Kecap Ki di dieu mah lain hartina sesebutan pikeun aki-aki. Tapi biasana mah pikeun ngahormat (ka sahandapeun atawa ka saluhureun) atawa nyebut landian.
Sesebutan anu jarang dipaké. Kecap-kecap ieu biasana mah remen kadéngé dina siaran dongeng di radio, hususna dongéng ngeunaan élmu kanuragan atawa dongéng silat. Lamun miboga babaturan anu sapaguron dina guguru élmu kanuragan, biasana mah osok maké kekecapan ieu. Lamun babaturanana leuwih tiheula guguruna atawa umurna leuwih kolot, biasa disebut Ki Lanceuk. Sedengkeun pikeun anu sahandapeun mah biasa disebut Ki Adi.
Najan jarang dipaké ogé taya pantangan pikeun dipaké. Lamun nyebut Ki Adi atawa Ki Lanceuk ka babaturan, taya salahna. Ki Lanceuk pikeun babaturan anu umurna atawa dianggap saluhureun, sedengkeun Ki Adi pikeun babaturan anu umurna atawa dianggap sahandapeun. Atawa ogé pikeun dulur pet ku hinis pisan, ka lanceuk nyebut Ki Lanceuk, sedengkeun ka adi nyebut Ki Adi. Da ieu mah lain maksud ngahinakeun atawa ngaléléwa.