Kakara Karasa Lamun geus Euweuh atawa Kaganggu


Naon-naon anu aya dina diri bakal karasa mangpaatna atawa nikmatna lamun éta hal téh geus ilang atawa leungit tina diri. Aya anggahota awak anu nyampak dina diri, kaayaan atawa pasipatan anu napel dina anggahota awak, jeung kaayaan meunang néangan dina salila ngajalankeun kahirupan. Naon-naon atawa perkara anu aya dina diri, bakal karasa mangpaatna lamun éta perkara téh leungit.

Rasa séhat bakal karasa mangpaatna lamun diri aya dina kaayaan gering. Boga anggahota awak saperti leungeun bakal karasa ngeunah jeung nikmatna miboga éta leungeun lamun leungeunna geus ilang tina diri atawa kaganggu. Bakal karasa nikmatna bisa dahar sangu lamun ngalaman teu bisa ngadahar sangu.

Sagala perkara anu aya dina diri, bakal karasa pisan nikmatna jeung asa kaleungitanana lamun geus ngalaman kaleungitan, atawa sahanteuna ngalaman gangguan. Lamun dibéré gering, bakal karasa yén anu ngaranna séhat téh nikmat. Najan geringan ngan ukur nyari huntu atawa geringna teu pira, bakal karasa anu ngaranna séhat téh nikmat.

Jalma anu keur nyeri huntu

Anggahota awak anu aya dina awak ogé sarua waé bakal karasa pisan nikmat jeung mangpaatna lamun éta anggahota awak téh leungit. Atawa sahanteuna anggahota awak téh aya gangguan atawa teu bisa sampurna dipakéna, bakal karasa yén éta anggahota awak téh kacida pisan mangpaatna jeung jadi nikmat dina ayana.

Kusabab kitu, aya alusna naon anu nyampak dina diri téh disukuran jeung dijaga kaayanana. Da geus leungit atawa kaganggu mah bakal karasa kaleungitanana atawa kamangpaatanana. Sukuran kana lengkepna anggahota awak jeung kaayaanana anu jauh tina gangguan, ulah nungguan ilangna atawa kagangguna. Najan ari keur ayana mah teu karasa yén éta téh mangrupakeun nikmat anu kudu disukuran, ulah nungguan kaganggu jeung leungit pikeun sukuran kana kaayaan jeung lengkepna anggahota awak. Geus kaganggu atawa geus leungit mah biasana kari hanjeluna. Sanajan bisa kénéh diubaran atawa ditambaan supaya bisa balik deui kana kaayaan sabihara-sabihari, alusna mah mending kénéh sukuran ku jalan ngajaga. Sukuran ku jalan ngajaga nikmat anu aya leuwih alus tibatan kudu malikeun deui anu kaganggu atawa ilang.

Jaga anu aya saméméh ilang atawa kaganggu.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com)

Advertisements

Lamun Teu Ngakal Moal Ngakeul


Ngakal béda jeung ngakeul. Tapi dina ieu paribasa mah, aya pakaitna antara ngakal jeung ngakeul. Ngakal bisa miboga harti ngagunakeun akal pikiran, anu béh dituna ngagunakeun anggahota awakna pikeun ngalaksanakeun naon anu aya dina pikiranana atawa naon anu geus dipikirkeunana. Ari ngakeul, hartina pagawéan niiskeun sangu dina dulang meunang ngasakan (nyangu) dikurah-karih maké cukil bari digeberan ku hihid.

Salaku jalma anu miboga akal, tangtuna ogé kudu dipaké atawa digunakeun éta akalna téh. Dina nyanghareupan kahirupanana, jalma kudu néangan cara atawa akal kumaha supaya kahirupanana bisa bener jeung lumangsung kalawan lungsur-langsar sakumaha kahayangna. Dina manggihan karerepet dina kahirupanana, jalma kudu ngagunakeun akal pikeun mikiran kumaha cara ngungkulan éta karerepet. Lamun geus manggihan cara kumaha ngungkulanana, saterusna mah tinggal diprakeun éta carana téh dina wangunan gawé anu hadé. Jadi lain ngan ukur dipikiran wungkul.

Dulang paranti ngakeul

Salasahiji kahayang jalma anu hirup téh nyaéta bisa ngakeul. Ngakeul bisa dihartikeun nuduhkeun kaayaan jalma anu miboga bekel pikeun ngalakonan kahirupanana. Bekel anu mangrupa harta banda. Harta banda anu bisa dimangpaatkeun pikeun bekel hirupna. Dina hal ngakeul, apanan lain ngan ukur ngakeulna, tapi kudu aya anu bisa diakeulna. Najan bisa ngakeul ogé lamun euweuh anu bisa diakeulna (sangu/béas) mah, nya taya hartina.

Ahirna mah, lamun hayang boga bekel pikeun ngalakonan kahirupan ieu, unggal jalma kudu bisa ngamangpaatkeun anu aya di dirina (akal jeung ragana) pikeun néangan kipayah pibekeleun hirupna. Lamun henteu kitu, moal bisa meunang kipayah. Da anu ngaranna kipayah mah moal ujug-ujug datang sorangan atawa ragrag ti langit.

(Gambar meunang nginjeum ti http://bukokom.com/wp-content/uploads/2010/12/PIC_0433.jpg)

Kecap Babawaan Barang (Barangbawa)


Dina babawaan atawa barangbawa, loba pisan rupana (hususna béda ngaran babawaan/barangbawa). Rupa-rupana téh gumantung kana kumaha cara mawana jeung ngagunakeun naon mawana. Jadi anu ngabédakeunana téh kumaha cara mawana (ngagunakeun parabot/alat babantu naon) jeung maké naon mawana (maké anggahota awak naon mawana). Béda cara mawa bisa ngakibatkeun bédana ngaran babawaan. Pon kitu deui reujeung bédana maké anggahota awak ngakibatkeun bédana ngaran ogé.

Jalma keur nanggung suluh
  1. Nyuhun. Lamun mawa barang éta barangna téh diteundeun di luhureun sirah saperti mawa parab domba sabeungkeutan dina luhureun sirah.
  2. Manggul. Mawa barang dina taktak.
  3. Nanggung. Mawa barang atawa babawaan dina takatak bari maké rancatan. Barang anu ditanggung dibagi dua diteundeun atawa ditalian kana tungtung rancatan.
  4. Nyumiat. Mawa barang maké taktak bari maké rancatan. Ngan barang anu dibawana henteu dibagi dua sakumaha nanggung. Barang anu dibawana dihijikeun dikaitkeun atawa ditalian dina hiji tungtung rancatan. Rancatan anu dipakéna biasana mah anu panjang, pikeun nyaimbangkeun beuratna babawaan.
  5. Nogéncang. Sarua reujeung nyumiat.
  6. Ngagotong. Mawa barang ku duaan (dua urang jalma). barang anu dibawana biasana mah dihijikeun ditalian atawa digantungkeun kana rancatan. Barang anu dibawa diteundeun di tengah-tengah rancatan. Tungtung rancatan dipanggul ku dua urang jalma maké taktak.
  7. Mundak. Mawa barang langsung dina taktak atawa punduk.
  8. Nanggeuy. Mawa barang dina leungeun anu ditanggeuykeun ka luhur.
  9. Ngajingjing. Mawa barang maké leungeun kalawan ditalian atawa maké wadah.
  10. Ngélék. Mawa barang kalawan diselapkeun kana kélék. Barang anu dibawana biasana mah leutik jeung hampang.
  11. Ngagandong. Mawa barang dina tonggong, bisa dicekelan maké leungeun atawa ditalian. Talina bisa maké tali biasa atawa maké samping.
  12. Mangku. Mawa barang atawa barangbawa make leungeun jeung diteundeun diluhureun atawa palebah beuteung.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2010/12/nanggungsuluh.jpg)