Cikondang, Tampian Baheula Kari Waasna


Keur acan loba sumur di lembur mah, lamun mandi atawa ngala cai téh osok ka tampian. Kabeneran tampian di lembur mah lumayan loba jugjugeun, ti mimiti anu deukeut nepikeun ka anu jauh. Ampir kabéh urang lembur harita mah marandina téh di tampian. Atuh tampian téh jadi salasahiji tempat pangjugjugan urang lembur. Ti pasusubuh kénéh tampian téh geus rame ku mandi jeung ngala cai kusabab embung kabeurangan. Pabeubeurangna waktu Lohor nepikeun ka burit (Maghrib), tampian mimiti ramé deui kunu ngadon mandi satutasna digarawé di kebon. Pikeun barudak mah, tampian téh jadi salasahiji tempat pangulinan jeung hareureuy. Bari nungguan giliran mandi, hareureuy heula di sisi balong.

Ayeuna, kaayaanana geus robah. Sanggeus urang lembur loba anu nyarieun sumur di deukeuteun imah-imahna, tampian téh jadi tiiseun. Henteu ramé kawas baheula. Anu ngadon mandi atawa ngala cai téh bisa diitung kénéh maké ramo. Ngan ukur sababaraha urang anu masih kénéh osok ka tampian téh. Teu anéh atuh lamun aya tampian anu salin jinis lain tampian deui. Tampian anu cur-cor caina dina pancuran katut balongna jeung saung atawa tajug deukeuteun tampian téh geus taya deui. Kitu anu kajadian reujeung tampian anu aya di Cikondang.

Tampian Cikondang anu salin jinis jadi tegalan
Tampian Cikondang anu salin jinis jadi tegalan

Cikondang baheula mah mangrupakeun tampian anu jadi pangjugjugan lamun tampian di Cilembur pinuh kunu ngadon mandi. Sababaraha siki pancuran di sisi balong téh ngocor cai lumayan gedé. Matak tiis kana awak katut pipikiran. Dikurilingan ku pakebonan di pasir (gunung leutik) matak waas nempona. Dangdaunan héjo ngémplo mapaésan tatangkalan anu ngajarega. Ayeuna kari waasna. Tampian katut balong jeung sawah di hilirna, geus salin jinis jadi tempat anu hara-haraeun teu kaurus.

Advertisements

Di Mana Atuh Kampung Ciburuan téh?


Najan aya di pasisian, henteu jadi halangan pikeun lembur Ciburuan bisa katohiyan ngaliwatan mandala maya atawa jagat internét. Najan jauh ka mana ka mendi, tapi ngaliwatan peta digital mah bisa kanyahoan di mana perenahna ieu lembur. Contona waé ngaliwatan Google Maps atawa Wikimapia, Lembur Ciburuan bisa kapaluruh. Coba waé paluruh kecap ‘ciburuan’ ngaliwatan loka wikimapia. Mangka bakal dipidangkeun tempat atawa wewengkon anu aya pakaitna reujeung Ciburuan. Lamun milih salasahiji panumbu anu aya, bakal diancokeun peta lembur Ciburuan.

Lembur CIburuan dina ambahan anu heureut

Nempo petana, komo dina modeu Satelit, bakal katempo wewnengkon lembur Ciburuan anu dikurilingan ku gemplo héjona dangdaunan. Bener ogé, da lembur Ciburuan mah sabenerna dikurilingan ku pakebonan reujeung pileuweungan. Di belah kidul katut kalér nyambung reujeung pileuweungan, sedengkeun di lebah kulon saméméh nyambung ka pileuweungan téh kaselang heula ku pakebonan. Pakebonan anu lega aya di lebah wétaneun lembur.

Najan deukeut pileuweungan, henteu matak geueuman kaayanana. Kabeneran ayeuna mah pileuweunganana keur disambut ku urang lembur ngaliwatan program PHBM (Pengelolaan Hutan Bersama Masyarakat). Leuweung di belah kiduleun reujeung kaléreun lembur anu tadina pinuh ku tatangkalan kayaning mahoni jeung seubsi, ditebangan digenti ku tatangkalan anyar. Saméméh tatangkalanana galedé, taneuh leuweungna bisa dipelakan heula ku tatanén kayaning paré huma, tangkal cau, kaasup dipalakan ku tatanén cikur jeung sabangsana.

Lembur Ciburuan dina ambahan anu lega

Lamun petana rada dilegaan, bakal katempo perenahna lembur Ciburuan dina wewengkon anu leuwih lega. Lembur Ciburuan, najan aya di Kabupaten Sumedang, perenahna aya di tepis wiring Kabupatén Sumedang reujeung Kabupaten Subang. Ti kota Sumedang mah perenahna téh ngalér rada ngétan. Jauhna ti kota Sumedang kira-kira 20 km atawa kira-kira sajam naék motor. Jalan anu kudu disorang loba nanjak mudunna. Teu anéh, da lembur Ciburuan perenahna aya di wewengkon pasir (gunung leutik).

(Gambar meunang nangkep tina wikimapia)

Cikur, Tatanén Andelan Urang Lembur


Tatanén Cikur bisa disebutkeun tatanén pangpunjulna jeung jadi andelan pikeun urang lembur. Henteu bisa disebutkeun kitu kumaha, da unggal kulawarga di lembur mah biasana melak cikur di kebonna séwang-séwangan. Sanajan arék saeutik waé melakna, teu jadi masalah. Malahan taneuh leuweung anu digarap ku masarakat ogé dipelakan cikur. Taneuh leuweung bogana Kehutanan anu digarap ku jalan PHBM, saméméh dipelakan tangkal kai téh apanan dipelakan heula cikur.

Kebon cikur

Tatanén Cikur mimiti jadi andelan urang lembur kurang leuwih ti taun 1990-an. Mimitina mah ngan sababaraha urang wungkul anu melak Cikur téh. Nya istilahna mah anu melak Cikur bisa kénéh diwilang ku ramo. Ngan satutasna nempo kauntungan tina tatanén Cikur anu hasilna bisa dijadikeun modal nyieun imah, urang lembur mimiti marelak Cikur di kebonna séwang-séwangan. Malahan mah tatangga lembur ogé loba anu narurutan ngadon marelak tatanén Cikur. Jadi waé ti harita tatanén Cikur mimiti nerekab ka sababaraha lembur deukeuteun lembur Ciburuan.

Pangaresep urang lembur kana melak tatanén Cikur henteu nepikeun ka pugag najan dipegat ku harga Cikur anu murah. Malahan nepikeun ka susah ngajualna. Dina waktuna werit mah, tatanén Cikur teh kacida murahna (lamun henteu disebut henteu payu). Dina nalika murahna mah nepikeun ka 250 rupiah sakilona téh. Najan kitu, urang lembur henteu nepikeun ka pareum sumangetna kana melak tatanén Cikur.

Ku disabaran mah ahirna harga Cikur téh bisa nérékél naék deui. Ahirna mah harga Cikur bisa naék deui, malahan nepikeun ka 20.000 tina sakilona.