Kokoprak…?
Lamun nyebut kokoprak, anu kabayang téh pasti huma atawa sawah. Ngan umumna mah huma, da di lembur mah aranglangka anu ngaranna sawah. Humana téh anu eukeur beuneur konéng, anu jadi tanda éta paré téh moal lila deui bakal dipanén.
Da bener kitu. Anu ngaranna kokoprak mah ayana téh di huma atawa sawah anu keur meujeuhna beuneur konéng. Sanajan kitu ti keur beuneur héjo kénéh ogé aya anu geus diteundeunan kokokprak.

Kokoprak téh mangrupakeun alat anu digunakeun pikeun nyingsieunan atawa ngagebahkeun manuk, pangpangna manuk piit. Paré anu keur meujeuhna beuneur héjo atawa beuneur konéng, osok didaharan ku manuk piit. Kusabab kitu lamun panén paréna hayang mucekil, lain panyésaan manuk, éta paré téh kudu dijaga supaya ulah jadi parab manuk.
Kokoprak dijieunna tina leunjeuran awi (umumna awi tali), anu panjangna kira-kira saleungeun (satengah deupa). Ieu leunjeuran téh dijieun supaya mangrupa calung. Leunjeuran awi éta téh dijajarkeun maké gagang anu dijieunna tina awi kénéh. Gagang awi diteundeun dina tihang awi anu lumayan jangkung, kira-kira saleungeun jalma kolot. Di lebah handapeun gagang awi diteundeunan palang awi dipageuhan kana tihang awi. Palang awi ieu digunakeun pikeun panakol kana awi anu ngajajar.
Tihang kokoprak di tungtung luhurna ditalian maké tali tina awi tali. Talina sina panjang disambungkeun nepikeun ka saung tempat tunggu. Dina makéna, tali anu disambungkeun kana tihang jeung saung téh dikenyed-kenyed di lebah tungtung tali anu di saungna. Kusabab dikenyed-kenyed, tihang kokoprak téh katarik jadi eundeuk-eundeukan. Kusabab tihangna eundeuk-eundeukan, awi anu ngajajar téh ngiluan eundeuk-eundeukan terus nakolan palang awi anu diteundeun di handapeun gagang téa.
Manuk téh jadi kagareuwahkeun ku sora ieu kokoprak jeung ku eundeuk-eundeukanana. Jadi waé manuk anu arék atawa eukeur ngadaharan paré téh kalabur.