Muludan Santri Miftahul Huda Kampung Ciburuan


Imtihan Maulid Nabi Muhammad saw 1434 H


Saptu peuting, sanggeus solat Isya, barudak santri ngarumpul di Madrasah Miftahul Huda. Santri-santri téh maraké saragam corak héjo. Dariuk dina korsi meunang nginjeum ti Balé Musawarah Dusun anu dijéjérkeun di buruan madrasah. Supaya henteu kahujanan, luhurna ditiungan maké terepal. Ari tamu anu haladir, nyaéta kolot-kolotna barudak santri diangkir supaya asup ka jero rohangan madrasah. Pon kitu deui reujeung sémah anu diondang, sina asup ka jero madrasah. Aya dua rohangan madrasah anu dipaké tempat acarana. Kikiding hahalang rohanganana digeblangkeun (dibuka) supaya dua rohangan éta bisa ngahiji.

Barudak santri keur mintonkeun Mars KPM Miftahul Huda
Barudak santri keur mintonkeun Mars KPM Miftahul Huda

Bari diamparan ku karpét, kolot-kolot jeung sémah anu diondang dariuk dina karpét bari dihareupeunana dijajarkeun idangan kayaning kuéh jeung inuman. Di tungtung rohangan anu hiji diteundenan babangkuan minangka panggungna. Panggung pikeun mentaskeun barudak santri. Ayeuna mah henteu nyieun panggung di luar, da keur usum hujan. Bisi kahujanan, pangpangna anu lalajona. Ari di jero rohangan mah apanan sakabéhna (anu mentas jeung anu lalajo) bisa kaiuhan.

Acara anu diluuhan ku Kapala Desa katut MUI Desa téh bisa lumangsung kalawan lancar. Hanjakal waktuna henteu cukup pikeun mentaskeun sakabéh barudak di luhureun panggung. Anu dipentaskeun téh ngan ukur bisa ceramah jeung Tahfidz Juz’amma wungkul. Salian ti éta mah kapaksa henteu dipentaskeun. Engké waé dina pas Rajaban, bakal dipentaskeun sakabéh barudak. Kitu kasauran Ketua Panitia.

Salasahiji pintonan anu diancokeun
Salasahiji pintonan anu diancokeun

Barudak anu kalolobaanana mah santri istri (satriwati), mentas ka luhur panggung. Mintonkeun hasil latihanana séwang-séwangan. Ti mimiti Qosidahan/Tagonian, Tahfidz Juz’amma katut ceramahan (tausiah). Salian ti éta ogé aya babagi hadiah ka santri anu miboga kapinunjulan (prestasi) anu dipasrahkeun langsung ku Bapa Kapala Desa katut Kapala Dusun. Acara Imtihan téh réngsé dina jam 12 peuting.