Ngala Suluh


Inget ka jaman baheula mangsa nimu potret ieu di mandala pesbuk.

Babarengan reujeung babaturan mangsa balik sakola arindit bari mawa bedog ke kebon atawa ka sisi leuweung. Seja neangan suluh, boh tina dahan tatangkala anu maruragan atawa tangkal kaina soeangan anu paeh.

ngala suluh
Barudak ngala suluh

Balikna suluh teh ditalian terus dipanggul. Bisa dipanggul langsung atawa ditanggung. Lamun meunangna saeutik dipanggul, lamun loba ditanggung. Atawa bisa oge disumiat, ditanggung tapi suluhna ngan sabeulah.

Boyot


Saha atuh jalmana anu teu hayang jadi jalma panggancangna. Pangpangna bisa lumpat gancang, siga Usain Bolt anu jadi jawara lumpat dina kajawaraan dunia 100 méter. Sanajan henteu siga Usain Bolt ogé, nya sahanteuna teu tinggaleun jauh teuing.

Balap lumpat pagancang-gancang
Balap lumpat pagancang-gancang

Tapi dina kanyataanana mah teu kitu sakabéhna. Ayana kalana waktu diajak lumpat teu bisa gancang. Lamun balap lumpat téh osok tinggaleun waé atawa pangpandeurina. Lamun geus kitu, sok aya anu ngadon moyok, cenah manéh mah boyot atawa pangboyotna.

(Gambar meunang nginjeum ti Olahraga Anak)

Keketepélan


Barudak anu keur keketepelan
Barudak anu keur keketepelan

Manggihan potrét ti pésbuk (ngan poho deui panumbuna) anu mintonkeun barudak (dua urang budak) anu keur ngéker ketepél. Duka ngécéng naon tah teu apal. Tapi biasa mah, lamun baheula maké ketepél téh taya deui kajaba ngécéng manuk.

Manuk anu aya di luhureun tangkal, anu keur eunteup dina dahan tatangkalan téh ngahaja diketepél. Susuganan jeung susuganan waé keuna kana manukna. Itung-itung ngala manuk. Pélorna biasana mah maké batu leutik anu rada buleud.

Hanjakal waé dina waktuna ngetepel manuk téh taya anu keuna waé, da geningan pélorna téh osok ka mana waé melesatna. Sanajan dikécéng ogé taya anu keuna kana manukna. Salian ti kusabab perenah manukna anu jauh di luhur tangkal, ogé susah ngékerna. Béda reujeung bedil anu osok dipaké bebedil nalika ngala manuk.

(Potret meunang manggih ti pesbuk)

Mapag Lebaran, Ngabedahkeun Balong


Manggihan potrét baheula di pésbuk, jadi inget ka jaman baheula. Heueuh, baheula mah mangsa nyanghareupan lebaran téh osok ngahajakeun ngabedahkeun balong, ngala lauk diparak kabéh. Anu mibanda balong téh ngahajakeun pikeun ngala lauk sabalong ku jalan dibedahkeun. Barudak anu arapaleun mah osok ngahaja miluan ancrub ka balong néwakan lauk bari garogonjakan ngadon hareureuy.

Barudak baheula keur miluan ngabedahkeun balong
Barudak baheula keur miluan ngabedahkeun balong

Réngsé naréwakan lauk, barudak anu mariluan téh osok dibéré beubeunangan pikeun bawaeun balik ka imah. Malahan lamun anu bogana réngsé ngadedahkeun téh, barudak mah tara langsung baralik. Osok ngahaja néangan deui bisi aya lauk anu kaliwat. Lumayan bisa nambahan bawaeun ka imah.

7 Poé Pendidikan Istimewa di Purwakarta


Nurutkeun inpo anu dipedalkeun ku Pos Kota, dina poe mangkukna di Purwakarta dipedalkeun program anyar anu kacida motekarna. Program anu langsung dipedalkeun ku Bupati Purwakarta ieu dingaranan 7 Poe Pendidikan Istimewa. Luyu reujeung ngaranna, program ieu nojo kana perkara pendidikan hususna pendidikan barudak di sakola. Pendidikan teh dilumangsungkeun henteu eureun-eureun, tujuh poe dina samingguna.

Dina ngalumangsungkeun ieu program, geus dicawiskeun sababaraha jejer anu beda-beda unggal poena. Barudak bakal meunang rupa-rupa jinis pangajaran dina unggal poena. Dina poe senen, barudak bakal meunangkeun pangajaran anu disebut ajeg nusantara. Ari poe salasana mapag buana, rebo maneuh di Sunda, kemis nyanding wawangi, jumaah nyucikeun diri ditambah saptu-ahadna betah di imah.

7 Poé Pendidikan Istimewa di Purwakarta
7 Poé Pendidikan Istimewa di Purwakarta

Nurutkeun runtuyan ieu jejer, barudak barudak sakola bakal mayeng meunang pangajaran unggal poéna. Dina poé senén barudak bakal diajar ngeunaan nusantara, pikeun leuwih mikawanoh nagara Indonésia katut sagala hal anu aya di jerona kayaning budaya nepikeun ka alamna. Poé salasana barudak bakal meunangkeun pangajaran ngeunaan alam dunya anu aya patalina reujeung budayana katut élmu pangaweruhna. Poé rebo dieusi ku pangajaran mikawanoh budaya jeung tradisi daérah Sunda. Barudak bakal diajar ngeunaan palasipah kahirupan urang Sunda anu linuhung saperti hirup dibarung silih asah, ilih asih jeung silih asuh. Poé kemisna dijejeran nyanding wawangi anu aya pakaitna reujeung ngaluarkeun niléy rasa jeung seni barudak. Sedengkeun poé jumaah aya pakaitna reujeung ngaronjatkeun niléy spiritual.

(Gambar meunang nginjeum ti Pos Kota)