Geus Genep Taun Ngageugeuh WordPress


Kakara kabuka, geningan meunang wawaran (notifikasi) anyar ti WordPress. Heueuh ayeuna mah geus kawilang jarang atawa teu pati remen medalkeun tulisan dina ieu blog téh. Bisa disebutkeun katambélarkeun ieu blog téh. Ngan sakali-kali waé ngapdét pedalanana. Sakasampeurna. Béda reujeung saméméhna anu lumayan remen, dina saminggu téh bisa sababaraha kali tutulisan dina ieu blog. Ayeuna mah, saminggu sakali ogé seuseut seuat.

Geus Genep Taun Ngageugeuh WordPress

Geus Genep Taun Ngageugeuh WordPress

Éh, naha kapapanjangan. Heueuh da éta téa, meunang wawaran anyar anu nyebutkeun yén geus genep taun ngokolakeun blog di loka WordPress téh. Teu karasa geningan geus genep taun blog ieu ngageugeuhna. Susuganan waé atuh meunang wawaran kitu mah ka hareupna bisa leuwih sumanget deui dina tutulisanana, heueuh medalkeun tulisan di ieu blog. Mugia waé atuh….

Candra Kala Sunda 1952


Sanajan ayeuna masih kénéh aya dina taun 1951, taya salahna lamun geus nyaho atawa nyekelan kana Kalénder Sunda anu nelahna Candra Kala Sunda taun 1952. Kira-kira tilu mingguan deui, pananggalan Kalénder Sunda anu disebut Candra Kala Sunda bakal lekasan. Diganti ku pananggalan anyar taun 1952. Tilu mingguan deui, tegesna dina ping 21 Séptémber bakal nyorang Pabaru Sunda.

Candra Kala Sunda 1952

Candra Kala Sunda 1952

Kabeneran, Kalénder Sunda (Candra Kala Sunda) 1952 datana geus nyampak. Éta kala geus aya anu haat mangnyieunkeun. Ku yasana Kang Andi Pangerang Hasanuddin, kalénder Candra Kala Sunda geus nyampak dina wangun mangrupa payil komputer. Éta payil Kalénder Candra Kala Sunda téh bisa diundeur ku saha waé. Alamat neundeun éta Kalénder aya di Google Drive. Ka saha waé anu merlukeun payil Kalénder Candra Kala Sunda, mangga dongdon waé éta alamat.

Lima Désa Bakal Leungit Kakeueum Bendungan Jatigedé


Lamun bendungan Jatigedé bener-bener dicaian, bakal aya lima désa anu kakeueum sakabéh wewengkonna. Anu antukna, éta lima désa téh bakal leungit. Lima désa anu bakal leungit téh nyaéta Desa Cibogo, Cipaku Désa Leuwihideung di Kacamatan Darmaraja, ditambah ku Désa Padajaya di Kacamatan Wado jeung Désa Sukakersa di Kacamatan Jatigedé. Sedengkeun anu hiji deui mah nyaéta Désa Jatibungur anu kaasup wewengkon Kacamatan Darmaraja ngan ukur sawaréh wewengkonna wungkul anu kakueumna téh. Di ieu désa mah ngan ukur dua RW wungkul anu kakeueumna téh. Ka hareupna, tacan aya kawijakan naha arék dileungitkeun atawa moal Désa Jatibungur mah.

Wewengkon anu bakal kakeueum ku bendungan Jatigede

Wewengkon anu bakal kakeueum ku bendungan Jatigede

Atuh, Kabupatén Sumedang anu tadina dibagi kana 276 désa, ngurangan jadi 271 désa. Najan ngurangan jumlahna, ka hareupna aya harepan bakal nambahan deui. Sababna mah warga masarakat anu lemah caina kakeueum bakal parindah ka wewengkon anu teu kakeueum. Wewengkon anu kapindahan éta, bakala nambahan warga masarakatna. Kusabab nambahan, bisa waé éta wewengkon anu katambahan téh dimekarkeun désana. Lamun warga masarakat hiji désa ngaleuwihan ti 6.000 urang KK bisa dimekarkeun.

Ping 1 Suklapaksa Asuji 1951 Candra Kala Sunda


Ping 1 Suklapaksa Asuji 1951 Candra Kala Sunda

Ping 1 Suklapaksa Asuji 1951 Candra Kala Sunda

Matihna Agustusan Baheula


Geus jadi kabiasaan lamun tujuh belas agustusan osok diayakeun raraméan. Utamana di kacamatan atawa di désa. Malahan aya lomba pawéy antar-désa sagala sa-kacamatan. Lomba arak-arakan anu diiluan ku amour sakabéh warga masarakat. Sagala kamonésan jeung sagala anu aya di masarakat dipintonkeun dina ieu arak-arakan. Ti mimiti hasil tatanén atawa kamonésan anu ngahaja dijieun, diarak/diabringkeun supaya katempo naon waé anu aya di hiji désa.

Teu anéh lamun agustusan téh osok diiluan ampir ku sakabéh masarakat. Arék budak atawa kolot, arék lalaki atawa awéwé, ngiluan ngareuah-reuah agustusan. Najan jauh anu kudu dijugjug, ka kacamatan atawa ka désa, teu jadi halangan pikeun indit. Najan teu mibanda kandaraan ogé, aya anu ngahajakeun leumpang.

Raramean dina raraga Agustusan

Raramean dina raraga Agustusan

Leuwih jauhna, baheula mah cenah kana ngaranna agustusan téh kudu waé ngiluan, kudu ngiluan ngareuah-reuah. Teu meunang henteu. Dina henteu ngiluan raraméan téh teu meunang ka mamana. Kudu cicing di imah. Lamun maksakeun iinditan atawa barangala sok aya matakna.

Nalika batur raraméan agustusan teu meunang barangala. Aya kajadian, hiji jalma anu ngadon ngala jéngkol nalika agustusan, cenah mah manéhna téh tikosewad. Atuh, nempo kana éta kaayaan, geningan matih ogé anu ngaranna agustusan téh. Najan bisa waé éta téh ngan ukur kabeneran.

Da pernah nyobaan nalika agustusan teu ngiluan raraméan. Terus ngala jambu di buruan tatangga. Teu nanaon….

(Potret meunang nginjeum ti Galamedia News)

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.

Join 1.318 other followers

%d bloggers like this: