Muludan Santri Miftahul Huda Kampung Ciburuan


Di Mana Atuh Kampung Ciburuan téh?


Najan aya di pasisian, henteu jadi halangan pikeun lembur Ciburuan bisa katohiyan ngaliwatan mandala maya atawa jagat internét. Najan jauh ka mana ka mendi, tapi ngaliwatan peta digital mah bisa kanyahoan di mana perenahna ieu lembur. Contona waé ngaliwatan Google Maps atawa Wikimapia, Lembur Ciburuan bisa kapaluruh. Coba waé paluruh kecap ‘ciburuan’ ngaliwatan loka wikimapia. Mangka bakal dipidangkeun tempat atawa wewengkon anu aya pakaitna reujeung Ciburuan. Lamun milih salasahiji panumbu anu aya, bakal diancokeun peta lembur Ciburuan.

Lembur CIburuan dina ambahan anu heureut

Nempo petana, komo dina modeu Satelit, bakal katempo wewnengkon lembur Ciburuan anu dikurilingan ku gemplo héjona dangdaunan. Bener ogé, da lembur Ciburuan mah sabenerna dikurilingan ku pakebonan reujeung pileuweungan. Di belah kidul katut kalér nyambung reujeung pileuweungan, sedengkeun di lebah kulon saméméh nyambung ka pileuweungan téh kaselang heula ku pakebonan. Pakebonan anu lega aya di lebah wétaneun lembur.

Najan deukeut pileuweungan, henteu matak geueuman kaayanana. Kabeneran ayeuna mah pileuweunganana keur disambut ku urang lembur ngaliwatan program PHBM (Pengelolaan Hutan Bersama Masyarakat). Leuweung di belah kiduleun reujeung kaléreun lembur anu tadina pinuh ku tatangkalan kayaning mahoni jeung seubsi, ditebangan digenti ku tatangkalan anyar. Saméméh tatangkalanana galedé, taneuh leuweungna bisa dipelakan heula ku tatanén kayaning paré huma, tangkal cau, kaasup dipalakan ku tatanén cikur jeung sabangsana.

Lembur Ciburuan dina ambahan anu lega

Lamun petana rada dilegaan, bakal katempo perenahna lembur Ciburuan dina wewengkon anu leuwih lega. Lembur Ciburuan, najan aya di Kabupaten Sumedang, perenahna aya di tepis wiring Kabupatén Sumedang reujeung Kabupaten Subang. Ti kota Sumedang mah perenahna téh ngalér rada ngétan. Jauhna ti kota Sumedang kira-kira 20 km atawa kira-kira sajam naék motor. Jalan anu kudu disorang loba nanjak mudunna. Teu anéh, da lembur Ciburuan perenahna aya di wewengkon pasir (gunung leutik).

(Gambar meunang nangkep tina wikimapia)

Lebet


Lebet mangrupakeun hiji ngaran patempatan anu aya di lembur Ciburuan. Perenahna ieu tempat téh aya di béh kuloneun lembur. Di tempat ieu dipinuhan ku tatangkalan, anu lolobana mah tangkal atawa rungkun awi kayaning awi tali. Pikeun bisa asup ka ieu tempat, kudu ngaliwatan jalan satapak anu sawarehna jalan ieu téh mapay sisi lamping.

Rungkun awi di sisi leuweung Lebet

Salian ti rungkun awi aya hiji tangkal anu gedé jeung jangkung di jero ieu leuweung. Ieu tangkal bisa jadi ciri lamun diténjo ti tempat séjén anu jauh. Tangkal ieu jangkungna béda reujeung tatangkalan anu séjén, nyaéta leuwih jangkung.

Ceuk béja, di tempat ieu téh lumayan geueuman. Di jerona aya kuburan karuhun urang Ciburuan. Aya sababaraha hiji kuburan anu perenahna misah-misah.

Ka ieu tempat osok aya jalma anu ngadon nyekar, hususna dina waktu-waktu anu tangtu saperti bulan Rajab atawa sanggeus Idul Fitri.

Pamali: Teu Meunang Ngucapkeun Embé atawa Miara Embé


Pikeun urang lembur (pangpangna lembur Ciburuan), anu ngaranna embé atawa kambing jeung ucapan embé téh jadi hiji hal anu dipahing atawa dipantang pisan. Mun ngingu embé atawa kambing teu meunag di lembur, nginguna atawa nyieun kandangna kudu jauh ti lembur. Pon kitu deui jeung ucapan atawa kecap embé. Kacida dipahingna pisan. Sakali aya jalma anu ngucapkeun embé, osok aya kajadian hujan angin dor dar gelap.

Sakali mangsa aya masarakat anu hayangeun ngingu kambing teh, teu meunang diingu di lembur, nyieun kandangna kudu jauh ti lembur. Nya kapaksa nyieun kandangna teh di sawah anu lumayan jauh ti lembur.

Kambing keur liar di kebon

Memang perkara ieu mah da kumaha kayakinan jalmana. Mun jalmana yakin mah tangtu, biasana eta pantangan teh mun dilanggar osok kajadian. Tapi, mun jalmana henteu yakin mah, biasana tara kajadian nanaon sanajan dirempak oge.

Pernah baheula mah, pun guru di sakola, ngucapkeun eta kecap. Tapi teu kajadian nanaon. Taya hujan anu turun, taya angin anu ngagelebug komo dibarengan ku dor dar gelap mah.

Jadi, tetep wae eta pantangan teh kumaha kayakinan….

Ngaran-ngaran Kaulinan Barudak


Sanggeus ngayakeun panalungtikan, khususnya di wilayah Kampung Ciburuan katut sabudeureunana, dikumpulkeun nu ngaranna rupa-rupa Kaulinan Barudak. Tapi ieu tangtuna oge henteu kabuka sakabehna. Ieu mah ngan ukur anu aya di wilayah nu kasebut eta.

Ngaran-ngaran Kaulinan Barudak teh di antarana:

  1. Ucing-ucingan
    • Ucing Sumput atawa Ucing Dua Lima
    • Ucing Tangkal
    • Ucing Udag
    • Ucing Saminggu
  2. Rorodaan
    • Rorodaan gilindingna tilu anu bisa ditumpakan
    • Rorodaan anu didorong
    • Rorodaan paranti ngala cai
  3. Pepeletokan
  4. Congklak
  5. Papabrikan tina daun danas/ganas
  6. Peupeuyeuman tina tangkal harendong
  7. Galah
  8. Pris-prisan
  9. Susumpitan
  10. Peperangan
    • Make karet geulang, pelorna ku dahan sampeu
    • Make kekembangan anu matak rapet kana baju/awak
    • Make pepeletokan
    • Make dahan cau
  11. Sasaungan
  12. Raranggonan
  13. Ayun-ayunan
  14. Momobilan
    • Tina kai
    • Tina dahan kawung
    • Tina cangkang jeruk bali
  15. Encrak
  16. Jajangkungan atawa enggrang
  17. Soldah
  18. Paparahuan tina daun marasi, majuna bisa katebak angin atawa make budah odol
  19. Ngadu kaleci
  20. Ngadu muncang
  21. Gugulusuran
    • Make Upih (daun tangkal jambe anu geus kolot nepi ka muragna)
    • Teu make nanaon
  22. Sapintrong
  23. Loncat Tinggi
  24. Dam-daman
  25. Empet-empetan: tina tangkal pare, jiga tarompet
  26. Torotot heong
  27. Kokoleceran
    • Tina kai: tangkal tisuk, jati
    • Tina awi: awi tali
    • Tina daun: daun kalapa
  28. Gogolekan tina dahan sampeu
  29. Rorokoan tina gabus tangkal sampeu
  30. Babaledogan
    • Maledogkeun langari make nyere. Tungtung nyere nu leutik ditojoskeun kana puhu
    • Maledogkeun batu kana cai supaya ajleng-ajlengan
  31. Keketepelan
  32. Jujulangketan
  33. Naheunan sasatoan sabangsaning manuk
  34. Langlayangan
    • Meuli
    • Nyieun tina keresek
    • Ngagunakeun daun
  35. Maenbal
  36. Vovolian
  37. Kasti
  38. Gatrik
  39. Simar
  40. Eundeuk-eundeukan
  41. Ngadu pangal
  42. Tatarucingan
  43. Oray-orayan
  44. Puputeran tina dahan sampeu
  45. Anyang-anyangan
  46. Gugunungan make ciduh dina taneuh

Tambahanana:

  1. Boy-boyan
  2. Sorodot Gaplok
  3. Pecle

Wilujeng Tepung di Blog Ciburuan


Blog ieu diayakeun pikeun ngamumule atawa ngalanggengkeun naon anu jadi kabiasaan atawa budaya anu geus jadi cekelan urang Sunda khususna kabudayaan anu aya di pasisian. Kajurung ku kahayang eta, nya dijieun ieu blog. Anu eusina dikhususnya nyaritakeun atawa magunemkeun kabudayaan Sunda anu aya di sabudeureun Kampung Ciburuan.

Sanajan kitu, tetep wae da anu nyusun ieu blogna ngabogaan kakurangan, boh dina widang pangaweruh boh dina widang praktekna. Jadi, nu nyusun ieu teu ngajamin sagala rupa budaya anu aya bisa kaasupkeun ka ieu blog.

Pikeun ayeuna mah, anu bakal diasupkeun kana ieu blog teh moal jauh tina widang-widang:

Sakitu wae heula pikeun ngamimitian ieu blog.