Gugulusuran


Gugulusuran make dahan tangkal Jambe (upih)
Gugulusuran make dahan tangkal Jambe (upih)

Kabeneran manggihan potrét di pésbuk anu mintonkeun kahirupan barudak anu keur arulin di buruan. Arulinna mah teu pira, ngan ukur ngagugusur budak séjén anu diuk dina palapah atawa dahan tangkal Jambé anu biasa disebut Upih.

Dahan tangkal Jambé anu murag kusabab geus garing, biasana mah osok dipulung. Terus daun anu narapel dina dahanna diberesihan. Anu dikarikeun teh dahan tangkal Jambé katut salakopna. Salakopna éta anu dipaké diuk ku budak anu digusurna. Ari dahan anu meunang meresihan daunna dipaké cecekelan budak anu ngagusurna.

Bisa disebutkeun ramé ogé dina prak-prakan arulin gugulusuran ieu téh. Komo lamun dina tempat anu mudun mah, teu kudu susah-susah ngagusur palapah Jambé. Da digusur ku tanaga saeutik ogé bisa kagusur. Malahan lamun taneuhna leucir atawa leueur mah bisa waé sina ngagulusur, teu kudu susah-susah digusur. Ari dinu datar mah nya kudu digusur maké tanaga, komo dinu nanjak mah bisa-bisa teu kagusur.

Dina ngagusurna, biasana mah piligenti. Saurang digusur, engkéna ngagusur budak anu asalna ngagusur. Silih gusur waé….

Potret pesbuk Jecky Suryana‎

Advertisements

Kaulinan Barudak jadi Ékstrakurikulér di SDN 1 Cibening


Meunang inpo anu dipidangkeun ku blog SDN 1 Cibening Purwakarta yén di sakola éta anu ngaranna Kaulinan Barudak téh diasupkeun kana kagiatan ékstrakurikulér. Jadi barudak sakola salian ti diajar pangajaran umum sakumaha anu geus diatur dina kurikulum ogé bisa ngiluan kana kagiatan ékstrakurikulér tambahan. Barudak bisa ngiluan diajar jeung ngaulinkeun Kaulinan Barudak saperti oray-orayan jeung ucing sumput. Diasupkeunana Kaulinan Barudak kana ékstrakurikulér ieu mangrupakeun salasahiji jalan pikeun ngajaga jeung miara budaya di Tatar Sunda hususna ngeunaan Kaulinan Barudak.

-
-
-

Dina émprona, barudak anu ngiluan kana ieu éktrakurikulér téh lalatihan di buruan sakola nalika peré sakola jeung balik sakola. Maranéhanana mintonkeun Kaulinan Barudak baheula ngaliwatan pintonan kasenian. Kalayan dipirig ku tatabeuhan seni Sunda, barudak dialajar budaya anu kacida mundelna ku niléy-niléy kahirupan jeung ngadidik maranéhna.

Salian ti Kaulinan Barudak, aya deui éktrakurikulér husus ngeunaan kasenian Sunda, saperti seni sisingaan. Beuki dihangkeutkeunana ékstrakurikulér kasenian ieu henteu leupas tina bakal diayakeunana kagiatan Pramuka anu baris dilumangsungkeun di SDN 2 Cikopo dina ping 25 – 29 Oktober. Dina ieu kagiatan, unggal sakola mintonkeun kasenian séwang-séwangan.

(Inpo jeung potret meunang nginjeum ti blog SDN 1 Cibening)

Mahasiswa Luar Nagri Ngiluan Acara Kaulinan Urang Lembur


Mahasiswa luar nagri keur maen susumpitan
Mahasiswa luar nagri keur maen susumpitan

Salian diiluan ku barudak urang Jawa Barat, Féstival Kaulinan Urang Lembur ogé diiluan ku urang luar nagri. Urang luar nagri anu keur diajar salaku mahasiswa di Bandung ngilu ilubiung kana maénkeun kaulinan urang lembur anu dipasanggirikeun. Sababaraha urang mahasiswa anu asalna ti sababaraha nagara saperti Swédia, Polandia, Hongaria, Iran jeung Lithuania ngiluan ngajaran ngaheureuykeun kaulinan. Kitu nurutkeun inpo anu diancokeun ku Indonesia Kreatif.

(Sumber inpo Indonesia Kreatif, potret Tempo)

Festival Kaulinan Urang Lembur 2013


Sanggeus sababaraha kali dilumangsungkeun dina waktu saméméhna, Festival Kaulinan Urang Lembur diayakeun deui dina entragan taun 2013. Festival atawa kajawaraan anu biasa disebut Alimpaido ieu baris dilumangsungkeun bareng reujeung acara ‘Pekan Budaya Jawa Barat’. Festival Kaulinan Urang Lembur jadi salasahiji pangeusi acara Pekan Budaya dina raraga miéling milangkalana Propinsi Jawa Barat anu ka-68.

Sakumaha anu dijéntrékeun dina loka Disparbud Jawa Barat, Kaulinan Urang Lembur ieu mangrupakeun bagéan tina budaya anu aya di masarakat, hususna masarakat Jawa Barat. Ieu kaulinan salian ti pikeun heureuy jeung pangaresep, ogé mangrupakeun salasahiji jalan pikeun ngawanohkeun niléy atawa tata krama kahirupan di masarakat. Kaulinan ieu kacida pentingna kusabab biasana mah pakait raket pisan reujeung kahirupan barudak. Barudak anu keur nyorang mangsa gampang pisan nyerep niléy ti luar. Kaulinan urang lembur ieu béda pisan reujeung kaulinan modérn anu keur mahabu ayeuna. Kaulinan Urang Lembur mah miboga niléy anu alus pikeun ngadidik ajén-inajén kahirupan barudak. Loba niléy kahirupan anu bisa diala tina Kaulinan Urang Lembur ieu, diantarana waé kumaha gawé babarengan kalayan sauyunan, diajar motékar, diajar supaya hirup kudu jujur jeung bener.

Gambaran Alimpaido 2011 di Bogor
Gambaran Alimpaido 2011 di Bogor

Didadasaran ku hal ieu Disparbud Jawa Barat ngayakeun acara Festival Kaulinan Urang Lembur. Dina festival entragan ayeuna mah geus aya parobahan dina hal cara tatandingna. Kalawan gawé bareng jeung Komunitas Hong, Disparbud ngarobah sistem tatanding anu biasa dipaké saméméhna. Lamun saméméhna mah leuwih condong kana tarung hiji lawan hiji néangan saha anu punjul, ayeuna mah ngagunakeun waktu. Aya salapan rupa kaulinan anu diasupkeun kana ieu kajawaraan, nyaéta: Papancakan, Sorodot Gaplok, Babalonan tina Sarung, Gatrik, Papanggalan, Rorodaan, Jajangkungan, Bedil Jeprét, jeung Sumpit. Unggal pamilon kudu maénkeun éta sakabéh kaulinan dina waktu anu geus ditangtukeun. Anu jadi pinunjulna ditangtukeun ku jalan ngitung niléy beubeunanganana unggal pamilon.

Hal ieu dipilih supaya unggal pamilon henteu manco kana kumaha cara supaya bisa meunang, tapi kumaha carana bisa ngulinkeun kaulinan kalawan pangalusna. Leuwih ti éta, kumaha supaya miboga sumanget pikeun ngiluan kajawaraan, diajar bari hareureuy. Antukna, barudak anu ngiluan jadi pamilon sahanteuna bisa mikawanoh jeung ngarasakeun ngeunah jeung senangna ngaheureuykeun kaulinan urang lembur. Leuwih jauhna jadi mikaresep kana Kaulinan Urang Lembur. Lamun geus loba anu mikaresep mah moal gampang leungitna ieu Kaulinan Urang Lembur téh.

Dina entragan 2013 ieu, Disparbud méré lolongkrang pikeun pamilon ti unggal rombongan (kontingén) anu ngiluan téh jumlahna genep urang. Ti anu genep urang téh, opat urang mangrupakeun pamaén poko (inti), saurang deui pikeun sérep (cadangan), katut saurang deui mah ofisialna. Pamilon anu bisa ngiluanana téh barudak anu umurna antara 12 nepi ka 15 taun. Nurutkeun rarancang, ieu kajawaraan Kaulinan Urang Lembur baris diiluan ku 25 rombongan salaku wawakil ti 24 Kabupaten/Kota anu aya di Propinsi Jawa Barat (anu teu ngirimkeun rombonganana mah Kota Tasikamalaya jeung Purwakarta), ditambah sarombongan deui ti Komunitas Pecinta Monju ‘Ruas’. Ieu kajawaraan baris dilumangsungkeun di Monumén Perjuangan Rakyat Jawa Barat Jl. Dipatiukur No. 48 Bandung dina jam dalapan isuk-isuk nepikeun ka jam 12 pabeubeurangna.

Saméméh dilumangsungkeunana ieu kajawaraan, baris dilumangsungkeun heula workshop ngeunaan Kaulinan Barudak Jawa Barat anu diiluan ku barudak sakola anu aya di sakurilingeun Monumén Perjuangan Jawa Barat. Ayana workshop ieu dipiharep jadi salasahiji cara pikeun ngajaga budaya Jawa Barat supaya dipikawanoh ku barudak ngora.

(Sumber inpo Disparbud Jawa Barat)

“Pekan Kaulinan Barudak dan Kesenian Tradisional Sunda De’Ranch Lembang”


Dina raraga ngeusian peré barudak sakola, De’Ranch ngayakeun kagiatan anu dingaranan ‘Pekan Kaulinan Barudak dan Kesenian Tradisional Sunda’. Ieu kagiatan téh dilumangsungkeun salila dalapan poé (leuwih ti saminggu), ti mimiti poé Saptu ping 22 Juni 2013 nepikeun ka poé Saptu deui ping 29 Juni 2013.

Pekan Kaulinan Barudak dan Kesenian Tradisional Sunda De'Ranch Lembang
Pekan Kaulinan Barudak dan Kesenian Tradisional Sunda De’Ranch Lembang

Ieu acara téh mintonkeun rupa-rupa kasenian Sunda saperti Léngsér, Sisingaan, Karinding, Kuda Lumping, Kacapi Suling, Jaipongan, Calung, jeung Pencak Silat. Dibarung ku dipintonkeunana rupa-rupa kaulinan barudak baheula kayaning jajangkungan, congklak, oray-orayan, ayang-ayanggung, jeung anu séjénna. Pidangan kasenian jeung kaulinan barudak téh lolobana mah diancokeun ku barudak sakola. Anu ngadongdon bisa ngilu ilubiuang sacara langsung kana kagiatan anu dilumangsungkeun.

Salian ti ayana pintonan kasenian reujeung kaulinan barudak, ditambah ogé aya bazar anu nyadiakeun kadaharan mangrupa awug, leupeut, gegetuk, bajigur, badros jeung anu séjénna.

(Sumber inpo jeung gambar: De’Ranch Lembang)

Jajangkungan (Bagéan 2)


Sambungan tina tulisan kahiji.

Sanggeus titincakan jajangkunganana dibolongan (bolongna sagedé tihang jajangkungan), saterusna nyieun liang leutik di sisi bolongan anu tadi paranti maseuk mageuhan titincakan kana tihang jajangkungan, anu dicocogkeun reujeung liang paranti paseuk dina tihang jajangkungan. Panungtungan, nyieun paseuk pamageuh titincakan jajangkungan. Paseukna salian tina awi ogé bisa waé nyieun tina kai atawa paku. Paseukna dipaskeun atawa leuwih gedé tina liang paseukna supaya dina maseukna bisa pageuh.

Barudak sakola maen jajangkungan (asal poto: ti internet)
Barudak sakola maen jajangkungan (asal poto: ti internet)

Réngséna, kari nerapkeun tiluanana ngajadi hiji jajangkungan. Titincakan jajangkungan diasupkeun kana tihang jajangkungan. Tempatkeun titincakan sina pas kana liang paseuk anu geus dibolongan dina tihang reujeung titincakanana. Sanggeus pas, pageuhan titincakan kujalan dipaseuk maké paseuk meunang nyieun téa kana liang paseuk anu geus dibolongan. Sanggeus pageuh, teukteuk paseuk supaya rata reujeung titincakanana, ulah nolol teuing bisi nojos anu nyababkeun cilaka.

Cara maén jajangkungan

Maénkeun jajangkungan mah kalolobanana henteu langsung bisa. Kudu diajar heula. Utamana diajar nyaimbangkeun awak dina nincak jeung nyekelan jajangkungan. Sakumaha budak anu keur diajar leumpang.

Kadua leungeun nyekelan kana tihang jajangkungan. Lebah-lebahna, bébas sina antaré waé ulah matak kesel. Dampal suku ogé sina napak kana titincakan sina rinéh supaya henteu matak labuh jeung gampang kesel. Alusna mah, indung suku jeung ramo kaduana, nyapit kana tihang jajangkungan, sakumaha nyapit nalika maké sendal capit. Diajar dina tempat anu rata jeung aya tempat anu rada jangkung pikeun ngamimitian naék kana jajangkunganana (biasana dina gawir).

Cécéntangan Ku Karét Geulang


Cécéntangan, asal kecap tina céntang. Céntang mah biasana nojokeun atawa némbakeun anu dicéntangkeunana kana tempat atawa barang anu ditojo. Ampir sarua reujeung bedil, anu ngabédakeunana téh cécéntangan mah biasana maké karét (geulang) wungkul. Anu dicéntangkeunana bisa disebut ku pélor sanajan lain pélor bedil.

Cécéntangan mangrupakeun hiji kaulinan barudak anu ngagunakeun karét geulang dikaitkeun kana ramo leungeun terus ditarik ku laungeun sabeulah deui. Panarikna ngagunakeun palapah sampeu anu diteuteukan. Karét geulang minangka paranti nyéntangna, sedengkeun palapah sampeu minangka pélorna.

Cecentangan
Cecentangan

Jadi anu diperlukeun pikeun maén cécéntangan mah ngan ukur karét geulang reujeung palapah daun sampeu. Ditambah waé ku ramo leungeun pikeun nyéntangkeunana. Karét geulang anu alus mah nyaéta karét anu kereng kénéh supaya tarik dina nyéntangna. Pikeun pélorna sabenerna mah henteu kudu maké palapah sampeu. Pélorna bisa maké naon waé nu penting mah bisa dicéntangkeun. Naha arék maké jujukutan atawa nyéré.

Cara maén cécéntangan, kacida gampangna. Bisa maké leungeun katuhu pikeun nyéntangna atawa bisa ogé maké leungeun kénca. Leungeun anu sabeulah deui dipaké pikeun narik pélor anu dicéntangkeunana. Jadi kudu maké dua leungeun. Karét geulang téh dikaitkeun dina curuk jeung jempol leungeun anu hiji (kénca atawa katuhu). Jempol jeung curukna dianggangkeun supaya aya lolongkrang diantara curuk jeung jempol. Sanggeus anggang, karét bagéan luar ditarik ka jero maké palapah sampeu meunang neukteukan bari ditilepkeun supaya bisa ngait. Narikna maké leungeun anu sabeulah deui. Ditarik nepikeun ka béak ngenyodna éta karét. Terus arahkeun ka tempat anu arék dicéntangna, leupaskeun cekelan palapah sampeuna. Éta palapah sampeu bakal ngabelesat ka tempat anu dicéntangkeun.

Prak-prakan ieu cécéntangan mah osok dipaké nalika peperangan. Peperangan maké sanjata cecentangan. Lamun keuna kana kulit téh lumayan peureus. Barudak anu maén peperangan silih céntang bari lulumpatan jeung nyumput. Saméméhna ngumpulkeun heula pélorna paloba-loba, diteundena dina wadah atawa pésak baju.