Motor téh Disebutna Honda


Aya anu rada anéh dina nyebutna. Di lembur mah apanan nyebutna téh motor. Sedengkeun ari Honda mah ngaran salasahiji pausahaan anu nyieun éta motor. Da salian ti Honda apanan aya pausahaan séjénna anu sarua nyieun motor saperti Yamaha, Kawasaki, Suzuki jeung anu séjénna.

Rupa-rupa Honda anu keur parkir

Di Pekanbaru mah, lain motor disebutna téh. Tapi pada-pada nyebut Honda pikeun barang anu ngaranna motor téh. Jadi nyebut motor téh ku kecap Honda. Jadi, Honda téh lain ngaran mérk barang atawa kandaraan deui, tapi geus jadi ngaran barang atawa kandaraan.

Najan mérk motorna Yamaha, ku urang Pekanbaru mah disebutna téh Honda. Pon kitu deui reujeung mérk séjénna, angger disebutna téh Honda.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Urang Indonesia ka Kénca, Urang Luar Nagri ka Katuhu


Plang pituduh di jero kapal ngapung

Beungharna Urang Riau (Pekanbaru)


Pikeun urang anu asalna ti luar Riau (Pekanbaru) mah nganggapna kaayaan Riau (Pekanbaru) téh kacida beungharna. Kaayaan alamna anu beunghar geus jadi hiji hal anu narik diri pikeun ngumbara ka wewengkon Riau (Pekanbaru). Teu anéh lamun loba urang luar Riau anu ngadon ngumbara ka wewengkon Riau (Pekanbaru). Ngumbara pikeun néangan pangupa jiwa, néangan napakah.

Beungharna kaayaan Riau bisa diilikan tina salasahiji hasil bumi Riau anu jadi andelanana nyaéta minyak. Alam Riau mah bisa ngahasilkeun minyak anu loba pisan. Minyak ieu lain ngan ukur di jero taneuh, tapi ogé di luhureun taneuh. Jadi aya anu nyebutkeun Riau mah handapeun taneuhna minyak, luhureun taneuhna ogé minyak. Jero taneuh mah minyakna nelahna téh minyak bumi, sedengkeun anu di luhureun taneuh mah minyak sawit. Dua jinis minyak ieu bisa disebutkeun bahan jualeun anu penting dina kahirupan jalma ayeuna. Minyak tina jero taneuh dipaké pikeun ngahurungkeun kandaraan, sedengkeun ari minyak sawit penting dina ngolah kadaharan.

Upluk-aplakna kebon kalapa sawit di Riau

Tapi hal ieu téh henteu sarua reujeung anggapan urang Riau (Pekanbaru). Cenah di Riau mah susah pikeun néangan napakah téh. Lowongan gawé rada susah. Pikeun jalma anu asalna Riau (Pekanbaru) mah nganggapna kaayaan Riau (Pekanbaru) téh henteu bisa dijadikeun andelan pikeun kahareupna. Ieu anggapan téh utamana anggapan barudak ngorana.

Naha bisa béda kitu geningan, nya…?

(Gambar meunang nginjeum ti cybersulut.com)

Pabukon Soeman HS, Pabukon Agréng di Pekanbaru


Nganjang ka Pabukon Propinsi Riau anu aya di Pekanbaru, matak ngajenghok ogé. Henteu ngajenghok kumaha, da nempo wangunana kacida agréngna. Wangunanana jangkung nepikeun ka genep tingkat. Unggal tingkat miboga kumpulan buku anu béda-béda. Jinis bukuna ogé rempeg pisan. Ditambah deui buku-bukuna alanyar wungkul. Salian ti éta, ditambah ku pangladén pikeun anu nganjang katut anu hayang nginjeum buku anu alus: aya internét haratis, jadi anggahota pabukon ogé haratis. Ngan samentara mah anu bisa jadi anggahota kalawan bisa nginjeum buku téh pikeun urang dayeuh Pekanbaru wungkul. Urang luar dayeuh Pekanbaru mah cenah karunya bulak-balikna pikeun nginjeum jeung masrahkeun buku anu ngan ukur saminggueun waktu nginjeumna.

Rupa-rupa buku dina rak buku

Lamun nempo kana wangunanana kacida agréngna. Wangunan anu gedé tur jangkung téh loba rohangan anu dijieun kalawan lowong. Kikidingna ngagunakeun kaca. Atuh bisa nempoan kaayaan dayeuh Pekanbaru ti jero pabukonna. Unggal tingkat dieusi ku tempat-tempat pikeun maca buku anu ngeunaheun. Loba méja jeung korsi pikeun maca kalayan husu. Pikeun leuwih husuna deui aya rohangan husus pikeun maca buku anu wangunana buleud dikidingan ku kaca ampir d sakabéh tingkat. Salian ti rohangan pikeun maca, aya ogé rohangan anu bisa dipaké pikeun ngadu bako atawa diskusi.

Rohangan husus pikeun barudak

Di lantéy kahijina, aya tempat kaulinan pikeun barudak leutik. Kaulinan anu tangtuna ogé lain ngan ukur kaulinan biasa. Tapi kaulinan anu ngandung eusi pangaweruh. Jadi lamun mawa budak ka pabukon anu dingaranan Soeman HS, moal matak hariwang, da bisa ulin kalawan pikaresepeun. Salian ti tempat ulin aya ogé buku-buku pikeun barudak.

Tempat ngopi

Lamun hanaang atawa lapar? Teu kudu bingung ogé. Masih kénéh di lantéy kahiji, aya tempat pikeun ngaleungitkeun hanaang atawa lapar. Kari asup waé ka tempat ngopi (café) anu ngaranna Kopi Kimteng.

Lamun nganjang ka ieu pabukon, bakal karasa ngeunaheunana. Kaayaan anu tiis tibatan kaayaan di luar kusabab aya AC, loba buku bacaan anu bisa dibaca jeung diinjeum (nginjeum buku kudu jadi anggahota heula), bisa internétan kalawan haratis, lamun lapar/hanaang kari meuli di tempat ngopi.

Balimau Kasai, di Lembur mah Dikuramas Ngaranna


Di wewengkon Riau aya kabudayan anu ngaranna Balimau Kasai. Ceuk babaturan urang Pekanbaru cenah éta téh kabiasaan anu osok dipigawé nalika mapag bulan puasa. Pisapoéeun deui kana bulan puasa, jalma-jalma hususna urang Kampar osok marandi di walungan Kampar. Mandi ieu disebutna téh Balimau Kasai. Cenah, ieu kabiasaan téh jadi hiji cicirén pikeun meresihan jeung nyucikeun diri saméméh ngalaksanakeun ibadah puasa di bulan Romadon. Ngaran Balimau téh, ceuk vivanews miboga harti mandi ngagunakeun cai anu  dicampur ku jeruk anu dingaranan jeruk limau. Jeruk anu osok dipaké téh jeruk purut, jeruk nipis atawa jeruk kapas. Sedengkeun ari Kasai mah seuseungitan  anu dipaké nalika dikuramas. Urang Kampar percayaeun yén seuseungitan ieu bisa ngaleungitkeun rasa ceuceub anu nyangkaruk dina haté.

Urang Kampar keur marandi di sisi walungan Kampar

Lamun nilik kana kabiasaan ieu mah, sarua reujeung kabiasaan di lembur. Di lembur mah ngaranna téh kuramas. Mandi dina poéan saméméh asup kana bulan Romadon. Bédana téh dikruamas mah mandina lain di walungan tapi biasana di tampian atawa di mana waé asal mandi. Mandina bari diangir maké sampo buuk.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.tribunnews.com/)

Cenah Loba Urang Sunda di Pekanbaru Riau


Nurutkeun béja mah, cenah di Riau téh loba urang Sunda. Loba anu asalna ti Tatar Pasundan anu ngadon nyaba di wewengkon atawa ngahaja pindah ka Propinsi Riau. Urang Sunda anu aya di Riau téh aya anu disababkeun ku geus jadi urang Riau ti baheula kénéh, geus tetep renggenek di Riau (nganjrek jadi urang Riau) ngan miboga karuhun (kolot) ti tatar Pasundan, aya ogé anu samentara kusabab aya kaperluan atawa pangabutuh saperti kakait ku pagawéan. Sumebarna lain ngan ukur di dayeuh Pekanbaru wungkul, tapi ogé sumebar ka kabupatén séjénna, saperti Dumai jeung Bengkalis.

Kamonesan anu diayakeun ku PWS Kepulauan Riau

Pikeun ngaraketkeun tali mimitra antara urang Sunda anu aya di Riau, di Riau diadegkeun gempungan atawa paguyuban anu ngaranna Misuri. Misuri anu papanjangna tina Mitra Sunda Riau. Ayeuna, Paguyuban Mitra Sunda Riau dipimpin ku Bapa Ondi Sukmara. Nurutkeun data, anggahota anu geus asup kana ieu paguyuban kurang leuwih 6000 KK (nurutkeun beja ti kisunda). Jadi urang Sunda anu aya di Riau téh leuwih ti 6000 KK, da loba anu acan asup kana ieu paguyuban.

Salian ti Misuri, aya ogé paguyuban anu ngaranna PWS (Paguyuban Wargi Sunda) Riau. Terus aya ogé anu ngaranna Pagiyuban Sunda Muda-Mudi Misuri (3M).

(Gambar meunang nginjeum ti http://tanjungpinangpos.co.id/)

Naék Kapal Ngapung téh Siga Tumpak Mobil ka Lembur


Najan rada sieun naék kapal ngapung, ahirna mah ngalaman ogé naék kapal ngapung. Rada deg-degan waktu kapal ngapung mimiti maju. Mimitina alon, terus ngagancangan. Kapal anu tadina napak kana aspal téh mimiti nanjak siga nyorang tanjakan. Beuki lila beuki luhur, terus rada déngdék jeung méngkol. Pajaratan ngajauhan terus papaliwat reujeung reueuk bodas.

Sapanjang ngapung, teu karasa kawas ngapung. Rarasaan kawas tumpak mobil atawa beus. Malahan leuwih jauhna mah kawas tumpak mobil anu ka lemburkeun. Lamun tumpak mobil ka lembur, jalanna téh rupa-rupa, aya anu alus aya anu goréng. Nalika nyorang jalan anu alus, mobil téh apanan ngageleser. Dina nalika nyorang jalan anu goréng, mobil téh anjlug-ajlugan balas nyorang jalan anu garinjul ku batu.

Kapal ngapung eukeur ngapung

Tumpak kapal ogé geningan teu béda ti kitu. Henteu sapanjang jalan nyorang jalan anu alus. Di sababaraha tempat mah kapal téh nyorang ‘jalan’ anu goréng. Lamun jalanna (anginna…?) alus mah, kapal téh ngageuleuyeung, sedengkeun nalika jalan anu disorangna goréng mah kapal téh gugurudugan siga nyorang jalan anu garinjul.

Jadi tumpak kapal ngapung anu kaalaman téh siga tumpak mobil keur ka lemburkeun. Taya bédana….