Juru Kawih: Nining Méida AS; Wanda: Degung Kawih; Sanggian/Rumpaka: Nano S.
Lembur Kakasih
Tuh, péngkolan anu bras ka jalan gedé
Nu mawa guligah haté
Tuh, cirina tangkal anu ngarandakan
Nu linduh tempat bumetah
Tuh, lemburna kahalang sawah jeung pasir
Nu mawa sérédét geter
Tuh, walungan nu beresih hérang caina
Saweninga rasa cintana
Di dinya gelarna cinta munggaran
Di dinya harepan mekar kembangan
Éndah panineungan teu kasilih pédah pisah
Tumapag teu ilang-ilang némbongan satiap waktu
Ngeunaan reumis, jadi inget kana kawih Reumis Beureum dina Eurih anu dikawihkeun ku Maé Nurhayati. Kabeneran manggihan ieu kawih dina komputer. Sakalian waé nyutat rumpakana. Ieu lagu téh meunang ngarumpakan Mang Koko Koswara. Ari wanda ieu lagu nyaéta Kawih Degung.
Jol ka lamping suku gunung Ditempo sugan di kedung Didongdon sugan ka lisung Ka sawah sugan ka saung Panutan gening bet suwung Piraku rék niat pundung Rék niat pundung
Harita téh geus bray-brayan Basa datang ka sampalan ieuh Kembang eurih pareng nebak Barodas baseuh cimata
Harita téh geus nyay-nyayan Aya wirasat nu datang ieuh Reumis beureum dina eurih Bareureum baseuh ku getih
Gok amprok reujeung manéhna Keur saré bangun nu tibra Imut mapag langit jingga Kembang eurih sasarapna Aduh geuning beureum rupana Aduh nu saré dewang dadana