Ati Mungkir Beungeut Nyanghareup


Inget kana eusi hotbah Jumaah poé tadi. Judulna téh ngeunaan jalma munapék. Jalma munapék mangrupakeun hiji jinis pasipatan jalma anu béda pisan kaayaan haté katut kalakuan atawa ucapanana. Naon anu diucapkeun atawa dipilampah reujeung eusi haténa téh papalingpang. Ari ucap lampahna mah sapagodos reujeung batur, sedengkeun ari haténa mah henteu. Ari ucap lampahna mah ngalakonan ibadah, sedengkeun ari haténa mah henteu. Ari ucap lampahna mah samiuk kana kahadéan, sedengkeun ari haténa mah samiuk kana kagoréngan. Pokona jalma anu munapék mah osok pasalia jeung papalingpang antara kaayaan haté reujeung ucap lampahna.

Dina migawé ibadahna jalma munapék mah ngan ukur hayang katangar wungkul. Ibadah téh lain kusabab ihlas néangan Rido Gusti Alloh, tapi hayang katempo ku jalma séjén. Hayang katangar ku batur yén manéhna téh tukang ibadah. Sok padahal dina haténa mah embung teuing kudu ibadah téh. Lamun henteu nempo batur ibadah mah manéhna téh moal ngiluan ibadah.

Ati mungkir beungeut nyanghareup

Ahirna, aya tilu tanda anu bisa nuduhkeun yén hiji jalma téh munapék, nyaéta:

  1. Lamun ngomong osok bohong. Jalma munapék mah lamun nyarita osok linyok bohong.
  2. Lamun jangji osok tara ditedunan. Jalma anu munapék mah teu bisa dicekel jangjina, da dina sakali ngajangjikeun osok udar tina jangjina.
  3. Lamun dibéré kapercayaan osok dihianat. Jalma anu munapék mah osok ngahianat kana kapercayaan batur anu mercayana.

(Gambar meunang nginjeum ti http://mohdapih.com/)

Pentingna Élmu jeung Amal


Saur pun guru mah, aya kakait anu kacida pageuhna antara élmu reujeung amal téh. Duanana teu bisa dipisahkeun deui. Aya istilah ‘Ilmu ‘Amaliyah, ‘Amal ‘Ilmiyah. Lamun boga élmu kudu diamalkeun, jeung lamun ngalakukeun amal téh kudu apal kana élmuna. Jeung hiji deui anu kudu jadi cekelan téh nyaéta amal tanpa élmu éta bohong, terus lamun élmu tanpa amal ibarat tangkal anu teu buahan.

Jadi, anu ngaranna élmu reujeung amal téh kacida pentingna pikeun sakumna jalma téh. Duanana kudu sarua dilakonan, teu meunang milih salasahijina wungkul, komo lamun ninggalkeun duanana mah. Élmu jeung amal bisa dijadikeun bekel pikeun ngalakonan kahirupan di dunya ayeuna katut di ahérat engké. Dina ngalakonan kahirupan di dunya ieu, anu dipinuhan ku sagala rupa masalah, dibutuhkeun élmu pangaweruh pikeun ngungkulanana. Ngalakonan kahirupan supaya bener henteu ngarempak papagon geus nyata, dibutuhkeun élmu pikeun mikanyaho sagalana. Sanggeus nyaho kana élmuna, henteu eureun ngan ukur mikanyaho wungkul. Tapi éta kanyaho téh ulah ngan ukur jadi kanyaho wungkul. Kanyaho kudu bisa diprakeun dina kahirupan sapopoéna. Supaya kanyahonya miboga harti dina kahirupan, katut kanyaho téh bisa sapagodos sajugjugan reujeung kahirupanana. Ulah nepikeun ari kanyaho muruna ka kidul, ari prak-prakanana bet muru ka wétan. Ulah nepikeun ka geus mikanyaho hiji perkara téh goréng, tapi get dilakonan.

Jalma anu alus mah, antara élmu reujeung amalna téh sajugjugan, sareundeuk saigel sabobot sapihanéan, henteu papalingpang. Jalma anu papalingpang antara élmu reujeung amalna, sarua reujeung henteu ngamalkeun élmuna. Élmu anu dipiboga, lamun henteu diamalkeun mah sarua jeung tangkal anu teu buahan. Tangkal anu teu buahan mah taya mangpaatna. Tangkal anu teu mangpaat mah paling ogé dituar, moal lila diantepkeun sina ngarunggunuk.

Lamun hiji jalma ngalakonan hiji pagawéan atawa amal, tapi teu apal kana élmuna, éta mah sarua reujeung bohong. Amal anu dipigawéna sarua reujeung bohong atawa taya hartina. Sanajan pagawéanana téh alus, tapi lamun henteu dibarung ku élmuna, moal aya hartina. Sampurnana pagawéan atawa amal téh lamun miboga kanyaho kana éta pagawéan. Jalma anu keur migawé atawa keur nyieun amal, kudu apal kana naon anu keur dipigawéna. Apal kana hukumna, apal kana kumaha migawéna (tata carana) katut tujuan éta pagawéanana.

Taya Paksaan dina Ngagem Ageman (Agama)


Euweuh paksaan dina agama, saéstuna geus nyata pituduh dibandingkeun reujeung anu kasasar. (QS Al-Baqoroh 2: 257)

Dina ngagem agama, Gusti Alloh henteu maksa jalma pikeun kitu atawa kieu. Naha kudu kitu atawa kudu kieu. Malahan mah arék ngagem agama naon ogé, taya paksaan. Jalma dibéré kabébasan pikeun nangtukeun ageman mana anu arék dipilihna, atawa nangtukeun jalan mana anu arék disorangna. Nyanggakeun ka jalmana.

Jalan lempeng

Ngan dina palebah dieu, jalma kudu bisa tanggung jawab kana pilihanana. Arék milih nanaon ogé atawa arék milih jalan anu kumaha waé ogé, kudu daék tanggung jawabna. Engké waktu ditalék, kudu daék nanggung kana naon anu geus dipilihna.

Dina perkara milih, saméméhna jalma milih tangtuna ogé diwawadianan heula ngeunaan naon waé anu bisa dipilihna. Rupa-rupa pilihan anu bisa dipilih dijelaskeun. Lain ngan ukur jinisna wungkul anu dijelaskeun téh tapi ogé reujeung akibatna lamun milih jalan éta. Aya jalan anu alus, terus kumaha akibatna lamun milih jalan anu alus reujeung kudu kumaha lamun geus milih jalan anu alus éta. Aya jalan anu goréng reujeung kumaha akibatna lamun milih jalan anu goréng éta katut kudu kumaha lamun geus milih jalan anu goréng éta.

Jadi dina unggal pilihan pasti aya akibat anu bakal kalakonan ku jalma anu milih éta pilihan. Naha arék akibat anu ayana di tungtung (di ahir) atawa ogé akibat anu ayana sanggeus nangtukeun pilihan. Lamun dina nangtukeun pilihan mah taya paksaan kudu milih mana, béda reujeung sanggeus nangtukeun pilihan. Akibat anu disababkeun ku milih hiji pilihan éta lain pilihan deui tapi geus jadi paksaan. Lamun milih jalan anu lempeng (alus), mangka kudu ngalakukeun pagawéan anu bener. Kusabab milih jalan anu lempeng, akibatna jalma kudu migawé pagawéan anu bener lain anu salah. Migawé pagawéan anu bener ieu geus jadi hiji paksaan kusabab milih jalan anu lempeng.

Anu Solat Bakal Cilaka


Teu sakabéh jalma anu solat téh éta bakal meunang kasenangan. Teu sakabéh jalma tukang solat anu bakal meunang kabagjaan, dina harti bakal asup ka sawarga. Sababna mah aya golongan jalma anu osok solat tapi bakal cilaka. Anu kumaha atuh jalma anu osok solat tapi bakal cilaka téh?

Lamun nengetan Pidawuh Gusti Alloh dina Al-Quran surah Al-Ma’un ayat ka 4-7, anu hartina kurang leuwih:

Mangka bakal cilaka pikeun jalma anu solat, nyaéta jalma-jalma anu ngalalaworakeun kana solatna. Jalma anu hayang katanggar. Jeung embung nulungan ku barang anu aya gunana

Salian ti narjamahkeun cilaka pikeun jalma anu solat, aya ogé anu narjamahkeun bakal asup Naraka Wél (Wail) pikeun jalma anu solat.

Jadi nurutkeun ieu Pidawuh Gusti Alloh, teu salawasna jalma anu osok ngalakonan solat éta bakal meunang kabagjaan jeung kasenangan. Aya kalana jalma anu osok solat téh bakal meunang kagoréngan jeung bakal cilaka alias asup ka Naraka, lain asup ka sawarga. Anu kumaha atuh solatna jalma anu bakal cilaka téh?  Nyaéta jalma anu osok ngalalaworakeun kana solatna.

Jalma keur solat

Anu ngaranna ngalalaworakeun bisa ngandung dua harti. Anu kahijina ngalalaworakeun kana ngalakonan solatna. Contona, ngalakonan solatna osok diahir-ahirkeun (di tungtung waktu). Anu kaduana, najan osok ngalakonan solat, tapi éta solatna téh euweuh tapakan dina kahirupan sapopoéna. Solatna mah solat, ngan ari kahirupanana mah angger waé tara ngeunteung kana solatna.

Salian ti éta, jalma anu ngalakonan solat tapi hayang katanggar atawa katempo ku batur. Ngalakonan ibadah solatna téh lain karana Alloh, tapi karana hayang katempo ku jalma séjén.

Bagjana Jalma anu Solatna Bener


Saur pun guru mah cenah, kacida bagjana jalma anu bisa migawé solat anu bener. Solat anu bener bakal mamawa bener kanu ibadah séjénna. Kitu deui sabalikna, lamun solatna goréng bisa mamawa goréng kanu amal séjénna. Jadi solat téh bisa dijadikeun gunung pananggeuhan atawa tempat gumantungna amal-amal séjénna.

Gambar jalma keur solat babarengan

Lamun kitu mah, keur nanaonan jalma lamun ngadekul ngalakonan kahadéan jeung amal ibadah anu séjénna lamun henteu dibarengan ku ibadah solat. Da sanajan amal ibadahnya rempeg ogé lamun henteu dibarengan ku solat mah taya hartina. Diibaratkeun dina iitungan atawa angka mah, cenah, anu ngaranna solat téh lir ibarat angka hiji, sedengkeun amal anu séjénna diibaratkeun kana angka enol. Lamun hiji jalma ngalakonan solat, éta jalma miboga angka hiji. Terus lamun éta jalma migawé amal anu séjénna, éta jalma miboga angka enol. Lamun dihijikeun jadi angka sapuluh. Ditambah deui ku amal hadé séjénna, jadi angka saratus, ditambah deui amalna jadi sarébu, jeung saterusna.

Sedengkeun lamun hiji jalma henteu migawé solat, mangka bakal miboga angka enol lain hiji. Lamun ditambah ku kahadéan séjénna, ditambah deui enol. Jadi éta jalma miboga angka enol dua. Keur nanaon angka enol, sanajan loba ogé lamun euweuh angka hijian mah.
Saur hadis mah cenah, “Anu pangmimitina dihisab pikeun hiji hamba di poéan kiamah téh solat. Lamun solatna hadé mangka bakal hadé kabéh amalna. Lamun solatna goréng mangka bakal goréng ogé kabéh amalna”.

(Gambar meunang nginjeum ti http://ustadchandra.files.wordpress.com/2010/01/khusyuk-solat.jpg)

Solat mah Nomer Dua


“Can solat nya…? Tenang solat mah nomer dua.” Kitu kira-kira ucapan salasaurang jalma anu kapanggih waktu di dayeuh.

Aya benerna ogé. Anu ngaranna dayeuh mah béda reujeung di lembur. Anu dicekel di lembur tacan tangtu sarua dicekel ogé ku urang dayeuh. Di lembur mah anu ngaranna solat téh bisa disebut jadi nomer hiji. Malahan mah apanan kolot ogé ngawawadianan saacanna indit ka dayeuh téh, ulah leupas atawa ulah elat kana solat. Ulah nepikeun ka ninggalkeun solat. Kitu apanan omat-omatanana kolot téh. Pokona mah, anu ngaranna solat téh bisa disebutkeun ogé nomer hiji.

Solat

Ngan di dayeuh mah aya anu béda. Najan henteu kabéh miboga anggapan anu béda, sahenteuna bisa jadi hiji hal anu béda. Hususna ngeunaan solat ieu.

Tina obrolan jeung sababaraha jalma anu di dayeuh, aya paniténan jeung kayakinan atawa anggapan anu béda. Aya sababaraha anu nyebutkeun yén anu ngaranna solat mah cenah nomer dua. Ngan leupas tina hal ieu téh naha bener atawa ngan ukur heureuy, bisa dijadikeun bahan pikiraneun. Naha bener solat téh perkara anu nomer dua…?

Lamun bener nomer dua, naon atuh nomer hijina…?

Cenah, tempo waé Rukun Islam anu salila ieu diapal-apalkeun. Malahan di sakola handap mah apanan nepikeun ka aya dina ulangan sagala. Rukun Islam anu nomer hiji téh apanan lain solat.

Bener ogé. Anu ngaranna solat mah apanan nomer dua….

(Gambar meunang nginjeum ti http://berkatrezeki.com/blog/wp-content/uploads/2010/08/solat3.bmp)

Solat teh Tihangna Agama


Saur pun guru, anu ngaranna solat téh cenah tihangna agama. Lamun hiji jalma ngadegkeun solat hartina bakal ngadeg agamana. Sabalikna lamun hiji jalma ninggalkeun solat, hartina geus ngaruntuhkeun agamana.

Kitu, saur pun guru waktos narjamahkeun hiji hadis Nabi Muhammad saw. Jadi éta téh mangrupakeun hadis Nabi….

Jalma keur solat

Jadi, solat téh bisa jadi ciri pikeun hiji jalma anu ngaku ngagem agama Islam, naha éta jalma téh ngadegkeun agamana atawa henteu. Jalma anu ngalaksanakeun jeung ngadegkeun solat, miboga harti éta jalma téh geus nagadegkeun agama. Sedengkeun jalma anu ninggalkeun solat, bisa disebut jalma anu ngaruntagkeun atawa ngaruntuhkeun agamana.

Bisa diibaratkeun, agama Islam teh mangrupakeun hiji wangunan. Wangunan diwangun ku rupa-rupa bagean anu dihijikeun atawa dipetakeun jeung diropea supaya bisa silih deudeul anu ngawujud hiji wangunan. Wangunan teu cukup ngan ukur tihangna wungkul. Kudu aya bagéan séjénna anu kudu aya dina nyieun wangunan. Diantarana waé nyaéta bilik reujeung hateupna. Dina ieu hal, saur pun guru (pami teu lepat mah), lamun solat teh ibarat tihangna, anu jadi bilik reujeung hateupna téh nyaéta saum jeung zakat. Sedengkeun lamun munggah haji mah lir ibarat pagerna….

Jadi adegan wangunan agama Islam téh diwangun ku solat, zakat jeung saum. Sedengkeun munggah haji mah bisa dilakonan lamun mampuh. Sakumaha pager wangunan, bisa diayakeun atawa henteu.

Solat anu jadi tihangna wangunan, kudu dijaga supaya wangunana henteu rubuh. Sanajan bilikna reujeung hateupna alus ogé, lamun tihangna goréng mah, gampang pisan runtuhna.

Ngan, sakumaha wewegna tihang reujeung bilik katut hateupna, ari tatapakanana lalawora atawa henteu panceg mah, angger waé gampang rubuhna.

Naon atuh ari tatatapakanana…?

(Gambar meunang nginjeum ti http://3.bp.blogspot.com/-lt5mo1ed0is/TdDsNtEe7TI/AAAAAAAAAEc/rgAJ29tEato/s1600/solat.jpg)