Keun Baé


“Keun baé, teu kudu jadi pikiran.”
“Keun baé, entong kapapanjangan.”
“Keun baé, geus kudu kitu jadina.”

Kalimah ieu remen dikedalkeun ku kolot anu geus asak tinimbangan katut ihlas narima naon anu geus kajadian. Kalimah pangbeberah supaya naon anu karandapan téh bisa ditarimakeun. Kalimah pikeun ngupahan ka saha waé anu keur ngarandapan kajadian anu henteu dipiharep, saperti kaleungitan harta atawa teu hasil dina usaha.

Kolot jeung budak
Kolot jeung budak

Kalimah ieu kadang ditarjamahkeun yén jalma anu ngucapkeunana téh éléhan atawa épés méér. Embung usaha leuwih kahot jeung nyayagakeun sumanget anu leuwih ngagugudag deui. Tapi sabenerna mah lamun diteuleuman deui, lain ka dinya maksudna. Anu ngaranna usaha mah kudu soson-soson, kudu bener-bener. Anu kudu diculkeun naon anu geus karandapan. Anu geus karandapan mah ulah jadi pikiran atawa jadi bangbaluh pikeun ka hareupna. Anu geus karandapan mah geus lain uruseun deui. Anu geus karandapan mah kudu dijadikeun palajaran atawa pieunteungeun pikeun ka hareupna. Kudu manco ka anu bakal kasorang.

Kekecapan dina kalimah anu dikedalkeun ku kolot mah biasana miboga harti anu jero lamun daék neuleumanana. Kekecapan anu kaluar kusabab lobana pangalaman anu geus kasorang. Kekecapan anu kaasup papagah jeung wejangan, anu kaluar sabab nyaah ka anu leuwih ngora. Papagah kusabab geus asak jeujeuhan.

Upamana waé dina nalika kaleungitan harta atawa kapalingan, lain teu hayangeun pikeun néangan laratanana atawa néangan anu malingna. Tapi leuwih condong kana narimakeun éta kaayaan. Tibatan mangjangkeun urusan, leuwih hadé diihlaskeun. Pajarkeun téh apanan harta mah gampang kari néangan deui. Mana leungit atawa ilang ogé lain milikna atawa lain cawiskeunana. Harta éta mah milik batur.

(Gambar meunang nginjeum ti Blogspot)

Hirup Lir Gilinding Anu Muter


Anjog ka blogna Kang Acép Aprilyana, nyampak pedalan ngeunaan Roda Dunia. Eusina merenah pisan pikeun bekel hirup utamana lamun keur ngalaman kasusahan atawa keur senang. Dua hal anu papalingpang éta téh apanan osok kapanggih dina kahirupan. Lain ku batur wungkul, dalah ku diri sorangan ogé pasti kaalaman. Duanana pasti kaalaman dina kahirupan ieu. Aya kalana hirup téh karasa susahna, aya kalana ogé hirup téh karasa senangna.

Hirup lir ibarat gilinding
Hirup lir ibarat gilinding

Ku muterna gilinding kahirupan ieu, kaayaan anu kalakonan ku jalma moal angger dina hiji kaayaan. Sakumaha gilinding anu muter, kadang di handap kadang di luhur. Henteu tetep dina hiji kaayaan. Lamun keur di handap pasti hiji waktu mah bakal aya di luhur. Kitu deui lamun keur aya di luhur, hiji waktu mah pasti bakal aya di handap. Lamun diibaratkeun kana rasa mah, di luhur bisa disandingkeun reujeung senang, sedengkeun ari keur di handap bisa diibaratkeun keur nandangan kasusah.

Kumaha atuh nyinghareupan kahirupan anu terus muter téh?

Masih numutkeun éta pedalan, dina ngambah kahirupan anu muter lir gilinding kudu dibarengan ku nikreuhna jalma dina ngalakonan kahirupanana. Lamun kabeneran keur cicing di handap (keur susah), kudu dibarengan ku usaha anu bener. Ulah ngan ukur nungguan pitulung ti batur atawa nungguan pitulung Gusti Alloh wungkul. Kitu deui mangsa keur aya di luhur, anggeur kudu nikreuh usaha supaya bisa aya dina kaayaan anu dipikahayangna.

Pikeun pedalan anu leuwih lengkep mah mangga wae longok ka blog Kang Acép Aprilyana.

(Gambar meunang nginjeum ti MyIlham.com)

Béda Mangsa Béda Ceta


Lain waktu anu kudu disalahkeun, lamun kaayaan ngalaman parobahan. Geus jadi hiji papastén, lamun waktu ngangkleung ngoloyong taya kendatna. Geus jadi hiji katangtuan, lamun waktu terus maju taya eureuna. Waktu ngalaman robah, kaayaan ogé pipilueun ngilu robah. Ieu meureunan anu disebut ‘dinamis’ téh. Kaayaan kahirupan di alam pawenangan henteu tetep renggenek kitu jeung kitu. Ti waktu ka waktu ngalaman parobahan. Kaayaan anu henteu tetep dina hiji kaayaan. Ngan parobahan anu tetep mah, parobahan tetep jadi parobahan.

Waktu dina kahirupan jalma
Waktu dina kahirupan jalma

Parobahan tetep jadi parobahan. Bisa robah jadi leuwih alus tibatan asalna, atawa parobahan anu leuwih goréng tibatan asalna. Kumaha anu jadi jejer parobahanana. Kumaha anu mawa parobahanana. Anu mawana mapay jalan bener, bakal jadi leuwih alus. Anu mawana mawa ka jalan anu goréng, bakal leuwih goréng.

Parobahan teu leupas tina jejer anu mawa parobahanana. Nguluyurna waktu beuki dieu beuki dieu, sareundeuk saigel reujeung parobahan anu dialaman ku jejerna. Nguluyurna waktu, dina lolongkrang ambahan waktu, mawa rupa-rupa lalakon anu kasorang. Mangpirang-pirang lalakon mekelan rupa-rupa pamanggih. Pamanggih anu jadi cekelan jeung daluang pakeun jadi pieunteungeun atawa jadi pangajaran.

Daluang méré angkeran, mana jalan anu kudu disorang. Mana anu bisa disorang, mana anu henteu meunang disorang. Daluang méré watesan mana papagon jeung larangan. Daluang beuki ampeg ku panjangna lalampahan nu disorang. Beuki lila lalampahan, beuki lila waktu nu disorang, beuki lega ambahan daluang.

Daluang jadi bekel lumampah mapay jalan kahirupan, saméméh dipungkas ku bagbagan lekasan.

*Parobahan lain paro bahan.

Ngigelan Jaman atawa Diigelan ku Jaman?


Ngigel atawa ngibing teu bisa leupas tina anu diigelanana. Ngigel biasana mah osok dipirig ku tatabeuhan. Dina ngigel kudu nurut kana tatabeuhanana. Dina pakaitna antara tatabeuhan reujeung ngigel, aya hal anu jadi pangbébéda. Tatabeuhan henteu gumantung kana ngigel, sedengkeun ngigel biasana mah gumantung kana tatabeuhan. Tatabeuhan tetep bisa dilakonan sanajan taya anu ngigelan. Sabalikna, ngigel henteu dibarengan ku tatabeuhan, asa henteu puguh alang ujurna (ngigel kudu dibarengan ku tatabeuhan). Ngigel lain ngan ukur dibarengan atawa dipirig ku tatabeuhan wungkul, tapi ogé ngigel kudu sarua atawa sarimbagan reujeung tatabeuhanana. Ngigel kudu sawirahma reujeung tatabeuhanana salaku anu diigelanana.

Gambaran barudak keur diajar ngigel
Gambaran barudak keur diajar ngigel

Jaman kiwari, lain ngan ukur tatabeuhan wungkul anu diigelan téh. Supaya bisa tetep aya janggélékna (eksistensina), kudu bisa ngigelan naon anu keur lumangsung ayeuna. Supaya dianggap aya jeung henteu tinggaleun jaman, kudu bisa ngigelan jaman anu keur lumangsung. Ayeuna jaman modéren, kudu bisa ngigelan kana modérenna jaman. Ulah nepikeun ka tinggaleun ku jaman anu beuki maju. Lamun henteu bisa ngigelan jaman, bakal kasingsalkeun, bakal ditinggalkeun ku batur.

Kumaha lamun miboga kahayang anu sabalikna, hayang diigelan ku jaman? Ieu kahayang leuwih hadé jeung payus, supaya henteu kapalidkeun (kabawa palid) ku jaman. Anu ngaranna ngigelan, pasti waé kudu nurut kana naon anu diigelanana. Lamun ngigelan jaman, hartina anu miboga kakawasaan téh jaman. Sabalikna lamun diigelan jaman, hartina jaman anu ngiluan, kumaha ceuk anu diigelanana.

Ngan hanjakal, jaman anu keur lumangsung téh teu apal saha anu ngadalikeunana. Jadi teu sagawayah bisa ngadalikeun jaman. Béh dituna, moal bisa ngadalikeun jaman anu keur lumangsung ayeuna. Kacida beuratna lamun hayang ngadalikeun jaman, komo teu boga kakawasaan mah.

Anu bisa dipigawé mah nyaéta anu tadi, ngigelan jaman supaya ulah tinggaleun jaman jeung bisa katangar yén masih kénéh aya janggélékna. Sanajan kudu ngigelan jaman, tetep ulah poho kana purwadaksina.

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)

Kawijakan Nyieun Akte Lahir Anu Ngabeuratkeun


Hiji bangbaluh anu dikedalkeun ku wawakil masarakat nalika lawungan calon bupati Sumedang ka Kampung Ciburuan, téh nyaéta ngeunaan mahalna waragad anu dikaluarkeun ku masarakat pikeun nyieun Akte Lahir. Masarakat anu miboga budak anu hayang nyieun Akte Lahir pikeun daptar sakola ka SMP, kudu ngaluarkeun béaya anu gedé. Lamun diitung-itung mah béaya anu kudu dikaluarkeun pikeun meunangkeun salambar keretas Akta Lahir téh leuwih ti sajuta. Kacida mahalna pikeun ukuran urang lembur mah.

Bangbaluh ieu bisa jadi panghalang pikeun masarakat anu hayang nyakolakeun budakna ka sakola SMP. Da geningan ayeuna mah asup SMP téh kudu maké Akte Lahir sagala. Hahalang ieu matak mugagkeun masarakat anu arék ngasupkeun budakna ka SMP. Da waragad anu kudu dikaluarkeunana beuki nambahan. Tacan béaya séjén-séjénna.

Lambaran Akte Lahir
Lambaran Akte Lahir

Hiji andelan pikeun urang lembur mah taya deui ti Pemilukada. Susuganan waé lamun Bupatina ganti, béaya anu kudu dikaluarkeun pikeun nyieun Akte Lahir téh ngurangan. Da apalna nyieun Akte téh apanan di kabupatén.

Hanjakal meunang jawaban téh anu matak hanjelu. Cenah, aturan ngeunaan nyieun Akte Lahir anu jadi mahal téh dijieunna ti puseur lain ti kabupatén. Aturan anu ngudukeun sidang heula di pangadilan pikeun nyieun Akte Lahir téh dijieunna ku pamaréntah puseur. Atuh pamaréntah kabupatén mah ngan ukur katempuhan wungkul. Atuh, pikeun ngungkulanana, pamaréntah kabupaten hususna kabupatén Sumedang cenah bakal ngayakeun sidang nyieun Akte Lahir di kacamatan. Jadi masarakat anu arék nyieun Akte Lahir teu kudu ka kabupatén. Ieu hal supaya bisa ngurangan waragad pikeun ongkos, pangpangna ngongkosan saksi anu kudu disadiakeun ku anu nyieun Akte Lahir. Masarakat kudu apal jadwalna, iraha bakal aya sidang di kacamatan. Ieu jalan dipiharep bisa ngurangan waragad anu mahal.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.banglikab.go.id/)

Aksi Budaya Nolak Kurikulum 2013


Ieu mah mangrupakeun cutatan tina kagiatan anu disebarkeun ngaliwatan Pesbuk

 
 

(Sumber: https://www.facebook.com/)

Lamun Kurikulum 2013 Dilaksanakeun, Kumaha Nasib Basa Sunda?


Ayeuna téh cenah keur ramé-raména madungdengkeun ngeunaan Kurikulum 2013. Kurikulum anyar éta sabenerna mah dijieun kalawan maksud supaya barudak sakola hususna barudak SD henteu beurat teuing dina diajarna di sakola. Henteu loba teuing pangajaran anu kudu diiluan ku barudak sakola. Nurutkeun rarancangan, Kurikulum 2013 jumlah pangajaran di sakola dasar (SD) bakal dikurangan, pon kitu deui reujeung pangajaran di SMP. Lamun tadina jumlah pangajaran di SD téh jumlahna sapuluh siki dikurangan jadi genep rupa pangajaran nyaéta Matematika, Bahasa Indonesia, Agama, Pendidikan Jasmani, Pendidikan Pancasila dan Kewarganegaraan, katut Kesenian. Sedengkeun ari barudak SMP anu tadina diajar 12 pangajaran, dikurangan jadi sapuluh pangajaran: Pendidikan Agama, Pancasila dan Kewarganegaraan, Bahasa Indonesia, Matematika, IPA, IPS, Bahasa Inggris, Seni Budaya dan Muatan Lokal, Pendidikan Jasmani dan Kesehatan, katut Prakarya.

Basa Sunda dipupus tina pangajaran di sakola
Basa Sunda dipupus tina pangajaran di sakola

Ngilikan kana maksudna mah alus ogé supaya barudak téh teu loba teuing beungbeurat dina diajarna. Ngan hanjakal, pikeun pihak-pihak di daérah mah ieu kurikulum anyar téh bakal ngaleungitkeun pangajaran Bahasa Daérah di sakola-sakola, contona waé nya pangajaran Basa Sunda. Keur peujeuh mah sanajan aya pangajaranana ogé di sakola, Basa Sunda téh susah ngahonjatna (barudak sakola susah bisana), komo deui ieu dileungitkeun. Arék kumaha nasib Basa Sunda ka hareupna lamun henteu diajarkeun di sakola? Barudak sakola moal apal jeung bisa kana Basa Sunda. Salian ti éta, lamun Basa Sunda dileungitkeun tina kurikulum dina harti henteu diajarkeun deui di sakola-sakola, kumaha atuh nasib guru Basa Sunda ka hareupna? Maenya kudu ngajar pangajaran séjén! Ogé kumaha nasib jurusan Pendidikan Basa Sunda di paguron luhur anu nyayagikeun guru-guru Basa Sunda ka hareupna? Piraku kudu tutup mah!

Lamun kitu mah, Kurikulum 2013 téh henteu ngabélaan kana Basa Sunda salaku basa daérah anu aya di Indonésia. Taya deui carana ku jalan kudu ngarobah éta Kurikulum saacanna ditetepkeun ku pamaréntah. Sahanteuna henteu mupus basa daérah tina pangajaran di sakola.

Loba tokoh masarakat Sunda hususna anu mikadeudeuh kana Basa Sunda asa neuteuli kana kahayang jeung pamadegan pamaréntah ieu. Aranjeunna néangan tarékah kumaha supaya Basa Sunda henteu dileungitkeun tina pangajaran di sakola-sakola. Warta panganyarna, dina poé isukan (Senén) bakal diayakeun démonstrasi pikeun megatan ditetepkeunana Kurikulum 2013 kajaba lamun ngasupkeun basa daérah kana Kurikulum anu anyar. Démonstrasi  anu dijudulan Aksi Budaya Nolak Kurikulum 2013 bakal dilumangsungkeun di hareupeun Gedung Saté terus ka tugu Monumén Perjuangan.

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)