio). Pokona mah ulah nepikeun ka tinggaleun dongéng. Lamun sakalina tinggaleun téh matak teu apal kana jujutan lalakonna.

(Gambar meunang nginjeumm ti http://1.bp.blogspot.com/-HMeWV5QpXrQ/Tj0NHONBOtI/AAAAAAAACQI/sq-3sgNqZ6I/s1600/Radio+National.jpg)

Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong


Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna.

Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.”

Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.

Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.

Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.

“Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.

Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!”

Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.

Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.

Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong.

Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.”

Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.

Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi.

Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong.

Sakadang Kuya Dikawinkeun ka Anakna Patani


Nénjo di imah Pa Tani euweuh sasaha, kira-kira wanci sareupna, Sakadang Monyét turun tina tangkal asem. Tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya anu keur dikurungan ku ranggap. Maksudna mah arék mupuas ka Sakadang Kuya.

Tapi, barang tepi ka buruan imah Pa Tani, Sakadang Monyét kacida kagétna. Ari sababna, Sakadang Kuya téh katémbong jiga anu bungah pisan. Malah maké jeung hahariringan sagala. Teu tulus arék mupuas téh.

“Aya naon Sakadang Kuya, katémbongna téh bet bungah-bungah teuing?” Sakadang Monyét nanya.

“Ih, atuda rék teu bungah kumaha. Isukan téh uing rék dikawinkeun ka anakna Pa Tani?”

“Rék dikawinkeun?”

“Enya, rék dikawinkeun!”

“Ka anakna Pa Tani?”

“Enya, ka anakna Pa Tani anu geulis téa geuning. Awakna lenjang, buukna panjang, deuh … sugan mah,” ceuk Sakadang Kuya bari pepeta, metakeun awéwé geulis.

Sakadang Monyét ngahuleng teu percaya.

“Ah, piraku?”

“Maenya teu percaya kénéh baé, sakitu jelas tanda-tandana. Ayeuna téh Ambu Tani jeung anakna keur ka pasar, rék balanja keur olah-olah hajat isukan. Ari Pa Tani keur néang lebé,” ceuk Sakadang Kuya, kalem.

“Paingan atuh tadi arindit,” ceuk Sakadang Monyét. “Alus milik Sakadang Kuya mah.”

Sakadang Kuya teu némbal, kalah terus hahariringan.

Sanggeus ngahuleng salila-lila, pok Sakadang Monyét nyarita lemah-lembut, “Kieu Sakadang Kuya, urang téh asa lain sapoé dua poé sosobatan téh, nya.”

“Enya, ari kitu?”

“Kumaha upama urang hilian baé. Uing anu dikurungan, Sakadang Kuya di luar. Hartina Sakadang Kuya bisa bébas, rék balik ka imah heug, atuh rék cicing baé di dieu teu nanaon,” ceuk Sakadang Monyét.

“Upama kitu mah anu dikawinkeunana gé meureun anjeun, nya? Ih, embung teuing ari kitu mah! Anak Pa Tani téa, keur geulis téh bageur deuih,” témbal Sakadang Kuya.

“Emh, Sakadang Kuya mah kawas lain ka sobat baé. Uing ogé hayang atuh ngarasakeun kabagjaan saperti anjeun ayeuna,” ceuk Sakadang Monyét ngarenghik.

Sakadang Kuya keukeuh embung, Sakadang Monyét keukeuh hayang. Lila pakeukeuh-keukeuh. Antukna mah Sakadang Kuya téh ngomong, “Nya atuh ari hayang-hayang teuing mah, Sakadang Monyét, heug baé. Ngan saméméh anjeun asup kana ranggap, alungkeun heula uing ka leuwi. Lain ku nanaon, bisi anakna Pa Tani kuciwa, da geuning katénjona mah bogoheun pisan ka uing téh. Emh, pileuleuyan, Nyai, lain Akang teu bogoh, ngan ieu mah bakating ku béla ka nu jadi sobat wé.”

Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét kacida bungahna. Teu talangké deui, Sakadang Kuya dikaluarkeun tina ranggap, tuluy dipanggul, rigidig dibawa lumpat ka leuwi. Nepi ka leuwi, lung baé Sakadang Kuya dialungkeun. Manéhna gura-giru balik deui ka imah Pa Tani. Sup kana ranggap, ngurungan manéh di pipir imah Pa Tani.

Bada magrib anu geus ti pasar téh kakara baralik. Teu lila, Pa Tani ogé datang. Langsung arasup ka imah, teu ulak-ilik heula kana ranggap, anu eusina geus lain Sakadang Kuya, tapi Sakadang Monyét.

Isukna, isuk-isuk pisan Pa Tani geus kaluar ti imahna.

“Nyai, pangmawakeun bedog ka dieu, urang meuncit kuya téa!” ceuk Pa Tani ka anakna.

Gebeg, Sakadang Monyét kacida kagétna ngadéngé omongan Pa Tani kitu téh. Geuning Sakadang Kuya téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun, boro ku aing digenténan, ceuk pikirna.

“Bisi mintul mah asah heula bapana,” ceuk Ambu Tani.

“Heug, ka dieukeun atuh batu asahanana!”

Teu lila gesruk-gesruk kadéngé anu ngasah bedog. Karasana ku Sakadang Monyét mah meni geus asa gérésél-gérésél baé éta bedog téh kana beuheungna. Manéhna manggih akal, tuluy baé papaéhan. Awakna dijegerkeun.

Torojol anak Pa Tani ka dinya. Ngilikan ranggap, ngilikan eusina. Kagét, pédah eusina lain kuya, tapi monyét.

“Bapa, geuning kuya téh euweuh!” anak Pa Tani ngagorowok.

“Naon Nyai, kuya euweuh?” ceuk Pa Tani bari nyampeurkeun.

“Aya ogé monyét, geus paéh deuih. Tuh, awakna ogé mani jeger!”

“Heueuh geuning!” ceuk Pa Tani bari mukakeun ranggap. Monyét dicokot. Tuluy dibalangkeun sataker tanaga. Barang keuna kana taneuh, Sakadang Monyét hudang, berebet lumpat tarik pisan, asup ka jero leuweung. Kalacat baé naék kana tangkal anu jangkung.

Pa Tani jeung anakna ngan ukur bisa olohok.