Ucing saminggu


Ucing saminggu mangrupakeun istilah anu digunakeun pikeun ucing-ucingan anu dipaénkeunana téh kalawan noron unggal poé. Ari waktuna mah bisa saminggu, bisa leuwih, bisa ogé kurang ti saminggu. Unggal poé sakumaha anu geus disatujuan ku anu ngiluan ucing saminggu, dilaksanakeun ucing saminggu. Ucing saminggu biasana mah dipaénkeun waktu keur di sakola. Waktu keur istirahat di sakola, aya barudak anu ngadon maén ucing-ucingan. Kusabab waktu istirahat téh ngan sakeudeung, ucing-ucingananan téh osok kapotong ku waktu diajar. Jadi waé ucing-ucinganana disambung dina poé isukanana.

Gambaran barudak barudak sakola keur ucing-ucingan

Ucing saminggu mah ngan ukur ngaran kumaha cara migawé ucing-ucinganana. Ari jinis ucing-ucinganana bisa ucing lumpat atawa ucing udag, bisa ogé ucing sumput. Jinis ucing-ucinganana mah gumantung kana kasaluyuan barudak anu maénkeunana. Jadi maén ucing-ucinganana mah sarua waé reujeung ucing-ucingan biasa (ucing lumpat atawa ucing sumput), anu ngabédakeunana téh waktu maénna anu bisa diteruskeun dina poé isukanana. Lamun dipaénkeunana dina waktu istirahat di sakola, nya maénna téh ngan ukur dina waktu istirahat di sakola wungkul. Henteu nepikeun ka dipaénkeun waktu geus mulang sakola atawa diteruskeun di lembur. Da anu maén ucing saminggu mah biasana béda lembur. Jadi teu bisa diteruskeun di lembur. Pon kitu deui tara dipaénkeun waktu balik sakola. Da waktu balik sakola mah barudak téh langsung baralik ka lembur jeung imahna séwang-séwangan.

Sakumaha disebutkeun di luhur, najan ngaranna ucing saminggu, ari waktuna mah kadang henteu saminggu. Bisa waé sababaraha poé gumantung kana kasuluyuan barudakna. Bisa waé maénna téh ngan ukur dua atawa tilu poé. Nu penting mah maénna téh leuwih ti sapoé (ucing-ucinganana diteruskeun dina poéan isukanana). Atuh anu ngaranna diteruskeun, budak anu jadi ucingna téh genteu robah sakumaha kaayaan pangahirna dina waktu poéan kamarina.

Ngeunaan tempatna, biasana mah di buruan sakola atawa pakebonan di deukeuteun sakola.

(Gambar meunang nginjeum ti http://v-images2.antarafoto.com/gps/1304652612/spektrum-sarana-bermain-12.jpg)

Ucing Udag atawa Ucing Lumpat


Ucing udag mah sakumaha ngaranna, dina maénkeunana téh kudu diudag-udag nepikeun ka katéwak atawa katoél. Budak anu ucing kudu ngudag-ngudag budak anu henteu ucing nepikeun ka katéwak atawa ngan ukur katoél.

Barudak anu maénna, bisa sababaraha urang, asal leuwih ti saurang. Paling sateutikna duaan. Mimitina biasa mah ditangtukeun heula tempat anu bisa disorang pikeun kabur atawa pilumpateun, naha ngan ukur sapakarang imah, atawa salembur legana pilumpateun téh atawa diijinan pikeun lumpat ka kebon. Hal ieu kudu jelas supaya dina maénna budak anu ngudag (anu jadi ucing) jeung budak anu diudagna henteu kararagok dina néangan pilumpateunana. Biasana, lamun anu maénna téh ngan saeutikan, tempatna anu ngan ukur sapakarang imah ogé cukup. Ngan lamun barudak anu maénna téh lobaan jeung aturanana budak anu ucingna (anu ngudagna) ngalobaan mah, tempat atawa wewengkon anu dipakéna bisa salembur, atawa nepikeun ka kebon sisi lembur.

Sanggeus nangtukeun tempat maén ucing-ucinganana, terusna nangtukeun aturanana. Aturan anu dipakéna aya dua rupa nyaéta ucing saurang jeung ucing lobaan. Lamun ucing saurang mah, anu ucingna téh ngan ukur saurangeun. Budak anu henteu ucing tapi katéwak atawa katoél ku budak anu ucing, bakal jadi ucingna sedengkeun anu tadina ucing jadi henteu ucing deui. Budak anu ucing téh bagéan ngudag budak séjénna kaasup budak anu tadi jadi ucing téa. Sedengkeun lamun ucing lobaan mah, budak anu ucing téh bakal miboga babaturan anu jadi ucing lamun geus katéwak atawa katoél ku manéhna. Sakur budak anu geus katéwak ku budak anu geus jadi ucing, bakal miluan jadi anak buah anu ucing nepikeun ka sakabéh barudak anu maén ucing-ucingan jad ucing kabéh.

Gambaran barudak nu keur ucing udag atawa ucing lumpat

Dina lebah ucing lobaan mah, lamun geus ketéwak kabéhanana atawa geus jadi ucing kabéhanana, biasana balikan deui ti mimiti, nyaéta budak anu ucing téh ngan saurang deui. Pikeun nangtukeun budak anu jadi ucingna bisa ku jalan hompimpah atawa diundi. Atawa bisa ogé budak anu pangpandeurina atawa pangahirna jadi ucing kudu jadi ucing sorangan, anu kudu ngudag budak séjénna supaya jadi ucing salaku batur manéhna.

Saméméh prungna ucing-ucingan, kudu ditangtukeun heula saha anu jadi ucing mimiti. Carana bisa ku jalan hompimpah atawa diundi make régang atawa dangdaunan.

Dina maén ucing udag mah, anu jadi kapinunjulan téh nyaéta kakuatan suku dina lumpat, katut wawanén pikeun lumpat tarik. Kabisa dina lumpat babalégodan ogé kacida pentingna supaya susah ditéwakna ku budak anu ucing. Wawanén pikeun lumpat tarik ogé lumayan penting. Kaasup lumpat ngaliwatan tempat anu hara-haraeun, taneuh anu lamping, kebon anu pinuh ku jukut reujeung cucuk rungga, katut ngajlengan gawir.

(Gambar meunang nginjeum ti http://2.bp.blogspot.com/-QdUUjQFsI3k/TiWSGKqvvEI/AAAAAAAAAbQ/iGoyvh3VN_k/s400/Photo0347.jpg)

Ucing Tangkal


Ucing tangkal mah bisa disebutkeun ucing-ucingan anu merlukeun wawanén jeung katapisan leungeun katut suku. Salian ti éta barudak anu maénna kudu geus biasa naék kana tangkal.

Sakumaha ngaranna, ucing tangkal mah ucing-ucingan anu dipaénkeunana dina tangkal. Barudak anu diudag ku budak anu ucing téh kudu naék kanu tangkal. Tangkal anu osok dipaké téh nyaéta tangkal kopi di kebon kopi. Tangkal kopi di kebon kopi mah rata-rata dareukeut, dahan hiji tangkal kopi osok deukeut kana dahan tangkal kopi anu séjénna. Jadi lamun diudag ngaliwatan hiji tangkal kopi, budak anu diudagna bisa tatalépa (pindah) kana tangkal kopi séjénna anu dahanna deukeut. Jadi bisa ngaleupaskeun diri tina udagan atawa inceran budak anu ucing. Salian ti tangkal kopi, bisa ogé maké tangkal séjénna saperti tangkal jéngkol, tangkal jambu jeung tangkal limus. Ngan anu remen dipaké mah tangkal kopi, kusabab alesan tadi téa, ditambah ku tangkal kopi mah biasana teu pati jarangkung teuing kawas tangkal jéngkol. Lamun naék kana tangkal kopi mah sanajan henteu karawél ku budak ti handap anu nangtung dina taneuh, tapi dina naékna teu pati jangkung teuing. Salian ti éta, tangkal kopi mah dahanna lumayan loba jeung lumayan kuat pikeun nahan beurat awak budak anu naék. Dina teu kuatna ogé dahan atawa tangkal kopi mah tara langsung peunggas tapi melendoy (melengkung).
Dina maénna, ucing tangkal mah moal capé teuing kawas ucing lumpat. Da maénna tara lulumpatan. Budak anu ucing, kudu bisa naék kana tangkal supaya bisa néwak budak anu teu ucing. Dina turunna ka handap ogé tara lila, da kudu naék deui kana tangkal supaya henteu langsung diudag.

Budak keur naek kana tangkal

Ku hal ieu, dina maén ucing tangkal barudak anu maénkeunana kudu miboga pangabisa dina naék kana tangkal jeung katapisan dina naékna. Cekelan leungeun kana tangkal kudu kuat, pon kitu deui titincakan suku kudu kuat ogé. Hal anu pokona mah kudu wanian atawa mibiga wawanén atawa luasan. Da lamun sieunan mah bisa-bisa keur naék kana tangkalna téh ragrag ka handap.

Goréngna ucing tangkal mah nyaéta dina ragragna mata cilaka ka budakna. Bisa urat misalah, raheut jeung tatu séjénna gara-gara ragrag tina tangkal. Ngan kusabab makéna tangkal kopi anu teu jangkung teuing, dina ragragna téh teu pati hariwang teuing.

(Gambar meunang nginjeum ti http://sbelen.files.wordpress.com/2009/12/learning-by-doing-on-a-tree.jpg)

Ucing-ucingan


Ucing-ucingan mangrupakeun kaulinan anu gampang dilampahkeunana. Dina ngalaksanakeunana teu perlu ngagunakeun barang nanaon, kajaba mun ucing dua lima. Ucing-ucingan biasa dilakukeun ku lobaan, teu bisa dilakukeun ngan ukur ku saurang. Sabenerna dua urang oge bisa, tapi moal rame saperti loba batur.

Dina ngalaksanakeunana, aya budak anu jadi ucingna. Sedengkeun nu lainna kudu ditewak atawa dipanggihan/diteangan ku budak anu jadi ucingna. Mun ucing-ucingan biasa, anu jadi ucing kudu newak atawa sahenteuna kudu bisa nyabak anggahota awak budak lianna. Mun ucing sumput atawa ucing dua lima, budak anu jadi ucing kudu neangan atawa manggihan budak lainna.

Aya sababaraha jinis ucing-ucingan anu biasa dilaksanakeun ku barudak diantarana wae:

  1. Ucing-ucingan. Dina maenna salah saurang budak jadi ucing anu kudu ngudag-ngudag atawa newak budak lianna supaya ucing (beunang) jadi anak buahna anu ucing pikeun newakan budak anu tacan katewak atawa ngagentian budak anu tiheula jadi ucingna.
  2. Ucing Saminggu. Ieu oge sarua keneh jeung ucing-ucingan di luhur. Ngan bedana teh maenna osok diteruskeun unggal poe nepikeun ka saminggu lilana. Dina sapoe-sapoena, henteu terus-terusan, ngan ukur dina waktu anu tangtu wungkul, misalna dina waktu istirahat di sakola. Salian ti waktu eta mah henteu.
  3. Ucing Sumput. Nyaeta ucing-ucingan anu jadi ucingna kudu neangan jeung manggihan barudak anu lianna. Anu jadi ucingna kudu peureum heula waktu budak anu lianna nyarumput.
  4. Ucing 25. Nu ieu sarua jeung ucing sumput. Bedana teh dina waktu ngamimitianna, budak anu jadi ucing kudu ngitung heula ti hiji nepi ka 25, sabot nu sejenna neangan tempat panyumputan.
  5. Ucing Tangkal. Sarua jeung ngaranna, ucing-ucingan ieu mah biasana dilaksanakeunana dina tangkal. Sanajan kitu masih keneh bisa turun kana taneuh. Dina ngalaksanakeunana, biasanana budak anu ucing kudu ngudag budak anu lianna anu naraek kana tangkal. Tangkal anu biasa dipake nyaeta tangkal kopi atawa tangkal jengkol, pangpangna di kebon anu rada rekep tatangkalanana supaya bisa tatalepa tina tangkal anu hiji kanu tangkal sejenna.