Baheula mah di lembur mah nu ngaranna manuk teh masih keneh loba. Ti mimiti manuk leutik (contona manuk piit) nepi ka manuk anu gede (contona manuk cangehgar), masih keneh aya. Manuk anu kacirina gampang dieupanan mah, mun nempo tapak ngupukna, nya manuk tikukur. Eta oge ceuk babaturan, da kuring mah ngan ukur mimilu wungkul.
Nya basa diajak ku babaturan pikeun naheunan manuk tikukur teh, daek wae. Da resep, jeung mun beubeunangan teh tangtuna oge bakal kabagean. Tempat naheunana geus ditangtukeun, nyaeta di kebon babaturan anu kabeneran loba tangkal cau. Ceuk nu ngajak mah cenah di kebon eta teh, di handapeun tangkal cau loba tapak ngupuk manuk. Cenah mah manukna teh manuk tikukur, da anu kadenge di deukeuteun kebon eta mah ngan ukur manuk tikukur.
Di kebon, kuring ngan ukur nempokeun kumaha carana nyieun paranti naheunan manuk. Paranti naheunana mangrupakeun eurad anu diteundeun dina palangkring. Mun manuk tea eunteup dina palangkring tangtuna oge palangkringna moal kuateun nahan beurat manuk tea, tuluy wae konci euradna leupas nu ngakibatkeun suku manuk anu napak kana palangkring kaeurad ku tali.
Di handapeun paranti naheunan, kitu oge di tempat ngupuk manuk tikukur tea, diawuran ku bangsal. Tujuanana supaya manukna resepeun ngadeukeutan kana eta palangkring atawa panaheunan. Kuring jeung babaturan mah nyarumput dina tempat anu nyamuni. Supaya teu katempoeun ku manukna.
Didagoan ti pabeubeurang nepikeun ka sorenakeun, euweuh hiji-hiji acan manuk anu eunteup kana panaheunan teh. Boro-boro manuk nu sejen, dalah manuk tikukur anu ti tadi beurang kadenge sorana teh, euweuh nyampeurkeun-nyampeurkeun acan. Poe harita mah gagal wae, teu beubeunangan. Sanajan kitu, kuring meunang oleh-oleh, kumaha carana nyieun paranti naheunan manuk.
Kabehdieunakeun, kakara katohyan, yen tempat anu lening jiga paranti ngupuk manuk tikukur handapeun tangkal cau teh lain urut ngupuk manuk tikukur. Tapi leningna atawa beresihna teh ku dahan cau anu geus peot anu ngagapuy kana taneuh terus katebak angin. Kusabab katebak angin jadi jiga anu meresihan taneuh handapeun tangkal cau. Jadi leningna teh lain tapak ngupuk manuk, tapi urut dahan cau….
Beu…!