Jantungeun jeung Jantung Cau


Budak mah ulah ngadahar jantung cau, pamali matak jantungeun.

Kitu wawadi kolot baheula ka barudak, nalika barudak ngagugulung atawa ngadahar jantung cau. Barudak mah teu meunang ngadahar jantung cau. Pajarkeun téh bisi jantungeun. Lamun budak kénéh geus ngadahar jantung cau, engkéna bakal jantungeun.

Jantungeun bisa disebutkeun pasipatan budak (jalma) anu kudu dijauhan. Ulah nepikeun budak miboga pasipatan jantungeun. Jantungeun di dieu taya pakaitna reujeung jajantung (panyakit jantung) atawa jantung cau. Jantungeun mah biasana nuduhkeun pasipatan budak anu remen kasima, cicingeun atawa kabur pangacian. Budak anu jantungeun mah biasana osok ujug-ujug kasima (cicing), siga anu jajantungna eureun.

Jantung cau dina tangkalna
Jantung cau dina tangkalna

Lamun nengetan ieu kaayaan, euweuh saurang jalma ogé anu hayang miboga budak (anak) anu jantungeun. Da budak anu jantungeun bakal kaganggu pagawéanana atawa kahirupanana. Meus-meus cicing atawa ngahuleng, najan eukeu nanaon ogé. Nurutkeun pamanggih (kayakinan) kolot baheula, jantungeun téh aya pakaitna reujeung jantung cau. Lamun budak kénéh geus ngadahar jantung cau, bakal katarajang jantungeun. Kusabab kitu, biasana kolot osok nyaram ka budak supaya henteu ngadahar jantung cau. Najan tacan aya panalungtikan anu bener, jeung tacan aya bukti yén hal ieu téh bener, tetep ieu téh jadi cekelan pikeun kolot baheula mah. Pajarkeun téh pamali.

Teu Meunang Ngadahar Cau Padempét


Salian ti teu meunang ngadahar cau pangsisina, aya ogé pantangan pikeun barudak, teu meunang ngadahar cau anu padempét. Aya kalana dina turuyan atawa sikatan cau téh osok manggihan cau anu padempét. Cau dua siki anu sakuduna misah atawa masing-masing, bet padempét ngahiji. Manggihana mah jarang. Ngan dina sakali manggihan, osok matak panasaran hayang ngadahar cau anu padempét. Saha anu teu hayang, dua siki cau didahar ku saurang. Matak seubeuh, sigana mah.

Cau padempet

Kolot osok ngawawadianan, sangkan budak mah henteu ngadahar cau anu padempét. Budak mah pamali lamun ngadahar cau padempét téh. Cenah, lamun budak ngadahar cau padempét bakal meunang budak atawa turunan anu padempét. Saha atuh anu hayang meunang kaayaan anu sarupa kitu. Anu sieunan mah, moal daékeun ngadahar cau anu padempét.

Kumaha atuh lamun budakna tetep ngarenghik hayang ngadahar cau anu padempét? Pokna kolot mah, bisa waé atawa meunang ngadahar cau padempét, tapi teu meunang duanana. Kudu salasahijina. Cau padempét téh dibagi dua (dipisahkeun). Anu hiji bisa didahar ku budak anu hiji, ari anu anu hiji deui bisa didahar ku nu lian.

Kitu cenah….

(Gambar meunang nginjeum ti http://amoebasterix.multiply.com/)

Lamun Dahar teu Meunang Céplak


Masih kénéh inget, lamun keur dahar ulah nepikeun ka céplak. Pamali cenah lamun dahar bari céplak téh. Céplak téh dahar bari ngaluarkeun sora saperti sato anu keur nyatuan. Dahar anu alus mah tara ngaluarkeun sora nanaon.

Gambaran jalma keur dahar

Dahar anu ceplak mah biasana matak gandeng atawa ngagareuwahkeun. Komo lamun daharna babarengan reujeung anu lian, matak ngaganggu batur anu ngiluan dahar. Jeung matak teu ngeunah wae ngadengena lamun anu dahar bari ceplak. Disagedengeun eta, bisa wae lamun kadengena ku batur anu keur teu keur dahar bakal ngabalukarkeun hayangeun atawa kabita hayang ngiluan dahar. Matak ngabibita batur anu henteu ditawaran.

Kitu cenah….

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com)

Ulah Ngadahar Cau Pangsisina


Diantara cau anu aya dina sasikat osok aya dua siki cau anu perenahna di pangsisina. Ceuk kolot cenah budak mah ulah ngadahar cau anu perenahna di sisi. Budak mah teu meunang ngadahar cau pangsisina. Cenah, bisi kasingsalkeun. Budak mana atuh anu hayang kasingsalkeun. Da teu ngeunah jadi budak atawa jalma anu kasingsalkeun mah. Dina prakna bakal dibagi dahareun ku anu boga hajat, apanan lamun kasingsalkeun mah moal kabagéan. Dina perkara dibagi duit ogé sarua, lamun kasingsalkeun mah moal kabagéan. Pokona mah jadi budak anu kasingsalkeun mah teu ngeunah, bakal dibédakeun reujeung batur naha kusabab dihaja atawa henteu (teu asup itungan atawa teu kaitung dina waktuna bakal dibagi dahareun).

Cau sasikat

Sedengkeun ari anu ngaranna cau pangsisina téa, geus nelah apanan cau anu panggedéna dina sasikat téh. Saha anu teu hayang ngadahar cau anu gedé. Hiji ogé matak seubeuh.

Ka béhdieunakeun, cenah sababna budak teu meunang ngadahar cau pangsisina téh kusabab gedéna téa. Lamun budak ngadahar cau pangsisina, atuh kolot téh bakal kabagéan cau anu leutik. Da cau anu panggedéna geus didahar ku budak.

Hujan Poyan mah teu Meunang Huhujanan


Langit ceudeum tandana bakal hujan. Reueuk hideung geus ngantay mawa pihujaneun. Beuki hideng reueukna biasana mah beuki gedé hujanna. Da geus kabiasaan lamun hujan osok dipiheulaan ku langit anu ceudeum. Lamun langit ceudeum, cahya panon poé osok kahalangan jadi waé rada poék.

Ngan teu salawasna kaayaan hujan téh pasti (rada) poék. Aya kalana hujan téh osok dibarengan ku caang panon poé. Najan kaayaan keur hujan, tapi cahya panon poé tetep aya, moncorong. Biasana mah hujanna henteu gedé teuing. Lamun kaayaan keur hujan dibarengan ku caang atawa cahya panon poé disebutna hujan poyan. Hujan tapi caang ku cahya panon poé.

Hujan poyan

Saur pun nini mah, keur hujan poyan mah teu meunang huhujanan, pamali. Pamalina téh bisi matak kapuragan bulu sasatoan anu ngagibrigkeun buluna nalika hujan poyan di leuweung. Jadi lamun kahujanan keur hujan poyan teh matak diaarah ku batur anu osok ngala sasatoan di leuweung.

Ngan aya cara supaya ulah kakeunaan ku éta panyakit. Lamun kapaksa kudu huhujanan kudu maké sumping. Sumping téh nyaéta daun jujukutan kayaning daun jukut bau terus diciduhan. Sanggeus diciduhan diselapkeun dina sela-sela ceuli jeung sirah. Kitu cenah….

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com)

Budak anu Kulincirna Tilu mah teu Meunang Balayar Maké Kapal


Unggal jalma oge pasti miboga kulincir. Kulincir jadi hiji babawaan jalma ti mimiti gubrag ka ieu dunya. Kulincir ayana dina sirah. Rupana mah siga ulekan atawa cai balong anu muter kusabab asup hiji liang anu perenahna di handap. Aya tempat dina sirah anu tumuwuhna buuk téh muter nguriling ngurilingan anu kosong taya  buukna. Jumlahna kulincir aya sababaraha hiji, ngan paling saeutikna hiji, jeung paling lobana tilu. Kulincir bakal atra katempo lamun ninggang di budak kénéh, da geus kolot mah jarang katempona komo lamun buukna gomplok mah.

Kulincir anu jumlahna dua dina sirah budak

Ngeunaan kulincir ieu, aya hiji anggapan anu matak sieun. Ieu téh aya pakaitna reujeung jumlah kulincirna. Lamun budak miboga kulincir hiji atawa dua mah teu jadi masalah. Anu jadi masalah mah lamun hiji budak miboga kulincir tilu siki. Budak anu miboga kulincir tilu siki mah osok pada nyingsieunan, cenah ulah hayang atawa ngiluan balayar di lautan. Sababna lamun ngiluan balayar di lautan, kapalna bakal tikelebuh. Kapal anu diiluan ku budak anu miboga kulincir tilu, bakal titeuleum.

Kitu cenah.

Ngan teuing bener teuing henteu, da bororaah balayar ka laur, dalah lautna ogé apanan teu apal-apal acan. Arék apal ka laut kumaha, da lemburna gé aya di gunung.

(Gambar meunang nginjeum ti internet)

Lalangiran


Langir téh sasatoan anu miboga peurah dina tungtung buntutna. Buntut langir mah biasana posok melengkung ka luhur, atawa ka béh tukangeun awakna.

Kabiasaan atawa pagawean lalangiran, nyarupaan kana  pasipatan langir anu osok melengkungkeun buntutna ka luhur. Jalma atawa budak anu lalangiran ogé sarua, ngan anu dipelengkungkeunana téh nyaeta sukuna. Jalma atawa budak anu ngadon ngadapang atawa dadapangan, aya kalana suku semet tuur ka handap téh osok ditangtungkeun ka luhur (ditilepkeun ka tukang), naha sabeulah atawa duanana. Ngan biasana mah anu osok ditangtungkeunana téh kadua sukuna. Nilepkeunana téh naha arék diulang-ulang (ditilepkeun-dilempengkeun bulak-balik) atawa ditilepkeun wungkul. Sikep ieu téh disebutna lalangiran.

Orok anu lalangiran

Ngan ceuk kolot mah, sikep ieu téh teu menang dipigawé. Paribasana téh ulah lalangiran, pamali. Cenah, pamalina teu meunang lalangiran téh bisi ditinggalkeun kolot pangpangna ditinggalkeun ku indung. Lamun lalangiran téh bisi paéh indung. Kitu cenah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.dokterkoas.com/wp-content/uploads/2011/06/bayi-merangkak.jpeg)