Ulah Nginum Cai Loba Teuing


Nginum cai geus jadi pangabutuh pikeun saha waé ogé. Arék budak atawa arék kolot, perlu nginum, utamana nginum cai hérang. Nginum cai (hérang) matak alus kana ka kaséhatan. Ngan lebah dina lobana nginum, cenah ulah loba teuing. Teu meunang nginum loba-loba teuing.

Salian ti ulah loba-loba teuing nginum, dina cara nginumna aya anu teu dimeunangkeun. Cenah teu meunang nginum bari kekedengan atawa ngadapang. Alesanana, sarua waé ngan hiji. Cenah, ceuk kolot mah bisi jantungna kakeueum. Loba teuing nginum, bisi awak pinuh teuing ku cai anu akibatna bisa ngeueum jajantung. Pon kitu deui lamun nginum bari ngadapang, bisi cai anu diinumna ngeueum jajantung. Anu ngaranna kakeueum jajantung, apanan teu bisa ngarénghap atawa susah napas (jadi eungap).

Budak keur nginum cai

Kusabab kitu, harita mah rada sieun lamun kudu nginum bari ngadapang téh. Da sieun jajantung kakeueum. Ma’lum waé da sieun teu bisa ngarénghap kusabab jajantung kakeueum. Teu bisa ngarénghap mah, apanan bisa paéh. Harita mah nganggapna bener waé lamun jajantung kakeueum téh bakal susah ngarénghap.

Ka béhdieunakeun, geningan lain kusabab bisi kakeueum jajantung. Tapi loba teuing nginum téh matak nyababkeun cai bisa nyerep kana tempat ngocorna getih dina awak. Kusabab getih kacampuran cai, jadina getih téh ngalobaan. Loba teuing getih, matak mawa capé kana jajantung dina ngompa getih supaya nyaliara kana sakujur awak. Kitu cenah….

(Gambar meunang nginjeum ti http://myoops.wordpress.com)

Huhujanan


Anu ngaranna budak mah geus biasa lamun resep kana cai. Komo ngaheureuykeun cai mah, kacida pisan resepna. Bakating ku resepna, najan diulah-ulah ogé angger waé tara daék dihulag. Najan disingsieunan bisi gering ogé, angger waé teu beunang disingsieunan. Ku rasa resep mah éléh kasieun gering téh.

Barudak anu keur huhujanan

Dina mangsana hujan atawa usum hujan, barudak mah kacida pisan raresepna. Nyaéta téa, ngadon huhujanan. Najan keur aya dinu iuh atawa keur di imah ogé, ngadon ngabrit ka luareun imah ngadon huhujanan bari dibubuligir. Lamun kolot mah bélaan ngiuhan dina mangsana kahujanan téh, atawa maké tiung payung tina daun cau dina sakalina kahujanan keur balik ti kebon atawa balik iiditan, barudak mah henteu kahujanan ogé maksa hayang huhujanan. Komo deui lamun kahujanan mah beuki resep waé huhujanan. Pikeun kolot, teu bisa kumaha, da anu geus jadi pangaresep mah susah dihulagna. Nya paling ogé nalingakeun jeung ngelingan. Nalingakeun ulah kamalinaan, ngelingan ulah lila teuing. Lamun geus lila mah gera ampih ka imah, gera mandi beberesih, tuluy disimbut bisi katirisan.

Da lamun lila teuing huhujanan mah bisi kabulusan. Ditambah deui lamun hujanna gedé mah apanan osok aya gelap atawa guludug ngageleger, matak pikasieuneun. Lamun hujanna gedé pisan mah da barudak ogé biasana mah sieuneun komo lamun kudu lila-lila huhujanan mah.

Mandi dina Wanci Subuh


Réngsé saur saacanna waktu solat subuh, biasana mah ribut indit ka cai pikeun mandi. Maksudna mah supaya ulah tinggaleun Solat Subuh. Salian ti éta supaya Solat Subuhna henteu nundutan atawa lulungu. Jeung deui matak berséka lamun mindeng mandi mah. Ngan aya hiji anu matak hanjakalna téh.

Naon atuh anu matak hanjakalna?

Pancuran di tampian

Hanjakalna mah, anu ngaranna waktu Subuh mah di mamana ogé pasti tiris. Komo deui ieu mah di pasisian pilemburan. Jabaning tampian téh apanan di sisi kebon jeung caina ngocor langsung tina sirah cai. Hawa subuh anu matak tiris katutuh ku cai anu tiris ogé. Bati ngahodhod waé. Acan ogé mandi geus ngadégdég tiris. Karék ogé nyabak cai, karasa mani nyecep kana kulit. Matak embung mandina. Tiris pisan.

Tapi najan diembung-embung ogé da dipaksa waé kudu mandi. Piraku indit ka cai henteu mandi. Arék nanaonan ngilu ka cai lamun henteu mandi mah. Kitu saurna téh. Lamun murengked kénéh, aya hiji anu jadi pangolo panungtungan. Saurna téh, tiris soténan keur mandina, da enggeus mandi mah bakal haneut. Nya, najan tiris ogé kapaksa waé mandi. Bener ogé karasa, sanggeus mandi mah karasa haneutna. Da basa mandina mah karasa tiris matak ngahodhoda téh. Tapi sanggeus mandi mah jadi haneut disimbut maké anduk téh. Teuing bakating ku tiisna cai meureunan, jadi hawa biasa ogé jadi rada haneut.

Éta mah kabiasaan baheula mangsa mandi osok ka tampian. Da ayeuna mah mandi téh teu kudu ka tampian deui. Di imah geus aya sumur, teu pati tiis teuing di imah mah.

Halimun jeung Pepedut


Ngaran pepedut teu jauh tina ngaranna halimun. Da nempo kana rupana mah sarua waé nyaéta ayana haseup tiis kusabab hawa tiis kusabab waktuna isuk-isuk atawa kusabab aya hujan. Ngan anu jadi pamikiran téh nyaéta, naha halimun jeung pepedut teh sarua atawa béda. Naha duanana téh béda dina ngaranna wungkul, sedengkeun kajadianana mah éta-éta kénéh. Atawa bener-bener béda, antara duanana sakumaha bédana ngaran.

Nempo kana kajadianana mah, cenah anu ngaranna halimun téh bisa ngawujud atawa aya kusabab ayana héab cai di luhureun taneuh terus katiisan jadi waé haseup. Jadi halimun téh ayana kusabab hawa tiis anu mangaruhan kana héab cai, terus éta héab cai téh jadi tiis. Sedengkeun pepedut biasa ayana téh  waktu satutasna hujan. Ngan kumaha kajadianana mah kurang dipikanyaho. Naha sarua waé sakumaha halimun atawa henteu.

Halimun (asal poto: http://www.crh.noaa.gov/Image/jkl/tree-in-fog.jpg)

Anu bisa jadi pangbébéda téh, sigana mah, nyaéta remen atawa seringna kajadian. Pepedut mah biasana kadang-kadang. Tara tiap waktu hiji tempat kasimbutan ku pepedut. Sedengkeun halimun mah biasana kajadianana téh geus jadi kabiasaan di éta tempat.

Kitu sigana mah….

Ngan intina mah duana gé sarua waé wujudna téh haseup anu tiis atawa baseuh jeung ayana di handap deukeuteun taneuh lain di awang-awang.

Sirah Cai jeung Kahirupan


Cai teu bisa dipisahkeun tina kahirupan jalma. Jalma dina nyorang kahirupanana teu bisa leupas tina cai. Jalma teu bisa hirup lamun euweuh cai. Cai jadi hiji modal kahirupan jalma.

Di pilemburan mah, cai téh biasana kaluar ti sirah cai. Sirah cai jadi kokocoran cai ti jero taneuh anu saterusna mah ngocor ka tempat anu leuwih handap, mapay solokan, wangan nepikeun ka walungan anu ditungtungan ku sagara di lautan atawa situ.

Cai ti sirah cai saméméh ngocor ka wahangan, bisa dimangpaatkeun jeung diala pikeun kapentingan hirup jalma, bisa dipake beberesih atawa nginum jeung masak. Cai anu ngocor kaluar ti sirah cai gumantung kana kaayaan sakurilingeun éta sirah cai, utamana kaayaan alam jeung tatangkalanana. Sakumaha anu geus kamaphum ku urang, cai anu ngocor ti sirah cai téh asalna mah tina cai hujan anu teu langsung ngocor ka wahangan, tapi anu nyerep ka jero taneuh jeung diteundeun di dinya pikeun sawatara waktu saméméh dikaluarkeun atawa dikocorkeun. Cai anu nyerep téh nyangsang di jero taneuh anu dipinuhan ku akar-akar tatangkalan, kadang bisa ogé nyangsang dina dangdaunan anu minuhan éta tempat. Teu matak hémeng lamun dina  tempat kitu, taneuhna teh osok baseuh. Jadi anu ngaranna sirah cai mah biasana tempatna téh dipinuhan ku sabangsaning tatangkalan. Tatangkalan anu remen aya di sirah cai téh biasana mah rungkun awi.

Sirah cai

Supaya éta sirah cai téh langgeng tetep ngocor waé caina, éta sirah cai téh kudu dijaga kaayaanana, supaya ulah nepikeun ka tatangkalana dituaran. Komo nepikeun ka gundulna mah. Ieu kaayaan téh geus jadi hiji hal anu biasa di pilemburan mah. Urang lembur, taya anu hayang ngaharu ganggu kana tatangkalan anu jaradi di sirah cai. Sanajan tatangkalanna geus galedé ogé, diantepkeun waé. Lamun perlu awi, paling ogé saperluna waé.

Malahan lamun nengetan jaman béh dituna mah, anu ngaranna sirah cai téh kacida dipupustina. Sirah cai téh jadi tempat anu ahéng atawa karamat. Taya anu wani ngaganggu. Arék kukumaha ogé diantepkeun waé.