Kecap Babawaan Barang (Barangbawa), Tambahan


Ngahaturkeun nuhun ka Kang Riki Ramli M. anu parantos ngadeudeul kana eusi seratan dina ieu blog. Salasawiosna perkawis Kecap Babawaan Barang (Barangawa), nambihan seratan anu tipayun. Di handap ieu mangrupikeun kecap-kecap barangbawa anu didugikeun ku anjeunna. Nuhun….

Budak anu keur diais ku indungna
  • Ais/ngais, mawa barang gigireun awak atawa luhureun cangkéng. mawana bisa disangkéh ku leungeun atawa maké sinjang/sarung.
  • Monggo/ponggo, mawa barang dina punduk/tak-tak, sibarangna ngaliwatan tak-tak kenca-katuhu.
  • Gémbol, mawa barang dibulen ku sinjang atawa sarung. mawana saeutik atawa réa sarua baé.
  • Nyanda, ngangkat bari cicing, nahan barang ku dampal leungeun kaluhur supaya barangna teu rag-rag.
  • Gusur/tarik, mawa barang bari dibetot, barangna bisa dina roda atawa ngagasur na taneuh.
  • Bopong, mawa barang ku dua leungeun kanu dada bisa ku saurang atawa leuwih.
  • Kempit, ampir sarua jeung ngélék ngan ngempit mah barangna ipis.
  • Giwing, mawa barang ku sabeulah leungeun, barangna aya cacantelan/kakait.
  • Ranggeum/canggeum, mawa barang ku dampal leungeun, biasana barang nu sok mawur/bahé.
  • Dorong lawanna kecap tarik, mawa atawa mindahkeun hiji barang kalayan heunteu diangkat, baranagna sina maju atawa mundur, ngagunakeun anggota awak naon bae.
  • Comot, mawa barang ku ramo, barang nu dibawana ngan saeutik atawa letik.
  • Jiwir, mawa barang ukur ku jempol jeung curuk.
  • Jewang, mawa barang bari jeung rikat/gancang dibawa, bisi barangna ruksak alatan rag-rag, katubruk, kateunggeul jsb.

Kecap Babawaan Barang (Barangbawa)


Dina babawaan atawa barangbawa, loba pisan rupana (hususna béda ngaran babawaan/barangbawa). Rupa-rupana téh gumantung kana kumaha cara mawana jeung ngagunakeun naon mawana. Jadi anu ngabédakeunana téh kumaha cara mawana (ngagunakeun parabot/alat babantu naon) jeung maké naon mawana (maké anggahota awak naon mawana). Béda cara mawa bisa ngakibatkeun bédana ngaran babawaan. Pon kitu deui reujeung bédana maké anggahota awak ngakibatkeun bédana ngaran ogé.

Jalma keur nanggung suluh
  1. Nyuhun. Lamun mawa barang éta barangna téh diteundeun di luhureun sirah saperti mawa parab domba sabeungkeutan dina luhureun sirah.
  2. Manggul. Mawa barang dina taktak.
  3. Nanggung. Mawa barang atawa babawaan dina takatak bari maké rancatan. Barang anu ditanggung dibagi dua diteundeun atawa ditalian kana tungtung rancatan.
  4. Nyumiat. Mawa barang maké taktak bari maké rancatan. Ngan barang anu dibawana henteu dibagi dua sakumaha nanggung. Barang anu dibawana dihijikeun dikaitkeun atawa ditalian dina hiji tungtung rancatan. Rancatan anu dipakéna biasana mah anu panjang, pikeun nyaimbangkeun beuratna babawaan.
  5. Nogéncang. Sarua reujeung nyumiat.
  6. Ngagotong. Mawa barang ku duaan (dua urang jalma). barang anu dibawana biasana mah dihijikeun ditalian atawa digantungkeun kana rancatan. Barang anu dibawa diteundeun di tengah-tengah rancatan. Tungtung rancatan dipanggul ku dua urang jalma maké taktak.
  7. Mundak. Mawa barang langsung dina taktak atawa punduk.
  8. Nanggeuy. Mawa barang dina leungeun anu ditanggeuykeun ka luhur.
  9. Ngajingjing. Mawa barang maké leungeun kalawan ditalian atawa maké wadah.
  10. Ngélék. Mawa barang kalawan diselapkeun kana kélék. Barang anu dibawana biasana mah leutik jeung hampang.
  11. Ngagandong. Mawa barang dina tonggong, bisa dicekelan maké leungeun atawa ditalian. Talina bisa maké tali biasa atawa maké samping.
  12. Mangku. Mawa barang atawa barangbawa make leungeun jeung diteundeun diluhureun atawa palebah beuteung.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2010/12/nanggungsuluh.jpg)