Ngala Sireum Maké Gagang tina Jukut


ngala sireum
Ngala sireum

Nimu potrét anu diunggahkeun ku Kang Nanda Mustafa Kamil‎ dina pésbuk. Inget ka jaman baheula keur budak. Kaulinan pikeun ngala sireum dina liangna ku jalan ngagunakeun gagang kembang jujukutan.

Jukut (naon nya ngaran jukutna téh) anu keur kembangan diala gagang kembangna atawa dicabut tina tangkalna. Gagang kembang éta dipaké pikeun ngagéré atawa ngarojok sireum anu aya di jero liangna.

Liang sireumna mah osok manggihan dina taneuh. Liang tegesna liang anu dipaké cicing sireum diasupan gagang kembang bari diputer-puter. Teu lila dicabut. Lamun kabeneran mah biasana dina gagang kembang téh osok aya sireuman napel, tegesna ngagégél eta gagang kembang anu rada hipu.

Sireumna mah aya kalana dipaké heureuy atawa diantepkeun waé. Da anu pentingna ngagéré sireumna.

Advertisements

Ngala Suluh


Inget ka jaman baheula mangsa nimu potret ieu di mandala pesbuk.

Babarengan reujeung babaturan mangsa balik sakola arindit bari mawa bedog ke kebon atawa ka sisi leuweung. Seja neangan suluh, boh tina dahan tatangkala anu maruragan atawa tangkal kaina soeangan anu paeh.

ngala suluh
Barudak ngala suluh

Balikna suluh teh ditalian terus dipanggul. Bisa dipanggul langsung atawa ditanggung. Lamun meunangna saeutik dipanggul, lamun loba ditanggung. Atawa bisa oge disumiat, ditanggung tapi suluhna ngan sabeulah.

Gugulusuran


Gugulusuran make dahan tangkal Jambe (upih)
Gugulusuran make dahan tangkal Jambe (upih)

Kabeneran manggihan potrét di pésbuk anu mintonkeun kahirupan barudak anu keur arulin di buruan. Arulinna mah teu pira, ngan ukur ngagugusur budak séjén anu diuk dina palapah atawa dahan tangkal Jambé anu biasa disebut Upih.

Dahan tangkal Jambé anu murag kusabab geus garing, biasana mah osok dipulung. Terus daun anu narapel dina dahanna diberesihan. Anu dikarikeun teh dahan tangkal Jambé katut salakopna. Salakopna éta anu dipaké diuk ku budak anu digusurna. Ari dahan anu meunang meresihan daunna dipaké cecekelan budak anu ngagusurna.

Bisa disebutkeun ramé ogé dina prak-prakan arulin gugulusuran ieu téh. Komo lamun dina tempat anu mudun mah, teu kudu susah-susah ngagusur palapah Jambé. Da digusur ku tanaga saeutik ogé bisa kagusur. Malahan lamun taneuhna leucir atawa leueur mah bisa waé sina ngagulusur, teu kudu susah-susah digusur. Ari dinu datar mah nya kudu digusur maké tanaga, komo dinu nanjak mah bisa-bisa teu kagusur.

Dina ngagusurna, biasana mah piligenti. Saurang digusur, engkéna ngagusur budak anu asalna ngagusur. Silih gusur waé….

Potret pesbuk Jecky Suryana‎

Keketepélan


Barudak anu keur keketepelan
Barudak anu keur keketepelan

Manggihan potrét ti pésbuk (ngan poho deui panumbuna) anu mintonkeun barudak (dua urang budak) anu keur ngéker ketepél. Duka ngécéng naon tah teu apal. Tapi biasa mah, lamun baheula maké ketepél téh taya deui kajaba ngécéng manuk.

Manuk anu aya di luhureun tangkal, anu keur eunteup dina dahan tatangkalan téh ngahaja diketepél. Susuganan jeung susuganan waé keuna kana manukna. Itung-itung ngala manuk. Pélorna biasana mah maké batu leutik anu rada buleud.

Hanjakal waé dina waktuna ngetepel manuk téh taya anu keuna waé, da geningan pélorna téh osok ka mana waé melesatna. Sanajan dikécéng ogé taya anu keuna kana manukna. Salian ti kusabab perenah manukna anu jauh di luhur tangkal, ogé susah ngékerna. Béda reujeung bedil anu osok dipaké bebedil nalika ngala manuk.

(Potret meunang manggih ti pesbuk)

Barudak Sakola SD Gandasoli Purwakarta Milu Tandur


Barudak sakola SD Gandasoli Kabupatén Purwakarta sababaraha waktu anu geus kaliwat ngiluan tandur di sawah masarakat. Kalawan dibarengan ku guru-guruna katut diluuhan ku Bupati Purwakarta, Pa H. Dédi Mulyadi, SH, barudak babarengan melakeun binih paré di sawah (tandur). Teu anéh lamun sawah lima kotak anu legana 2000 méter téh henteu lila ogé geus réngsé dipelakan binih paré. Barudak anu miluan kana ieu tandur mani galumbira. Maranéhna meunangkeun pangalaman anyar anu henteu kapanggih salila diajar di sakola.

Barudak Sakola SD Gandasoli Purwakarta Milu Tandur
Barudak Sakola SD Gandasoli Purwakarta Milu Tandur

Nurutkeun inpo anu diancokeun ku loka pamaréntah Kabupatén Purwakarta, cenah ieu kagiatan téh mangrupakeun ihtiar guru-guru di Désa Gandasoli pikeun méré atikan ka barudak sakola ngeunaan tata cara melak paré di sawah. Sakumaha piwejang Bupati Purwakarta, cenah, ngatik barudak téh alusna mah langsung prakték di masarakat.

Sanggeus réngsé melakeun paré, ditungtungan ku hareureuy maké leutak. Barudak téh silih balédog ku leutak sawah. Teu anéh lamun pakéan anu diparakéna téh pinuh ku leutak.

Kaulinan Barudak jadi Ékstrakurikulér di SDN 1 Cibening


Meunang inpo anu dipidangkeun ku blog SDN 1 Cibening Purwakarta yén di sakola éta anu ngaranna Kaulinan Barudak téh diasupkeun kana kagiatan ékstrakurikulér. Jadi barudak sakola salian ti diajar pangajaran umum sakumaha anu geus diatur dina kurikulum ogé bisa ngiluan kana kagiatan ékstrakurikulér tambahan. Barudak bisa ngiluan diajar jeung ngaulinkeun Kaulinan Barudak saperti oray-orayan jeung ucing sumput. Diasupkeunana Kaulinan Barudak kana ékstrakurikulér ieu mangrupakeun salasahiji jalan pikeun ngajaga jeung miara budaya di Tatar Sunda hususna ngeunaan Kaulinan Barudak.

-
-
-

Dina émprona, barudak anu ngiluan kana ieu éktrakurikulér téh lalatihan di buruan sakola nalika peré sakola jeung balik sakola. Maranéhanana mintonkeun Kaulinan Barudak baheula ngaliwatan pintonan kasenian. Kalayan dipirig ku tatabeuhan seni Sunda, barudak dialajar budaya anu kacida mundelna ku niléy-niléy kahirupan jeung ngadidik maranéhna.

Salian ti Kaulinan Barudak, aya deui éktrakurikulér husus ngeunaan kasenian Sunda, saperti seni sisingaan. Beuki dihangkeutkeunana ékstrakurikulér kasenian ieu henteu leupas tina bakal diayakeunana kagiatan Pramuka anu baris dilumangsungkeun di SDN 2 Cikopo dina ping 25 – 29 Oktober. Dina ieu kagiatan, unggal sakola mintonkeun kasenian séwang-séwangan.

(Inpo jeung potret meunang nginjeum ti blog SDN 1 Cibening)

Balantrak


Mangsa-mangsa keur budak mah kacida resepna arulin téh. Naha ulin sosoranganan, komo deui babarengan reujeung babaturan. Ngan lamun dibandingkeun mah resep kénéh ulin bari babarengan reujeung babaturan tibatan ulin sosoranganan. Ulinna, rupa-rupa. Bisa hareureuy di buruan imah, di jero imah atawa ampreng-amprengan ka mana waé. Resep loba batur mah aya batur pakumaha reujeung moal sieun najan arék ka mana waé ogé. Najan kolot teu arapaleun ogé ulinna ka mana, nu penting mah ulah poho balik ka imah.

Barudak anu ngadon arulin ka leuweung
Barudak anu ngadon arulin ka leuweung

Lamun keur bosen ulin di buruan atawa di jero imah, osok ngahajakeun arulin ka tempat anu rada jauh, naha ka kebon atawa ka leuweung. Tujuanana mangrupa-rupa, aya anu ngadon guyang di leuwih walungan, mulung bungbuahan kayaning limus, muncang atawa kadu, atawa ngan ukur leuleumpangan pa tepiswiring. Inditna resep ngabring, muru ka hiji tempat. Salila ngabring osok bari hareureuy ogé, silih gebah kusabab nyumput dinu suni atawa silih udag paheula-heula.

Nepi ka tempat anu dituju, barudak paheula-heula migawé kaulinan anu jadi tujuanana. Lamun arék guyang, paheula-heula arancluk ka walungan. Dina palebah mulung bungbuhana, paheula-heula néangan bungbuahan anu osok maruragan di handapeun tangkalna. Sanggeus seubeuh arulinna atawa beubeunangan, ngabring deui baralik. Ngan osok aya anu ngahaja ditinggalkeun di tempat pangulinan.

Arulin méakeun pangaresep téh remenna mah tara bébéja ka kolotna séwang-séwangan. Lamun ulinna kamalinaan matak deudeupeun kolot-kolot di lembur. Ngadon naréangan budakna séwang-séwangan. Komo lamun geus burit taya waé mulang mah osok pada néangan, tatanya ka tatangga. Waktu mulang, remen dicarékan pajarkeun téh bet ulin kamalinaan, bet balantrak sagala. Atawa naha ulin téh bet jauh-jauh teuing, saha pamawana. Dibarung ku pangwawadi ulah ulin kamalinaan deui atawa ulah balantrak deui.

Hanjakal, anu ngaranna budak mah osok aya mantangulna. Lamun geus diajakan arulin ku babaturan, osok ngalakonan kitu deui….

(Potret meunang nginjeum ti internet)