Bagean-bagean Kolecer


Kolecer anu oso dipake arulin teh mun ditataan mah ngabogaan bagean-bagean sewang-sewangan. Tegesna, eta anu dijadikeun kolecer anu diadegkeun atawa ditanggerkeun teh ngabogaan ngaran sewang-sewangan.

Kolecer anu ditanggerkeun dina tangkal kai

Bagean-bagean dina kolecer anu umum aya teh nyaeta:

  1. Kolecer, nyaeta bagean anu muter. Ieu mangrupakeun bagean anu pangutamana. Kolcer ieu bisa dijieunna tina kai atawa awi. Bisaoge dijieunna tina daun saperti saun kalapa.
  2. Barungbung. Mangrupakeun bagean anu jadi tempat muterna kolecer. Diteundeunna di tengah-tengah kolecer. Biasana dijieunna tina awi anu alus jeung kuat. Ukuranana oge leutik teu gede-gede teuing, ari panjangna mah kumaha kandelna kolecer.
  3. Gagang. Gagang jadi tempat neundeun barungbung, kolecer muterna teh dina gagang kolecer. Gagang ieu dijieunna bisa tina awi bisa tina kai.
  4. Solobong. Jadi tempat neundeun gagang. Solobong ieu dijieunna tina awi anu kuat. Solobong ieu diteundeunna dina tatangger.
  5. Bubuntut. mangrupakeun bagean anu ditempatkeun manjang di tukangeun kolecer.
  6. Kikiping. Mangrupakeun rarangken dina bubuntut supaya kolecerna gampang dina nyanghareupan angin.
  7. Tatangger. Tihang paranti neundeun kolecer supaya jangkung. Biasana mah tina awi leunjeuran. Bisa hiji bisa oge loba, gumantung kana kolecerna. Lamun kolecerna gede mah biasana tatanggerna teh tina sababara leunjeur awi. Bisa oge tatanggerna teh ditalikeun kana tatangkalan.

Kokoleceran


Kokoleceran mangrupakeun hiji kaulinan barudak anu lain ngan ukur barudak wungkul anu mikaresepna teh. Sadalah kolot oge loba anu mikaresep jeung osok nyieunan kolecer. Bedana teh mun barudak mah lolobana nyieun kolecerna teh parondok jeung dijieunna tina awi atawa daun. Sedengkeun kolot mah nyieunna oge tina kai pangpangna kai jati jeung ukuranana oge panjang bisa nepikeun ka lima meterna.

Kokoleceran asap kecap tina kolecer, jadi kokoleceran mah heuheureuyan anu make kolecer.

Rupa-rupa Kolecer

Kolecer bisa dijieun tina dangdaunan, tina kai atawa tina awi.

  1. Dangdaunan anu bisa dijieun kolecer nyaeta daun kalapa.
  2. Mun tina kai biasana mah tina tangkal jati atawa tangkal tisuk.
  3. Mun tina awi biasana mah tina awi tali atawa awi surat.

Mun nempo wangunanana, kolecer teh aya anu saheulay jeung dua heulay. Anu saheulay mah dijieunna tina awi atawa tina kai. Sederngkeun tina daun kalapa mah biasana dua heulay.