Dina keur usumna mah, manggihan kacang panjang téh ampir unggal poé. Di dapur, ngabugbrug diwadahan. Salian ti meunang ngala ti kebon téh, aya kalana mangrupakeun pangirim ti tatangga anu mulang tas ti kebon. Biasana mah kacang panjang téh dijadikeun deungeun sangu, naha diangeun, diseupan (diteundeun di luhureun sangu anu diseupankeun) atawa didahar atahna langsung dicoélkeun kana sambel.

Salian ti ngeunah dipaké pikeun deungeun sangu téh, nurutkeun inpo ti loka Makanan Sehat, kacang panjang téh loba mangpaatna pikeun kaséhatan awak. Mangpaatna diantarana pikeun:
- Ngadalikeun atawa nurunkeun gula darah
- Nurunkeun darah tinggi
- Nyegah panyakit jantung
- Mantuan gawé padaharan (organ pencernaan)
- Ngurangan kaserang panyakit daging jadi (kanker)
- Ngubaran sembelit
- Ngubaran rématik
- Ngubaran diaré, arthritis jeung gangguan dina saluran kemih
- Mantuan ngubaran panyakit ginjal jeung arateul
- Ngajaga kulit supaya henteu kaserang éwateun
- Ngubaran kulit boléksék kusabab kaduruk
Jadi, salian ti pikeun nambahan segut kana dahar ku jalan dijieun deungeun sangu, ogé loba mangpaatna pikeun kaséhatan awak.