Mangsa Keur Usum Bonténg


Keur usum Bonténg geningan di lembur téh. Najan melak di kebon téh ngan sababaraha dapur (areuy), tapi pas ka lembur Bonténg téh teu weléh aya. Najan henteu panén ti kebon ogé, osok aya anu ngirim ti tatangga atawa dulur. Ngadahar hiji ogé matak wareg ari Bonténg ti lembur mah. Teu anéh da Bonténgna ogé béda reujeung Bonténg anu osok dijualan di pasar anu laleutik. Bonténg di lembur mah galedé, nepikeun ka sagedé pigeulang leungeun kolot.

Areuy Bonteng di kebon Cikur
Areuy Bonteng di kebon Cikur

Di lembur mah Bonténg téh dipelakna ku jalan diandri (tumpang sari) reujeung pepelakan poko séjénna. Jadi pelak Bonténg téh lain tatanén utama di kebon. Pelak Bonténg ngan ukur pepelakan panambah wungkul. Pepelakan pokona biasana mah Cikur atawa Paré (huma). Kebon Cikur atawa Paré huma téh osok dipelakan Bonténg dina sisi-sisina (sisi galengan atawa piheuleutan). Atuh saméméh panén Cikur atawa panén Paré téh bisa panén Bonténg heula.

Kusabab lain taneman poko, atuh dina melakna ogé tara ieu dipiara. Sok komo deui maké tatanger atawa tuturus. Pelak Bonténg téh osok diantepkeun ngayang waé di kebon. Dina sakalian meresihan kebon (ngoyos) téh, Bonténgna bisa sakalian diala. Anu geus gedé jeung acan kolot pisan osok dibawa ka imah pikeun dahareun.

Saméméh areuy Bonténg paéh, biasana mah Bonténg téh osok dikarikeun paling saeutikna hiji pikeun pibiniheun. Bonténg téh diantepkeun sina kolot jeung asak. Supaya siki éta Bonténg téh bisa diteundeun pikeun bibit pelakeuneun taun hareup.

Saung Ranggon di Kebon


Peré Sakola – Mantuan Kolot di Kebon


Peré téh biasana mah osok bareng reujeung ngala pepelakan. Lamun keur tatanén cikur, dina waktu peré téh osok kaparengan keur ngala cikur. Nya kaayaan kitu téh taya deui anu bisa dipigawé. Tibatan cicing di imah, isuk-isuk nepikeun ka beurang mah ngilu ka kebon. Nya sakadar ulin di kebon lamun henteu babantu digawé ogé. Lamun henteu panén cikur, aya kalana usum panén cabé atawa jahé.

Budak keur mantuan panen tatanen

Sanajan ari diniatan mah pikeun ulin, ari geus ka kebon mah nya mantuan waé sagawé-gawéna. Leuwih jauhna, biasana mah osok bener-bener mantuan digawé kusabab osok dibibita bakal meunang buruh. Buruhna téh kumaha beubeunanganana. Lamun beubeunanganana loba, buruhna ogé bakal leuwih loba deui tibatan reujeung beubeunanganana saeutik. Gawé téh beuki pogot waé, beubeunangan henteu dihijikeun reujeung beubeunangan kolot. Beubeunangan diwadahan dina wadah anu misah, supaya kaciri sakumaha beubeunanganana. Nepi ka lembur téh langsung dikilo sabaraha kilo beuratna. Éta beubeunangan téh dihargaan kiloan. Lamun dina waktu sakilona lima puluh rupiah, atuh beubeunanganana bakal dikalikeun reujeung lima puluh. Sakitu buruhna téh. Najan saeutik, henteu jadi masalah da osok ditambahan. Jadi najan saeutik bisa jadi gedé sanggeus ditambahan mah. Nu penting mah apanan bisa mantuan gawé kolot najan diniatan hayang meunang buruh.

Ieu téh minangka diajar pikeun digawé. Da lamun geus gedé digawé di lembur mah henteu jauh ti kitu. Digawé téh apanan lamun henteu magawé sorangan di kebon sorangan, bisa ogé babantu atawa kuli ka batur. Naha arék kuli macul (nyambut) kebon, atawa kuli panén tatanén di kebon tatangga.

(Gambar meunang nginjeum ti http://wasteorganic4healthy.wordpress.com/)

Sababaraha Tatanen di Pakebonan


Kaduhung Tiheula


Sanajan kaduhung téh osok pandeuri, lain hartina taya kaduhung anu tiheula. Aya kalana kaduhung téh datangna tiheula. Kaduhung kusabab migawé pagawéanana téh tiheula.

Dina wanci isuk-isuk, lamun indit-inditan ka kebon atawa ka sawah osok paisuk-isuk. Indit ka kebon ulah nepikeun ka beurang teuing supaya beubeunangan di kebonna loba atawa lega. Lamun isuk kénéh mah apanan apanan digawéna bisa sabataé henteu heureut waktuna kusabab geus beurang kaselang ku waktu Lohor.

Reumis dina jujukutan

Lamun indit ka kebon atawa sawah isuk-isuk kénéh kalawan nyorang jalan satapak anu pinuh ku jujukutan, biasana mah dangdaunanana osok baraseuh ku cai ibun. Komo jalan satapak anu jujukutanana ngémplo mah, dangdaunan téh osok ngaroyom ka jalan anu keur peujeuh mah leutik. Atuh lamun ngaliwatan éta jalan, baju atawa calana téh bakal baraseuh kabaseuhan ku reumis anu ngagarenclang dina tungtung dangdaunan. Cai ibun dina dangdaunan dina waktu isuk-isuk mah, moal waka ilang lamun tacan kapanasan ku cahya panonpoé atawa kaendagkeun ku angin atawa kadupak ku anu ngaraliwat.

Atuh lamun reumisna sapapanjang jalan mah bisa nyababkeun baseuh jibreg kana baju atawa calana.

Ieu anu disebut kaduhung tiheula. Kaduhung bet indit ka kabon atawa sawah pangheulana.

(Gambar meunang nginjeum ti internet)

Saung di Kebon


Kebon Cikur