Gantung Déngéeun


Mangsa keur nemenna dongéng dina radio, taya deui anu dianti-anti téh salian ti hayang gera ngadéngékeun tuluyan dongéng anu kapegat waktu dina waktu kamarina. Panasaran hayang gera apal terusnana. Dongéng anu dipidangkeun kunu ngadongéng kayaning Wa Képoh, Mang Jaya, Mang Bahar jeung anu lianna, kacida dipikameumeutna. Mangsa harita mah taya deui acara hiburan téh salian ti acara anu disiarkeun dina radio. Dongéng jadi salasahiji pangeusi acara anu dipikameumeut. Dina mangsa pasosoré, sababaraha galura radio osok nyiarkeun dongéng. Sakalian ngareureuhkeun kacapé satutasna mulang ti pacabakan séwang-séwangan, ngadéngékeun radio jadi acara pangbeberah jeung hiburan anu haratis.

Barudak ngariung ngadengekeun radio
Barudak ngariung ngadengekeun radio

Ngadéngékeun acara dongéng dina radio, henteu nempo di budak atawa kolot. Kolot budak ogé pada-pada mikaresepna kana acara dongéng téh. Lamun dina waktu prung acara dongéng disiarkeun, biasana mah mani maranco kana radio. Hayang jelas kumaha jujutan caritana. Supaya henteu tinggaleun kana jalanna carita dongéng. Ditengetan sagala rupa galur caritana.

Ngan hanjakal keur pogot manco téh osok kapegat ku iklan heula. Matak meuraykeun implengan ngeunaan jalan caritana. Sanajan iklanna ngan sakeudeung ogé angger waé matak ngaganggu. Sanggeus iklan réngsé mah pogot deui kana dongéngna. Anu matak ngaganggu pisan mah lain iklan, kétang. Lamun waktuna ngadongéng geus béak, matak hanjelu pisan. Waktu ngadongéng anu ngan ukur sajam téh kacida samporétna pikeun medarkeun galur carita dongéng. Asa kakara medarkeun caritaan, geus béak deui waktu téh. Matak hanjelu lamun keur pogot nengetan jalanna carita, kapegat ku waktu anu érép. Matak panasaran jeung hayang gera apal kumaha tuluyanana. Panasaran hayang gera apal baris kumaha carita saterusna.

(Gambar meunang nginjeum ti liputan6.com)

Lagu Néng Yéni


Lagu Néng Yéni mangsa harita remen ngadéngékeunana, boh tina radio boh tina kasét. Ngan ayeuna mah jarang (lamun embung disebut tara ngadéngékeun deui), da teuing ka mana lagu éta téh. Peujeuh mah teu boga kasétna jeung rékamanana, dina siaran radio ogé jarang sigana mah disetélna.

Ngan dina jaman internét mah geningan, lagu Néng Yéni téh kapanggih deui. Anu mikabutuh lagu ieu, bisa ngundeur ti situs 4share. Sedengkeun rumpaka laguna mah saperti di handap ieu.

Néng Yéni duh Néng Yéni
Di mana anjeun ayeuna
Ieu kuring ditinggalkeun
Teuaya batur nyarita

Néng Yéni duh Néng Yéni
Di mana anjeun ayeuna
Ieu kuring ditinggalkeun
Teuaya batur nyarita

Dina waktu hiji peuting
Kuring sok ngumbar lamunan
Di mana atuh di mana
Néng Yéni anjeun ayeuna

Néng Yéni duh Néng Yéni
Tong téga
Anjeun tong lali
Tetep cinta ka anjeunna

Bulan surem siga anjeun nu keur alum
Langit agkeub siga anjeun nu keur baeud
Sakapeung mah sok ngumbar dina lamunan
Hayang tepung atuh anjeun téh di mana

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.datasunda.org/pl/images/audio_tapes/jaipongan/kjp126_jaipongan-090.jpg)

Lagu Kalangenan di Lembur


Najan di pilemburan, anu ngaranna lagu atawa musik geus nepi ti béh ditu kénéh ogé. Najan jalur asupna ka pilemburan mah ngan ukur maké siaran radio. Salian ti siaran dongéng, anu dipikalandep téh ogé siaran musik atawa lagu. Jaman harita mah anu pang dipikaresepna téh nyaéta lagu-lagu Sunda, anu disiarkeun hususna ti Radio RRI Bandung. Rupa-rupa lagu Sunda geus jadi kalangenan pikeun urang lembur harita, ti mimiti lagu Pop Sunda, Calung, Degung, Cianjuran, Kiliningan, Jaipongan, dangdut (Sunda) jeung jinis lagu séjénna.

Iis Ariska jeung Aas Ariska

Harita mah acan mahabu lagu-lagu rumaja atawa anu keur mangkak déwasa saperti ayeuna. Grup bén (band) ogé tacan mahabu kawas ayeuna. Teu apal-apal acan jaman harita mah anu ngaranna grup bén téh. Jeung deui da jaman harita mah, tipi ogé masih kénéh arang langka. Anu boga tipi téh ngan hiji dua. Ditambah deui siaranana apanan TVRI wungkul. Salian ti éta apanan harita mah pikeun ngahirupkeun tipi téh maké aki anu kudu disetrum di lembur séjén.

Jaman harita mah anu keur nanjung téh diantarana Iis Ariska jeung Aas Ariska jeung grup BBR-na, Neng Iko, calung Darso, Doel Sumbang, Nining Méida, jeung nu séjénna. Jadi teu anéh lamun anu dipikainget jeung anu apal téh lolobana mah lagu-lagu Sunda. Jeung taya rasa tinggaleun jaman atawa kurung batok teu apal di lagu-lagu Indonésia, da paling modérnna nya lagu-lagu Pop Sunda harita mah atawa lagu Dangdut Indonésia.

(Gambar meunang nginjeum ti youtube.com)

Dongéngna Dongéng tina Radio


Ngeunaan dongéng dina radio, lumayan loba lalakon anu dicaritakeun. Anu masih kénéh kainget mah dina taun 90-an aya dongéng anu kacida kawentarna nyaéta dongéng anu judulna Si Rawing. Dongéng Si Rawing nyaritakeun ngeunaan ngalalakonna Darma anu ceulina rawing kusabab kasabet ku Bah Béwok maké bedog. Dongéng Si Rawing mangrupakeun lalakon dongéng anu panjang, lila pisan arék tamatna. Teuing sabaraha lila tamatna téh. Malahan apanan nepikeun ka aya pilm-na sagala.

Si Rawing dina pilm

Dongéng Si Rawing didongéngkeun ku Wa Képoh. Wa Képoh mangrupakeun salasaurang tukang ngadongéng anu kahot, bisa nyarita rupa-rupa sora, ti mimiti sora lalaki nepikeun ka sora awéwé. Ngan radio anu nyiarkeun ieu dongéng poho deui, teuing galura radio naon.

Salian ti dongéng anu lalakonna Si Rawing, aya deui lalakon séjénna. Saperti lalakon Kasan Dara Sandra, Si Buntung Jago Tutugan, Doni Ajo, Ajag Bodas, Nyi Ganting jeung lalakon séjénna anu lamun ditataan mah lumayan loba (ngan kalolobaanana mah poho deui).
Sedengkeun anu ngadongéngna salian ti Wa Képoh, aya ogé Mang Bahar, Mang Jaya, Mang Engkos, jeung nu séjénna. Pokona mah moal kurang tukang ngadongéngna mah. Aya sababaraha pilihan anu ngadongéng jeung lalakon dongéngna. Da biasana mah euweuh dua urang tukang ngadongéng anu ngadongéngkeun hiji lalakon.

(Gambar meunang nginjeum tina http://jejakandromeda.files.wordpress.com/2010/01/eka-soemadinata-rawing.jpg)

Dongéng tina Radio


Salian dongéng ti nini, aya ogé dongéng anu asalna tina radio. Dongéng tina radio mah biasana leuwih ramé jeung campuh pisan. Komo lamun anu ngalalakonana téh mangrupakeun hiji jawara. Jeung deuih da dongéng tina radio mah kalolobaanana téh ngeunaan jawara jeung élmu kaduragan. Anu ngalalakon biasana mah anu jago kana silat atawa kaduragan. Teu anéh lamun dina sapanjang ngalalakonna remen ngalaman tarung nepikeun ka toh pati jiwa raga.

Ditambah deui dongéng tina radio mah tara tamat sakeudeung-keudeung. Dina hiji lalakon atawa judul téh bisa méakeun waktu mangpoé-poé atawa mangbulan-bulan. Teu anéh lamun osok matak gantung déngéeun. Hayang gera apal kana tuluyanana, jeung hayang gera apal kana pamustunganana.

Radio mérek National anu osok dipaké ngadéngékeun dongéng

Dongéng dina radio disiarkeun biasana mah unggal poé. Kalolobaanana mah dina waktu pasosoré. Najan kitu aya ogé anu dina waktu pabeubeurang. Dina sapoéna biasana mah ngan ukur sajam (kadang kurang), dikurangan ku waktu berita ogé iklan pangrojong. Jadi hiji judul dongéng dina radio miboga katangtuan siaran (jadwal) sorangan, anu aranglangka incah balilahan. Kusabab geus jelas kana jadwal siaranana, dina prungna siaran téh anu mikaresep osok langsung madep nyanghareupan radio anu geus disetél kana galura anu nyiarkeun dongéng. Malahan anu keur boga gawé ogé osok ngahajakeun eureun heula pikeun ngadéngékeun heula dongéng atawa nyetél radio bari digawé. Naha arék digawé di lembur atawa di kebon (ka kebon téh bari mawa radio). Pokona mah ulah nepikeun ka tinggaleun dongéng. Lamun sakalina tinggaleun téh matak teu apal kana jujutan lalakonna.

(Gambar meunang nginjeumm ti http://1.bp.blogspot.com/-HMeWV5QpXrQ/Tj0NHONBOtI/AAAAAAAACQI/sq-3sgNqZ6I/s1600/Radio+National.jpg)