Mangpaat Cangkang Cau


Geningan lain ngan ukur cauna wungkul anu miboga mangpaat pikeun jalma téh. Da cangkang cauna ogé aya mangpaatna hususna pikeun kaséhatan jalma. Lamun cauna mah didahar langsung, sedengkeun cangkangna mah bisa dipaké pikeun ngubaran panyakit ku jalan anu husus. Jadi lain ngan ukur bisa dipaké pikeun parab domba wungkul cangkang cau téh.

Nurutkeun inpo anu kapanggih di loka Manfaat Buah anu medalkeun tulisan kalawan dijudulan Manfaat Kulit Buah Pisang, dijéntrékeun ngeunaan sababaraha mangpaat cangkang cau. Mangpaat anu kapanggih tina cangkang cau diantarana waé:

  • Bisa dipaké ngubaran ateul kulit kusabab dicoco reungit.
  • Ngubaran éwateun.
  • Ngubaran panyakit kulit anu disebut psoriasis.
  • Pikeun ngarerepkeun nyeri sirah ku jalan diantelkeun kana tarang.
  • Ngurangan kulit anu péot, ku jalan ngabebek cangkang cau terus ditamplokeun kana kulit anu péot.
  • Ngubaran peurih dina kulit kusabab kaduruk atawa raheut. Carana kulit anu raheut atawa peurihna diantelan cangkang cau.
  • Pikeun ngaleungitkeun kutil anu leutik. Kutil leutik bisa leungit sanggeus saminggu nepikeun ka dua minggu.
Cau jeung cangkangna
Cau jeung cangkangna

Salian pikeun kaséhatan, cangkang cau ogé bisa dipaké pikeun ngahérangkeun cai anu kacampuran ku zat timbal atawa tambaga. Zat ieu lamun asup kana awak bakal ngaganggu kana kaséhatan awak. Tah, lamun cai anu kacampuran ku ieu zat saperti cai peureu, bisa maké cangkang cau pikeun meresihanana. Carana gampang. Cangkang cau téh dikeureutan sina jadi laleutik, terus asupkeun kana cai anu kacampuran zat anu tadi téa. Teu kudu merlukeun waktu anu lila pikeun meresihan caina. Sakeudeung ogé zat timbal atawa tambaga anu nyampur kana cai téh bakal diserep ku cangkang cau. Cangkang cau urutna masih kénéh bisa dipaké sababaraha kali, nepikeun ka sapuluh kalina.

Mangpaat Cikur Pikeun Ubar


Geningan taneman Cikur kacida pisan loba mangpaatna utamana pikeun ubar. Aya sababaraha panyakit anu bisa diubaran kalawan maké Cikur, diantarana waé panyakit balideg, nyeri sirah, batuk, misalah, asup angin, jeung panyakit séjénna. Kamampuhan Cikur dina ngubaran sababaraha panyakit, henteu leupas tina sari pati Cikur anu diwangun ku minyak atsiri, asam metal kanil, jeung sari pati séjénna.

Cikur

Ceuk inpo anu diancokeun di blog Simple Life, aya sababaraha mangpaat Cikur pikeun kaséhatan, diantarana waé bisa dipaké pikeun ngubaran eungap (mengi), rematik, ngubaran nyeri sirah sabeulah, ngubaran tetanus, batuk, éwateun reujeung pikeun ngaleutikan awak.

  1. Ngaleutikan awak. Lamun anu hayang ngaleutikan awak, bisa ku jalan ngeueum sasiki beuti cikur ditambahan ku saséndok leutik tipung béas reujeung sapotong gula kalapa dina sagelas cai panas. Sanggeus tiis, terus disaring. Inum caina sapoe tilu kali.
  2. Ngubaran nyeri sirah sabeulah. Bubukeun cikur sapotong anu gedéna sagedé ramo, ditambah tilu sénti jahé, tilu sénti lampuyang, satengah séndok leutik adas jeung 5 cm pulasari terus ditambahan ku cai genep séndok. Peres terus ditambahan ku madu saeutik. Inum sapoé tilu kali, dua séndok.
  3. Ngubaran sesek napas. Parud cikur sacukupna terus diperes. Ala caina dicampur dua séndok madu katut endog hayam kokonéngna. Campurkeun nepikeun ka rata, terus antepkeun heula. Inum.
  4. Batuk. Cikur sagedé curuk tilu siki diparud, terus diasupkeun kana cai satengah gelas anu geus dicampuran uyah. Dicampurkeun tuluy diperes maké kaén. Inum unggal isuk reujeung burit.

(Gambar meunang nginjeum ti http://muslimahzone.com/)

Antanan, Lalab jeung Ubar Panyakit


Antanan (Centella asiatica) nyaéta sarupaning tutuwuhan liar anu réa tumuwuh di pakebonan, huma, sisi jalan, galengan sawah atawa di huma nu rada baseuh. Tuwuhan ieu asalna ti wewengkon Asia tropis, sumebar di Asia Tenggara (lebah wétan kidul), kaasup Indonésia, India, Republik Rakyat Cina, Jepang jeung Australia satuluyna sumebar ka saban madhab. Antanan tumuwuhna ngareuy di luhureun taneuh. Unggal bukuna miboga akar anu nanceb kana taneuh. Daunna haréjo rada buleud.

Areuy antanan

Antanan biasana mah osok dijadikeun lalab atawa deungeun sangu. Ngadaharna teu kudu diasakan heula atawa diseupan. Sanggeus diala bisa langsung didahar. Didaharna biasana mah dicoélkeun kana sambel. Sanajan ngamangpaatkeunana ngan ukur pikeun lalab wungkul, tapi sabenerna mah antanan téh miboga hasiat pikeun nyageurkeun sababaraha rupa panyakit, diantarana waé pikeun ubar panyakit kulit, memener jalanna getih dina awak, jeung réa-réa deui. Malahan mah bisa dijadikeun ubat pikeun manjangkeun umur (nunda kakolotan).

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Cécéndét


Tangkal cécéndét geus teu bireuk deui, komo pikeun barudak mah. Dina mangsa usum hujan, lamun ulin ka kebon pipireun imah téh osok loba tangkal cécéndét. Pikeun barudak mah resepna téh ngala buahna anu geus asak, terus didahar. Nya lumayan waé ngeunah da rada amis-haseum. Malahan lamun anu tacan asak bener ogé osok maksakeun diala.

Tangkal cecendet

Tangkal cécéndét téh kaasup taneman anu miboga tangkal anu pendék. Jadina biasana dina keur usum hujan di tempat anu bala ngahiji reujeung jujukutan atawa di tegalan. Tangkal cecendet biasana mah ngarampidak atawa ngarangkadak. Tina satangkal téh miboga sababaraha dahan anu miboga dahan deui. Daunna rada paranjang, sedengkeun buahna ngagarantung dibungkusan ku bungkus anu wangunna saperti segi lima. Ari buahna mah baruleud leutik. Buah anu ngora jeung atah kénéh rupana héjo, sedengkeun anu geus asak mah semu konéng.

Sanajan buahna dipikaresep ku barudak, tapi urang lembur mah tara maksakeun pikeun melak ieu tangkal. Jadi, tangkal cécéndét jadina ku sorangan (jadi sorangan). Ceuk warta mah, tangkal cécéndét téh sabenerna miboga mangpaat séjénna hususna pikeun ubar.

Calingcing


Buahna warna héjo wangunana lonyod sarta miboga panjangna kira-kira dua buku curuk nepikeun ka saramo. Di jero buahna loba caian. Sedengkeun rasa ieu buah téh lumayan haseum. Buahna ngagarantung dina tangkal reujeung dahan tangkalna. Buahna osok didalaharan ku barudak, sanajan sakadar ngan ukur ngasaan haseumna wungkul.

Buah calingcing dina tangkalna

Cenah, buah calingcing miboga hasiat pikeun obat batuk. Salian ti éta, calingcing ogé ngandung Vitamin C.

Tangkal calingcing mangrupakeun tatangkalan anu masih kénéh saturunan reujeung balingbing. Tangkalna leutik. Jangkungna kira-kira 5 méter nepikeun ka 15 méter. Daunna dina sagagang téh lumayan loba reujeung papasangan, kénca katuhu. Ari kembangna laleutik kaluar tina tangkal atawa dahan tangkal calingcing.

Gadung


Inget ka caritan sepuh baheula hususna pun nini, dina jaman keur serba walurat mah gadung téh mangrupakeun kadaharan anu dijadikeun gaganti sangu. Dahar téh lain ngadaharan sangu tapi ngadaharan gadung meunang ngala ti leuweung anu tangtuna ogé meunang ngolah.

Gadung mangrupakeun salasahiji ngaran tutuwuhan anu biasana mah jadina di leuweung. Jadi henteu dipiara atawa ngahaja melak di kebon. Tangkalna ngareuy kana tatangkalan anu séjén. Areuyna laleutik, kira-kira sacuruk gedéna téh. Areuyna miboga cucuk anu lumayan seukeut. Daunna jaradi dina dahan areuy anu wangunana buleud lonjong kawas endog hayam. Ieu tutuwuhan téh miboga kembang anu ngarantuy.

Tambahanana, ceuk hiji warta (wikipedia) mah cenah anu ngaranna areuy gadung mah meulitna kana tangkal teh miboga ciri anu husus nyaéta muter sakumaha arah jarum jam lamun ditilik ti lebah luhur.

Areuy gadung

Anu bisa dimangpaatkeun atawa didahar ku jalma téh nyaéta beutina. Beuti gadung kawas beuti hui ngan loba akaran laleutik. Beuti anu geus gede bisa diala pikeun diolah. Beuti gadung mah teu bisa langsung didahar atawa langsung diasakan, tapi kudu diolah heula. Cara ngolahna ogé kudu bener-bener. Kudu nepikeun ka paramna, kudu nepikeun ka asak pisan. Da anu ngaranna beuti gadung mah miboga racun anu matak jadi panyakit ka jalma anu ngadaharna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/e/e2/Diosc_hispi_090103-5117_rwg.JPG)

Mangpaat Tangkal Kawung


Ngeunaan tangkal kawung, teu leupas tina mangpaat éta tangkal dina kahirupan. Mangpaat anu gedé pikeun kahirupan téh nyaéta mangpaat dina hal dijadikeun pangupa jiwa: bisa dijadikeun sumber napakah. Ieu téh hartina tangkal kawung bisa dimangpaatkeun pikeun ngahasilkeun duit jeungeun bekel kahirupan. Sakumaha anu disebutkeun dina tulisan saméméhna, (ampir) sakabéhna tangkal kawung téh bisa dimangpaatkeun, ti mimiti puhu tangkal nepikeun ka tungtung daun. Jadi tangkal kawung téh loba pisan mangpaatna.

Tangkal kawung

Salian ti mangpaat pikeun sumber napakah, tangkal kawung ogé bisa nyuburkeun taneuh di sakurilingeunana. Taneuh di handapeun tangkal kawung mah biasana osok tiis baseuh. Teu anéh lamun aya kebon anu dipinuhan ku tangkal kawung, karasana téh osok tiis.
Mangpaat tangkal kawung lamun ditilik tina widang ékonomi jeung widang séjénna, nyaéta:

  1. Tangkal kawung bisa dijadikeun sumber gula beureum. Gula beureum tina tangkal kawung mah kacida kareueutna dibandingkeun reujeung gula tina tangkal kalapa.
  2. Tangkalna bisa dijual pikeun dijieun aci.
  3. Injukna bisa dijual ka tukang nyieunan sapu injuk.
  4. Carulukna bisa dijieun cangkaléng.
  5. Langarina bisa dijieun parab domba.
  6. Nyerena bisa dijieun sapu nyéré.
  7. Sarérang kawungna bisa dijieun obat éwateun.
  8. Daun kawung anu ngora bisa dijieun ududeun nyaéta udud daun kawung.
  9. Daunna bisa dijieun hateup saung.
  10. Tangkal anu ngorana bisa dijieun humut.
  11. Ruyungna (tangkal kawung anu teuas) bisa dipaké pikeun pérah pakarang.

Sedengkeun mangpaat pikeun barudak mah nyaéta:

  1. Dahanna bisa dijieun momobilan.
  2. Popotongan tangkal kawung anu dituar tapi teu dimangpaatkeun osok jadi tempat jaradina tunggeu. Tunggeu ook dipaké hareureuy ku barudak.
  3. Langarina osok dipaké babalédogan maké nyéré. Babalédogan pajauh-jauh atawa pakeuna-keuna kana hiji hal.

Baca oge:

  1. Tangkal Kawung
  2. Nyadap Kawung (Bagean Kahiji)