Pasanggiri Pop Sunda Sumedang


Dina raraga ngamumulé Basa Sunda jeung ngamumulé seni Sunda, baris diayakeun pasanggiri Pop Sunda Sumedang. Pasanggiri ieu dilumangsungkeun ku panata calagara anu mangrupakeun gawé bareng antara Tandang Creative Community, Patuzzu Multigrafika jeung Hanjuang Sumedang kalawan pangrojong ti SMTV Sumedang. Pasanggiri bakal dilaksananakeun dina ping 26 jeung 27 Agustus 2017. Dina prungna pasanggiri aya dua undakan anu kudu diliwatan ku pamilon ieu pasanggiri, nyaéta undakan seléksi jeung undakan puncer (final).

Ieu pasanggiri bébas bisa diiluan ku saha waé, asal kaasup dina wengku umur ti mimiti sapuluh taun nepikeun ka 70 taun katut urang Jawa Barat. Kalawan sarat anu kudu ditedunan ku anu ngiluan kana ieu pasanggiri nyaéta ngeusian formulir daptar anu geus disadiakeun ku panata calagara (panitia), terus mayar waragad daptar anu gedéna Rp 100 rébu pikeun unggal pamilon ditambah potrét pamilon ukuran 3R anu jinisna dua rupa nyaéta potrét close up jeung sakabéh awak.

Pamilon bisa daptar langsung ngaliwatan kantor SMTV Sumedang di Jl. Raya Bandung – Cirebon No. 289 Désa Mandalahérang Kacamatan Cimalaka atawa bisa ogé ngaliwatan Pattuzu Multigrafika di Blk. Parakanmuncang Kacamatan Cimanggung. Salian ti éta, pamilon ogé bisa daptar ngaliwatan sawatara kontak anu disadiakeun ku panata calagara anu diantarana waé di nomer 0813-2068-9425 (Zay) pikeun pamilon anu dumuk di wewengkon Jatinangor jeung Tanjungsari, 0813-2410-2017 (Diky) pikeun pamilon anu dumuk di wewengkon Darmaraja jeung sabudeureunana kaasup Majalengka, 0812-2105-9657 (Oniel) atawa 0852-2216-9808 (Dali) pikeun urang Rancakalon jeung sabudeureunana katut Subang, 0888-0901-2637 (Nugie) atawa 0852-6454-7249 (Dadi) pikeun urang dayeuh Sumedang katut sabudeureunana.

Pasanggiri Pop Sunda Sumedang

Pamilon anu ngiluan kana pasanggiri ieu bisa milih lagu wajib anu bakal dibawakeun dina prungna pasanggiri, ditambah jeung lagu pilihan anu geus disadiakeun. Lagu wajib anu bisa dipilih ku pamilon mangrupakeun lagu anu biasa dihaleuangkeun ku Fanny Sabila nyaeta Tahu Sumedang, Ceurik Cimanuk atawa Darmaga Cinta. Sedengkeun lagu pilihanana nyaéta tin lagu-lagu anu dihaleuangkeun ku Minus One.

Waktu anu disadiakeun ku panata calagara pikeun narima pamilon anu daptar nepikeun ka ping 20 Agustus 2017. Anu daptar bisa jadi pamilon ieu pasanggiri bakal meunangkeun kagegelan mangrupa VCD Fanny Sabila, Paket Starter Pack 2 GB, Digiloop Telkomsel jeung Stiker Pasanggiri Pop Sunda.

Pamilon anu geus daptar baris ngiluan technical meeting anu baris dilaksanakeun dina poé Ahad ping 20 Agustus 2017. Anu saterusna bakal ngiluan pasanggiri dina ping 26 nepikeun ka 27 Agustus 2017.

Pasanggiri ieu marebutkeun hadiah mangrupa duit (uang pembinaan), piala katut mini clip jeung video clip. Ieu hadiah diancokeun pikeun jawara kahiji, kadua jeung katilu.

Advertisements

Kayungyuna Gloria Natapraja Hamel, Leuwih Milih Basa Sunda Tibatan Basa Perancis


Mangkukna, nalika milangkala kamerdikaan Indonésia anu ka-71, ramé naker ngeunaan anggahota Paskibraka anu teu lulus. Sawatara utusan ti unggal propinsi sa-Indonesia teu kabéh lulus bisa ngiluan jadi pasukan pikeun nanggerkeun bandéra Indonésia. Salasahiji anu teu lulus atawa asup jadi pasukan téh nyaéta Gloria Natapradja Hamel. Alesanana basajan pisan, nyaéta inyana mibanda masalah ngeunaan warganagara. Naha bener mangrupakeun warga nagara Indonésia atawa lain. Sakumaha anu katohiyan, bapana lain urang Indonésia tapi urang nagri Perancis. Reujeung inyana mibanda paspor nagri Perancis.

Gloria Natapraja Hamel
Gloria Natapraja Hamel

Kusabab kitu, inyana teu asup jadi pasukan anu nanggerkeun bandéra Indonesia (Paskibraka) nalika upacara milangkala kamerdikaan Indonésia di Istana Negara. Untung waé dina waktu nurunkeun bandérana mah kabawa jadi pasukan Paskibraka.

Sanajan mibanda paspor nagri Perancis, teu ngaruntagkeun kanyaah jeung kadeudeuh ka nagri Indonésia. Ti leuleutik, Gloria Natapraja Hamel geus cicing Indonésia katut sakola di Indonésia, perenahna di wewengkon Dépok. Sanajan mibanda pangabisa nyarita nepikeun ka tilu basa luar nagri kayaning basa Perancis, Jepang jeung basa Inggris, tapi waktu diwawancara ku wartawan mah embungeun lamun kudu nyarita ku basa Perancis téh.

Anu matak kayungyunna, inyana leuwih milih ngagunakeun Basa Sunda tibatan basa luar nagri. Pokna téh, “Abdi téh orang Sunda atuh, abdi téh bahagianya ngarumpul jeung sararéa”. Jadi sanajan mibanda paspor nagri Perancis teu ngurangan kanyaah kana budaya karuhun indungna heuseusna basa Sunda.

Ari urang, salaku urang Sunda, kumaha…?

(Potret meunang nginjeum ti okezone.com)

Poé Basa Indung Sadunya 2016


Mieling poe basa indung sadunya taun 2016
Mieling poe basa indung sadunya taun 2016

(Gambar: instagram @ram_sundamerch)

Pasanggiri Nulis Wikipedia Basa Sunda, Hadiahna Laptop


Pasanggiri Nulis Wikipedia Basa Sunda, Hadiahna Laptop
Nulis Artikel di Wikipedia make Basa Sunda, Hadiahna Laptop

Geus lila pisan dimimitianana mah. Heueuh da ieu pasanggiri téh geus dimimitian dina bulan Séptémber taun kamari. Anu ngiluan daptar katut anclub kana ieu pasanggiri téh geus nincak kana entragan katujuh. Dina ping 25 April ayeuna geus narima pamilon pikeun entragan kadalapan. Jadi sanajan geus lila, taya halangan pikeun ngiluan kana ieu pasanggiri sabab daptar pamilon anu disadiakeun ku panatacalagara nepikeun ka sapuluh entragan dina ping 25 Juni, tur ditutup dina ping 25 Juli 2015.

Anu mikaresep kana Basa Sunda tur resep tulas-tulis hususna nulis artikel, taya salahna pikeun ngiluan kana ieu pasanggiri. Salian ti bisa meunangkeun hadiah anu mangrupa laptop, ogé bisa jadi jalan pikeun ngadomkuméntasikeun jeung miara atawa ngamumulé Basa Sunda. Ieu hal téh luyu reujeung tujuan diayakeunana ieu pasanggiri anu dijudulan Wiki Sabanda (Wikipédia Raksa Basa Sunda).

Anu hayang ngiluan kana ieu pasanggiri, meungpeung masih kénéh aya waktu bisa langsung daptar waé ngaliwatan loka Wikipédia Basa Sunda atawa Wiki Sabanda. Saha anu apal dina panungtunganana bisa meunangkeun hadiah laptop atawa hadiah séjénna anu disadiakeun ku panicia. Di éta loka dijéntrékeun kumaha carana ngiluan kana ieu pasanggiri.

Ahirna, Basa Sunda Asup ka Google Translate


Meunang inpo ti babaturan cenah, Google Translate téh ayeuna mah aya pilihan pikeun narjamahkeun kekecapan kana Basa Sunda. Panasaran, nyobaan mariksa, bener ogé. Tina mangpuluh-puluh pilihan pikeun narjamahkeun kekecapan téh geus aya pilihan pikeun narjamahkeun kana Basa Sunda (Sundanese). Pon kitu deui sabalikna, bisa narjamahkeun Basa Sunda kana basa séjén.

Basa Sunda (Sundanese) geus asup di Google Translate
Basa Sunda (Sundanese) geus asup di Google Translate

Disaliksik di mandala maya, goréhél ogé meunang inpo yén bener Google geus ngasupkeun Basa Sunda kana pakakas pikeun narjamahkeun kekecapan dina loka Google. Teuing iraha mimitina mah. Ngan nurutkeun inpo anu diancokeun ku 9to5Google, dina ping 12 Désémber ogé Basa Sunda geus nyampak dina loka Google Translate.

Nyobaan narjamahkeun kekecapan anu aya di loka/blog Kampung Ciburuan, lumayan bisa narjamahkeun kana rupa-rupa basa anu aya dina Google Translate. Pon kitu deui sabalikna bisa narjamahkeun kekecapan dina basa séjén kana Basa Sunda. Cenah éta henteu kabéh kekecapan bisa ditarjamahkeun, kudu ngamaphum. Da ngaranna ogé kakara diangken. Tacan kabéh kekecapan dina Basa Sunda bisa ditarjamahkeun.

Hasil narjamahkeun kalimah tina blog Kampung Ciburuan kana Basa Inggris
Hasil narjamahkeun kalimah tina blog Kampung Ciburuan kana Basa Inggris

Salaku urang Sunda, kudu ngarasa bungah jeung bagja yén Basa Sunda geus diaku ku Google. Jeung Basa Sunda bakal bisa dipikawanoh ku unggal jalma anu biasa nyungsi Google Translate. Atuh pikeun anu ngarasa susah ngartina kana eusi ieu blog, bisa ogé ditarjamahkeun kekecapanana ngaliwatan Google Translate.

Daptar Pinunjul Lomba Nulis Puisi 3 Basa Daérah


Sakumaha anu diwartakeun ku Klik Galamedia sababaraha waktu anu kaliwat, Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disbudpar) Provinsi Jawa Barat ngaliwatan widang Kabudayaan geus ngayakeun kagiatan pasanggiri nulis puisi tilu basa pikeun barudak ngora anu micinta kana basa jeung sastra daérah. Ieu pasanggiri dibagi jadi tilu katagori basa, nyaéta Basa Sunda, Cirebon jeung basa Malayu-Batawi.

-

Nurutkeun PLH Kepala Disbudpar Jawa Barat, Yerry Yanuar ieu pasanggiri teh mangrupakeun salasahiji jalan pikeun miara basa jeung sastra daérah. Ogé mangrupakeun prak-prakan tina peraturan daérah anu geus dipedalkeun ngeunaan miara basa, sastra jeung aksara daérah nyaéta Perda No 5 taun 2003.

Tina ieu pasanggiri, anu jadi pinunjul kahiji katagori puisi Basa Sunda nyaéta Prayoga Adiwisastra anu nyieun puisi kalawan judul “Purwakarta”, pinunjul kaduana dibeunangkeun ku Dewinda Asih Nastiti (“Dalingding Dina Haleuang Suling”) jeung pinunjul katiluna ku Dewi Hamdanah (“Pituah Ema). Pinunjul Harepan kahiji ku Anti Novi Martani (“Jalan Layang”) kalawan harepan kaduana ku Ahmad Rizal Nasrullah (“Kasaktèn Guru”).

Sedengkeun katagori puisi Bahasa Cirebon dibeunagkeun ku Wahyudi (“Nguntap”) salaku pinunjul kahijina. Pinunjul kaduana Siska Handayani (“Wong Cilik”), jeung katiluna Nurmala (“Alam Kula Ical”). Pinunjul Harepan kahiji dibeunangkeun ku Abdullah “Pemilu Presiden”) kalawan kaduana ku Yulian Try Lestari (“Keagamaan”).

Nulis puisi dina basa Malayu-Batawi dibeunangkeun ku Riki Adi Putro, Ainur Elfaz, jeung Okta Nurvia. Tiluanana nyieun puisi anu jejerna ngeunaan “Lingkungan Hidup”. Pinunjul Harepan kahijina dibeunangkeun ku Armah Nelpa (“Budaya”) ditambah Sintia Hesti (“Budaya”) salaku Pinunjul Harepan kaduana.

Sakabéh pununjul dileler hadiah anu dilumangsungkeun di kantor Disparbud Jln. Martadinata Bandung, dina poé kemis minggu kamari.

Sunda Taya Paéhna, Sawala Basa Indung di Lembur Singkur


Sunda Taya Paéhna, Sawala Basa Indung di Lembur Singkur
Sunda Taya Paéhna, Sawala Basa Indung di Lembur Singkur

Masih kénéh aya pakaitna reujeung mapag atawa miéling Poé Basa Indung Sadunya, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) baris ngayakeun program pikeun néangan jeung ngarékam basa ti pasisian. Nurutkeun inpo anu dipidangkeun dina pésbukna Kang Dadan Sutisna, ieu kagiatan téh baris dilumangsungkeun di dua tempat, nyaéta (1) Imah Mang Cahyu, tukang nyieun boboko jeung dingkul reujeung di (2) Sawah Blok Layeut, tempat urang lembur nyiar pakasaban. Ari waktuna nyaéta dina saptu peuting (ping 22 Pébruari) nepikeun ka ahad isuk-isuk (23 Pébruari).

Dina ieu acara baris mintonkeun sababaraha urang panyatur tina sababaraha jinis profési. Unggal panyatur bakal dipentés pikeun nyaritakeun profésina. Kecap-kecap anu ahéng, cenah mah, baris dicatet atawa didokuméntasikeun. Anu tungtungna mah bakal kaukur kamampuhanana dina maraké basa indung. Panyatur anu baris ilubiung diantarana waé nyaéta Mang Adang (patani bako, Lebé manten), Mang Cahyu (tukang nyieun boboko), Ajengan Fadil (pupuhu acara Yasinan), Mang Anang (patani suung nu aktif di DKM), Mang Supatma (kungsi jadi tukang kiridit), ditambah ku sawatara urang ti rupa-rupa profési séjénna.

Pikeun anu hayang ngiluan kana ieu kagiatan bisa ngirim pésen ka Kang Dadan Sutisna ngaliwatan koropak di pésbuk.