Tujuh Taun Ngageugeuh WordPress


Manjing tujuh taun ngageugeuh di WordPress
Manjing tujuh taun ngageugeuh di WordPress

Teu karasa geus manjing tujuh taun cenah mah ngageugeuh di mandala WordPress téh. Ping ayeuna, tujuh taun anu geus kaliwat mimiti daptar jadi anggahota WordPress téh. Sanajan geus kawilang lila, tapi beuki dieu asa beuki jarang pikeun ngahaja kokotrétan di mandala WordPress téh. Teuing atuh, sigana mah manco teuing kana pagawéan, jadi blog di WordPress téh katambélarkeun.

Keun baé kétang, ieu mah sakasampeurna waé, lamun keyeng nya dileukeunan pikeun medalkeun tulisan anyar. Mugia ka hareupna leuwih remen deui medalkeunana.

Cag ah….

1.500 Pedalan di Blog Kampung Ciburuan


1.500 pedalan di blog Kampung Ciburuan
1.500 pedalan di blog Kampung Ciburuan

Nempo kana jumlah pedalanana, Alhamdulillah geningan ieu blog téh bisa medalkeun tulisan nepikeun ka 1.500 pedalan. Mugia waé ka hareupna leuwih mayeng deui….

Geus Genep Taun Ngageugeuh WordPress


Kakara kabuka, geningan meunang wawaran (notifikasi) anyar ti WordPress. Heueuh ayeuna mah geus kawilang jarang atawa teu pati remen medalkeun tulisan dina ieu blog téh. Bisa disebutkeun katambélarkeun ieu blog téh. Ngan sakali-kali waé ngapdét pedalanana. Sakasampeurna. Béda reujeung saméméhna anu lumayan remen, dina saminggu téh bisa sababaraha kali tutulisan dina ieu blog. Ayeuna mah, saminggu sakali ogé seuseut seuat.

Geus Genep Taun Ngageugeuh WordPress
Geus Genep Taun Ngageugeuh WordPress

Éh, naha kapapanjangan. Heueuh da éta téa, meunang wawaran anyar anu nyebutkeun yén geus genep taun ngokolakeun blog di loka WordPress téh. Teu karasa geningan geus genep taun blog ieu ngageugeuhna. Susuganan waé atuh meunang wawaran kitu mah ka hareupna bisa leuwih sumanget deui dina tutulisanana, heueuh medalkeun tulisan di ieu blog. Mugia waé atuh….

Lima Taun Ngageugeuh WordPress


Meunang wawaran (notifikasi) ti WordPress, cenah mah anu ngokolakeun ieu blog téh geus nincak kana taun kalima. Hartina geus lima taun ngageugeuh mandala WordPress-na. Tapi lamun disaliksik deui mah, lima taun téh lain umur blog Kampung Ciburuan ieu, tapi blog anu pangheulana dijieun ku akun anu nyieun blog Kampung Ciburuan. Da pedalan munggaran blog Kampung Ciburuan mah dina ping 29 Séptémber. Sabulanan deui kana nincak lima taunna téh.

Lima taun ngageugeuh mandala WordPress
Lima taun ngageugeuh mandala WordPress

Sanajan kitu teu nanaon, ieu mah minangka pangéling-ngéling waé yén ieu blog téh sakeudeung deui arék nincak lima taun. Mugia waé ka hareupna ieu blog téh beuki rempeg deui ku pedalan anu leuwih hadé pikeun ngeusian widang tutulisan dina Basa Sunda di mandala maya. Mugia ku nyampakna ieu blog téh bisa jadi hiji bacaan pikeun anu ngahaja ngalongok ka ieu blog atawa kasasar anjog ka ieu blog. Utamana pikeun anu medalkeunana sorangan.

Hatur nuhun pisan ka anu kungsi ngalongok ieu blog, mugia waé aya mangpaatna.

Ahirna mah Bisa Noron Medalkeun Tulisan Sabulan Campleng


Pedalan blog Kampung Ciburuan salila bulan Oktober 2013
Pedalan blog Kampung Ciburuan salila bulan Oktober 2013

Hayang pisan unggal poé bisa midangkeun tulisan/pedalan dina ieu blog. Ngan nyakitu téa geningan. Pedalan atawa tulisan téh henteu bisa mayeng unggal waktu bisa dijieun. Pedalan atawa tulisan henteu bisa dijieun lamun taya pamanggih naon anu baris ditulis atawa dipedalkeun. Dina ayana ogé, pamanggih téh kadangkala henteu bisa langsung dijadikeun tulisan. Pamanggih téh kudu dikokolakeun (diolah) heula. Kumaha carana supaya pamanggih téh bisa dijadikeun tulisan anu merenah. Lamun geus ngawujud jadi tulisan mah kakara bisa dipedalkeun.

Jadi lamun hayang tulisanana mayeng unggal poé mah alusna unggal poé téh miboga pamanggih ngeunaan naon baé anu bisa dijadikeun tulisan. Pamanggih téh langsung disusun jadi tulisan dina blog. Arék saeutik atawa loba, pamanggih téh langsung dijieun tulisan. Kitu sotén lamun lulus banglus pamanggihna. Nalika euweuh pamanggih mah, nya wayahna waé kudu mikir atawa néangan pamanggih nepikeun ka kapanggih.

Kusabab pamanggih téh henteu unggal waktu kapanggih atawa kasampeur, aya alusna lamun sagala rupa pamanggih téh dikokolakeun kalawan alus. Kudu nyieun daptar pamanggih anu kapanggih, naha dihaja dipanggihan atawa henteu kahaja (kapanggih). Sanggeus dijieun daptar, terus dijieun tulisan. Tulisanana ogé kudu dikokolakeun kalawan bener ogé. Nalika pamanggih téh loba beubeunanganana, henteu langsung dijadikeun pedalan, tapi saeutik-saeutik medalkeunana. Sanajan dina hiji waktu miboga pamanggih nepikeun ka sapuluh siki, anu dipedalkeun mah alusna henteu langsung kabéhanana. Tapi nungtutan, hiji-hiji atawa dua-dua dina sapoéna. Nalika dina hiji poé poékeun ku pamanggih, kakara medalkeuna pamanggih/tulisan sésana.

Ku jalan ieu, pedalan téh sahanteuna baris mayeng unggal waktu (poé).