Indonesia Independence Day 2015


Loka Google poé ayeuna mintonkeun Logo ngeunaan poé kamerdikaan Indonésia. Logo anu biasa disebut Google Doodle ieu dipidangkeun dina raraga milangkala kamerdikaan Indonésia anu ka-70.

Google Doodle ngeunaan kamerdikaan Indonesia
Google Doodle ngeunaan kamerdikaan Indonesia

Pasanggiri Ngararancang Kaos Niagahoster


Niagahoster salaku pausahaan anu nyayagakeun pangladén wéb, ngayakeun pasanggiri ngararancang kaos (T-Shirt) Niagahoster. Pasanggiri ieu dijejeran ku tag #unlimitedhosting loyog reujeung hadiah anu bakal dibagikeun ka anu jadi pinunjulna. Anu jadi jawara tina ieu pasanggiri bakal meunangkeun hadiah mangrupa kaos Niagahoster reujeung paket hosting haratis salilana di Niagahoster ditambah daptar domain haratis salila waktu anu ditangtukeun.

Pasanggiri ieu bisa diiluan ku saha waé asal mibanda blog atawa loka sorangan. Anu miluan ogé teu kudu ngaluarkeun waragad sagala. Ngan tetep, pamilon anu ngiluan kudu satuhu kana papagon anu geus ditangtukeun ku anu nyieun ieu pasanggiri (Niagahoster).

Pasanggiri Ngararancang Kaos Niagahoster
Pasanggiri Ngararancang Kaos Niagahoster

Papagon anu ditangtukeun ku Niagahoster diantarana waé nyaéta: rarancang kaosna teu meunang maké gambar anu ngarempak kana hak cipta, eusina teu meunang aya kaitan pornografi jeung SARA atawa anu moyokan pihak séjén. Rarancang anu diilukeun ogé kudu meunang nyieun sorangan jeung tacan kungsi dipedalkeun saméméhna.

Rarancang kaos sahanteuna mibanda tilu rupa eusi: logo Niagahoster, tulisan http://www.niagahoster.co.id jeung pananda #unlimitedhosting. Lamun euweuh salasahijina, bakal langsung ditampik. Rarancang dikirimkeun ka panatacalagara paling elat ping 16 Agustus 2015 jam sawelas peuting. Ieu wawates waktu bakal ditambah lamun euweuh pamilon anu lulus seleksi. Hak cipta rarancang tetep dipibanda ku anu nyieun, ngan hak pikeun ngomérsilkeunana dicekel ku Niagahoster.

Cara ngirimkeun rarancangna ku jalan diteundeun heula dina blog atawa loka dina lambaran anu gampang katempona kalawan dieusian ku panumbu ka loka http://www.niagahoster.co.id. Lambaran anu mintonkeun rarancang kudu dijudulan ku “Lomba Desain T-Shirt Niagahoster #unlimitedhosting”. Saterusna, anu ngiluan pasanggiri kudu ngeusian data diri dina tempat anu disadiakeun ku loka Niagahoster.

Pikeun meunangkeun inpo leuwih teges bisa langsung waé ngalongok ka loka Niagahoster.

Milih Ngaran Domain Anu Alus


Geus jadi pangabutuh pikeun sawaréh jalma pikeun mibanda loka (situs wéb). Lain ngan mibanda blog anu diteundeun dina pangladon wéb séjén, tapi mibanda loka sorangan. Loka anu henteu dirarangkenan ku pangladén wéb séjén saperti wordpress atawa blogspot. Ayeuna mah geus jamanna mibandang ngaran domain sorangan anu mandiri. Ngaran domain anu bisa jadi wawakil pikeun anu mibanda domainna.

Ngaran domain
Ngaran domain

Ngan, kumaha cara supaya mibanda ngaran domain anu alus? Nurutkeun inpo anu dipidangkeun ku weebly, aya lima cara pikeun néangan ngaran domain anu alus. Lima cara ieu nyaéta:

  1. Téangan ngaran domain anu pondok. Teu meunang poho yén nalika anu ngadongdon internét hayang ngajugjugan hiji loka kudu ngetik ngaran domainna dina alamat sacara langsung. Jadi lamun ngaranna pondok, gampang ngetikna. Paling panjang nya 20 aksara waé.
  2. Basajan jeung jelas. Ngaran domainna kudu gampang diinget-inget jeung gampang diucapkeun.
  3. Ulah make wilangan (angka), garis handap atawa aksara panyambung. Lamun ngaranna domainna ngagunakeun angka atawa aya garis handapan atawa maké aksara panyambung, bakal nyusahkeun ngetikna nalika hayang nyungsi lokana reujeung ngabingungkeun.
  4. Tambahan ku kecap konci. Lamun ngaran domain anu dipikahayang geus dipibanda ku batur, taya salahna dirarangkénan ku kecap-kecap konci pikeun ngajelaskeun ngeunaan loka (situs web) anu dijieunna.
  5. Daptar domain pikeun sawatara tauneun. Lamun mibanda waragad anu cukup, alusna mah meuli ngaran domainna langsung pikeun sababaraha taunneun. Ulah ngan ukur satauneun.

(Gambar ti sinatria.com)

Pasanggiri Nulis Wikipedia Basa Sunda, Hadiahna Laptop


Pasanggiri Nulis Wikipedia Basa Sunda, Hadiahna Laptop
Nulis Artikel di Wikipedia make Basa Sunda, Hadiahna Laptop

Geus lila pisan dimimitianana mah. Heueuh da ieu pasanggiri téh geus dimimitian dina bulan Séptémber taun kamari. Anu ngiluan daptar katut anclub kana ieu pasanggiri téh geus nincak kana entragan katujuh. Dina ping 25 April ayeuna geus narima pamilon pikeun entragan kadalapan. Jadi sanajan geus lila, taya halangan pikeun ngiluan kana ieu pasanggiri sabab daptar pamilon anu disadiakeun ku panatacalagara nepikeun ka sapuluh entragan dina ping 25 Juni, tur ditutup dina ping 25 Juli 2015.

Anu mikaresep kana Basa Sunda tur resep tulas-tulis hususna nulis artikel, taya salahna pikeun ngiluan kana ieu pasanggiri. Salian ti bisa meunangkeun hadiah anu mangrupa laptop, ogé bisa jadi jalan pikeun ngadomkuméntasikeun jeung miara atawa ngamumulé Basa Sunda. Ieu hal téh luyu reujeung tujuan diayakeunana ieu pasanggiri anu dijudulan Wiki Sabanda (Wikipédia Raksa Basa Sunda).

Anu hayang ngiluan kana ieu pasanggiri, meungpeung masih kénéh aya waktu bisa langsung daptar waé ngaliwatan loka Wikipédia Basa Sunda atawa Wiki Sabanda. Saha anu apal dina panungtunganana bisa meunangkeun hadiah laptop atawa hadiah séjénna anu disadiakeun ku panicia. Di éta loka dijéntrékeun kumaha carana ngiluan kana ieu pasanggiri.

Lima Rusiah Jadi Tukang Dagang di Internét


Sahanteuna aya lima rusiah anu kudu ditedunan ku mibanda toko onlén di internét. Lima rusiah téh nyaéta:

Lima Rusiah Jadi Tukang Dagang di Internét
Lima Rusiah Jadi Tukang Dagang di Internét
  1. Bebenah toko onlén supaya mibanda ciri anu mandiri. Hal ieu aya pakaitna reujeung anggapan anu arék meuli nalika ngajugjug toko onlén, anu pangheulana ditempo téh pidangan tokona naha luyu reujeung naon anu dipikabutuhna. Kusabab kitu, pintonan loka toko onlén téh kudu ngawakilan kana eusina atawa naon anu dijualna.
  2. Cara mayar. Dina meuli anu dipikabutuhna, anu balanja kudu disadiakeun cara pikeun mayarna. Cara pikeun mayar anu bisa dipercaya, lain anu matak hamham ka anu seja balanja.
  3. Tembrakeun. Anu balanja bakal meuli lamun bisa manggihan anu bisa dibeulina. Kusabab kitu alus pisan lamun naon anu dijual téh gampang kapanggihna. Contona waé, gampang kapanggih dina lambaran loka panyungsi kayaning Google. Produk anu dijual téh bisa kapanggih dina lambaran kahiji, éta leuwih alus.
  4. Ngirim barang. Gunakeun tukang ngirim barang anu gancang nepina. 32% loka tukang ngajual barang milih cara kumaha supaya barang anu dibeuli ku anu balanja bisa gancang nepi ka anu balanjana. Jadi, pilih tukang ngirim barang anu bisa gancang ngirimna.
  5. Wangun kapercayaan ti anu balanja. Kumaha carana bisa ngahargaan anu balanja.