Ngala Sireum Maké Gagang tina Jukut


ngala sireum
Ngala sireum

Nimu potrét anu diunggahkeun ku Kang Nanda Mustafa Kamil‎ dina pésbuk. Inget ka jaman baheula keur budak. Kaulinan pikeun ngala sireum dina liangna ku jalan ngagunakeun gagang kembang jujukutan.

Jukut (naon nya ngaran jukutna téh) anu keur kembangan diala gagang kembangna atawa dicabut tina tangkalna. Gagang kembang éta dipaké pikeun ngagéré atawa ngarojok sireum anu aya di jero liangna.

Liang sireumna mah osok manggihan dina taneuh. Liang tegesna liang anu dipaké cicing sireum diasupan gagang kembang bari diputer-puter. Teu lila dicabut. Lamun kabeneran mah biasana dina gagang kembang téh osok aya sireuman napel, tegesna ngagégél eta gagang kembang anu rada hipu.

Sireumna mah aya kalana dipaké heureuy atawa diantepkeun waé. Da anu pentingna ngagéré sireumna.

Kaduhung Tiheula


Sanajan kaduhung téh osok pandeuri, lain hartina taya kaduhung anu tiheula. Aya kalana kaduhung téh datangna tiheula. Kaduhung kusabab migawé pagawéanana téh tiheula.

Dina wanci isuk-isuk, lamun indit-inditan ka kebon atawa ka sawah osok paisuk-isuk. Indit ka kebon ulah nepikeun ka beurang teuing supaya beubeunangan di kebonna loba atawa lega. Lamun isuk kénéh mah apanan apanan digawéna bisa sabataé henteu heureut waktuna kusabab geus beurang kaselang ku waktu Lohor.

Reumis dina jujukutan

Lamun indit ka kebon atawa sawah isuk-isuk kénéh kalawan nyorang jalan satapak anu pinuh ku jujukutan, biasana mah dangdaunanana osok baraseuh ku cai ibun. Komo jalan satapak anu jujukutanana ngémplo mah, dangdaunan téh osok ngaroyom ka jalan anu keur peujeuh mah leutik. Atuh lamun ngaliwatan éta jalan, baju atawa calana téh bakal baraseuh kabaseuhan ku reumis anu ngagarenclang dina tungtung dangdaunan. Cai ibun dina dangdaunan dina waktu isuk-isuk mah, moal waka ilang lamun tacan kapanasan ku cahya panonpoé atawa kaendagkeun ku angin atawa kadupak ku anu ngaraliwat.

Atuh lamun reumisna sapapanjang jalan mah bisa nyababkeun baseuh jibreg kana baju atawa calana.

Ieu anu disebut kaduhung tiheula. Kaduhung bet indit ka kabon atawa sawah pangheulana.

(Gambar meunang nginjeum ti internet)

Ulah Nginum Cai Loba Teuing


Nginum cai geus jadi pangabutuh pikeun saha waé ogé. Arék budak atawa arék kolot, perlu nginum, utamana nginum cai hérang. Nginum cai (hérang) matak alus kana ka kaséhatan. Ngan lebah dina lobana nginum, cenah ulah loba teuing. Teu meunang nginum loba-loba teuing.

Salian ti ulah loba-loba teuing nginum, dina cara nginumna aya anu teu dimeunangkeun. Cenah teu meunang nginum bari kekedengan atawa ngadapang. Alesanana, sarua waé ngan hiji. Cenah, ceuk kolot mah bisi jantungna kakeueum. Loba teuing nginum, bisi awak pinuh teuing ku cai anu akibatna bisa ngeueum jajantung. Pon kitu deui lamun nginum bari ngadapang, bisi cai anu diinumna ngeueum jajantung. Anu ngaranna kakeueum jajantung, apanan teu bisa ngarénghap atawa susah napas (jadi eungap).

Budak keur nginum cai

Kusabab kitu, harita mah rada sieun lamun kudu nginum bari ngadapang téh. Da sieun jajantung kakeueum. Ma’lum waé da sieun teu bisa ngarénghap kusabab jajantung kakeueum. Teu bisa ngarénghap mah, apanan bisa paéh. Harita mah nganggapna bener waé lamun jajantung kakeueum téh bakal susah ngarénghap.

Ka béhdieunakeun, geningan lain kusabab bisi kakeueum jajantung. Tapi loba teuing nginum téh matak nyababkeun cai bisa nyerep kana tempat ngocorna getih dina awak. Kusabab getih kacampuran cai, jadina getih téh ngalobaan. Loba teuing getih, matak mawa capé kana jajantung dina ngompa getih supaya nyaliara kana sakujur awak. Kitu cenah….

(Gambar meunang nginjeum ti http://myoops.wordpress.com)

Tambal Ban Tubeless, Lain Nambal ku Jalan Ditubles


Mimitina mah sugan téh anu ngaranna tambal ban tubeless téh tambal ban kujalan ditubles. Ban mobil atawa ban motor jeung ban sapédah anu kacugak ku paku atawa bitu, ditambalna téh ditubles. Ari pék téh lain kitu maksudna. Paingan waktu arék nambal ban sapédah anu bitu, ditolak ku tukang nambal banna, pokna téh ieu mah tambal ban tubles. Bari jeung teu apal naon maksudna bet teu bisaeun nambal ban sapédah, kapaksa néangan tukang nambal ban nu lianna.

Ka béh dieunakeun, kakara apal naon anu ngaranna ban tubles (tubeless maksudna mah). Ban tubeless mah béda reujeung ban biasa. Lamun ban biasa mah miboga ban jero, ari ban tubeless mah henteu miboga ban jeroan. Ban tubeless mah ngan ukur miboga ban luar wungkul. Jadi dina nambalna ogé béda reujeung ban biasa.

Tambal ban tubeless

Dina waktuna kacugak ku paku, ban biasa mah langsung kempés. Ari ban tubeless mah henteu langsung kempés (kusabab ban tubeless mah dijieun tina bahan anu béda reujeung ban biasa). Dina nambalna, ban biasa mah ditambalna maké karét anu dirapetkeun atawa dilém pikeun nutupan anu bolongna dina ban jero, ari ban tubeless mah nambalna téh ku jalan dipaseuk ban luar anu bolongna maké bahan husus paranti nambal ban tubeless.

(Gambar meunang nginjeum ti http://mandacutie.wordpress.com/)

Motor Péspa téh Nya Kempés Nya Hapa


Sakali-kali mah osok kawénéhan nempo motor anu gendut jeung pendék. Ceuk obrolan reujeung babaturan, cenah éta téh ngaranna Péspa (Vespa). Kaasup salahsahiji jinis motor kénéh, ngan béda reujeung motor bébék. Lamun motor bébék mah rada jangkung leutik, Péspa mah pendék jeung gendut.

Naha bet ngaranna Péspa? Teu apal ogé.

Motor pespa

Ngan anu osok dipagunemkeun reujeung babaturan mah cenah, Péspa téh singketan tina Kempés Hapa, nya kempés nya hapa. Najan kitu nilik kana wangunana mah jajauheun tina kempés jeung hapa. Apanan kecap kempés jeung hapa téh ampir sarua, nuduhkeun kaayaan anu euweuh eusian.

Ari Péspa mah apanan sakitu gendutna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://rosso99.files.wordpress.com/2010/11/vespa_vbc_150_super.jpg)