Kumpulan Dongéng Basa Sunda


Ieu blog dieusi ku sababaraha rupa dongéng anu osok didongéngkeun di masarakat atawa urang Sunda. Sanajan sawaréh dongéngna bisa disebutkeun ngan ukur aya di sawatara wewengkon (henteu sumebar ka saban wewengkon di tatar pasundan), tapi aya alusna ogé dijadikeun bahan bacaan ngeunaan dongéng baheula.

Waktu dilongok dina ping 7 Jumadil Ahir, tulisan pangahirna téh dongéng ngeunaan Cipeucang (dipedalkeun dina ping 3 Maret 2010). Ieu dongéng nyaritakeun ngeunaan hiji tempat anu aya di Désa Sukamukti Kacamatan Bojongmanggu Bekasi. Dongéng ieu nyaritakeun raratan asal-usul ngaran lembur Cipeucang. Kunaon sababna eéta lembur disebutna Cipeucang.

Ancoan blog Kumpula Dongeng Basa Sunda

Terus aya deui dongéng ngeunaan sasatoan anu judulna Kuya Ngagandong Imahna. Ieu dongéng mah nyaritakeun jujutan naon sababna kuya bet ngagandong imahna. Naon sababna sakadang kuya bet mamawa waé imahna. Salian ti éta, aya sababaraha deui dongéng anu dipedalkeun dina ieu blog. Pikeun anu panasaran, sumangga waé longok ka alamat blog http://dongengbasasunda.blogspot.com/.

Ngeunaan anu nyieun ieu blog, teu disebutkeun sasahana. Data anu diancokeun ngan ukur nyebutkeun daptar blog anu dijieunna katut jinis anu boga ieu blog, anu nyieunna téh cenah saurang wanoja. Teu disebutkeun sasahana reujeung panganjrekanana.

Ki Lanceuk jeung Ki Adi


Kecap Ki di dieu mah lain hartina sesebutan pikeun aki-aki. Tapi biasana mah pikeun ngahormat (ka sahandapeun atawa ka saluhureun) atawa nyebut landian.

Ki Lanceuk jeung Ki Adi

Sesebutan anu jarang dipaké. Kecap-kecap ieu biasana mah remen kadéngé dina siaran dongeng di radio, hususna dongéng ngeunaan élmu kanuragan atawa dongéng silat. Lamun miboga babaturan anu sapaguron dina guguru élmu kanuragan, biasana mah osok maké kekecapan ieu. Lamun babaturanana leuwih tiheula guguruna atawa umurna leuwih kolot, biasa disebut Ki Lanceuk. Sedengkeun pikeun anu sahandapeun mah biasa disebut Ki Adi.

Najan jarang dipaké ogé taya pantangan pikeun dipaké. Lamun nyebut Ki Adi atawa Ki Lanceuk ka babaturan, taya salahna. Ki Lanceuk pikeun babaturan anu umurna atawa dianggap saluhureun, sedengkeun Ki Adi pikeun babaturan anu umurna atawa dianggap sahandapeun. Atawa ogé pikeun dulur pet ku hinis pisan, ka lanceuk nyebut Ki Lanceuk, sedengkeun ka adi nyebut Ki Adi. Da ieu mah lain maksud ngahinakeun atawa ngaléléwa.

Lambaran Pésbuk: Dongéng Sunda


Ngeunaan katerangan ieu lambaran, bisa diilikan dina inpona. Dina inpo ieu lambaran dijelaskeun saperti ieu:

Miara Budaya lemah caina sewang-sewang mangrupikeun salahsawios laku anu hade, hade mungguh Adat oge mungguh Agama. Salah sawios Agama anu kakoncara wangkit ayeuna tina Agama anu di atur dina Undang-Undang Nagara Urang (Indonesia) tiantawis na Agama Islam. Di Al-Qur’an Kitab Sucina anu ngagem Islam dicarioskeun yen Alloh nyiptakeun manusa teh mangrupa-rupa suku jeung bangsa. Keterangan ieu teubisa dirobah, teu bisa di apilainkeun, dilalaworakeun pikeun ummat Islam kantenna upami manusa dimana wae ayana anu anu ngagem kana ieu ajaran mirosea kana bahasana, budayana sewang-sewangan tangtos patojaiyah, nyulayaan kana papagon, kana Takdir Alloh SWT anu nandeskeun yen manten-Na nyiptakeun manusa teh mangrupi-rupi suku jeng bangsa, laki-laki+awewe. Kunaon make kudu dipiara Bahasa, Budaya sorangan? Margi upami teu dipiara moal aya “Lita’arofu”, maol aya sillaturahmina, moal aya amal ibadah pikeun lita’arofu ngaitkeun sillaturahmi, moal wawuh kana rupi-rupi suku jeung rupi-rupi bangsa da nyahona, miarana Bahasa, Budaya ukur miara anu tiluar datangna. Ari Budaya, Bahasana nyalira diapilainkeun antukna poeken lalampahan dilemah caina. Mugia katampi dina Bubuka ieu….

Lambaran Dongeng Sunda

Atuh pikeun anggahota pésbuk anu hayang mikawanoh ieu lambaran bisa nganjugjug alamat http://www.facebook.com/pages/DONGENG-SUNDA/282273625123165.

Panyésaan tina Dongeng dina Radio


Anu masih keneh inget ngeunaan dongéng dina radio, salian ti ngeunaan dongéng reujeung anu ngadongéngna, aya hal séjén anu masih kénéh nyangkaruk atawa kainget. Nyaéta ngeunaan iklan reujeung musik anu ngiringkeun dongéngna. Dina ngadongéng dina radio, biasana mah osok diselangan ku iklan heula. Aya iklan panyelang dina dongéng anu matak dipikainget téh kusabab iklanna anu matak pikaseurieun jeung kecap-kecapna (sabagéan kecapna) gampang diingetna. Coba waé kecap Gurandil. Ieu kecap téh aya dina iklan Oskadril. Dina iklanna téh apanan nyaritakeun anu batuk tapi saliwang. Dititah ngadahar Oskadril, anu kadéngéna téh apanan Gurandil. Piraku salaki batuk dititah ngadahar Gurandil.

Ngan gurandil téh naon nya…?

Dongéng tina Radio

Ari musik pangiringna, aya hiji musik instrumen anu matak waas. Lamun ngadéngé ieu musik matak inget ka jaman baheula, mangsa keur leutik. Mimitina mah teu apal lagu naon éta téh. Pokona mah musikna ngeunaheun. Ceuk pun Ibi, cenah musik éta téh mangrupakeun isntrumen tina lagu Diantosan di Péngkolan.

Matak nineung lamun ngadéngé ieu instrumen….

Dongéngna Dongéng tina Radio


Ngeunaan dongéng dina radio, lumayan loba lalakon anu dicaritakeun. Anu masih kénéh kainget mah dina taun 90-an aya dongéng anu kacida kawentarna nyaéta dongéng anu judulna Si Rawing. Dongéng Si Rawing nyaritakeun ngeunaan ngalalakonna Darma anu ceulina rawing kusabab kasabet ku Bah Béwok maké bedog. Dongéng Si Rawing mangrupakeun lalakon dongéng anu panjang, lila pisan arék tamatna. Teuing sabaraha lila tamatna téh. Malahan apanan nepikeun ka aya pilm-na sagala.

Si Rawing dina pilm

Dongéng Si Rawing didongéngkeun ku Wa Képoh. Wa Képoh mangrupakeun salasaurang tukang ngadongéng anu kahot, bisa nyarita rupa-rupa sora, ti mimiti sora lalaki nepikeun ka sora awéwé. Ngan radio anu nyiarkeun ieu dongéng poho deui, teuing galura radio naon.

Salian ti dongéng anu lalakonna Si Rawing, aya deui lalakon séjénna. Saperti lalakon Kasan Dara Sandra, Si Buntung Jago Tutugan, Doni Ajo, Ajag Bodas, Nyi Ganting jeung lalakon séjénna anu lamun ditataan mah lumayan loba (ngan kalolobaanana mah poho deui).
Sedengkeun anu ngadongéngna salian ti Wa Képoh, aya ogé Mang Bahar, Mang Jaya, Mang Engkos, jeung nu séjénna. Pokona mah moal kurang tukang ngadongéngna mah. Aya sababaraha pilihan anu ngadongéng jeung lalakon dongéngna. Da biasana mah euweuh dua urang tukang ngadongéng anu ngadongéngkeun hiji lalakon.

(Gambar meunang nginjeum tina http://jejakandromeda.files.wordpress.com/2010/01/eka-soemadinata-rawing.jpg)

Dongéng tina Radio


Salian dongéng ti nini, aya ogé dongéng anu asalna tina radio. Dongéng tina radio mah biasana leuwih ramé jeung campuh pisan. Komo lamun anu ngalalakonana téh mangrupakeun hiji jawara. Jeung deuih da dongéng tina radio mah kalolobaanana téh ngeunaan jawara jeung élmu kaduragan. Anu ngalalakon biasana mah anu jago kana silat atawa kaduragan. Teu anéh lamun dina sapanjang ngalalakonna remen ngalaman tarung nepikeun ka toh pati jiwa raga.

Ditambah deui dongéng tina radio mah tara tamat sakeudeung-keudeung. Dina hiji lalakon atawa judul téh bisa méakeun waktu mangpoé-poé atawa mangbulan-bulan. Teu anéh lamun osok matak gantung déngéeun. Hayang gera apal kana tuluyanana, jeung hayang gera apal kana pamustunganana.

Radio mérek National anu osok dipaké ngadéngékeun dongéng

Dongéng dina radio disiarkeun biasana mah unggal poé. Kalolobaanana mah dina waktu pasosoré. Najan kitu aya ogé anu dina waktu pabeubeurang. Dina sapoéna biasana mah ngan ukur sajam (kadang kurang), dikurangan ku waktu berita ogé iklan pangrojong. Jadi hiji judul dongéng dina radio miboga katangtuan siaran (jadwal) sorangan, anu aranglangka incah balilahan. Kusabab geus jelas kana jadwal siaranana, dina prungna siaran téh anu mikaresep osok langsung madep nyanghareupan radio anu geus disetél kana galura anu nyiarkeun dongéng. Malahan anu keur boga gawé ogé osok ngahajakeun eureun heula pikeun ngadéngékeun heula dongéng atawa nyetél radio bari digawé. Naha arék digawé di lembur atawa di kebon (ka kebon téh bari mawa radio). Pokona mah ulah nepikeun ka tinggaleun dongéng. Lamun sakalina tinggaleun téh matak teu apal kana jujutan lalakonna.

(Gambar meunang nginjeumm ti http://1.bp.blogspot.com/-HMeWV5QpXrQ/Tj0NHONBOtI/AAAAAAAACQI/sq-3sgNqZ6I/s1600/Radio+National.jpg)

Dongéng Saméméh Saré


Mun keur cicing jeung pun Nini, kumatak nineung. Nineung ku kanyaahna, nineung ku kahemanna, nineung ku kasabaranana. Jeung ku matak nineung mun geus mangdongengkeun. Samemeh sare, pun Nini osok mangdongengkeun kuring. Ari dongengna lolobana mah dongeng sasatoan. Aya dongeng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Peucang”, “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet”, “Sakadang Bagong jeung Sakadang Maung”, jeung dongeng sasatoan nu sejenna.

Memang nu ngaranna dongeng sasatoan mangrupakeun hiji dongen anu lumayan dipikaresep ku barudak jaman baheula, samemeh aya alat hiburan modern saperti radio jeung tipi katut komputer. Eusina dongeng eta lolobana mah silih elehkeun saperti dongeng “Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya” atawa “Sakadang Kuya jeung Sakadang Peucang”. Dina dongeng “Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya”, duanana silih elehkeun dina melak cau, terus dina maling pelak cabe. Mun dongeng “Sakadang Kuya jeung Peucang” mah silih elehkeun dina balap lumpat. Aya deui dongeng “Sakadang Bagong jeung Sakdang Maung” anu nyaritakeun kumaha cara Sakadang Bagong nangtayungna anakna supaya henteu didahar wae ku Sakadang Maung.